• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Hayati

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook

  SMS ti lembur. Dulur ngabejaan, Hayati maot tadi subuh. Hate ngaleketey. Lalaunan ngucapkeun istirja “Innalillahi wa inna ilaihi roji’un”.Dituluykeun ku  ngadu’akeun sangkan almarhumah ditarima iman,Islam jeung amal solehna,dihampura dosa-dosana. Allohumaghfirlaha warhamha wa afihu wa’fuanha wa akrim nuzulaha.

  Meneran keur hujan ngaririncik Hayati maot teh.Hujan pabaru.  Kawas nu ngahirupkeun manginget ka mangsa lima puluh lima taun ka tukang. Pan mimiti boga rasa sejen ka Hayati teh, harita keur usum hujan pabaru. Geus lawas kabina-bina. Tapi bet ngadadak asa cikeneh pisan.

  Keur budak mah, usum hujan teuing ku resep. Lantaran sagala tutuwuhan jaradi sorangan. Pangpangna suung. Lamun peuting kamari hujan, isukna henteu, heg rabeng siraru. Ĕta pertanda suung bakal ngaleuya di kebon, di pipir imah, atawa di mana baé nu sakira nyangkewok rada hieum. Patempatan nu pikabetaheun rinyuh. Sabab cenah, ceuk dongéng, suung, siraru jeung rinyuh teh masih kénéh sakaruhun. Siraru bijil tina sayang rinyuh. Suung jadi dina taneuh riduh nu sok disorang ku rinyuh.

  Usum hujan disebut pabaru. Pabaru walanda jeung pabaru cina. Pabaru Walanda leuwih ti heula. Bulan Désémber jeung Januari. Hujan ngecrek. Disambung ku pabaru Cina, bulan Pebruari. Hujan miripis dibarung ku angin. Aya angin ngagelebug. Aya angin leuleuy.

  Angin leuleuy ieu pertanda bakal réa suung.

   Sabot ngaji di masjid, dicaangan ku lampu téplok, brul siraru areunteup kana semprong. Sawaréh rapluk maruragan. Sawareh tingkarayap. Caroplok jangjang. Budak nu geus rada hideng jeung ludeungan mah, sok nyusud tempat bijilna siraru. Biasana tina taneuh nu hieum ku tatangkalan. Bangsa dapuran honjé atawa konéng. Heg dicirian. Isukna, subuh-subuh ditéang. Di dinya geus nyampak suung badag. Suung bulan atawa suung kotok. Aya ogé suung rampak nu mayak aya puluhna.

  Nu teu boga ceungceuman mah, isuk-isuk ngasruk ka kebon. Tumpa-tempo kana sakur dapuran tatangkalan. Aya meneran. Aya lapur. Tapi tara poos-poos teuing. Sakalieun deungeun sangu sasarap méméh indit sakola mah, sok aya waé.Ditumis garing. Dipaké marengan sangu sangray.

   Di tempat néangan suung, mimiti gok béda rasa ka Hayati téh. Padahal wawuh ti baréto ogé. Salembur. Sasakola. Ngan béda dua kelas sahandapeun. Manéhna kelas opat.

   Keur mapay dapuran honjé tonggoheun imah, nempoan suung. Manggih dua. Gancang diala. Sabot dongko, kadéngé aya nu ngeteyep tukangeun. Hég ngagebah :

   “Hoyah !”cenah. Dilieuk, Hayati. Ngélék ayakan dieusi suung paré sababaraha siki. Buukna diuntun dua. Maké baju daster rada gombrang, rada kuleuheu. Lungsuran ti lanceukna, kawasna.

   Barang apaleun lain Maman, babaturanana sakelas, Hayati ngagoak. Beungeutna nyiak beureum. 

   “Aduh sugan téh Maman....”leungeun kencana nungkup baham.

   “Ari pék lain Maman....”ditémbalan semu digonjak.

   “Aduuh, hampura...”sorana ngadarégdég.Reuwas jeung éra meureun.

   “Moal, moal dihampura...lamun teu digebah deui,”bet hayang tuluy ngaheureuyan.

   “Ah, Cécép mah....”leungeunna ngutek-ngutek sisi ayakan. Ramo sukuna nu ramiping ku taneuh, diutek-utek deuih.

   “Hutang gebah, kudu bayar gebah. Daék ?”

   “Ah, Cécép mah....hampura wé abi. Sugan téh Maman....”

    Ujug-ujug rey aya perasaan séjén. Satengahing jemplingna suasana kebon isuk-isuk. Rada poék ku pepedut. Nepi ka manuk oge tacan kadéngé récét. Nenjo beungeut Hayati bet asa geulis. Atawa memang geulis budak téh kitu? Da sapopoé panggih di sakola asa biasa-biasa baé. Sarua jeung batur-batur sakelasna : Aminah, Utik, Samroh, jeung sajabana nu sok kapanggih reureujeungan.

   “Gantian wé ku suung, buruh digebah téh,”diheureuyan deui.

   “Tuh, karék aya suung paré lima siki.Cécép onaman geus meunang suung bulan,”témbalna rada teteg.

   “Hayu ka béh tonggoh sugan meunang suung rampak. Mun panggih Hayati, kadieukeun paké naur digebah tadi.”

   Taktakna ngaranjug tanda teu panuju. Tapi karérét biwirna ngerendu. Nahan lucu.

   Tuluy patutur-tutur, hanjat kana séngkédan. Nyuay-nyuay pelak wijén nu geus gomplok daunan.

    “Dok suung bulan ! Nu abi, nu abi, dok”Hayati ngagéréwék. Ngagajleng ka lebah rungkun saliara. Ĕnya wae aya suung bulan dua.Sagedé-gedé piring. Tadi mah ngarérét ka dinya, teu nempo  nanaon.

   “Kop milik Hayati, suung bulan dua. Ngan kudu dipaké naur hutang digebah téa.”

    Manéhna ngukey ngali suung. Geus beunang duanana, sok kana ayakan.

    “Ké wé ari manggih suung kotok mayar hutang ngagebah mah,”Hayati ngadilak.” Tuh dina hunyudan runtah béh ditu sok aya suung kotok, geura.”

    Ditéang euweuh nanaon.

    Barang kadéngé saeran disada detciprut, ngadadak inget kudu geus balik. Kudu gesat-gesut mandi jeung dangdan ka sakola.

   “Bisi kabeurangan sakola ah !”gancang mudun. Hayati nuturkeun ti tukang.

   Di jalan désa, misah. Méméh ngaléos ka beulah kulon, Hayati nyarita laun :

   “Hampura, nya Cécép.  Aay ngagebah tadi,sugan téh Maman pédah sarua kaos belang...”

   “Dihampura asal mayar ku suung,”diheureuyan deui. Bari rada nyeblak ngadéngé manéhna nyebut ngaran  “Aay”. Asa beda karasana  jeung “Hayati”. Atawa “Yati” upamana.

   “Enya engké ku suung kotok. Suung bulan mah pesenan Aceuk, keur nyiram nya !”Hayati kerendu deui imut .Neuteup sakedapan. Luk tungkul. Tuluy malik.Mangprét lumpat ka imahna di béh kulon.

   Sasarap rusuh. Tumis suung bet teu mirasa. Pangpangna asa kaséréd ku golak haté. Hayang geura miang ka sakola. Hayang melong Hayati.

   Sapoe éta diajar teu pati bener. Pipikiran ngalayang ka kebon, kana suung teanganeun, ka Hayati nu ngagebah. Ka Hayati nu kaéraan. Ka Hayati nu daékeun diheureuyan kudu mayar hutang ku suung. Nepi ka jangji rék mayar ku suung kotok.

   Ieu nu disebut cinta munggaran téh? Cinta budak nu dadak-dadakan?

   Basa rék asup ka kelas,panon ngulincer ka kelas opat. Néangan Hayati. Aya tuh keur baris, tukangeun Aminah. Dipelong rada lila. Tapi teu ngalieuk. Jongjon we tungkul dina barisan. Basa istirahat, dipapay ka tempat barudak awéwé békles di lulurung deukeut gudang, teu katempo. Témpo balik, dikulincer deui teu kapanggih. Naha ka mana?

   Meunang béja isukna. Ti Iti, batur sabangkuna. Cenah, Hayati jam sapuluh balik. Ngadadak rieut jeung panas tiris.

   Paingan tadi rebun-rebun, teu kapanggih néangan suung ka kebon. Boro rék ditagih suung kotok téa. Atuh néangan suung gé teu husu nyorangan mah. Henteu sumanget pédah euweuh Hayati. Padahal saméméh aya ngagebah ogé, néangan suung téh sok sorangan. Malah embung aya batur. Sieun kasoro milik. Sieun panon batur leuwih awas. Kawas Hayati mangkukna, manggih suung bulan sadua-dua dina tempat nu kungsi dipelongan.

  Kawasna Hayati kateterusan geringna. Diitung-itung, geus saminggu leuwih teu asup. Geus saminggu leuwih teu papanggih di kebon, néangan suung.

  Malah terus sabulan ambleng. Na ka mana? Rék maluruh, maluruh ka saha?Ĕra sieun pajar itu pajar ieu. Padahal enya asa kaleungitan. Pundung kitu pédah dikudukeun mayar dosa ngagebah ku suung kotok.

  Pabaru geus arék béak. Suung gé réngrép. Geus tara aya nu ka kebon rebun-rebun. Tapi hujan mah aya kénéh. Selang-seling. Hujan dangdangrat. Mun geus raat pisan, biasana maju ka usum hahajatan.

   Harita geus aya haneut-haneut béja nu rék hajat. Mang Mirta, urang kulon rék ngawinkeun. Ngawinkeun saha? Da sakaterang, anak-anakna nu awéwé geus karawin kabéh. Kari Hayati, nu masih kénéh kelas opat sakola rayat.

   Piraku Hayati rék dikawinkeun onaman.

   “Enya,Hayati rék kawin, minggu hareup,”ceuk Aminah, baturna téa nu ngahaja ditanya ka mana ka manana Hayati tara sakola.

   “Kutan?”reuwas pohara ngadéngé béja kitu téh.

   “Enya ka tukang domba urang Ciuyah.”

   “Mang Dirman?”lahlahan neguh. Sabab sakanyaho nu sok jual-beuli domba urang Ciuyah mah, Dirman. Nu beungeutna rada garok tapak cacar. Geus boga anak pamajikan.

   “Enya éta,”Aminah teu kebat ngajawab.Kaburu ngabecir ka kelasna, digeroan ku batur-baturna.

   Handeueul kabina-bina. Karék gé wawuh, karék gé boga téténjoan, ukur sakakalina. Les moal kapanggih deui. Dikawin batur.Abong kalumrahan di lembur jaman harita. Awéwé dikawinkeun barudak kénéh.

   Teu tatanggapan nanaon, kawinna Hayati téh. Ukur ngabagi idangan ka unggal imah. Biasana idangan laukna kéré mujaér, ngalengkepan tuhar-taheur téh . Ieu mah daging sagéréntél. Teuing daging domba teuing daging embé. Pédah pisalakieun Hayati bandar domba meureun.

  Piisukaneun Hayati dirapalan, keur istirahat Aminah nyampeurkeun ka kelas.Mikeun kertas salambar ditilep-tilep.

  “Ti Hayati,”cenah semu ngaharéwos jeung rada culang-cileung. 

 Gancang ditampanan. Dibuka tukangeun panto. Dieusiaksara rugal-rigel. Tulisan  budak kelas opat nu teu tamat. Unina :

  “Cécép, hampura nya, Aay teu kaburu naur hutang ku suung kotok.”

  Aminah nu geus malik leumpang ka kelasna, digeroan. Diajak ngomong lalaunan :

   “Omat pangbéjakeun ka Hayati, suung kotok tong diinget-inget. Hutang lunas, kituh.”

  “Suung kotok naon? Hutang naon?”Aminah molohok.

  “Lah teu perlu nyaho. Pokona omongkeun wé ka Hayati ayeuna. Isuk mah bisi kaburu riweuh dirapalan, nya?”

  Aminah unggeuk bari ngahuleng teu ngarti. Léos ka kelasna.

 Ti pabaru ka pabaru, terus kalarung nuturkeun waktu. Sapabaru, jangkep  sataun, teu karasa. Sakola ge geus pindah ka SMP. Tara kaburu néangan suung unggal isuk.Ari meneran poé Ahad wé atawa peré. Ongkoh teu sumanget rék lunta ka kebon isuk-isuk jejeblogan. Teuing ngarasa géngsi, pédah geus murid SMP, hiji-hijina di salembur. Duka pédah moal aya nu ngagebah kawas sataun ka tukang.

   Rék indit sakola, nénjo buah manalika asak dina tangkalna di buruan. Gancang diala. Teu ditunda ka imah. Dibawa wé. Angkanan purakeun bari leumpang di jalan.

   Lebah tanjakan ka jalan kabupatén gok jeung Hayati. Turun tina sado. Tas ti pasar jigana. Da ngajingjing balanjaan.

   “Bagéa,Cécép. Mani langka katingali geus di SMP mah. Sok néangan suung kénéh?”Hayati miheulaan nyarita. Bet aga-eugeu rék nembalan téh. Ngadon song ngasongkeun buah manalika. Hayati rikat nampanan.

   “Nuhun, Cécép. Rejeki Si Utun Inji. Ti  kamari uruy hayang bubuahan,”cék Hayati deui némbongkeun kabungah.

   Teu némbalan. Teu nyarita sakemék. Léngkah digancangan, bari ngageroan tukang sado ménta didagoan.

   Teu hayang ngarérét deuih. Sieun itu pareng ngarérét. Hoream paadu teuteup mun enya mah papada ngarérét.

   Nyiram cenah, dédéngéan tadi. Mana kitu gé rumah tanggana jeung Dirman bandar domba lulus banglus.

   Lat poho ka Hayati, sanggeus asup SMA di kota kabupatén. Indekos.Balik dua minggu atawa sabulan sakali. Campleng tilu  taun, ka lembu téh ukur saliwat-saliwat . Balik Saptu, indit deui Ahad. Usum peré, dipake ngablu ka mana wé sakahayang. Nuturkeun kareta-api. Ti Garut ka Cikajang, isuk-isuk. Mulang pasosoré. Ti Garut ka Cibatu. Terus megat karera api nu ka Bandung atawa ka Banjar. Kuma karep baé. Atawa kumpul jeung babaturan nu araya di kota. Latihan drama, musik jeung ngalukis.

   Mun teu kapegat ku lulus ujian, jeung hayang neruskeun ka paguron luhur mah, moal teuing balik.

   Tapi pan perlu waléh ka kolot, sarta ngabadamikeun waragad lamun kaparengkeun laksana kuliah.

   Unggal sasarap isuk-isuk, sok ménta sangu sangray kabiasaan baréto keur budak. Ku ema sok digugu.

   “Hanjakal tara aya tumis suung ayeuna mah,”semu rada ngaweweléh ka indung nu geus haat mangnyangraykeun sangu. Kupah-kepoh niupan seuneu ku songsong awi.

   “Suung di mana Cécép.Kebonna gé ayeuna mah apan geus digemuk ku uréa, ku NPK. Tara aya suung deui. Béda jeung baréto.Jaman gemuk kandang, gemuk kolong, kompos. Tanah kebon téh riduh. Pikabetaheun suung jaradi.Dina ayana gé suung, kudu neangan ka ditu ka kebon di pasir nu jarauh ,”témbal éma.

   Isukna,isuk-isuk aya nu pupuntenan ka dapur. Dipapag ku ema Kadéngé guntreng sakeudeung.

   “Cécép !”ema ngageroan. “Ieu aya nu rék ka Cécép.”

   “Kulan !”buku nu keur dibaca geuwat ditunda. Rusuh nyampeurkeun.”Aya naon?”

   “Ieu Nyi Patmah rék ka Cécép, cenah,”ema nuduhkeun.

   Barang gok, budak awéwé sapuluh taunan, ngélék ayakan leutik dituruban daun cau. Nungtun budak umur opat taunan.

   “Aya naon kitu?”gancang ditalék.

   “Mang Cécép, abi dipiwarang ku Bi Aay, nyanggakeun suung kotok,”Nyi Patmah ngasongkeun ayakan leutik, Pinuh ku suung kotok rada galedé.

   “Geuning? Bi Aay Hayati?”

   Budak unggeuk. Nu leutikna mureleng neuteup.

   “Ari ieu saha?”leungeun ngusap sirah budak, nu tuluy murangkél kana leungeun Nyi Patmah. Nyumputkeun beungeut. Aha ihi rék ceurik.

   “Putra Bi Aay”

   Ayakan ditarima. Eusina dieurihkeun kana baskom. Ayakanana dibikeun deui ka Nyi Patmah bari nyarita :

   “Nuhun kituh ka bibi, nya?”

   Nyi Patma unggeuk. Tuluy mangku budak. Léos indit sanggeus pamitan.

   “Tah geuning aya nu ngirim suung. Isukan urang tumis garing keur deungeun sangu sangray,”sora ema muyarkeumn lamunan. Pipikiran keur mapantes. Meureun ieu suung kotok téh pamayar hutang Hayati pédah ngagebah.

   “Ari anakna nu tadi,moal salah nu basa keur indungna nyiram dibéré manalika asak téa.”

   Enya umur jeung mangsa teu karasa. Asa cikénéh pabaru. Sok mulung suung ka kebon. Tepung sakolébat jeung Hayati. Miara rasa nu teuing kumaha. Miara ingetan nu terus nganteng.Malah manjang nepi ka kolot. Ceuk dulur-dulur di lembur,Hayati sok getén barangkirim ka ema. Aya lalab,aya beubeutian. Malah ari usum suung mah sok ngahajakeun pisan . Duka meunang néangan ti mana,jeung saha nu néanganana.Apan di kebon deukeut lembur mah geus langka.Kudu ka ditu ngahajakeun ka pasir atawa tetelar suku gunung nu jauh. Piraku ari salakina mah, ngahagalkeun.Hég suungna dibikeun ka batur.Moal mungkin.

    Keur ema jumeneng, kituna téh. Ari sakalieun balik, ema sok sasauran :

    “Mangkukna mah Nyi Aay ngirim suung saayakan. Suung bulan, suung kotok, suung rampak.Suung paré gé aya cenah, ngan éra mikeunna pédah laleutik. Sok aya émbohna, cenah,sugan wé katuang ku Cécép. Ceuk ema téh, ah Cécép mah biheung iraha ka deiuna.Sibuk kuliah jeung gawé. Sok katingal nguyung ari dikitukeun teh. Naha kungsi pakait batin kitu Cécép jeung Nyi Aay téh?”

   Teu ditembalan. Cukup ku gideug wé. Atuh ka Hayati tara pangangguran nepungan deuih. Bisi matak ngabarubahkeun.Malum di pilemburan nu kuat kénéh nyekel tarali paranti agama jeung darigama. Pisakumahaeun matak guyurna aya awéwé boga salaki dianjangan lalaki séjén.Komo lalaki nu keur budakna kungsi boga sakolébat rasa nu teu kebat. Teu puguh alang-ujurna.

  Ayeuna Hayati geus puput umur. Teu sangka.Abong ajal mah rasiah maha rasiah. Sanajan  sahandapeun,geus nepi kana titis tulis mah, teu bisa mondah. Jodo,pati, bagja,cilaka, éta geus aya aturanana ti lohmafud.

  “Aay,baréto Aay miheulaan kawin.Ayeuna Aay miheulaan mulang ka kalanggengan, “nyarita kedal tina rasa ngarakacak. Ras kana haatna mayar hutang kasalahan ngagebah,ku suung kotok. Kana tumarimana basa keur nyiram diberé manalika asak.

    Hayati, Hayati.***  

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (7)

Endang S

Kagagas nyawang mangsa keur budak,da geuning ampir sami tah carios teh,nu benten cukang lantaranana,Ngan ayeuna manehna duka dimana,teuterang laratanana

Hasan Basyari Hamami

Hatur nuhun. Hiji carios nu munel pisan. matak waas,nyorang alam katukang.

sukanda

aduh mani kang haji, eta carios teh meni nyeletit kana ati. Margi pribados oge sami ngaraosan siga kitu, nanging tilas kabogoh alit abdimah heunteu ari dugi kapupus mah. Malahan sae teu kirang sawios wios, Hanjakal maos ieucarpon. Kanggo landongna mah kang haji kedah ngadamel carpon anu lucu nyaetang etang naghibur pribados kulan

eri gunawan

sae pisan kang haji carpon teh, mirasa. Kantos mendakan carpon kieu teh karangan alm mang olla s -- judulna budak ceurik upami teu lepat mah. "trully love never die" saur urang bule mah :).

Kusna

tah eta lah, nineung ka kang Usep teh, nineung oge kana lalakon mangsa keur budak

ajat sudrajat

Sae Kang Haji Usep, carios ieu mirip sareng pangalaman simkuring jaman di SD kapungkur, SD Karangampel wewengkon Ciamis kidul, kirang-langkung tilu taun kapengker, kikindeuwan jaman keur budak teh tos mulih ka jati mulang ka asal, mugia Alloh SWT maparin rohmat kubur, ngahapunten kana dosa sareng kalepatanana.

komara

Sae pisan, carpon nu basajan tapi pinuh ku rasa nu saestuna. Asih nu teu kungsi nyanding, kanyaah nu teu kasorang, geter deudeuh nu nganteng pageuh.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: