• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ngudag ka Naraka

Kénging Rizky Prasasti Anwari
Kintun kana Facebook

*) BOIM, 21 TAUN. PENGAMEN

 “Poék..peuting beuki poékkk …peteng..

mongkléng.. langit beuki mongklénggg..

Bulan… musnaaa!! Manusa..tibraaaa!!

Béntaaaang.. Nyumput dina mega..

Rondaaaa..Peré ngajaga..”

 

            Tah kitu, jampé-jampéna mah.Inget kénéh.Da enya atuh.Kapan uing gé aya, basa harita Adang ngadadarkeun rencanana ka Bani.Bani tatangga Adang. Manéhna geus ahli deuidina widang maling. Cék Bani kudu maca jampééta heula méméh maling téh supaya aman.Tuh tingali, Bani gé hasil waé. Radio, DVD, HP tug nepi  ka TV LCD gé kararad ku Bani. Tah mun rék maling mah didinya weh, di komplek peuntas.Cék Bani didinya mah babari. Satpamna aki-aki nu sakapeungtarangaronda.

***

            Liwat lima menit uing didieu. Nangtung gigireun témbok nu jangkungna dua kalieun awak uing.Tikoro karasa garing.Késang ngucur.Ngadégdég kana keteg Jajantung nu beuki ratug.Haté tawigur.Pikiran ngacacang moréjengga antara sieun jeung kahayang.Ras inget si Bapa nu keur gering parna.Ras deui inget ka si Icih nu hayangeun dikawin geura-geura.Kudu kumaha deui atuh Boim téh Bapa?Icih?

            Geus kagok.Akang geus kagok didieu.Tinggal sababaraha léngkah deui.Baé da teu hésé Icih.Tugas Akang mah ngan ukur ngadagoan.Bari ngajaga kaayaan sakuriling ieu imah.Enya icih, leres kitu.Bisi aya nu ngaliwat.Bisi aya nu nempoeun.Komo satpam mah Icih.Ulah aya.Ulah nyahoeun.Tah Icih gé meunang tugas ti Akang. Tugas Icih mah ngado’a jeung sing sabar wé. Do’akeun Akang méh hasil.Méh salamet.Urang kawin Icih.Urang kawin mun téa ieu hasil mah.Kapan éta nu ku Icih pikahayang téh, lin? Matakna sabar nya Icih!Dagoan akang. Do’akeun.

            Bapa. Sing kuat! Uing kedap deui nebus landongna, Pa. Mugia engkéénggal damang ari tos dilandong mah.Aamiin.Ari jagjag mah Bapa tiasa maturan Uing ka KUA mun téa Uing jadi ka si Icih. Badé saha atuh mun lain Bapa nu maturan? Ema tos teu aya dikieuna. Ari Uing pan anak hiji-hijina. Sing kuatnya, Pa. Antosan.

            “Maaaliiinnggggg…Maliiiinnggg…”

            Eta gorowok bijilna ti imah éta pisan.Reuwas kacida. Si Icih, si Bapa laleungit. Kagareuwahkeun ku nu ngagorowok.Teu eureun-eureun.Hégak napas mirig ketug jajantung, ngabaruntakkeun pangeusi dada. Leuleus Icih. Awak laleuleus.

Lol si Adang di béh juru tembok.Uing nyampeurkeun, mantuan turun.“Buru Dang!Buru!” sora jeung awak uing sarwa ngeleter.

Si Adang nincak tatak uing.Jleng wé.

“Bukkk!”Adang ngababuk puhu ceuli.Les poék.Peuting beuki poék.Langit beuki mongkléng.Uing ngagoler.

“Ieu..katewakkk.. Malingna katewakkk..” gorowok Adang dituturkeun ku sora léngkah-léngkah jalma luhureun hulu. Beuki lila beuki riab.

“Siksa wé siksa tumanlah!”

“Taranjangan!”

“Talian, tah talian!”

“Podaran sakalian!Duruk wé duruk!”

            Sora jalma sakomplék teu eureun meupeus peuting.Sababaraha jalma najongan, ngaleyekan.Dihudangkeun, dijenggut.Diteunggeulan.Dihudangkeun, dikekenyang.Diteunggeulan deui.Nu séjénna nénggoran batu kana sirah.Kana angen. Nyeri Icih. Nyeri. Jalma beuki lila beuki loba. Uing teu walakaya.Biwir hésé nyarita.

“Bukkk!!!”

Poék.Jol Si Bapa ngaheruk.

“Bukkkk!!!”

Mongkléng.Jol Icih ngagukguk.

“Bukk..bukkk..!!”

Dunya sarwa hideung.

 

*) ADANG, 23 TAUN. DAGANG ASONGAN

            Uing ngaléngkah teu leumpang.Kebat teu keupat.Muru si Boim nu keur dikakaya ku warga.Beungeut si Boim ngagurilap.Getih nu mulas beungeutna mencarkeun cahya bulan purnama.Dina pipina narapel keusik jeung karikil.Bajuna leupas, Saroéh.Si boim ngalempréh.

“Hampura Im. Hampura..” cék Uing bari leos.

Sora-sora éta teu eureun tinggorowok. Duruk! Paéhan! Taranjangan! Nu séjén beuki maceuh.Nu ukur lalajomilu riweuh.Ibu-ibu narutupan biwir.Barudak narutupan panon.

***

            Geus liwat ti saminggu, Uing nyerahkeun diri ka kantor pulisi. Uing teu kuat dikukuntit ku rasa salah.Almarhum si Boim, maot disiksa warga alatan kalakuan uing.Uing ngaku yén uing nu maling harita, lain si Boim.Si Boim mah ngan ukur pipilueun.Uing nu mawa, Uing ngajak.Milu gé alatan hayoh diolo.

Uing gé nyaho si Boim butuheun duit gedé.Keur meuli ubar Bapana.Na rék meunang timana atuh Im?Bati ngamén mah teu sapira.Moal kabeuli kana ubar-ubar acan. Katambah si Icih kapan hayangeun dikawin lin? Rék néang gawé dimana?Ijazah gé kapan teu boga.Boro-boro baheula uing jeung manéhna bisa sakola.Dahar gé sakapeung biheung manggih.Enya.Sakola mana nu daék narima uing jeung manéhna harita.Nya saha jalmana nu rék haat nanggung biayana? Kapala Désa? Walikota?Bupati?Presiden?Tai ucinglah.

Manéhna kungsi nolak harita, tapi uing keukeuh mamaksa.Pamajikan uing si Tina rék ngajuru.Kapan biaya ngajuru téh teu murah.Rumahsakit mana nu daékeun garatis?Kapan si Boim gé nyahoeun, bapana teu bisa asup rumahsakit lantaran jalma teu boga.Naha enya Boim téga kitu ningali pamajikan uing ngajuru di imah?Nya saha atuh nu rék mantuan ngajuruna?Leuheung mun bisa.Mun teu kaluar-kaluar kumaha?Mun pendarahan kumaha?Mun pamajikan uing maot kumaha?Orok uing maot kumaha?Antukna si Boim daékeun.Puguh atuh.Sobat ti leuleutik.Moal enya ari teu daékeun mantuan mah.

Sugan téa ku nyerahkeun diri ka pulisi téh bakal tingtrim.Da henteu atuh.Pasualan teu eureun semet dieu.Dina sidang, uing ngan meunang vonis hukuman panjara opat taun.Teu sarua jeung nu dipakahayang. Uing sababaraha kali ménta hukum mati .Tapi hakim teu mikeun waé.Da enya atuh, hirup gé taya gunana.Ayeuna sakabéh nu dilembur pasti rujiteun ka uing. Si Bapa, si Icih, komo si Tina mah. Kamana atuh engké uing mun geus bebas ti panjara?Saban peuting uing teu bisa saré.Bijil si Boim. Si Bapa. Si Icih. Si Tina. Rumahsakit.Sakola jeung biaya. Gusti..naha uing bet kieu lalakonna?

***

Opat taun nu ngembat jeung karasa beurat geus liwat. Uing Tobat. Uing rajin Solat. Tapi ieu lain rék nyaritakeun lalakon uing. Heueuh. Si Bapa. Bapana si Boim.

Sanggeus kaluar ti panjara, Uing manggih kahirupan nu anyar.Purah jaga masigit. Si Tina? Pamajikan?Teuing dimana.Panungtungan panggih téh pas uing dipanjara wé, manéhna datang mawa orok uing jeung salakina nu anyar. Keun baé!

Uing jadi purah ngajagaan masigit.Tapi geuning hirup séhat nu teu karasa ni’mat.Saban poé; saban isuk, saban soré, saban peuting uing ditutur-tutur ku bapana si Boim.Kamana baé.Ti masigit ka kebon.Ti kebon ka pasar.Bapa si Boim aya.Najan rada anggang.Béh ditu tuh.Peuntaseun Uing. Teu, teu daék kukumaha. Ukur nangtung bari mencrong ka Uing. Panonna beureum, hurung.Enya, Uing nyaho.Manéhna kanyenyerian.Puguh atuh, budak sasiki-sikina maot alatan uing.Uing hayang ménta pangampura.Tapi rék kumaha?Manéhna siga nu embungeun nyarita.Unggal rék disampeurkeun, manéhna leos, duka kamana. Kitu jeung kitu saban poé.Nepi ka peuting ieu.Uing didieu.Di sisi jandéla.Bapana si Boim diditu. Katempo tina jandéla, Dihareupeun masigit.

Mun kieu waé mah, Uing moal tingtrim.Uing kudu nganggeuskeun ieu lalakon.Uing teu kuat.Teu kuat tuluy-tuluyan diuudag ku rasa salah.Tuluy diuudag ku bapana si Boim.Enya.Mending paéh.Eta sigana kahayang bapa si Boim téh. Uing Paéh! Moal heueuh atuh ari uing paéh mah manéhna nunutur kénéh waé mah.Kapan punah mun uing paéh gé. Tapi..kumaha mun manéhna engké paéh? Atuh panggih deui di sawarga téh.Jaba meureum moal aya manéhna wungkul, si Boim, almarhum. Lah! Angger moal tingtrim hirup uing.Leng. Nempo kaluar tina jandéla. Jentul deui.

Uing kudu ka naraka! Kapan enya, saha nu hayang ka naraka? Euweuh! Kabéh gé paheula-heula hayang ka sawarga.Kitu deui bapana si Boim.Hayangeun ka sawarga moal henteu.

Rét ka jandéla.Bapa si Boim masih kénéh ngabedega.Uing neueulkeuntungtung péso ka beheung sorangan.Bapa si Boim katingali gogodeg.

“Sreeeeet!”Uing mesét beheung sorangan.Tingbelesat beungeut si Tina seuri.Si Boim seuri.Si Icih seuri.

“Puas Pa? Puas?Yeuh saksian Uing paéh. Ieu nu ku Bapa dipikahayang téh lin? Punah Pa, Punah. Geus tong nunutur waé. Hampura uing, Pa! hampura..”

Cék Haji Asép, nu pasti ka naraka jeung moal ditarima di sawarga mah nyaéta jalma nu bunuh diri.

Saméméh dunya poék mongkléng. Uing nempo Bapa Boim milu mesét beuheungna sorangan bari tuluy seuri. Reup Poék.****

 

*) Rizky Prasasti Anwari
Mahasiswa UPI Bandung
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: