• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nu Ngahéang Tengah Peuting

Kénging Emha Ubaidillah
Kintun kana Facebook

Anteng kénéh Mimi ngeunteung, can rérés dangdan, rék nyaba ka lembur. Basa ngaragap beuteung, haténa ngalenyap, sanajan can aya parobahan nu pikahariwangeun. Ngan basa nelek-nelek  kalender, teu wudu ratug jajantungna. Mun enggeus mah, asa rék coplok.

Éta da pananggalan nu sok biasa dipaké nyatet datang bulan, bet elat sababaraha poé. Rarasaan langit ngadadak angkeub. Ras kana kabagjaan nu hésé digambarkeunana jeung buah simalakama nu melentis satutas sagalana kajadian. Tanggung jawab ka diri, tanggung jawab ka Gusti Alloh. Kapan dirina téh keur aya dina kalungguhan pangluhurna, geusan gugueun jeung tirueun deungeun. Mahasiswi basana gé. Naon nu rék dipireueus ti awéwé bobolokot dosa kawas dirina ayeuna?

Rumasa oléran, teu bisa ngajaga mustika. Teuing ku gugon ieu rasa nyidem kadeudeuh nu teu wasa disisilihan, kanyaah ka nu geus rimbitan. Ah, teu salah, da kapan cinta mah lolong bonconong, sabodo boga anak pamajikan gé. Kadar éta pamajikanana baris nyerieun haténa, kapan kuring gé sarua, gerentesna. Sérélék lalangsé muka tina épisode saméméhna. Aya kabagjaan nu sumberna tina cinta. Cinta anu tara pupuntenan, nganjang kana jiwana.

Bongan saha atuh bet diciptakeun cinta? Bongan saha maké diagung-agung ku para bujangga, didengkleung-dengkleung, dijieun mata holang ujaring carita. Cenah ku cinta sagalana jadi warna-warni. Cinta jadi nu boga lalakon harmonisasi kahirupan. Da jeung enyana, basa teu sadar nyangsaya dina sangkéhan dunya téh pating burinyay ngadadak bruh bréh kembang api séwu warna. Di kamar kos nu balatak ku buku. Kabéh karasana asa patamanan sawarga maniloka nu wungkul ancoeun kuring duaan jeung si Aa, Pa Sarka, nu panggih basa di ondangan. Warna-warni, asa ngageblég jadi hideung. Cék pelukis, hideung mah lain warna. Buktina kacida banggana ngabédakeun mana papacangan jeung mana salaki batur. Nu karasa antara ngagegedegna dosa jeung burilak katresna. Nyaho-nyaho mustika nu ngan hiji-hijina téh leungit basa peuting hujan ngaririncik, ngerepan.

Poé ieu, Minggu rebun-rebun, Mimi nyelang mulang heula. Ku teu pupuguh rus-ras ka kulawarga di lembur, adi-adi jiga nu ngagupayan. Indung-bapana bangun nu ngahiap-hiap. Sabot ngalelengkur dina halteu beus, HP jeroeun saku calana blue jean-na disada.

“Mi, tos gugah?” Kitu nu ngabarasat dina layar HP. Mani sabil rék ngabales téh.

“Entos A, ti janari gé parantos gugah!”

Ukur dedetikan balesan, ngagebray deui, enyaan terus rasana téh.

“Badé ka mana atuh nyiar-nyiar pikamelangeun?”

Teu gancang dibales. Eukeur mah kagareuwahkeun ku gorowokna calo angkot. Rék beus rék angkot mangsabodo mana wé nu pangheulana nyampeurkeun. Kalacat Mimi tumpak, dius wéh ka wétankeun. Heuleut sababaraha jongjongan mah sms téh ngereles atuh pananyana teu buru-buru dibales. Hawa nyecep usum ngijih morékat sésélékét tina sela-sela kaca jandéla nu méléngé, maksa nu dariuk dina beus tingpurungkut.

“Angger Mimi mah ari tos ngereles téh!” Sada sms nu méh teu katangén. Nut-netna ngawut-ngawut lamunan. HP-na masih dikeukeuweuk. Rék males sms téh ngadon mandeg mayong.

“Nuju di mana ayeuna?”sms ti Sarka nerejel. Mimi ngahuleng jararauh panineungan. Teu burung ramo-ramo leungeunna mencétan aksara dina HP.

“Nuju dina angkot A, badé wangsul heula Mimi téh!”

“Ku naon Mimi téh, pan aya nanaon téh sok nyarios heula ka Aa.” Kitu jawabna.

“Da moal lami Aa, paling gé sadinten dua dinten.”

“Kitu da Mimi mah. Enya gé sadinten melangna moal lantis ku sataun!”

Balesan Sarka sakumaha biasa cukup matek aji pileumpeuhan nu matak ngajaulkeun harepan ka alak paul.

“Terang badé  mulih mah, dijajapkeun ku Aa, sakantenan silaturahmi ka sepuh Mimi. Jemput entong?”

Sms-na nyusul tepus ngageuri nganaha-naha. Jeletit, emh, mun seug babasaan kitu téh jolna ti lalaki pujaan nu waruga sukmana milik kuring sorangan, taya nu nyoro, gerentesna. Teu karasa angkot nyoloyong kana gerbang terminal. Reg sisi trotoar, jrat-jrut para panumpangna tarurun, pangpandeurina Mimi. Teu kudu ngajentul da larsup kandaraan nu ka lemburnakeun mah. Kalacat, biur wé.

Leungeunna ngaragamang kana saku jékét. Ku naon HP bet teu kecét-kecét? Kapaéhan kitu. Aya karep manéhna rék nga-sms, tapi ah, keur naon. Barina gé meureun keur riweuh katungkulkeun ku macangkrama reujeung anak pamajikanana. Jeletit asa aya nu nyeureud kana lapisan haté anu pangjerona. Teu majar kumaha da itu mah hakna, sedeng dirina, saha? Enya gé aya teuteundeunan ladang tresna jeroning tutungkusan lelemes waruga. Inget ka dinya deui-deui Mimi ngagebeg. Bray kaéndahan, reup deui kasilih ku kakelar. Basa mobil nu ditumpakanana ngagilisir handapeun plang Museum Geusan Ulun, sora supir ngingetan ngacacangna lelembutan.

Meneran pecat sawed katompérnakeun Mimi  anjog ka nu dituju. Mimi nyurungkeun panto marengan uluk salam, tétéla teu disosi.

“Mamah!”

Taya nu ngawalon, kaayaan sepi jempling. Palangsiang indungna gé geus miang ka kebon. Teu ku hanteu tikoro nyelek ku piceurikeun.  Di kamar indungna keur salat. Mimi ngarengkog. Nu jadi indung sakitu nyantrina, ari dirina? Gebru meubeutkeun awak kana korsi busa di patengahan. Heuleut memenitan indungna norojol satutas ngudar mukena.

“Emi geuningan? Sisinarieun mani goréjag wayah kieu entos di dieu?”

Mimi mereketkeun diri sangkan teu katara nyidem bangbaluh, terus ngoréjat ngarawu leungeun indungna.

“Muhun Mah, nyubuh supados teu kalarung macét. Apa ka mana, sareng barudak?”

Indungna teu giak némbalan. Antaré pisan diukna dina korsi pahareup-hareup jeung anak cikal kareueus. Katara beungeutna haropak, sésa kageulisanana ukur natrat dina teuteupna nu linduk, gambaran kawening batin. Enya geuningan, ti taun ka taun awak indungna ngorotan pisan eukeur mah eukeur ngingu panyakit gula. Lelembutan Mimi ngaléngléong kapalidkeun galindeng dareuda indungna.

Cék indungna, tilu poé ka tukang, tiluan adi Mimi, awéwé saurang, duaan deui lalaki bujang kumeuheur, ngontrog pamajikan bapana nu ngora, minangka ngabéla ka indung nu geus dikakaya. Bapana teu bisa kukumaha nyasatna ka dieu kumaha ka ditu kumaha. Der wéh paraséa jeung dulur-dulur patétéréan. Meureun sarua anak pamajikan bapa nu ngora gé, teu mikeun nénjo indungna pada ngaréntog. Tungtungna dua pihakanana pada-pada pundung. Adi-adi Mimi malangprét ka uwana da narah papanggih reujeung nu jadi bapa. Ari dulur-dulur téréna mah duka kamarana.

“Apa Emi mah ngahékok wé di ditu.” Indung Mimi mungkas obrolanana. Mimi ngaheruk.

Indungna nu sakitu lilana dalit jeung bangbaluh lantaran dikoroméoh panyakit, katurug katutuh didua ku nu jadi salaki, kacida panggerna nyanghareupan hirup. Salirana rangkebong. Mamah, Emi tos nambihan bangbaluh batin Mamah, padahal Emi téh kareueus kembang kaagul di ieu lembur, gerentesna. Naha perlu nuding teungteuingeun ka Apa? Ras ka diri nu rek gilig kajeun didua tibatan ngandelan dosa maragatkeun nyawa darah daging sorangan. Méh-méhan kasarumahan haréwos Idajil ka dua kalian, mending gugurkeun, gampang murah tur éféktif. Jaba trend pajamanan ayeuna, pan cenah kudu ngindung ka waktu ngabapa kana wayah midulur kana trend. Ih, amit-amit. Samalah aing kudu mampuh ngaping ngajaring turta méré sumanget hirup indung jeung orok korban cinta modél kieu. Mun perlu merjuangkeun legitimasina ulah tepi ka ngarasa mencil tur dipencilkeun. Sanajan memang palakiah anu panghadéna mah nyinglar lampah nirca.

Titirah ngadon kanceuh mulang ka lembur téh. Niat ngéndong bedo. Mimi gesat-gesut turun tina golodog imahna, sedeng indungna mah geus muru kebon nu perenahna peuntaseun walungan Cilutung. Teu jug clak kana kandaraan najan ojég balawiri gé, nikreuh aya kana dua kilométerna, malibir ka jalan satapak. Ngahaja ngarah lelembutan ruket deui reujeung lembur di mana dirina diborojolkeun. Ras deui kana HP nu ngadedempés. Sérédét jeletit. Kacipta Sarka keur sarukan-sukan saanak-pamajikan ngeusian usum liburan.

Sms kadéngé disada, teu diwaro ku Mimi teh. Pasti ti Sarka. Tapi basa terus ditéma ku nelepon, rada reuwas. Tapi angger diantep. Komo disusul ku sms deui noron.  

“Wanduuu wanduuu….!” maksudna Bandung, Bandung. Kalacat Mimi tumpak, geuleuyeung mobil téh maju. Ari gek dina jok mobil karasa beuteungna jejeletitan, mules teu pupuguh. Éta kitu, pédah leumpang gancang teuing. Panon poé lingsir ngulon basa Mimi turun tina angkot. Teu kahaja rét ka lebah Taman Margasatwa. Ras inget minggu tukang manéhna nyaksian, sidik, manéhna keur suka-seuri mumunggu anakna, saurang deui ditungtun dituturkeun ku pamajikanana. Aa? Eta téh Aa?Ah da sidik moal kapalingan pangdeuleu. Salira keur senang-senang. Téga pisan Aa mah! Tapi Mimi gé da, rumasa salah. Aa téh aya nu boga. Sms disada deui. Ayeuna mah geuwat dibaca.

“Ka mana waé ari Mimi, ditelepon teu diangkat? Pa Sarka kacilakaan,” cék dina sms.

Sirahna ujug-ujug karasa lieur. Sadatang-datang ka buruan kos, rarasaan Mimi asa nincak asa henteu. Les teu inget di bumi alam. Sadar-sadar geus aya di rumah sakit. Sobat-sobatna, Acah, Nunun, Gun gun, Ajay,  malah Andi mah keur ngeukeuweuk ramo leungeunna.

“Emi, sadar Emi!” Haréwos Andi nyaliara nembus jajantung Mimi. Sabrayna panon Mimi  ku saréréa teu sirikna pada ngarangkul.

“Saur dokter, Mimi téh perdarahan akibat stress,” cék Acah ditompokeun kana ceuli Mimi, meureun sangkan Mimi wungkul nu ngadéngé. Pendarahan?

“Pa Sarka kacilakaan. Ayeuna rék dicandak ka ieu rumahsakit,” cék Emi.

“Na iraha?”

“Tadi beurang di tanjakan.”

“Ari ayeuna jam sabaraha?”

”Satengah dalapan wengi!” cék Uleud.

Kakara gé Mimi rék pok nanya deui, kurunyung jururawat, saréréa birat  kalaluar heula.  Sora tv di juru rohangan enya gé laun tapi atra ngagelendrung meneran berita kacilakaan. Warta patalimarga. Mobil anu warna konéng métalik nomor platna saanu, disuruduk kagaley ku beus, tadi beurang di tanjakan. Panumpangna ayeuna geus aya di rumah sakit daerah. Mobil Pa Sarka kitu, naha bet sarua nomerna? Boa-boa.

Kadéngé héang sirineu hawar-hawar, sada jumerit, ti luareun rumah sakit.  Cék Emi ayeuna Sarka rék dibawa ka ieu rumahsakit. Eta kitu? Gerentesna. Nu ngahéang tengah peuting mutuh matak keueung, kana haténa. Hayang lumpat sakalumpat-lampét, muru, negesken enya henteuna. Tapi apan dirina gé keur teu walakaya, di rumah sakit anu sarua. ***

Panglawungan 13

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Suherlan

Carita na meni pikasediheun....kabongroy ku salaki batur....nyah....lalaki ...ningal di luar herang herang di helaran....di bibita di rayu...emmh.....teu sadayana lalaki ketang...hahaha...

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: