• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ngajaga Sunda
Ulah Leungit di Brebes

Kénging Ayie Sundana
Kintun kana Facebook
Mangle
Distam (Kepala Sakola) sareng rengrengan guru SDN di Brebes [Potrét/Ilustasi: ayi]

Basa Sunda lir anak teré. Taya nu ngurusna kalayan daria. Diajarkeun di sakola gé, éstu lantaran kanyaah masarakat jeung para guru. Kitu nu kalamana ku urang Sunda nu dumuk di Brebes, Jawa Tengah. ***

Naon istimewana guru ngahaleuangkeun guguritan Laut Kidul? Apan guru mah kudu loba kabisa kaasup mampuh ngahaleungkeun pupuh. Ngan, upama éta Dangdanggula téh dihaleuangkeun dina masamoan paraguru basa Jawa di Semarang, Jawa  Tengah, tangtu wé, lain jadi kajadian anu langka.

Saha nu ngahaleungna? Taya lian ti Cartono, guru SD Negeri Buara 05 Petanggungan, Brebes, Jawa Timur. “Bongan atuda, basa Sunda dianggap euwueh, dianggap teu penting diajarkeun di sakola,” pokna sumanget naker.

Harita, mémang acara madungdengkeun basa Indung. Nya, tangtu wé nu disebut basa Indung ku urang Jawa Tengah mah basa Jawa. Atuh, sakola-sakola nu aya di Propinsi Jawa Tengah kakeunaan ku ‘kawajiban’ ngajarkeun basa Jawa ka barudak di sabab tempat nu kawengku ku éta propinsi.

Harita, dina waktuna nepikeun pamanggih, angen-angen nu dikemu Cartono téh bedah!  Nu kedal munggaran haleuangna pupuh dangdanggula Laut Kidul. Saterusna, ditungtungan ku nétélakeun kaayan lingkungan sakola nu nyata-nyata urang Sunda nu maraké basa Indung basa Sunda. Pamustunganana,  saran éta guru téh jadi tinimbangan keur nu nangtukeun kawijakan di tingkat propinsi.

 

Miang tina Kareueus

Upama Tjartono boga kaludeung nepikeun pamadegan, bisa jadi lantaran ngarasa reueus ku budayana. Inyana mah, teu sing ngarasa leutik burih najan aya di tengah-tengah nu béda budaya gé. “Karuhun urang téh pikareueuseun,” pokna basa ngobrol di sakolana. Ngawangkong téh dijejeran ku Kepala SD Buara 05 oge ku Distam, guru SD Negeri Buara 04.

Cartono nu sohor ‘loba dongéngna’, capétang naker medar carita-carita nu tumali jeung urang Sunda di éta wewengkon téh. Rupa-rupa lembur, gunung, jeung patempatan séjénna, boga ‘kaol’ masing-masing nu umumna tumali jeung kadigjayaan karuhun Sunda di éta tempat.

Ngaliwatan dongéng nu didongéngkeun deui, jadi panyambung kanyaah ka sarakan. Ku cara kitu barudak kiwari gé arapaleun kénéh kana dongéng-dongéng karuhunna mah, lantaran didongéngkeun ku kolot-kolot saperti Cartono, Wisjan, Distam, jeung sajabana.

Keur para guru urang Sunda nu aya di éta tempat, teu sing ngarasa di lembur batur. Da, puguh ti baheula mula gé geus jadi urang dinya. Malah, anggapanana gé, lembur Sunda téh, lain ukur semet Cipamali (walungan) nu caritana nyambung jeung lalakon Ciung Wanara, tapi leuwih jauh deui meuntasan walungan nepi ka suku Gunung Cireméy.

Urang Sunda di Brebes sumebar di dalapan kacamatan, ti antara tujuh welas kacamatan nu aya di eta kabupaten. Ngan, cenah, memang di nu dalapan kacamatan téh, sawaréh mah pacampur jeung urang Jawa.

Tapak lacak ngaran Sunda, lain ukur sumebar di dalapan kacamatan téa, tapi deuih di wewengkon séjén. Ngan, cenah, aya nu robah sora. Di antarana waé, aya Ciduwet, Cimohong, Cigentong, Ciasem, Luwung Gede, Cipelen, jeung Siwaluh. Ceuk urang dinya mah, Siwaluh teh bisa jadi asalna mah Ciwaluh. Robahna ci- jadi si- apan saperti sesebutan ka Ciung Wanara, dina buku Babad Tanah Jawi mah, disebutna gé Siyung Wanara.

Mekarna budaya, moal leupas tina pangaruh kakawasaan. Saperti robahna ngaran tempat gé kitu. Remen kasaksén jeung kabandungan di saban tempat. Saperti Sundakalapa, apan diganti jadi Jakarta atawa kungsi katelah Batawi. Di wewengkon Brebes gé, aya ngaran nu robah kawas kitu, saperti Banjar Harja, apa kadieunakeun mah disebutna téh Banjar Harjo. “Upama ukur ngunikeun harja jadi harjo mah, teu masalah, ngan ulah nepi ka robah dina tulisan wé atuh,” ceuk Distam mairan.

 

Nyumput Buni

Basa Mangle ngalanglang sababaraha sakola nu cenah ngajarkeun basa Sunda ka barudakna, kungsi papanggihan anu beda.  Gampang apan nitenan pangajaran nu diajarkeun di sakola mah, kari ngilikan jadwal pangajaranana we. Saperti nu kapanggih di SD Buara, geuning nu jinek tulisanana dina jadwal pangajran mah basa Jawa. “Upami dina jadwal mah memang kitu, diserat basa Jawa tapi nu diajarkeun mah basa Sunda,” ceuk Distam.

Nu kawas kitu, oge kasaksen di sakola-sakola sejenna. Najan basa Indung nu diajarkeunana basa Sunda, dina ajdwal mah basa Jawa. Kitu teh ngindung kana katangtuan nu ilahar di Jawa Tengah. Para guru kelas ge samiuk, ngajarkeun basa Sunda, da memang barudak nu sarakola di dinya mah barudak Sunda atuh guru-guruna lolobana mah asalna ti Sunda.

Pangajaran nu ‘nyamuni’ kitu, lain taya pasualan. Apan, kungsi dina hiji waktu mah, rék nuliskeun peunteun basa Sunda dina rapot barudak gé teu gampang, da puguh taya jadwalna téa. Ngan, saterusna para guru badami tur nepikeun pasulan ka ‘nu ngageugeuh’ kawijakan atikan di Brebes. Antukna, peunteun basa Sunda meunang ditulis dina rapot

Plong pasualan kitu, aya deui masalah. Da, bahan ajar mah teu sadia. Nya kapaksa wé, pihak guru nu kudu satékah polah nyumponan bubutuh pangajaran basa Sunda téh. “Ngumaha wé ka urang Bandung,” ceuk Distam. Maksudna, naon waé pangajaran basa Sunda nu dipaké di Jawa Barat, bisa dipaké di  Brebes.

Pangajaran basa Sunda, mémang lir anak téré di Jawa Tengah mah. Da, mémang kitu kawijakana pamarentah daerah mah, teu ngabeda-beda basa daerah, nu  puguh aturanana téh pangajaran basa Jawa wé. Atuh, kahéngkéran séjén, ceuk Distam mah, pangajaran basa Sunda ngan ukur di SD wungkul. Ari di SMP mah, barudak gé dilajar basa Jawa, najan éta sakola téh ayana di lingkungan masarakat nu maraké basa Sunda.

Kawijakan pamarentah Jawa Tengah, mémang teu saperti di Jawa Barat. Di tatar Sunda mah, apan nu dianggap basa Indung (basa daerah), lain ukur basa Sunda, tapi deui Malayu Batawi jeung basa Cirebon. Ku cara kitu, pangajaran basa daerah téh boga payung hukum anu jinek.

Kalungguhan pangajaran basa Sunda saperti kitu, jadi kaprihatinan sakumna guru. Untungna, najan tacan aya payung hukum anu jinek, ka dieunakeun mah, ngajarkeun basa Sunda téh teu kudu hangham jeung hariwang. Pasalna, apan geus ‘kamaphum’ ku pihak pajabat Dinas Pendidikan Kabupaten Brebes. Malah, Pa Kadis gé kacida ngahucukeunana kana pangajaran basa daerah Sunda téh. “Basa daerah nu diajarkeun kedah luyu sareng lingkungan masarakatna,” ceuk Dr. Tachroni, M.Pd., Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Brebes, Jawa Tengah.

 

Ngajurung Ludeung

Umumna ngaran patempatan, di wewengkon masarakat Sunda nu aya di Brebes mah, boga salsilahna. Ngaran-ngaran saperti  Buara, Gunung Kumbang, Panenjoan, Gunung Hawuk, jeung sajabana, boga lalakon masing-masing.

Saperti ceuk ujaring carita, di salah sahiji tempat nu kabawa ku Desa Buara, nu teu jauh ti Gunung Hawuk, baheula aya lembur nu kiwari mah tilem. Ngan,  ku nu kawénéhan mah, sok kadéngé sora beretekna kuda atawa nang-neng-nongna sora gamelan. Saperti nu dicaritakeun ku Cartono, éta kuda jeung gamelan teh jolna ti lembur nu tilem téa.

Tah, kumaha lalakonna? Baheula, waktu rek kariaan, urang Buara téh nginjeum gamelan ti urang Cibingbin, hiji lembur nu anggang ti Buara. Nu diinjeuman, waléh daék mikeun, atuh bring wé urang Buara téh nginjeum gamelan sapuratina. Enya, wé dipaké pesta raraméan nyukakeun masarakat sabuderuen éta tempat.

Réngsé pesta, gamelan téh teu ujug-ujug dipulangkeun. Diantep wé nepi ka waktuna nu bogana nyokot lantaran butuheun. Ngan, tampala daék ka mulangkeun, dalah dicokot gé teu dibikeun. Sakali dua kali nyokot, sabar kénéh. Tapi, antukna mah béak kasabaran. Gamelan dipaksa dicokot, tetep teu dibikeun kénéh.

Ku lantaran pakeukeuh-keukeuh, kuekeuh nu nyokot keukeueh nu teu mikeun, antukna mah jadi bendeng, kalayan urang Cibingbin ngajorag urang Buara. Méméh kajadian perang, para sesepuh nu luhung élmuna metakeun rupa-rupa tarékah. Méméh musuh nepi ka lembur, nu dijorag téh matatkeun élmu, nyiptakeun sireum nu katingalina ku musuh nu rek ngajorag mah sagedé-gedé embé, sayaga ngajar ngadagoan nu datang. Nilik kana kaayaan kitu, nu sakti pihak nu ngajorag, teu éléh géléng, éta sirum téh diawuran lebu. Les wéh sireum kajajadén téh leungit! Nu tembong kari urutna, pasir ngajega nu katempona ti kajuhan mah hawuk  lir nu dibalur ku lebu.

Keur nyingkahan panarajang saterusna, pihak nu dijorag nyumputkeun lemburna. Atuh, nu ngajorag gé teu bisa manggihan éta lembur. “Ngan, sakapeung, sok aya nu kawénéhan ngadéngé sora gamelan atawa ngadéngé tok-takna sora talapok kuda,” ceuk salah saurang sesepuh urang Buara mungakas dongéngna.

Carita kawas kitu terus natrat, jadi kaagulan urang lembur. Dongéng aki dicaritakeun deui ka incuna. Kitu jeung kitu saterusna, jadi turus nyaah ka lemburna, lantaran aya generasi nu nyambungkeunana. Kétang,  karep neruskeun katineung kana budaya, lain ukur nu tumali jeung dongéng, da para guru senior saperti Distam, miharep guru-guru nu leuwih ngora, saperti Trismawan, SPd-Sd.,  nu umurna 23 taun,  boga karep ngajarkeun pangajaran basa Sunda ka murid-muridna. “Kaleresan, waktos kuliah kenging pangajaran basa Sunda,” ceuk ieu guru SDN Buara 04 lulusan Perguruan Tinggi di Cirebon téh. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Budi Hendrawan

Sae pisan... para guru di Brebes teh. Da memang urang teh kudu ngajaga ngariksa basa jeung budaya urang sorangan.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: