• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Manéhna nu Ngémbratkeun Pélor

Kénging Féndy Sy. Citrawarga
Kintun kana Facebook

MANÉHNA ngagojod na trotoar di Jalan Cibadak beulah wétan nu geus réhécombrék. Girimis sésa hujan badag nu siga dicicikeun ti langit muruluk kénéh kawasjelema ceurik meunang kanyeri.

Angin culangung teu reureuh nyiwitan kulitmanéhna.Simbut karung gembés diangsrod-angsrod hayang ngarimbunan sakujurawakna.Lapur, teu nguntup. Tina sela-sela liang angger tingsélékét siga nu hayangmupuas jeung nganaha-naha manéhna. Enya, naha héés di trotoar. Mokahamanéhna beuki ngahodhod.Temahna, teu bisa saré.Boa-boa janari moal kasungsi,subuh hamo kasusul.
Mun saré na kasur empuk siga umumna jelema dina kaayaan hawa tiris sabadadiguyur hujan, geus moal tahan nyanghareupan teluh jurig tunduh laju diringkid kaalam impian. Angot apan ti beurang téh tas ngapruk nunutur indung suku, ngaprak  mapay léngkah ngurilingan dayeuh Bandung néangan nu euweuh. Dalah dikumaha,boro-boro tibra, angot ngimpi sidéngdang na impian éndah, panon téh anggurmiyuni mata peda.Saenyana, lain duméh angin nu tingsulusup nyiwitan awakna jeung tiisna hawagirimis-girimis teuing nu nyababkeun jurig tunduh mangprung jauh téh,  tapi aya nungahihileudan  pikiranana.
“Tada teuing Abah benduna,” haténa norowéco.Kolébat beungeut akina keur ngoranémbongan.Enya dedeg prajurit nu komaraan.Kulitna hideung.Sorot panonseukeut, dipasieup kumis kandel. Urat-uratna  bangun ngawat. Gagah lah.PandéGatotkaca kitu?
Saha nu teu reueus boga aki prajurit, purah babakti ka nagri buméla ka nagara dinagurat lampah toh pati jiwa raga ngarebut kamerdikaan ti bangsa deungeun. Lian tiéta, sinatria téh gunung pananggeuhan kulawarga.
Akina sok ngadongéng lalampahan batempur ngalawan musuh.Prajurit Siliwangi
nyebarkeun wawangi ka mana-mana, teuneung, ludeung, teu kecing.Ku musuhdipikagigis, ku rahayat dipitineung, matak reugreug saréréa.
Élmu kaprajuritan, najan teu gembleng sok diketrukkeun ka anak jeung incu-incuna.Mun akina geus ngadongéng bab kaprajuritan mani sok sumanget. Manéhna gékungsi ngadéngé cenah prajurit  sajati mah lain ukur seseg awak, wani bitotamajeung musuh, tapi nu mampuh nyengker pangajak napsu goréng. Enya napsu nusok matak nyilakakeun.
“Jalma jagoan mah lain nu unggul juritna, tapi nu mampuh ngalawan gugudug hawa
napsu goréng nu sok mawa kana picilakaeun. Nu matak  kolot urang sokngawawadian, napsu nu matak kaduhung badan nu katempuhan,” cenah nongtoréngkénéh.
Hawa nu tiis deui-deui nyiwit kulit awakna.Karung gembés hantemdiangsrod-angsrod. Matana dipeureum-peureum deui, malah sari-saridipereketkeun  hayang geura mubul ka alak paul mapag impian. Tapi, batan reupmah kalah kolébat beungeut nu di imah, pamajikan jeung budakna.
“Piraku rék kieu waé urang téh?”Nongtoréng deui omongan nu di imah.Teu héséneguh, maksudna mah pamajikanana nganaha-naha dirina duméh teu bisanyugemakeun pangpangna kasugemaan napkah lahir.Rumasa.Ngahukuman anakmitoha téh éstuning lieuk euweuh ragap taya. Lain teu hayang, dalah di kumaha.
“Sing sabar atuh Tih,” cenah ngupahan nu méré tanjakan.Teu némbal.Anggurngagadeud.Leuh, mun teu ras ka anak, dibéré bubudén kitu téh geus hayangkumaha mah.Antukna nyabar-nyabar manéh.Najan kapeurih ati katurih hinisomongan pamajikan mah teu burung ngaraheutan haténa.  Ngarep-ngarep warisan tikolotna nu keur transmigrasi ka luar Pulo Jawa nuturkeun amanat akinapimanaeun.Manéhna gé kungsi ngilu jeung kolotna, kalah teu betah.Balik deui kaPulo Jawa da ningan di Pulo Jawa mah sagala aya.Akina teu ngawariskeun nanaonda cacak beunghar mah meureun bapana moal incah transmigrasi. Pakaya  sasatnakorédas dibagikeun sacomot séwang. Puguhanan akinana mah teu pati opénankana dudunya.Lain teu hayang, apan waktuna gé béak ku babakti ka nagri. Najankitu, sok kadéngé pangdungana, mugia geus merdika mah anak incu kabagéan
bagja, hirup tinemu jeung kamerenahan.
“Ulah kaalaman  dibaju karung goni nu sok dipaké nyayang tuma, ngadahargadung,” akina nyoréang alam werit jaman Jepang.
Tina kituna, munasabah manéhna bati ngungun. Jorojoy aya karep rék  nyaba kakota rék néangan duit sagedé panto. Sugan digeberan duit sagedé kitu mah nu diimah téh moal ngawih lagu kingkin baé. Lah, pacabakan  naon baé sugan aya nuhaat da cék batur gé lakar aya kadaék, di kota siga Bandung mah moal héséngahuap.
Enya wé teu nyalahan.Tapi, lain jadi pagawé nagri di kantoran.Boro kitu, di pabrikgé teu ditarima.Puguhanan nu diténjo ku para pangusaha téh ijasah.Kitu gé ijasahsabangsa SMA. Manéhna ukur boga ijasah SMP bari jeung teuing di mana. Ras kaakina deui baé, cenah anak jeung incu mah kudu bisa sakola kalayan junun, malahmun bisa mah nepi ka sakola luhur ngarah pinter. Da ningan alatan rahayat bodomah gampang dijajah bangsa deungeun.Rajakaya bangsa katut nagara diakut siatah adol.Kamerdikaan ogé apan hakékatna mah yasa para pajoang anu geuskebek ku atikan.“Atikan téh penting!”Deui-deui akina papadon.Lah, bororaah aki.
Sakola jaman kiwari lain bantrak-bantrakkeun jalma kékéréhét. Boroning jucung nepika paguron luhur, tingkat SMP gé eungap.Cenah sakola téh jadi paragi néangankauntungan siga dagang.Najan enya gé aki urut pajoang, saha nu ingeteun atuh.Antukna, gejebur deui kana usaha siga di lembur, ngandelkeun kadaék jeungtanaga. Bédana, di lembur guyang leutak di kota guyang sampah. Enya pupulung,tukang rongsok, ngumpul-ngumpul barang urut, terus dijual ka bandar.Aya palastik,beusi, kardus, naon baé sakur nu bisa dijual.Nya najan teu mucekil sok babawaanka lembur.Nu di imah getihan deui.Ih, si bedul teu nyalahan ningan napsu dudunyamah geus meunang hiji hayang dua, geus boga dua hayang tilu.Kitu baé saterusna.
Enya, siga pamajikanana.Beuki héjo kana duit téh.Nya ku hal éta haténa beuki katurih.Ning hirup di alam merdika téh kacida beuratna.
Bajoang taya reureuhna malah jalan sorangeun karasa beuki netek.Nu matak basatadi beurang Si Rojak ngajakan usaha nu cenah leuwih piuntungeun, jol giak baé.Puguh ngarongsok asa beuki horéam. Paralun lain nampik rejeki leutik, horéamngésang da ceuk papadon akina gé nu penting mah usaha hasilna mahnyanggakeun ka Gusti Allah. Ngan ari aya pagawéan nu undak angot hasilnamucekil mah nya piraku kudu diantep.Saha nu teu hayang ngahenang-ngaheningatawa usaha teu ngamodal tapi untungna gedé.Da cenah ceuk Si Rojak gé asaldaék.Katurug-turug nu di imah téa ngarojokan baé sangkan ingkang carogénéangan kipayah langkung suhud malah mandar jadi jalma jegud.Tah kecap asal
daék éta nu ngahihileudan pikiranana téh. Enya,  inggis ku bisi rémpan ku sugan dacan dumuk pagawéan naon-naonna. Naha jalan halal atawa jalan haram.Si Rojak téaceuk nu nyarebut gé apan cenah préman.Lah aing mah kaduhung diwawuhan atuhharita téh.Manéhna kutuk gendeng. Tapi deuih ari ras kana kahémanna jeung sokngabandungan lamun manéhna keur ‘curhat’, Si Rojak téh mani sok daria. Béhdituna apan sok barang béré. Sakalieun béakeun bekel atawa ududeun, tara owel.
Najan manéhna seja nginjeum, tempona rék mayar mah Si Rojak tara daék narima. Keur anteng ngalamun, kagareuwahkeun ku sora baturna,  enya Si Rojak.

“Hudang euy!Geus siap?”Cenah.Sungutna kaambeu bau alkohol. Baku si éta mahari geus  kitu peta téh. Manéhna gé kétang kungsi nyoba-nyoba da si éta maksa.Saleguk dua leguk matak ongkék.Hadéna teu kateterusan.
Manéhna teu gancang némbalan. Aya nu padungdeng bitotama na jero dadana. Papagah akina nongtoréng deui, cenah  mun hayang salamet hirup boh di dunyaboh di ahérat kudu usaha dina jalan halal jauhan jalan paharaman. Tapi ras deui kanarenghik pamajikan bari mapanas, “Tuh si itu mah bur beureum bur hideung usaha dikota téh!”
“Montong loba pikiran kéhéd ari hirup hayang senang mah!” ceuk Si Rojak. Kusiwel
nyokot roko tina jakétna, kejeueung Samsu.

Nyot diudud sabatang.Serebunghaseup ngebul.Disodorkeun ka manéhna. Top manéhna nyokot sabatang.Tingpelenyun duaan ngararasakeun nikotin. Wayah ngagayuh ka peuting,  JalanCibadak  beuki jempling. Nu daragang beulah kulon geus kukud.  Trotoar JalanCibadak méh pinuh ku nu ngadon reureuh satutas pabeubeurang saba dayeuhnéangan pangupa jiwa siga manéhna. Aya nu nonggéngkeun béca minangkapipinding angin ngarah teu tiris teuing.Aya nu ngabulen manéh ku simbut saaya-ayasiga manéhna ku karung gembés.Najan kitu, talibra baé teu kaganggu ku anginpeuting. Iwal ti manéhna  nu ti barang datang ka dinya pasosoré cansakerejep-kerejep acan. Angot ayeuna diantelan rokok, kalah beuki cénghar.Antukna pangajak Si Rojak téh disanggupan.
Poé éta manéhna teu ngider usaha cara sasari sabab Si Rojak geus papadonengké soré mimiti ngalaksanakeun pancén gawé nu cenah hasilna lipet tikel.
“Jak, rék ka mana ieu téh?” Manéhna ngaharéwos basa geus aya dina mobil nunyemprung teuing rék ka mana. Aya jelema séjén nu teu wawuh.Si Rojakdadak-dadakan jadi mahal omong.Malah basa diharéwosan gé kolu nyigeung huluangen tangka heneg. Mun teu inget keur aya di mana mah geus kudu diségag bariditotog tonjok tah si wewelek téh .
Sup ka hiji wawangunan. Teuing di mana. Teu kungsi lila balad Si Rojak nu tiluan  turdedeg pangadeg barusekel geus araya di jero wawangunan. Di jero ukurreyem-reyem dicaangan lampu lima wat. Beungeut-beungeutna teu sidik daditeregos.Teg wé manéhna boga sangkaan goréng.Teu salah.Éta téh ningankomplotan rampog.Harita keur ngatur siasat.Manéhna hayang ngejat saharita. Teubisa hojah sabab  Si Rojak salin jinis jadi iblis. Nodongkeun bedil sigababaturanana.Pingpinan rampog nu harelung jangkung babagi tugas, bripingmeureun mun pancén tentara mah.Manéhna kabagéan pancén nyokot barang.
Sasaran geus ditangtukeun, rék ngarampog toko emas nu aya di Jalan Pasirkoja.Manéhna  gé dibéré bedil  keur nyanghareupan bancang pakéwuh.
“Sasaran kita sikat abis! Semua barang harus karingkid kabéh! Kalau tidak, nyawakalian taruhannya. Suksés, kita akan kaya raya menandingi koruptor, babah-babahtengik yang seenaknya nguras kekayaan sedangkan rakyat pribumi sepertikamu-kamu sengsara!” ceuk gegedug rampog dina sora handaruan. Mun teuditeregos mah pasti katénjo matana bolotot.
Kolébat beungeut akina némbongan deui.  Ngadongéng deui ngeunaanperjuangan.Kumaha cenah gedé wawanén akina basa ngabekaskeun bedilmaéhan musuh.Enya, musuh rahayat nu hirup balangsak.Toh pati jiwa raga ngusirsi kapir ngayonan musuh téh taya deui nu diarep-arep iwal hayang geura merdika.
Teu pupuguh asa aya nu asup kana warugana.Pecenghul kawani.Ceg kana bedil.Nu asalna asa-asa, tong boro ngabekaskeun, dalah nyabak gé palalaur angotngadéngé beledugna mah. Cenah bedil téh kari ngabekaskeun baé lamun engkéaya nu ngahalang-halang, Pelorna teu loba. Da ceuk itungan gegedug rampog ogéteu kudu dibekaskeun ogé jelema téh pasti nyararingkah. Najan kitu, da puguhtargét operasi téh di wewengkon ramé, bisi aya patugas kaamanan, bedil téh pereludipéloran kalayan samakta tur siap jedor.
“Tong asa-asa, jedorkeun baé! Saméméh nyawa urang beunang,” ceuk Si Rojak tidituna mah méré kawani lamun keur operasi katohyan patugas kaamanan.
Nitis tulis ciri wanci nu mustari datang mangsa nu sampurna cunduk waktu nu tangtu,
kira tabuh tujuh peuting, manéhna katut balad-balad Si Rojak geus cunduk ka nudituju. Puguh wé wayah kitu mah jelema pagaliwota kénéh boh nu maruka toko, paraPKL, jeung nu balanja.
Di  hareupeun Tokos Emas. “Sinar Mulia”, aya mobil eureun. Taya nu opénan.Jangnanahaon opénan ka mobil eureun kawas urang kampung bau lisung baé. Tapibasa jratjrut  panumpangna tarurun bari ngarokang bedil, mimiti jelema sadar bakalaya bancang pakéwuh.
Na waktu  sakedét nétra, kaayaan barobah jadi paciweuh. Angot basakagareuwahkeun ku sora bedil nu ujug-ujug ngabeledug mah saurang gé taya nuteu ngaranjug bari rikat nyalametkeun diri séwang-séwangan.
“Dor!” pélor mecleng ka luhur. Gegedug rampog méré tangara ka nu araya sangkanulah ngaharu biru ka maranéhna.
“Jangan bergerak!”Kadéngé nu nyentak.Kaayaan beuki tagiwur. Napas-napasjelema beuki ngerepan, jajantungna  ngadulag na wirahma kebek karémpan,késang badag  késang lembut barijilan.  Taya nu wani usik, suku maku na titincakan.
Awéwé mah aya nu ka wérwéran pisan.  Kituna téh bari ngabekem sungut budakna
nu méhméhan  ngocéak baning sawan. Taya nu dipikasieun iwal  ti bisi pélornobros jajantung.
Teu kungsi lila,  “Dor, dor, dor, dor!” bedil ngabekas deui, ciples opat kali barengjeung tingjarungkelna jelema-jelema nu kakeunaan ku pélor. Dor, jurahroh! Jegér,jéngjéhé.Beledug, nambru.Beledag, jengkang. Rampog saopat-opat, kaasup SiRojak, tiwas sapada harita diémbrat pélor, teu mingé deui. Nu nyakséni ngembangkadu.
Manéhna narik napas.Reuwas kareureuhnakeun. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: