• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Drs. Toto Sucipto;

Miara Budaya Sunda
Malar Teu Diaku Deungeun

Kénging Ensa/Unay
Kintun kana Facebook
Mangle
Drs. Toto Sucipto, Kepala BPNB Bandung [Potrét/Ilustasi: ensa]

Teu jarang hasil karancagéan karuhun diaku dengeun. Balukarna, turunanana mah teu bisa ngalap mangpaatna. Kitu di antara jejer obrolan Mangle jeung Drs. Toto Sucipto, Kepala Balai Pelestarian Nilai Budaya  (BPNB) Bandung.

Warta-warta hasil karya bangsa diaku batur, keur Drs. Toto Sucipto mah, matak tugenah. Lantaran,cenah, hartina  bangsa urang téh masih kénéh héngkér dina miara jeung ngariksa hasil karyana. “Teu jarang,  nu enya-enya  nyiptakeunana, didakwa  ngalanggar hak cipta, lantaran eta karya leuwih tiheula dipatenkeun ku pihak sejen,” pokna.

Kajadian kitu,  kaalaman ku sababaraha urang pangrajin Bali. Nu matak nyeri haté, nu ngadakwakeunana téh bangsa deungeun, pedah pihakna leuwih heula nyiptakeun hak paténna, padahal nu saenyana lain manehna nu hak. Kitu ceuk ieu Kepala BPNB Bandung mah.

Lian ti hak cipta pribadi,  hasil karya karuhun bangsa gé remen diaku  deungeun, misalna wae, tempe, ukiran Jepara, kopi Toraja, Reog Ponorogo, Lagu Rasa Syange, jeung sajabana. “Nu sapetos kitu kedah janten conto, sarta dituturkeun ku tarekah ngungkulananan,” ceuk ieu teureuh Subang Jawa Barat téh.

Lobana hasil karya diaku deungeun, lain pasualan basajan. Lantaran, bisa jadi mamala. Apan, saperti nu kaalaman ku  salasaurang  pangarjin bali, apan dijagragkeun di pangadilan, diancam dihukum, kalayan kudu mayar  dengda nu lain sautik. “Kaayaan sapertos kitu, matak prihatin,” pokna.

Tangtu cenah, pihak-pihak nu engeuh kana pentingna budaya téh teu cicingeun. Pamaréntah  gé, apan saban  taun ngusulkeun hasil karya bangsa sangkan diaku di dunya internasional.  Ti waktu ka waktu, aya nu dipatenkeun di tingkat nasional, saperti  wayang (2003), keris (2005), batik (2009), angklung (2010), tari Saman (2011), jeung Noken (2012). Atuh dina taun 2013, Indonésia gé ngusulkeun sababara hasil karya, tapi taya nu lulus, hartina kudu ditambahan deui data-datana.

Memeh didaptarkeun di tingkat internasional,  pihak BNPB gé cumeluk sangkan masarakat ngadaptarkeun hasil karya luluhurna nu sipatna kolektif, saperti  kasenian, hasil karajinan has hiji daérah jeung sajabana. Carana, pihak BNPB ngaluarkeun pormilir, saterusna sina  dieusian ku nu ngalaporkeunana,  tangtu wé kudu dilengkepan ku data awal, saperti sajarahna ogé ahlina. Geus kitu, bakal aya nu nengetan hal-hal nu didaptarkeun téa, disusud ka lapangan. “Upama nyumponan pasaratan bakal dipaparin sertifikat  ti Kementrian Pendikan dan Kebudayaan RI,” pokna.

Lain Lulumayanan

Ceuk juru kawih cenah, budaya téh jasana  lain lumayan. Ngan, nya kitu, ceuk kepala BPNB mah, masarakat  gé loba nu teu engeuh kana budayana.  Atuh, anggapanana kana budaya ge heureut  naker, da  loba kénéh  nu boga  anggapan,  budaya téh ngan ukur kasenian. Padahal, ceuk ieu lulusan Jurusan Antropologi,   budaya téh rupa-rupa naker,  kasenian mah ukur bagian tina budaya téa. Mun diwincik deui, aya budaya nu wangunna barang,  aya oge nu mangripa palsapah, padika hirup  jeung sajabana.

Tina budaya téa, saterusna  mah loba mangpaatna.  Saperti mun éta budaya téh mangrupa hasil karancagéan masarkat,  tangtu wé, lain ukur semet pakéeun  da bisa ngadatangkeun pangasilan, jadi pangupa jiwa. Matak, teu anéh upama hasil karya téh, kacida diajénanana  jeung kacida pentingna.

Hasil karya nu diaku di tingkat  intetnasional, saperti angklung, apan ahirna mah lain ukur jadi kaagulan, da puguh muka lolongkrang usaha. Nu nyarieun angkulung bisa meunang pangasilan da éta alat-alat kasenian téh payu naker di luar nagri. “Seueur hasil karya nu ahirna mah, ngagaduhan pangaruh potsiti kanggo kamékaran ekonomi masarakatna,” ceuk ieu urang wewengkon Pantura nu  lahir taun 1965 téh.

Hasil karancagéan masarakat téh kacida lobana. Contona, nu tumali jeung kasenian, apan nyampak di saban tempat kalayan boga ciri mandiri. Nu kawas kitu, kudu gancang didaptarkeun ka  Kementrian Pendidikan dan Kebudayaan. Upama nyumponan pasaratan tangtu  bakal disahkeun pangakuanana kalayan jinek rengkolna  dina sartupikat. Geus kitu mah, jongjon lantaran moal diaku deungeun.

 

Ngajiga Malar Ngajega

Aya paribasa mun teu wanoh moal bogoh. Matak, ceuk Toto mah, penting pisan mikawanoh budaya bangsa téh sangkan tumuwuh rasa cinta jeung kareueus. “Teu reuus  téh bongan we teu apal,” pokna.

Toto mah yakin, nu napak kana budaya mah, bisa leuwih maju. Sabalikna, mun ngabaé-baé budaya sorangan, saterusna ge moal puguh sorangeunana. Matak, cenah, miara budaya téh penting pisan. “Apan ceuk kekecapan karuhun gé urang téh kudu ngajaga, ngajiga, ngajega, jeung ngajago,” pokna nyutat kekecapan tina naskah Sunda heubeul.

Mun téa mah, rék  ‘ngajago’, hartina kudu masagi. Apal kana sagala rupa nu mistina apal. Wanoh kana sagala rupa nu mistina dipikwanoh. Kitu deui nu tumali jeung budaya, kudu dipiara sangkan kaalap  mangpatana. Apan, ceuk kekecapan karuhun ge, mun butuh supana kudu daék miara catangna. Budaya nu bakal maslahat, tangtu wé kudu dipiara sahadé-hadéna.

Mun ngaku urang Jawa Barat, hartina gé kudu kawas urang Jawa Barat, da budaya nu dipakena gé budaya  Jawa Barat.  Kitu ceuk ieu kepala BPNB teh.  Malah, ceuk ieu nu resep silat téh, teu nanaon ‘ngajago’ gé mun puguh kamampuhanana mah!

Dina mangsa patalimarga antara bangsa jeung bangsa  gampang kacida, parobahan paripolah gé gancang silihpangaruhan. Geuning remen kasaksén, nu samemehna teu kabandungan, bet kawas nu akrab kasaksén di sakuirluengeun urang. Nu kawas  kitu, bisa nyebar  ngalegaan.

Kaayaan kitu, keur ieu panalungtik mah budaya mah,  teu matak heran, da puguh antarbangsa téh silipangaruhan téa. Ngan, nu tétéla mah, geuning bangsa urang nu jadi ‘sasaran’ pangaruh deungeun téh. Kanyataan kawas kitu gé bisa kasaksen ti mangsa  ka mangsa. Aya waktuna bangsa urang (pangpangna mah nonomna) kapangaruhan ku budaya Barat, saterusna, kasengserem ku budaya India. Geus kitu, torojol jepang, nu dituturkeun ku Korea.  “Urang kedah kiat napak kana budaya soarangan,” pokna.

Pangaruh kitu, lir kujang dua pangadekna. Bisa mangpaat  jeung madorot.  Mangpatna,  tangtu wé da aya sawatara bagian nu hade pangaruhna.  “Ngan, teu jarang nu mawa madorot ge,” pokna. pokna.

Apan paripolah dengeun mah, can tangtu loyog jeung kabiasaan di urang. Atuh, mun kasengsrem ku budaya deungeun, nu soarangan mah bakal diapilainkeun. “Padahal, ukur ngungudag  nu batur mah, tetep moal kapimilik enya-enya,” pokna semu ngelingan.

Ngabadungan kaayaan kawas kitu, Drs. Toto Sucipto, teu sing leutik hate. Inyana percaya, bangsa urang téh boga kapunjulan. Kitu deui nu tumali jeung budaya, apan tembong naker karancageanana gé. Ngan, mun téa mah teu pati tembong lantaran mémang nu leuwih nembrak  téh pangaruh budaya asing tea. “Tetep kedah optimis asal aya tarékah anu jinek,” ceuk ieu alumni Universitas Padjadjaran (Unpad) teh.

Naon tea tarekahna téh? Taya lian ceuk ieu Kepala BPNB mah, tetep ngawanohkeun budaya sorangan, ngaja jeung ngariksa sarta satékah polah mekarkeunana luyu jeung kabutuh nu ngajamananana!

 

Milih Ancrub dina Budaya

Saperti barudak lembur umumna taun 1970-an, masih keneh raket jeung budaya karuhun. Kitu deui Toto, ngarasa akarab jeung kasenian Sunda téh, saperti penca silat. Atuh, ula-uli dina ieu seni gé lain ukur tuturut muding da tanjrih nepi ka biasa minton boh di sakola boh dina acara-acara séjénna.

Karesepna kana silat saperti kitu, nuluy  nepi ka SMP. Malah, karepna kana kasenian téh bet nambahan, da hayang pipilueun kana gending sagala, ngadegung, kajeun jadi tukang goong. Horéng, kabiasaan deukeut jeung seni Sunda gé, bet jorojoy aya kahayang, boga karep  leuwih anteb kana budaya. Matak, pilihan kuliahna gé gilig  tolab elmu di Jurusan Antropologi Unpad.

Cekel gawéna, mimitina mah di kosnsultan. Harita, gajih mah lain lulumayanan, da bisa sapuluh kalieun pagawé nagri nu kakar  ‘cle’. Ngan, geus kitu lalakonna, kudu nyambung jeung budaya, waktu aya panarimaan  pagawé nagri, sepuhna nyarankeun sangkan leuwih milih jadi pagawe nagri. Tinimbanganana sangakan élmu nu diarah di bangku kuliah kamangpaatkeun. Antukna, katarima jadi pagawe nagri nu raket tumalina jeung kabudayaan.

Najan gajih mimiti ukur sapesapuluhna tina gajih  konsultan tea, teu jadi hahalang. “Nya alhmadulillah mayeng dugi ka ayeuna,” ceuk ieu urang  Subang nu lahir tahun 1965 teh.

Keur Toto, digawé dina bidang budaya, karasa loba mangpaatna. Dirina yakin, upama bangsa urang napak kana budaya talari karuhun, sarta bisa ngalarapkeunnana, kekecapan ngajaga, ngajiga, ngajega, jeung ngajago, lain pamohalan. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: