• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Padumuk Saeutik,
Naha Bisa Ngawangun
Punden Gunung Padang?

Kintun kana Facebook

Minggu pengker pedaran parantos dugi ka nyarioskeun kagiatan réligi dumasar kana bukti arkeologis, masarakat mégalitik baheula ngadegkeun monumen-monumen keur tempat upacara  atawa keur   tanda panghormatan ka para luluhur. Masih nurutkeun Arkeolog Lutfi Yondri, upama ditengetan  ti antara titinggal manusa megalitik, ukuranana gedé pisan, lega, malah aya anu diwangun ngagunakeun balok-balok batu anu beuratna ratusan réwu kilogram. Upama diukur ku tanaga manusa biasa, kacida  sulitna lamun arék dipindahkeun. Komo da ieu mah tempat ngawangun monumen mégalitik téh di tempat  anu luhur,  saperti  puncak bukit  atawa lamping gunung. Kitu nu diungkabkeun ku  Lutfi Yondri.

Saperti anu  ayeuna  keur  jadi  bahan  catur balaréa,  punden umpak  Gunung  Padang Cianjur téa  perenahna di sabagian puncak  bukit  atawa pasir. Tepi ka nimbulkeun  pertanyaan,  saha  jeung  kumaha  petana masarakat jaman baheula ngawangun punden umpak  ieu. Haris Sukendar  dina  salah  sahiji  diskusi ngeunaan punden  umpak  Gunung  Padang, kungsi medar pamanggihna ngeunaan kamungkinan proses ngadegkeun jeung pangwangunan monumen mégalitik ieu. Nurutkeun Haris, lian ti ngalarapkeun téhnik rékayasa nata batu anu kacida talitina, pangwangunan punden umpak Gunung Padang ogé ngagunakeun  tanaga manusa anu kacida lobana bisa jadi réwuan manusa (Sukendar 1996- 112 ). Panalaran sarupa kitu sulit pisan upama kudu dijéntrékeun, sabab upama ningal prosés kamekaran masarakat , pangpanga masarakat nu ngarojong budaya mégalitik jaman baheula, saenyana kumaha petana ngumpulkeun manusa dina jumlah ratusan malah réwuan  jaman harita, kacida sulit   nalitina. Tina hasil panalitian para ahli diasumsikeun, yén masarakat  anu ngarojong budaya mégalitik  kaasup kolompok masarakat  anu hirup di desa-desa leutik saperti perdukuhan. (Sujono  1984; 201).

Ti dieu bisa ditaksir yén jumlah padumuk di hiji pakampungan mégalitik,  teu mungkin loba, komo lamun tepi ka aya ratus atawa réwu urang. Tangtuna ogé lamun ngilubiungkeun masarakat  anu jumlahna  ratusan atawa réwuan urang jaman baheula kacida sulitna.

Tumali jeung prosés ngawangun wangunan monumen mégalitik  di tengah hiji kampung anu  padumukna kacida saeutikna, tangtu di dieu aya pangajén luhur jeung pangaweruh. Ceuk Lufti Sang Arkéolog, tokoh pamingpin anu kumaha  nu bisa  ngawujudkeun pangwangunan punden umpak  di puncak Gunung Padang, jaman baheula?  Upama urang malikan kalimah nu diucapkeun ku Sir Mortimer    Whiller , muncul pertanyaan,  ajén saperti naon nu bisa diguar ti punden umpak Gunung Padang? Dina hal ieu paling henteu, aya tilu ajén luhur ngeunaan masarakat  jaman baheula anu bisa diguar, nyaéta anu tumali jeung ajén kapamingpinan di tengah masarakat,  ajén ngeunaan hubungan pamingpin jeung rayatna jeung ajén ngeunaan hubungan antar anggota masarakat.

 

Pamingpin nu Harismatik

Lufti nyutat pamanggih Kuntjaraningrat  nu nétélakeun, yén aya sababaraha  alesan pikeun nangtukeun  atawa milih saurang anggota masarakat pikeun diangkat jadi pamingpin. Éta alesan-alesan bisa ditimbulkeun; 1. Kualitet jeung kapinteran,  2.  Tingkat  umurna anu senior, 3. sipat kaaslian,  4. Kaanggotaan kaum karabat  kepala masarakat,. 5.  Pangkat,  6. Kakayaan jeung harta banda. (Kuntjaraningrat 198;  178).

Niténan bentuk pakampungan mégalitik nu ti heula kungsi dicaritakeun ku E.M.Loeb nu dicutat ku Sujono (1984), yén pola pakampungan mangsa harita  ditaksir bentukna desa-desa leuwih sarupaning perdukuhan. (Sujono 1984; 1984; b 196-201).

Terus ngabandingkeun  jeung pakampungan-pakampungan leutik tradisional anu aya kénéh di sawatara tempat. Bisa jadi anu diangkat  jadi pamingpin téh tokoh anu ajénna hadé,  pinter jeung tingkat umurna senior, boga pangaruh jeung kakawasaan nu muncul  jadi pamingpin. Tumali jeung poin-poin nu dikumpulkeun ku Kuntjaraningrat  biasana bakal  muncul pamingpin nu harismatik  anu dipikaajrih ku sakumna masarakat.  Paktor anu saperti kitu pisan nu gedé kamungkinan bisa méré kontribusi hadé

dina prosés transportasi atawa dina kagiatan ngawangun mégalitik. Rasa hormat  jeung ajén harisma nu dipibanda ku saurang tokoh msarakat bakal mampuh ngahimpun émosi masarakat  pikeun ngalakukeun   hal-hal anu aya hubunganana jeung sang tokoh. Rasa hormat jeung wujud pangabdian ka éta tokoh, tepi ka kiwari masih terus diwariskeun ku sawatara suku bangsa di Indonesia.

Éta kabéh bisa ditengetan dina upacara ngaluat layon di Tana Toraja atawa di Sumba.  Ajén harismatik sang tokoh nu wapat digambarkeun dina waktu upacara narik batu (mangratu batu, weluwatu) jeung  ngagotong layon ka tempat pamakamanana.

Dina prosés pamakaman di Tana  Toraja  katingal sakabéh karabat  sang tokoh jeung masarakatna ngahiji  dina kagumbiraan jeung kasedihan mileuleuyankeun sang tokoh nu mulih ka jati.

Nu hadir parebut pada hayang kagiliran ngagotong peti layon ti bumi nu wapat  tepi ka pamakaman. Kitu  deui upacara  tarik batu (ménhir) nu engkéna diadegkeun jadi lambang sang tokoh anu wapat.   Raraméan éta batu digarotong  nyorang  jalan anu jauhna mangkilométer-kilométer.  Dina studi   etnoarkeologi di Sumba, Nias, Timor Barat jeung Flores bisa disaksikeun paktor harismatik nu ngalelemahan dibentukna  wangunan-wangunan mégalitik. Hal éta dipintonkeun ku ilubiungna anggota masarakat tanpa diparéntah, tapi sacara sadar mantuan ngahampangkeun pangwangunan  megalit atawa imah-imah adat  anu  ditembrakeun peranna dina upacara-upacara (Peribadatan). Ilubiungna masaraat  téh spontan. (Sukendar  1996; 117) . Tina prosésa wapatna jeung upacara narik batu, jeung upacara ngadegkeun wawangunan mégalit  nu ditaliti ku Haris Sukendar liwat studi etnoarkeologi, bisa  kaharti ngeunaan kumaha  ayana ajén harismatik nu dipibanda ku hiji pingpinan masarakat. Bisa dicindekeun hiji kacindekan, yén dina hiji lingkungan masarakat, ajén harismatik hiji pamingpin mangrupa unsur nu nangtukeun, anu dina ahirna bisa digunakeun keur narik jeung ngahijikeun sumanget masarakat.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: