• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Kaayaan Ancur
Balukar Jalma Kupur

Kénging Juniarso Ridwan
Kintun kana Facebook

Yeuh, jalma-jalma anu ariman! Maranéh ulah ngajadikeun bapa-bapa maranéh jeung dulur-dulur maranéh jadi pamingpin, upama maranéhna leuwih mikaresep kakupuran batan kaimanan mah. Jeung sing saha ti antara maranéh anu ngangkat maranéhna jadi pamingpin-pamingpin, nya maranéhna jalma-jalma anu darolim” (QS. at-Taubah: 23).

Ayat di luhur minangka panyaram anu tétéla, nuduhkeun kana haram hukumna mun dilakukeun milih pamingpin ti golongan jalma anu mikaresep kakupuran tibatan kaimanan. Disebut haram lantaran dina ayat éta aya kecap larangan anu saméméhna digerokeun ka jalma anu ariman. Cindekna, haram hukumna pikeun jalma iman ngajadikeun, milih atawa ngangkat jalma kapir (mikaresep kakapiran) jadi pamingpin.

Lamun seug panyaram éta dirempak, Alloh ngagolongkeun jalma-jalma anu baha, ka golongan jalma-jalma darolim, anu moal meunang pituduh, sasar dina kahirupan anu rupek, pinuh kasangsaraan, leungit katingtriman lahir batin.   

Alloh ogé ngancam ku seuneu naraka, keur sing saha baé anu ngadeukeutan, campur gaul, sili rojong jeung sili dukung jeung jalma-jalma anu darolim. PidawuhNa dina surat Hud ayat 113:

Jeung poma maranéh ulah condong ka jalma-jalma anu darolim anu ngalantarankeun maranéh dirérab ku seuneu naraka, jeung moal aya anu nulungan ka maranéh salian ti Alloh, tuluy maranéh moal ditulungan”.

Kirang langkung aya 200 ayat Al-Quran  ngaguar sawatara hal anu aya patalina sareng dolim atanapi kadoliman. Hiji hal anu kacida dipiceuceub ku Alloh sakumaha pidawuhNa: “Jeung ari jalma-jalma anu ariman turta ngalampahkeun amal soléh, bakal disampurnakeun ganjaranana, jeung Alloh henteu micinta jalma-jalma anu darolim.”  (Q.S. Ali ‘Imraan: 57).

Umumna kecap “dolim” téh keur nuduhkeun laku jahat atawa peta aniaya ka batur, atawa ka diri sorangan pon kitu deui ka mahluk séjénna. Sedengkeun numutkeun syari’at (agama Islam) harti dolim nyoko kana pidawuh Alloh dina surat Al-Baqoroh ayat 229: “Sing saha anu ngarempak wates-wangen Alloh, nya maranéhna jalma-jalma anu darolim”.

Numutkeun para ulama, dolim téh nyaéta sagala widang tindakan atawa pagawéan anu ngaliwatan wates wangen bebeneran, teu loyog sareng katangtosan Alloh SWT, rék wujudna nambahan atawa ngurangan naon rupa perkara anu patali jeung waktu, tempat atawa sifat tina pagawéan-pagawéan anu ngaliwatan wates-wangen téa, ngawengku dina masalah ibadah atawa muamalah, rék dina ukuran badag atawa leutik.

Ku lantaran kitu, Alloh nyandingkeun kadoliman jeung kabodoan, katawis dina pidawuh-Na: “Saéstuna manusa téh kaayaanana darolim jeung barodo pisan.(QS. Al-Ahzab: 72). Dina pencrongan agama, anu darolim téh jalma-jalma barodo, tangtuna beuki dolim hiji jalma nya beuki nyucud bodona. Sanajan lahiriahna nyangking pendidikan, kalungguhan jeung kakawasaan luhur mungguh manusa.  

Kadoliman taya lian minangka akibat tina ruksakna fitrah kamanusaan. Padahal  Alloh nyipta manusa dina fitrahna anu condong kana bebeneran tur ngajauhan kagoréngan. Ngan éta fitrah téh bisa robah atawa lemah, alatan kabiasaan manusa ngagugu hawa nafsu, kapentingan jeung sifat goréng séjénna anu ngaragragkeun manusa tina komara kamulyaanana.

Ciri-ciri jalma dolim kalayan tandes disebatkeun dina surat Hud ayat 116:

Jeung jalma-jalama dolim ukur mentingkeun kanikmatan jeung kaméwahan, maranéhna jalma-jalama anu baroga dosa (alatan milampah kajahatan).

Ayat éta ogé negeskeun yén jalma dolim ukur mentingkeun kanikmatan tur kaméwahan anu jadi udagan hirupna. Pikeun ngahontalna bisa ngalakukeun rupa-rupa cara, teu nolih kana ugeran atawa watesan batal jeung haram, keur ngudag kasenangan teu sirikna tunggul dirarud catang dirempak, mun léngkah geus siga kitu, saliwat gé bakal kabadé,  tangtu sasarna.

Dina Al-Quran di tegeskeun sabab-musabab manusa lumaku dolim di antarana:

  1. Teu maliré ayat-ayat Alloh, “...Jeung moal aya anu mungpang kana ayat-ayat Kami salian ti jalma-jalma anu darolim” (QS. Al-Ankabut: 49).
  2. Ngalabrak ugeran-ugeran agama Alloh, maksudna teu panceg dina bebeneran, sok milih kaleuleuwihi nepika nogencang tina aturan, neunggar wates-wangen bebeneran. “...Éta téh wates wangen Alloh, ku maranéh teu meunang dirempak. Sing saha anu ngarempak wates-wangen Alloh, nya maranéhna jalma-jalma anu darolim.” (QS. Al-Baqarah: 229).
  3. Teu ngajadikeun hukum Alloh salaku dadasar geusan nangtukeun kawijakan, utamana keur anu nyangking kakawasaan, “...Jeung sing saha anu henteu nagtukeun hukum ku saniskara anu diturunkeun ku Alloh, maranéhna téh jalma-jalma anu darolim. ” (QS. Al-Maidah: 45).
  4. Nuturkeun jalma-jalma kapir, salasahiji sabab anu ngabalukarkeun teu nanjeurna hukum-hukum Alloh, alatan urang salaku muslim ngantep diri dipingpin ku jalma-jalma kapir atawa malah ngahaja ngajadikeun jalma kapir jadi pamingpin. Tangtuna pamingpin kapir leuwih micinta kakapiranana tibatan kaimanan. “ Yeuh, jalma-jalma anu ariman! Maranéh ulah ngajadikeun bapa-bapa maranéh jeung dulur-dulur maranéh jadi pamingpin, upama maranéhna leuwih mikaresep kakupuran batan kaimanan mah. Jeung sing saha ti antara maranéh anu ngangkat maranéhna jadi pamingpin-pamingpin, nya maranéhna jalma-jalma anu darolim” (QS. at-Taubah: 23).
  5. Ngagugu hawa nafsu ku jalan nipu jalma séjén keur kapentingan dirina “Saha anu leuwih dolim batan jalma anu nyieun-nyieun bohong kalayan asmaNa Alloh, pikeun nyasarkeun manusa kalawan teu maké élmu? Saéstuna Alloh henteu maparin pituduh ka kaom anu darolim.” (Al-An’am: 144)

Lima perkara di luhur anu jadi cukang lantaran manusa lumaku dolim. Dina ayat sanés Alloh nguningakeun yén saenyana kiwari urang keur cicing di hiji nagri anu pangeusina ngadoliman diri sorangan. Hal éta tiasa ka uninga dina surat Ibrohim ayat 45:

Jeung maranéh geus matuh di tempat matuhna jalma-jalma anu darolim ka dirina sorangan, jeung geus tétéla ka maranéh kumaha tindakan Kami ka maranéhna, jeung kumaha kami maparinkeun misil-misil ka maranéh".

Lamun dilenyepan ayat éta asa geus nyata kajadian, saban poé urang campur gaul jeung jalma-jalma anu hésé dicekel jangjina, caritaan jeung lakuna nukang nonggong. Para pamingpin loba anu ngajadikeun kalungguhanana salaku alat pikeun kumawasa, sabalikna rahayat milih pamingpin geus maké rumus “karasa-karampa” teu boga harepan jangka panjang, nu aya ukur jang ka dapur, heureut deuleu haripeut ku teuteureuyeun.

Kiwari keur usumna, loba jalma pasuliwer ngobral omongan wadul, nyeuseup nyokcrok matéri para calon pamingpin, umangkeuh jaradi tokoh anu bisa ngomando rahayat. Padahal manéhna teu sadar saenyana laku kitu, teu béda jeung nyieun lombang keur ngubur diri sorangan, ngabaruang manéh ku racun matih anu maténi harga diri. Éta laku taya kajaba iwal ti kadoliman.

Mudah-mudahan urang teu kagolongkeun jalma dolim, tur dijauhkeun tina pangrobeda, tipu-daya anu darolim.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: