• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Kareta Lir Seunggah nanjak

Kintun kana Facebook

Gagah, leumpang mapay-mapay galengan garing. Halodo geus mulan malén. Taneuh sawah geus barengkah, bareulah. Sawaréh katutup ku jarami jeung régang garing nu pasoléngkrah. Kabéh gé ukur diliwatan ku manéhna. Sanajan unggal poé jalan ka dinya, téténjoanana salilana ka jauhna. Kana runggunukna tatangkalan di peuntaseun tegalan.

Ti imahna di mumunggang  pasir, sok atra katénjo lajuna karéta api meuntasan pasawahan nu ayeuna jadi tegalan. Manéhna sok ngawawaas, nyawang poé-poé nu geus kaliwat, waktu indungna can miang ka kota.

Dua lebaran ka tukang, bapa téréna masih kénéh idek liher di lembur, tapi tara opén ka manéhna. Bapana pangedulan pisan. Gawéna ngan ninitah indungna kuli, ngali kentang atawa naon waé nu bisa dipigawé di kebon.

Mun keur halodo kieu, sok loba nu nitah nyébor kebon, pelak cabé atawa kentang. Gagah nu umurna kakara duawelas taun, sabisa-bisa sok mantuan. Manéhna nanggung cai ti wahangan nu ngamalir kénéh, najan teu hérang. Dibengkot ditanggung ka tonggoh kana pétakan. Sakali ngabengkot diwadahan kana dua jalikén nu sapuluh léteran, urut wadah cuka, beunang ngagentian ti mandor pabrik karét.

Geus jadi pagawéan biasa, diakutan ku manéhna. Indungna nu nyéborkeun ku émrat. Kitu jeung kitu unggal soré sabot halodo. Buruhna teu sabaraha. Bapana mah ukur bisa nitah bari tutunjuk. Giak lamun nyokot buruhna, miheulaan indung Gagah, nepungan nu ngagarap kebon. Gagah sok nyéri haté, nyaksianana.

Tapi ceuk Ma Nini, pamali ijid ka kolot. Najan goréng kalakuanana ogé, eta téh apan bapana, sanajan lain bapa teges. Da ti saprak inget tepi ka ayeuna, geus jadi salaki indungna. Mindeng kadéngé ku Gagah, indung bapana paraséa, rongkah. Biasana alatan duit kadéngéna teh.

“Manéh nu kudu digawé tea mah kawas batur! Ka Arab kaituh! Ngarah di dieu teu loba hutang!” Ceuk bapana teu kireum kireum. Kuntung roko geus balatak urutna. Matak sareukseuk nempo, da kuring keur nangtung teu jauh ti dinya.

“Enya pan kudu dimodalan ka Arab téh, jeungna deui meujeuhna loba hutang ogé, da gawé téh ngan judi, lain nyiar kipayah nu bener!” Témbal indungna, hoghag. Gagah lumpat ka tukang, kadéngé sagala dijungkelkeun ku bapana. Sajongjongan jempé. Teu lila kadéngé sora nu diséréd, jeung indungna ngagoak.

Gagah ngoréjat, hayang lumpat ka pangkéng indungna, tapi awakna kalah ka leuleus, asa dipupul bayu. Na ka mana kawani téh, gerentesna. Kalah ngahéphép. Jelebot! Goak deui. Duh Gusti dikumahakeun indung abdi? Batin Gagah jumerit. Sirahna asa  muter, teu kaharti.

Gagah kakara umur opat taun, waktu diwawuhkeun ka bapa téréna. Inget-inget poho. Enya, Bapa téré nu aya di kamar jeung indungna téh. Cék Ma Nini, Bapa Gagah mah geus teu aya, geus maot waktu ngora kénéh. Paru-paru basah ceuk dokter puskesmas mah, lantaran mindeng teuing liar peuting. Cenah sok mindeng milu jadi nayaga, rombongan wayang golék jeung Bah Saman, dalangna. Kitu ceuk Ma Nini ogé.Waktu Gagah leutik kénéh pisan, ninggalkeunana téh. Can inget. Bapana Gagah leuir uubar. Sakitu batukna beuki rosa, kana udud kalah beuki nyandu. Rombongan Bah Saman mindeng manggung dinu hajat, cenah. Bapana Gagah, tara absén milu jadi nayaga.

Manéhna teu inget, siga kumaha rupa bapana. Ngan aya ngaranna, dina rapot, Suhaya. Tapi cék ninina nénéhna mah Jang Yaya. Eta kabéh gé carita ti ninina, da indungna Gagah mah tara loba carita. Sok mindeng ngalimba, lamun Gagah méméh saré ménta dipangdongéngkeun heula, dongéngna teh nu teu anggeus-anggeus, da disebutna, dongéng Panto Sarébu. Ngadongéngna, sapeuting nya sapanto. Gagah seuri maur ras inget ka indungna nu ayeuna keur dipikasono. Mun Umi aya, gerentesna. Nepi ka waktu indungna miang ka kota nyiar gawé, éta dongéng can anggeus, karak tepi ka kana panto nu ka saratus sabaraha. Teuing da Gagah poho deui, da sok kaburu tunduh ngadéngékeunana.

Gagah teu ngarasa reueus, boga bapa téré téh. Sabab judes, jeung sok galak ka indungna. Ka Gagah mah teu judes sotéh lamun keur ngolo, sangkan mangméntakeun duit keur meuli udud ka indungna. Cenah mah gawé di kota Bapa téh, markiran mobil di Pasar Anyar. Tapi mindeng teu balikna. Malah ayeuna mah plengles, tara ka lembur deui. Teuing di mana. Da ti lemburna ka kota jauh, aya kana tilupuluh kilona. Cék Ninina, ka Bandung téh bisa kana karéta, ngaliwatan Lampegan, torowongan. Mani hayang pisan Gagah nyobaan tumpak karéta. Tapi can kabiruyungan. Matak basa indungna rék ka Bandung nyiar gawé, manéhna atoh diajak nganteurkeun ka halteu Ranji. Halteu karéta api nu aya di lemburna. Harita Gagah karék kelas opat, dua taun kaliwat.

Karunya Si Umi téh, haténa ngagerentes. Dititah dijurungkeun digawé ku ka Arab. Enya meureun harita téh Umi inditna ka Arab. Gagah teu dibéré nyaho, Umina ukur ngagaléntoran basa pamitan rék miang. Panitah Bapa-téréna tara bisa disulayaan.

Bapa téréna barangasan, béda jeung Umi nu sabar, tara ngalawan mun dicarékan gé, gerentesna deui. Gagah ukur bisa ngageremet, ambek ngéwa ka bapa téréna téh. Komo kanyahoan neunggeul indungna. Tapi indungna cicing waé, ukur kadéngé ceurik ngageunggeuik. Isukna katara panon indungna carindul. Najan ka indung asa geus ngarasa ragab rék nyombo téh. Padahal haténa mah hayang ngupahan, hayang ngusapan ka Umi téh. Karunya.

Ukur ngalimba, basa nganteurkeun Umina harita. Bet jorojoy hayang muru ka ditu, ka halteu. Susuganan aya milik, Umi-na datang, najan teu ngabéjaan. Téang waé kitu ? Cék haténa. Enya ah, isukan mun poé minggu, rék ka setatsion wé ulin téh, ka halteu, lain setatsion da leutik, cék indungna gé. Tapi rék bari mawa dagangan, jajanan. Goréngan, bala-bala jeung leupeut meunang Nini. Biasana dagangna ngan semet nepi ka sakola. Ti kajauhan, kadéngé sora karéta, Gagah curinghak. Paningalna muru ka jauhna, kana rél karéta nu ngembat meuntasan pasawahan nu ayeuna jadi tegalan. Beuki lila, sora karéta kadéngé beuki tarik, ngaguruh. Jantungna milu ngaguruh, handaruan. Hayang ngajorowok sing tarik, ngageroan indungna.

Manéhna lumpat, meuntasan tegalan, muru kana kingkilaban nu bari paningalna teu lésot tina hiji titik runggunuk, tembong kénéh aya nu nyuruwuk tarik pisan, gancang! Sorana ngawirahma.

“Gujreg gujreg, gujreg gujreg, gujreg gujreg!“

Gagah colohok mata simeuteun, kawas nu kakara. Sanajan mindeng nempo karéta, tapi anéh, unggal manéhna ningali karéta, haténa sok bungah kacida. Bari sok lelenyapan. Sok asa boga harepan. Sugan Umi mulang. Gagah ngembang kadu, nénjo runtuyan gerbong karéta nu panjang, siga oray ngaléor. Beuki deukeut manéhna lumpat, pulas gerbongna katara, oranye jeung héjo kolot. Enya, gerbong nu basa éta mawa Umi téh, haténa galécok.

Napasna karasa capé, engap-engapan. Lebah rungkun sadagori, handapeun tangkal nu iuh, manéhna ngudupruk. Paneuteupna nuturkeun runtuyan gerbong nu beuki jauh.

“Umiiii uing ngiluu!” Gorowokna beuki ditarikkeun, sataker kebek. Méh béak sorana. Bareng jeung ngerelesna runtuyan gerbong tina paneuteupna. Ngiles, ngereles. Ngan kadéngé hawar hawar sorana.

“Gujes-gujes, gujreg gujreg, jes jes, jes jes!“

Biasana mah sorana téh bangun nu ngabibita ngajakan indit. Harita mah bangun nu seunggah nanjak, ninggalkeun Gagah sorangan. Bangun hayang nepikeun gorowokna sina kadéngéeun ku nu di jero gerbong. Ku indungna, nu geus dua taun teu mulang ti panyabaan. Ku bapana, nu teu kungsi nyahoeun ka manéhna. Jeung kadéngé ku bapa téréna nu barangasan, bongan geus megatkeun kasonona ka Umi, ka Indungna. Sora karéta nu unggal poé kadéngé ku manéhna, sok jadi panyombo, Gagah sok neundeun harepan. Susuganan karéta éta mawa Umina mulang. Éta karéta nu dicirian ku manéhna waktu nganteurkeun indungna ka halte, dua taun katukang. Harita ngan ukur bisa rambisak. Teu wani nyaram sangkan indungna teu jadi indit. Teu wani wakca yén manéhna embung ditinggalkeun. Sanajan na haténa aya harepan, mun Umi jadi indit digawé jauh, meureun Umi téh moal disiksa deui.

Keun, Umi indit ngajauhan leungeun bapa téréna nu sahaok kadua gaplok. Nu sok ngekesek Umi lamun balik ka imah sanggeus éléh judi. Jeung ceuk Ma Nini, cenah unggal Bapa téréna datang, geus biasa sok paséa heula méméh ngajak indungna ka pangkéng téh. Karak asup ka kamarna lamun indungna geus ceurik balilihan, diolo, diupah apéh sangkan daék ngalayanan. Indungna sok teu bisa majar kumaha. Gagah ngalieus miceun beungeut tina paningal dina lamunanana. Tuluy istigpar. Hayang ngaleungitkeun sagala kasono ka Umi nu nyeuit. Léngkahna ngarandeg handapeun tangkal angsana, lungsé rampohpoy. Ukur sora karéta nu geus teu katingal, hawar-hawar, ngalangkang. Kawas harepan dina haténa. Teuing iraha éta sora mawa indungna mulang ka imahna. Panyombona geus ilang tina paneuteup **

Permata, Panglawungan 13

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

Aris Suhirman

Sono kana bahasa Sunda

dedi suryadi

Asa nalangsa maca na ge

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: