• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Anis Kembang

Kénging Taufik Rahayu
Kintun kana Facebook

Sagalana éstu nyampak. Hayang dahar kari am, hayang nginum kari rot. Sakuduna mémang ngarasa senang hirup dikawulaan ku bangsa manusa téh. Tapi éta téh ceuk sangkaan sato nu lian, da nu puguh mah asa kasiksa kudu dikarangkéng téh. Nu biasa bébas gegeleberan ka ditu ka dieu, ari ieu bet kudu disengker ku kandang nu sakieu heureutna.

Karék sabulan kuring ngeusian ieu kandang téh. Harita téh keur néangan parab budak nu garuméndol meujeuhna gedé dahar, bet ku aya milik ningali kadaharan sakitu ngaleuyana dina salah sahiji dahan kai. Barang eunteup asa aya nu aneh, rek kana suku bet tuluy rapet kana éta dahan kai. Teu lila ti harita, terekel aya bangsa manusa nu naék kana tangkal kai. Kuring geus teu bisa kukumaha, najan tanaga geus dikalurkeun kabéh pikeun hiber, awak dipaksa-paksa hayang leupas tina leugeut, lain kalah bisa leupas tapi kalah beuki pageuh.

Sanggeus katéwak, tuluy kuring diasupkeun kana tempat nu heureut tur paroék, tayohna mah nya kandang manuk téa. Geus kitu karasa dibawa leumpang sakitu jauhna. Bari sungut mah teu répéh jejeritan nyambat-nyambat dua anak kuring, tapi da lain kalah diparilé ku nu manusa téh, anggur jongjon waé ngagidig leumpang rurusuhan. Gurupak-garapak gegeleberan hayang leupas ogé kalah nyareri awak, getih ngalémbéréh lebah sungut jeung jangjang mah geus teu dirasa.

Sajajalan teu eureun-eureun ceurik, utamana mah inget ka dua budak nu masih kénéh garuméndol, ka si Uci jeung si Ucu sajodo, saha nu rék méré nyatuna? Aya ogé salaki tapi da sok teu pati maliré ka anak sorangan téh, komo da salaki mah tukang jaramah. Keur jongjon dibawa leumpang, nu néwak téh eureun. Tuluy kadéngé ngagerendeng. Istirahat miceun kacapé tayohna mah.

“Boga milik gedé yeuh, nu kieu meureun nu disebut kagunturan madu kaurugan menyan putih téh!” ceuk manéhna bari kadéngé hah-heh-hoh. “Poé ieu mah untung pisan teu balik lengong, malah meunang manukna oge Anis Kembang deuih, Juragan Lurah nu nananyakeun ti sabulan katukang kénéh téh. Mun teu wanieun sayuta ka luhur mah, awas moal dibikeun siah, kajeun rék ditatawarkeun ku sorangan ka dayeuh.”

Sabada sababaraha belas menit eureun. Tuluy nu néwak kuring téh karasa nuluykeun leumpangna. Teuing geus sabaraha tanjakan jeung pudunan nu diliwatan téh. Sigana mun kuring leupas ayeuna ogé moal bisa balik deui nepungan si Ucu jeung si Uci, moal apal jalan jeung kuat hiberna.

Teu lila ti harita kadéngé sora nu nyalukan.

“Hey Dayat, hasil teu?” ceuk nu ngageroan.

“Lumayan waé tamba léngoh teuing mah, meunang hiji manuk garabagan jeung dua anakna nu karék bulu kanyéré!” ceuk nu mawa kuring.

“Kadieu atuh ngopi jeung ngaroko heula. Manuk naon éta nu garabagan?” ceuk nu nanya sari-sari panasaran.

“Manuk Piit keur parab heulang uing,” ceuk manéhna ngabohong ditungtungan ku ngahéhéh, “Sok waé tingali. Cing Ibi, Ji Sam Su-na sabungkus, tong poho kopi hideungna!”

“Nya ari meunang milik gedé mah, tong ngantep kahayang.” ceuk sora awéwé, meureun nu disebut Ibi téa.

“Anyir ... ieu mah anak Kanari, cing kami ménta hiji!” ceuk nu nanya deui.

“His ... gagabah. Teu bisa Lur, sajodo éta téh. Meunang hayang puguh gé, rék ngamimitian diajar diternakeun. Capé kudu ngalaan waé manuk ka gunung téh, jeung deuih kiwari mah beuki langka manukna ogé.”

“Enya beuki langka téh, da ditéwakan ku manéh,” ceuk sora si Ibi, “Yeuh kopi, tah jeung bala-bala haneut geura, dijamin pedo!”

“Ari ieu manuk naon?” ceuk sora nu nanya mimiti bari tuluy mukakeun kaén nu ngahalangan kuring.

Karasa serab. Manusa nu mukakeun panghalang téh olohok sakedapan ningali kuring nu gegeleberan hayang ka luar tina kandang téh.

“Ke ... ke ... ieu téh Anis Kembang téa, ti gunung mana manéh meunang ieu manuk?” ceuk nu olohok.

Nu ditanya kalah seuri, bari tuluy nyuruput kopi ditema ku ngenyot roko, haseupna diserebungkeun ka luhur. Tapi teu lila pok manéhna némbalan.

“Atuh ari ngébréhkeun rusiah dapur mah, kuriak uing moal beubeunangan deui,” cenah bari ngahéhéh. “Ibi, bon heula nya... ke balikkeun ti Juragan Lurah rék dipanyer.” Kituna téh bari tuluy indit deui.

Teu pati jauh dibawa leumpangna ayeuna mah. Geus kitu tuluy kuring dijual ka Juragan Lurah. Rada kagét manahoréng imah lurah téh agréng kacida,  asa patukangtonggong pisan jeung imah-imah di lembur éta. Di buruanana nyampak aya sababaraha hiji kurung manuk nu aya eusian. Aya Anis kembang nu sarua jeung kuring, Kenari, Murai, Wambi, Kacer, jeung Punglor.

Geus cungcréng dibayar mah, kuring dipindahkeun kana kandang nu teu pati heurin teuing, rada agréng sigana kandang téh ieu mah. Jarijina ku awi pinilih, kaina ogé seungit kai jati. Dijerona geus disadiakeun kadaharan karesep kuring, aya ogé endog kararangé nu lengkep jeung caina.

Ari nu néwak kuring mah tuluy waé mulang, bari kaciri pasemonna téh béar marahmay. Anak Kanari nu dua mah sigana téh henteu dijual, da tuluy dibawa ku manéhna. Malah teu kungsi disabit-sabit acan, boh ku manéhna boh ku Lurah nu meulina.

Sadipindahkeuana ogé kuring mah teu daék cicing, tuluy gegeleberan hayang leupas tina kandang. Malah beurang ningali cahaya mah leuwih rosa kuring hayang kaburna ogé. Sok sanajan meureun ceuk ukuran bangsa manusa mah kandang kuring téh nu panghadé-hadéna, tapi da lain kalah matak betah, nu aya hayang geura leupas tina ieu kandang.

Geus ampir sabulan kuring aya dina kandang. Awak nu tadina lintuh jeung seger téh ayeuna mah nyirorot pisan. Ku kituna mah kaharti da sorangan téh teu daék dahar. Dina daékna ogé barangdahar ukur tiba sarat lapar da teu mirasa. Pikiran keukeuh manténg ka gunung, ka si Ucu jeung si Uci nu ditinggalkeun.

Juragan Lurah nu ayeuna jadi dunungan kuring téh cenah pangbeungharna di ieu lembur mah. Éta téh ceuk Kacer nu aya digigireun kuring waé nu nyaritakeunana, da kuring mah teu nyaho nanaon bubuhan sato anyar. Kaharti dina kituna mah, da tina dedegan imahna ogé sakieu agréngna, buruan lega matak pikabetaheun. Tapi da ari keur kuring mah, sabetah-betahna ogé di tempat manusa, angger waé leuwih betah di leuweung.

Masih ceuk si Kacer, majarkeun cenah Juragan Lurah téh kolektor manuk, saban sabulan sakali mah cenah Kecer atawa koleksi manuk lainna téh sok dibawa ka luar pikeun dikontéskeun jeung papada manuk séjénna. Kadang meunang, tapi mindeng ogé éléh.

Juragan Lurah téh pagawéanana jadi Lurah di lemburna, geus dua priode, ayeuna paméakan. Tapi cenah ceuk manuk-manuk nu aya digigireun kuring téh, sok tara kaciri gawéna. Da sapopoéna téh ngurus manuk waé beurang peuting. Ngan aya béja ogé cenah ceuk manuk-manuk séjén pajarkeun Juragan Lurah téh juragan nu purah ngarecah duit nagara nu disalurkeun pikeun pangwangunan désa, duitna kalah dipaké keur kapentingan sorangan.

Teu pati teuing dipikiran ku kuring mah, da nu dipikiran ku kuring mah hayang bisa leupas ninggalkeun ieu kandang,  hayang balik deui ka gunung tempat matuh, hayang nepungan anak kuring nu dua, hayang ngabéwarakeun ogé ka dulur-dulur di leuweung yén kudu ati-ati ka bangsa manusa nu rék néwakan. Teu paduli Juragan Lurah mah, sok sanajan teu nginjeum ceuli teu nginjeum panon Juragan Lurah téh kalékéd mun rék indit ka kantorna, kalah haben waé ngomé manuk, dina inditna ogé teu lila téh sok geus jol deui.

Aya tujuh kandang, tapi kuring mimindengna ngobrol téh jeung Si Kacer bubuhan kandangna pagigir-gigir. Salian ti éta osok ogé jeung Si Murai Batu nu aya di katuhueun kuring. Ari Murai nu aya digigireun mah nasibna téh teu jauh jeung kuring, garabagan meunang néwak ku posong, séjén deui jeung Si Kacer nu cenah teu nyaho ari leuweung téh kumaha? Da ti saprak manéhna inget téh geus dikukut ku manusa ti keur guméndol kénéh.

“Kuring mah ...” ceunah ceuk Murai Batu, “basa ditéwak ku bangsa manusa sarua sabot nyatuan, ngan nu pikaketireunana téh. Kuring mah ditéwak téh bareng jeung pamajikan nu keur nyingleungleuman endog ...” teu nepi ka tuluy Murai téh nyaritana da saterusna mah ngagukguk bangun nu kanyenyerian.

Kaharti ku kuring ogé kumaha rasana kudu dipisahkeun jeung buah haté, tuluy kudu hirup dina tempat nu sakieu heuretna. Sok sanajan lubak-libuk loba kahakaneun ogé keur naon? Da kabagjaan téh lain ngan sakadar cukup ku baranghakan, tapi nu leuwih ti éta, bisa bébas kalawan sabébas-bébasna, lain cara ayeuna.

Murai ogé ngabéjaan, cenah lamun kanyahoan manuk téh bikang, sok tuluy deui di jual. Siga nasib pamajikanana. Da Juragan Lurah téh teu resep cenah ka manuk bikang mah. Manuk bikang mah euweuh hargaan, sorana henteu galécok jeung ngocéh kawas manuk jalu. Mun geus dijual cenah manuk bikang mah sok ngadon diternakeun atawa di ka kebon binatang. Malah mun keur sué mah sok kalah dipaké parab sato séjén. Rada muringkak ogé kuring barang ngadéngé dipaké parab mah. Komo pan kuring mah manuk bikang.

Hiji poé mah bet béda sarina. Kaayaan alam alum béda ti sasari. Langit ogé teuing ku terus-terusan angkeub. Juragan Lurah nu biasana geus nangkring gé can katémbong. Malah asana téh geus ampir samingguna siga nu teu nyagap ka manuk-manuk kadeudeuhna. Ayana mah aya di imah téh, da kadéngé sora hoakna mah, boh ka pamajikanana boh ka badégana. Kuring sabatur-batur ogé diurusna téh ku badéga-badégana.

Teu lila ti harita bet aya nu ngabring.

“Polisi!” Ceuk manuk nu lian téh pating haréwos.

“Rék naon polisi kadieu?” Ceuk manuk séjén.

Heuleut sabaraha menit, bring ogé urang lembur ngariung imah Juragan Lurah.

“Duruk ... Duruk ... Duruk!!!” kadéngé nu gogorowokan.

“Taranjangan ... Taranjangan ...!!!” ceuk nu séjén deui patémbalan.

Teu lila ti harita katémbong juragan Lurah kaluar, ngan kacirina téh bangun nu tas ceurik. Leungeunna dibarengkos ka tukang, diiringkeun ku nu tadi anyaran daratang. Nu ngagarimbung beuki loba, kadéngé pating kecewis.

“Kumaha rék teu lubak-libuk, da hartana ogé meunang korupsi!”

“Paingan jalan téh teu anggeus-anggeus, da duitna dihakan ku sorangan!”

“Lebok siah!”

“Miskinkeun tuman, sita hartana kabéh!”

“Dipenjarana ogé kudu saumur hirup Lurah garong kitu mah!”

Sajungna Juragan Lurah dibawa, kadéngé Juragan istri saanak-anak pating jarerit careurik. Malah mah Juragan istri basa rék nyusul, geus kaburu kapiheulaan teu inget dibumi alam ningali diburuan masarakat nu ngarariung mah.

Heuleut sababaraha jam ti kajadian éta. Lembur téh asa réhé combrék. Ngan masih kadéngé ti jero imah juragan istri nu nginghak, kitu ogé putra-putra juragan Lurah nu jejeritan nyambat-nyabat ngaran bapa nu teuing di bawa kamana. Ngan cenah ceuk manuk séjén mah, Juragan Lurah téh unggah baléwatangan. Leuheung bangsa manuk cenah, dikarangkeng téh dipikanyaah ku dunungan, dibéré dahar tara elat, dimandian unggal isuk, séjén deui caritana jeung bangsa manusa nu asup panjara mah.

Tapi keur kuring mah angger waé nalangsana. Sok sanajan dikandangan ku emas ogé, da hirup kuring mah lain di dieu, lain dina jero kandang nu sing sarwa heureut bari cuang-cieung euweuh batur sasama. Tapi di ditu tuh, di leuweung gonggong nu masih kénéh pinuh ku kakayon. Tapi da kuring mah ngan saukur mahluk leutik, teu bisa ngalawan ka bangsa manusa nu nya gedé nya pinter jeung boga akal.

Bangsa manusa ngadéngé kuring galécok jeung ngocéh unggal isuk teh, meureun nyangkana mah kuring sabatur-batur teh bungah jeung senang. Pedah kaciri wae bangun anu resep jeung betah mun pareng kuring disada teh. Padahal bisi teu nyaho mah lain kitu. Kuring sabatur-batur téh lain galecok bungah, tapi galecok ku sedih, sapanjang poé ceurik midangdam sarakan sorangan. Ceurik hayang balik deui ka leuweung, hayang tepung jeung anak katut dulur-dulur di ditu. Kuring hayang leupas ti ieu kandang.*** Bandung, Désémber 2013

# sabada maca kumpulan carpon “Talaga Malihwarni” — karya Aam Amalia

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: