• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

LEKRA Bagian ti PKI

Kénging Ajip Rosidi
Kintun kana Facebook

Ayana wacana yén Lekra lain bagian ti PKI sarta Lekra jeung PKI  téh dua organisasi anu béda, kakara mucunghul sabada Joebaar Ajoeb (sekretaris Lekra) kaluar ti tahanan pamaréntah Ordeu Baru dina tulisan “Sebuah Mocopat Kebudayaan Indonesia” keur ngabagéakeun Kongrés Kabudayaan IV dina taun 1990. Numutkeun Joebaar, Lekra téh hiji gerakan kabudayaan nu nganasional jeung ngara’yat, nu di jerona aya sawatara jalma nu jadi anggota PKI, ari lolobana lain. Ari PKI mah teges-teges partéy politik. Politik mah hiji widang téoritis. Sanajan aya katerangan panjang lébar, tapi tetep teu bisa ngajelaskeun éta kalimah.

Numutkeun Joebaar, kira-kira dina taun 1964 katompérnakeun, aya hiji gagasan ti PKI nu disodorkeun ka sawatara pimpinan Lekra anu miharep sangkan Lekra jadi organisasi bawahan PKI anu ogé boga anggota non-PKI. Lamun Lekra satuju kana éta gagasan, hartina Lekra jadi bawahan PKI, rék diwawarkeun sacara formal. Tapi Lekra nolak éta gagasan (Joebaar Ajoeb, “Sebuah Mocopat Kebudayaan Indonesia”, Inkultra Foundation Inc. tanpa taun. Kc 61).

Kana éta wacana, Basuki Resobowo, salahsaurang tokoh Lekra anu dina jamanna leuwih wibawaan batan Sekretaris Umum Joebaar Ajoeb, ngabantah pisan. Nu dicutat ku Tempo tina surat nu dikirimkreun ka Joebaar, nétélakeun yén, “Basuki mah percaya yén PKI jeung Lekra téh dua gerakan aksi nu sarua... Basuki nuduh yén Joebaar kompromi jeung  Soeharto.” (Tempo, 6 Oktober 2013, nomer husus Lekra, kc 56). Sacara lisan, Basuki nétélakeun yén ku omonganana kitu téh, Joebaar lélétak ka Soeharto jeung rézim militér ABRI (Dina obrolan di nagri Walanda taun 1990-an).

Dina Tempo numer husus téa, karasa aya kesan yén ti awalna mula Lekra téh misah ti PKI. Lekra lain bagian ti PKI. Boh dina anggaran dasar Lekra boh dina anggaran dasar PKI, duanana teu aya patalina. Hartina, anggaran dasar Lekra  teu nyebut-nyebut yén éta organisasi kabudayaan téh bagian ti PKI sarta  anggaran dasar PKI gé  teu nyebut-nyebut yén Lekra téh jadi underbow PKI.

Tapi sanajan teu aya réngkolna hal patalina  éta organisasi dina anggaran dasar sacara resmi, lain hartina antara éta dua organisasi henteu aya hubungan naon-naon. Teu mustahil, teu dijéntrékeun dina anggaran dasar téh ngahaja, mangrupa taktik anu geus disaluyuan ti awalna. Teu kabéh organisasi nu dianggap underbow PKI aya hubungan organisatoris formal jeung PKI.

BTI (Barisan Tani Indonesia), upamana, jelas yén organisasina mah lain underbow PKI. Organisasina mah antara PKI jeung BTI teu aya hubungan naon-naon, saruan jeung antara PKI jeung Lekra. Tapi pan urang saréréa nyaksian yén dina awal Gestapu, waktu PKI keur nanjung diugung-ugung, apan BTI anu ngagerakkeun anggotana pikeun miheulaan ngalakukeun “aksi” ngarebut  lahan anu lain waé milik pribadi anu harita dianggap “sétan désa” (bareng jeung istilah “sétan kota” anu ngahaja ku PKI dipaké slogan dasar kawijakan politikna), ogé ngarebut tanah-tanah perkebunan pamaréntah. Ari milik pribadi-pribadi mah nu jadi sasaran téh tanah-tanah wakaf anu diadegan pasantrén nu dipingpin ku  parakiai. BTI ngagerakkeun anggotana pikeun miheulaan aksi PKI ngarebutan tanah bari alesanana ngalaksanakeun Undang-Undang Agraria nu kakara disahkeun.

Nya kitu deui Lekra. Gerakan Lekra dina jaman mapag Gestapu taya lian ngalaksanakeun politik PKI. Sanajan bener teu aya hubungan organisasi antara PKI jeung Lekra, tapi gerakan Lekra salawasna ngalaksanakeun politik PKI. Teu kungsi kadéngé aya jalma dina jaman harita nu nyebutkeun yén Lekra lain PKI. Kitu ogé Joebaar Ajoeb atawa Njoto.

Dina laporan Tempo ditegeskeun yén aya béda papahaman antara Aidit jeung Njoto tina perkara Lekra. Aidit hayang ngasupkeun Lekra sacara organisasi nepi ka jadi bagian PKI, sedengkeun Njoto mah miharep sangkan Lekra angger madeg mandiri luareun PKI sanajan dina nyatana mah Lekra geus ngalaksanakeun kawijakan politik PKI.

Kuring nu ngarasa ngilu nitenan kamekaran politik di Tanah Air di awal taun 1960-an, perkara béda papahaman antara parapamingpin  nu sapartéy téh biasa. Upamana, kuring ngadéngé yén antara Soebandrio jeung Roeslan Abdulgani anu pada-pada  pamingpin PNI (Partéy Nasional Indonésia), béda papahamanana. Kituna mah sanajan sirah téh sarua buluan, eusina mah béda-béda pisan. Harita kabandungan yén aya béda paham antara Aidit jeung Njoto anu sarua PKI. Lain soal kudu henteuna Lekra asup organisasi PKI, tapi harita  mah soal bédana papahaman di anatara ieu dua pamingpin téh lantaran Njoto dideukeutan ku Presiden Soekarno nu ngarasa kuciwa ku dua partéy Marhaén nu aya harita (PNI jeung Partindo) anu sasat lahirna Marhaénisme téh tina gagasan anjeuna.

Ku lantaran kitu, Bung Karno hayang ngadegkeun partéy marhaénisme nu anyar, sarta rék mercayakeun keur mingpinna ka jalma nu dipercaya ku Bung Karno nyaéta Njoto. Harita Njoto narima jeung satuju. Ku ayana kanyataan kitu,  Njoto disidang di lingkungan CC-PKI, sanajan dibalibirkeun ku ngabahas Njoto nu rék nyerahkeun pamajikanana lantaran rék kawin ka awéwé Rusia nu kungsi jadi penerjemahna waktu Njoto lolongok ka Nagri Beruang. Sabada nyarita paduduaan  jeung Aidit, ahirna Njoto milih pamajikan ti heula, ...hartina Njoto tetep milih jadi pamingpin PKI.

Singgetna, sanajan kungsi aya béda papahaman antara Aidit jeung Njoto, lain dina perkara Lekra kudu jadi bagian ti PKI atawa organisasi anu tetep madeg mandiri. Numutkeun Amarzan Ismail Hamid, penyair Lekra nu sohor, Joebaar kungsi pok ka manéhna yén Lekra mimitina mah diadegkeun jadi lembaga sabangsaning LP3ES (Lembaga Penelitian Pendidikan, dan Penerangan Ekonomi dan Sosial). Milih Lembaga téh sangkan teu kudu aya cabang-cabangna. Tapi saterusna, tétéla Lekra jadi ngarandakah loba cabangna, aya cabang, jeung anak cabang anu teu diadegkeun ku Lekra tapi ku PKI. Partéy di daérah ngarasa teu lengkep mun di jerona can aya Lekra. Upamana... Komite Séksi PKI Deli Serdang ngaheulakeun ngadegkeun Lekra saméméh ngalaporkeun ka Pimpinan Daérah (Ting. Tempo, 6 Oktober 2013, kc. 62).

Katerang éta téh nuduhkeun yén rék kumaha baé ogé antara PKI jeung Lekra aya hubungan. Lamun henteu, rék kumaha bisana PKI ngadegkeun cabang jeung anak cabang Lekra bari laporanana ditarima ku pimpinan Lekra. Hal éta nuduhkeun,  waktu Joebaar Ajub ngarahul yén teu aya hubungan nanaon antara PKI jeung lekra manéhna poho kana kajadian-kajadian ieu. Nya ieu pisan anu ngarungkadkeun bohongna téh.

Loba hal anu penting lamun merhatikeun dilaksanakeunana Konferénsi Sastera dan Seni Révolusionér (KSSR) bulan Agustus 1964, nu lumangsung di Istana Negara kalayan dibubukaan ku pidato Bung Karno. KSSR dilaksanakaeun sabada KPPI (Konperénsi Karyawan Pengarang Seluruh Indonesia) jeung sabada Manifés Kebudayaan dibubarkeun  téh pikeun némbongkeun yén ulah deuk wani-wani ngaréméhkeun PKI dina  ngaorganisasi kabudayaan anu révolusionér. KSSR langsung dilaksanakeun ku PKI, lain ku Lekra, sanajan kalolobaanana jalma-jalmana araktif  jeung kaasup tokoh-tokoh Lekra. Gagasan pikeun ngayakeun KSSR téh  lahirna dina sidang pléno ka-II CC PKI ahir taun 1963 anu netepkeun perlu ayana calecer garis  fundaméntal dina nyiptakeun sastra jeung seni révolusionér. (ting. Lekra Tak Membakar Buku, susunan Rhoma Dwi Arya Yuliantri dan Muhidin M Dahlan,Yogyakarta, Merakesumba, 2008,kc.58)

Dina kanyataannana mah, sanajan KSSR dilaksanakeun ku PKI lain ku Lekra, tapi nu araktif loba partisipasina mah seniman-seniman jeung budayawan-budayawan  Lekra. Malah para tokoh Lekra anu lolobana jadi panyatur jeung medar dina KSSR téh saperti, S.Anantaguna, AS Dharta,Samandjaja, Agam Wispi, Hr Bandaharo, Basuki Resobowo, jeung nu séjénna, teu aya saurang gé nu matalikeun Lekra sacara institusional, hartina hadirna maranéhna téh ukur karepna pribadi lain karana jadi anggota Lekra. Hal ieu téh pasti geus diatur ti anggalna mula sangkan aya kesan yén antara PKI jeung Lekra teu aya hubungan organisatoris. Tapi dina  résolusi KSSR ditétélakeun yén sakumna paraseniman  jeung sastrawan wajib patuh ka  pimpinan partéy (PKI), yén sastra jeung seni révolusionér kudu ngaku jeung taat ka pimpinan partéy. Mun teu kitu, sastra jeung seni moal bisa jadi alat révolusi anu bisa dikoordinasi keur kapentingan sakabéh kagitan révolusionér anu leuwih jembar. Konfernas nandeskeun yén lamun narima pimpinan partéy téh hartina kalayan sadar nyadiakeun diri salaku sastrawan jeung seniman révolusionér anu konsékwén antiimperialisme jeung antiféodalisme. (Ting. Idem, kaca 621). Bisa dihartikeun ogé sacara pribadi, lain salaku anggota Lekra, maranéhna  parapamilon KSSR baris satia satuhu ka pimpinan partéy (PKI).

Dilaksanakeunana KSSR ku parapanyusun buku Lekra Tak Membakar Buku, dianggap hiji usaha ‘ngabeureumkeun total’ Lekra. Cenah anu keukeuh hayang ‘ngabeureumkeun’ Lekra jadi bagian PKI téh Aidit, sanajan Njoto mah teu nyatujuan. Nyatana usaha jeung kahayang Aidit téh gagal. Lekra tetep teu jadi bagian PKI.

Pamanggih sakuringeun mah, yén dilaksanakeunana KSSR téh balukar tina kasieunan Njoto biluk ka Bung Karno pikeun jadi pimpinan partéy Marhaénisme. Lamun seug éta kajadian, Njoto anu jadi salahsaurang anu ngadegkeun lekra bisa waé bakal mawa Lekra ‘meuntas’ biluk ka Marhaénisme. Ku lantaran kitu, dina putusan KSSR ditétélakeun pisan yén parasastrawan jeung seniman téh sacara pribadi bakal satia satuhu ka pimpinan partéy. Hartina sanajan Lekra salaku organisasi ku Njoto dibawa ‘meuntas’ paraseniman aktivis anu aktif dina KSSR tetep satia satuhu ka partéy (PKI).

Lantaran Njoto teu jadi ‘meuntas’, teu aya masalah keur Lekra gé anu sabenerna ti awal mula geus dihaja  teu ditulis organisasi anu boga hubungan jeung PKI. Hubungan organisatoris anu formal henteu penting, da anu penting mah kasadiaan rék satia satuhu kana sakumna kawijakan politik pimpinan partey.. Tah salila ieu mah nya éta pisan anu  dijalankeun téh nyaéta   ti saprak diadegkeun (1950) nepi ka kajadian Gestapu (1965), léngkah-léngkah Lekra  salawasna nuturkeun arah politik PKI. Teu aya hiji tindakan atawa panyangkal ti pihak Lekra atawa ti tokoh-tokohna harita anu nétélakeun yén maranéhna migawé hal anu béda tina garis polotik anu ditangtukeun ku pimpinan PKI. Hartina, sanajan sacara organisatoris antara Lekra jeung PKI teu aya hubunganana, dina praktékna mah, naon-naon anu dilakukan ku Lekra  atawa tokohna téh salawasna dumasar  kana kawijakan pimpinan PKI. Hal ieu bisa dibuktikeun dina unggal léngkah jeung kagiatan Lekra—anu kasaksén mangrupa catetan sajarah dina rékaman-rékaman pérs.***

(Disundakeun ku H. Elin Sjamsuri tina Republika edisi Ahad, 19 Januari 2014 kalayan widi ti anu nyeratna)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: