• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nu Hayang Nabeuh Kendang

Kénging Féndy Sy. Citrawarga
Kintun kana Facebook

"Wayahna wé Man euy. Karunya ka budak urang!" ceuk Idi ka Oman babaturanana.
"Ih lain teu ngéstokeun ka babaturan Di. Tapi apan heueuh kudu ngarempak luluhur Cikondang lin?"
"Alaah... éta mah lalakon kolot baheula, tong dipikiran!" témbal Idi bari ngusiwel ngodok dompét. Golosor nyodorkeun duit.
"Tah pamanjer bisi teu boga ongkos keur rombongan."
Oman héjo nénjo duit kelir beureum sababaraha lambar. Ras ka rombongan calung Gentra Madya nu dipingpinna nu geus lila can manggung deui. Témahna barudak calung siga nu  euweuh sumanget tatabeuhan da beuki dieu arang nu nanggap. Ayeuna geus diancoan duit ku Idi, babaturan sakolana baheula nu ngumbara ka Cikondang sangkan manggung di lemburna,    rék hajat nyunatan budakna.
Tapi aya sésékélan anu kacida matak pugag lalampahan. Enya, Cikondang kawentar lembur nu tara kasaba ku raraméan  atawa tatabeuhan sabab cenah luluhurna geus ragrag ucap di lembur Cikondang mah teu meunang aya raraméan. Tong boro pintonan wayang nu sapeuting jeput, dalah tubah-tabeuh alat kasenian wungkul gé teu meunang. Pamali, basana.
"Na moal nanaon?" Oman ngadilak bari leungeunna agag-agagan rék nampanan duit.
"Alaaah...na mani sieun. Ceuk uing gé éta mah carita lawas. Cikondang ayeuna geus ramé ku tatabeuhan. Aya TV aya radio, aya vidéo. Moal, moal nanaon. Pokona kudu datang!" Idi nyundutan Oman.
Teu majar kumaha, antukna Oman nyanggupan, rék nyalung di Cikondang. Dipikir deui da jeung saenyana atuh jaman kiwari geus robah, adat tatali luluhur loba nu dirumpak bari apan dina  emprona mah majar bisi kitu bisi kieu téh taya kajadian nanaon. Malah ceuk wejangan ajengan mah percaya ka nu kitu téh  kaasup pagawéan sirik, kagolongkeun tahayul. "Sagala rupa pantengkeun kana iman ka Gusti Alloh," saur ajengan dina pangajian nu kadéngé ku Oman.
Nya saged wéh rék manggung téa. Barudak calung Gentra Madya dikumpulkeun.
"Nu bentul ieu téh bos?" tanya Si Ogin, juru bodor sakaligus purah ngecrékan.
"Insyaalloh Gin," témbal Oman. Golosor ududeun sabungkus. Ngan sakotéap bungkusna geus rangsak, parebut  eusina.
"Moal nanaon kitu Kang maén di Cikondang?" Rohim, ki dalang calung rada rumegag.
"Heueuh tadina mah rék ditolak najan urang padabutuh manggung ogé da inget kana pacaduan urang Cikondang. Tapi cenah    budak Si Idi ngadat, moal daék disunatan lamun teu nanggap calung. Urang lahaola wé lah...sanggakeun ka Gusti." témbal        Oman nengtremkeun haté barudak.
"Ari Si Dédi ka mana?" Oman nanyakeun Si Dédi, tukang kendang, nu can katénjo ngariung.
"Kana moal ngilu sigana mah Kang." Nunu nu ngajawab téh          .
"Haaar...naha?"
"Cenah keur teu garenah awak, jelasna mah katarajang bisul, heug dina bujurna pisan," tambah Nunu nu natangga jeung        Dédi.
"Beu, mimiti yeuh sésékélan datang. Saha atuh nu nyuluran ngendang? Manéh bisa Gin?" Rohim ngagonjak Si Ogin.
"Naon héséna nabeuh, ngan moal ngawirahma. Asal neunggeul."
"Heueuh manéh mah ari ngigel hayang ditepak kendang lincah, dipénta adi jejebris," ceuk Nunu. Si Ogin jebi.
"Pan,  énté wé nya?" Oman nitah Pandi nu geus taram-taram bisa ngendang najan can mahér siga Dédi. Pancén pokona mah Pandi téh tukang goong. Da kitu, goong jeung kendang mah ngajodo. Ceuli tukang goong mah mancona kana tepak kendang  nu matak sok padeukeut gé. Bisa ngendang pasti bisa ngagoongan. Hayang bisa ngendang kudu hatam heula        ngagoongan.
Engké, nu pancén ngagoong rék dicekel heula ku Oman, itung-itung ngamahérkeun tepak kendang Pandi.
Isuk-isuk kénéh barudak geus sasadiaan, mémérés bawaeun kayaning calung, kendang kumplit jeung kulantérna dua siki. Goong jeung panakolna. Geus puguh deui calung mah teu tinggaleun. Nyi Icih, juru kawih, geus dicalukan. Saged rék miang ka Cikondang. Peuting  engké, malem Ahad nu katénjona mah cangra, rék manggung ngareuah-reuah nu hajat nyunatan.
Tabuh sapuluh geus aya dina mobil, kolbak bogana Haji Dawud. Oman jeung Nyi Icih diukna di hareup maturan Si Usup, supir. Nu lianna aranjeucleu di tukang.
"Bismillaah...," gerencem Usup. Dihaminan ku Oman jeung Nyi Icih. Geuleuyeung mobil maju. Na atuh karék gé        sababaraha méter, Usup ngerém mobil. Reg  eureun.
"Aya naon Sup?" Si Ogin nalék bari nonggéng ka hareup.
"Ban aya nu kempés. Tarururun heula. Ban saalus-alus naha kempés?" Usup tiba gogodeg.
Ngadéngé omongan Usup, Oman mimiti teu genah haté. Ras ka Cikondang, ras ka Si Idi, ras ka Si Dédi.
"Aya-aya baé sésékélan téh. Geus moal boa aya nu heureuy," ceuk Rohim.
"Heueuh kawasna mah," ditémbalan ku baturna.
"Lah buru tarurun, anggur bantuan Usup!" Oman ngahuit najan dina haténa mah manéhna gé mimiti curiga.
Usup néangan ban sérep rék ngaganti nu kempés. Gebeg, tétéla  euweuh di tempatna.
"Alah aing mah ban sérepna  euweuh!"
"Na ka mana?"
"Gin, sori  euy pangnéangkeun heula ka teun Pa Haji, bisi  enya tinggaleun, uing rék ngabongkar nu kempés!"
Kencling Si Ogin ka imah Haji Dawud.  Enya baé ban sérep téh tinggaleun, poho taksiran tas ditambal teu dipasang deui        di tempatna.
"Untung kempés di dieu, cacak mun di tengah toangan matak bangkar," ceuk Oman semu ngupahan.
Sanggeus ban sérep dipasang, geuleuyeung mobil maju deui. Rada mengpeng da puguh jalan alus. Ngan geus béak lembur        saterusna mapay jalan leutik nu ka Cikondang, lembur nu aya di sisi gunung, Usup mimiti mindeng ngidek pedal  erém bari teu cileureun bisi aya kajadian nu teu dipiharep.
Langit nu asalna béngras, kasorénakeun ngadak-ngadak hieum ku pihujaneun. Da jeung saenyana, ana breg téh          hujan. Atuh  eureun heula masang terpal.
Geuleuyeung mobil maju deui, rada ngeyeted ngajaga jalan leueur. Nu matak teu anéh mun wanci magrib kakara tepi ka imah nu boga hajat. Hujan ngecrek kénéh. Dibantuan ku urang dinya, alat-alat wiyaga sapuratina diunggahkeun kana panggung. Lobaan nu mantuan téh bubuhan Idi mah kaasup tokoh nonoman di Cikondang.
"Hayu ka darieu heula." Idi ngabagéakeun Oman saparakanca dituyun ka dapur sina terus nguah da geus moal boa lapar tas nyorang lalampahan nu sakitu jauhna.
Atuh puguh baé nu diajak gariak, angot Si Ogin mah ngahajakeun pangheulana. Basana améh ngabodorna segut loba dahar mah.
Da jeung saenyana nu dalahar mani saregut, cugceg nyokotan deungeunna nu sarwa ngeunah umumna di nu hajat. Carékna        kokoro manggih mulud puasa manggih labaran, abong geus heubeul teu ngambeu panggung. Ngan Nyi Icih nu caman-cémén            daharna téh. Gawéna nyabakan tikoro, cenah ngadak-ngadak jadi peura.
Sabada isa, pidangan calung seja dipitembeyan. Minangka bubuka, tokoh di dinya biantara ngeunaan pamaksudan nanggap calung. Teu poho sanduk-sanduk ka karuhun.
Jongjon nu biantara nu panjang lébar, Pandi jeung Oman tagiwur néangan nu leungit.
"Néangan naon Pan?" Si Ogin hareugeueun nénjo nu lunga-lengo.
"Kulantér  euweuh sadua-dua!" témbal Pandi bari ngulincer ka madhab papat panggung.
"Ambuing. Ari Kang Oman?" tanya Si Ogin deui ka Oman.
"Panakol goong, buru téangan ka handapeun panggung bisi dicoo barudak!"
"Gustiii.....!" Si Ogin gogodeg bari jrut turun néangan nu leungit. Bating teu kapanggih. Kalacat deui unggah.
"Euweuh, Kang!"
Oman geus teu ngabandungan deui nu biantara. Pikirna uleng mikiran kumaha peta rék manggung, sedengkeun alat nu pangpentingna leungit. Enya kulantér, sadua-dua. Kulantér téh kendang leutik dua rupa, nu hiji kulantér nangtung nu sok ditabeuh beulah katuhu tukang kendang nu hiji deui kulantér ngedeng nu sok disimpen tunjangeun suku tukang kendang.        Duanana penting, angot kulantér nantung mah unggal usik tepak kendang mangkatna ti dinya.
Nya kitu deui panakol goong, penting kabina-bina. Mun teu ditakol ku paragina nu meunang nyieun nu sasatna diparancahan heula, sora goong moal mirasa, teu béda ti dahar teu dipungkas ku nginum. Wuri-wuri ayeuna leungit.
Dalah di kumaha. Acara geus dipitembeyan, susuguh geus dihékak, duit pamanjer geus disakuan, malah geus dikencarkeun        ka barudak calung, nya tangtu pidangan calung teu meunang henteu kudu manggung bari teu geruh yén aya alat waditra nu kacida pentingna aya nu ngagubug. Teuing dedemit teuing manusa. Dedemit pantes, ceuk pamikir Oman, da meureun ngarumpak pamali.
"Wayahna Pan kudu bisa nepak teu maké kulantér. Rarawatna wé kencengan!" Haréwos Oman ka Pandi bari manéhna gé        satékah polah rék nakol goong sakumaha mistina najan ukur ngandelkeun peureup. Pandi unggeuk.
Prung calung manggung. Nu lalajo, Gustiii...mani noyék, badis bobotoh Persib. Puguh baé nu di panggung jadi kasima. Demam panggung lain ukur babasan. Angot barang réngréngan dibéjaan yén kulantér jeung panakol goong leungit mah, haténa tagiwur lain meumeueusan.
Rérés tabeuhan bubuka, ngong Nyi Icih ngawih. Ana ngong, sorana teu bijil kalah ngayekyek nyabakan tikoro, laju mundur bari sasadu.
"Huuu...!" Nu lalajo  éar ngécé, sawaréh deui saleuseurian.
"Calung butut, calung butut!" cenah. Teu kalis kitu, ka panggung aya talawéngkar hiber .
Untung Si Ogin calakan, lain bodor atah-atah. Gasik manéhna ngaluarkeun jurus bodor. Teu burung nu lalajo kaolo. Nepi          ka acara lekasan najan lalaguan ukur sababaraha siki bari Nyi Icih peura. Pandi kudu luut-léét késang nabeuh kendang satimu-timu tapi tetep ngawirahma. Geus puguh deui Oman mah bérés manggung téh hayoh baé mencétan leungeunna        urut nabeuh goong.
Acara lekasan. Najan aya ganjelan, sakitu mah kaitung nyugemakeun nu boga hajat. Isukna rombongan mulang kalayan salamet. Nu cilaka téh ukur kulantér jeung panakol goong nu leungit.
Pasosoré, dianteur baturna, Idi norojol ka imah Oman.
"Hampura Man  euy hampura!" cenah sadatang-datang.
"Naon téa?"
"Ieu kulantér. Naha atuh lain bébéja ti barang kanyahoan leungit?"
"Ari kitu ti mana timuna?"
Derekdek Idi ngadongéng. Cenah aya tatanggana, pamajikanana keur nyiram hayang nabeuh kendang. Kabeneran aya tatabeuhan di teun Idi, nya si tatangga téh milu mantuan nurunkeun alat wiyaga téa. Jol ceg wé kana kulantér  jeung panakol goong, laju diringkid ka imahna bari susulumputan.
"Hampura Man, hampura!"
Oman tiba ngembang kadu. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

komara

Hah...hah...hah...sihoreng simana horeng

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: