• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Anak Kiai jadi Ronggéng

Kénging Ki Umbara
Kintun kana Facebook

Nyaéta, sok tara kapianggeuhan puguh gé. Puguh-puguh kuring anak kiai, anu kuduna mah jadi santri, hayoh maké jadi ronggéng. Ari ronggéng téa kapan, nomer hiji nomer dua baé ti ungkluk.

            Kuring ronggéng wedalan pasantrén. Ronggéng kampungan. Ronggéng nu sok ngemprong unggal peuting, iwal ti malem Jumaah nu tara téh. Minangka poé Mingguna mun pagawé mah.

            Kuring sohor ronggéng moyan. Moyan dina harti bujangga moyan. Lain moyan pédah kuring unggal isuk moyan bari sisiaran.

            Kuring ronggéng nu pangrarisna. Nu sok diarigelan ku unggal hulu, nu sok dibarogohan ku unggal sirah. Mun ngemprong, kuring mah ti barang bus ka pakalangan nepi ka bubar tara aya mengéna. Da nu hayang ngigelan téh antay-antayan. Malah sakapeung mah réa anu paraséa, parebut hayang paheula-heula nyodér.

            Anu héngkér—anu teu kabagéan antrina—kudu ngawayahnakeun manéh. Kudu sugema ku ngadéngé sora jeung ningal gitek kuring baé. Da cenah, sora kuring gé matak dédéngéeun, gitek kuring gé matak deudeuleueun. Mun dengér kuring nembang, éar nu sarurak jeung kaleprok jep jempling lir gaang katincak. Ana anggeus madakeun, tingrarenjag kawas nu digarebyahkeun. Sisindiran kuring diraregepkeun. Ku kuring dihaja, sina nyerep sina nyecep kana ati sanubarina. Sisindiran kuring méré sindir ka batinna, eusina sina wangsul ka nu disindiran, béda jeung sisindiran-sisindiran nu sok dikarawihkeun ku batur-batur kuring: ku Si Darsih, ku Si Gandol, ku Si Icem, ku Si Jiem; sisindiran kabirahian. Sisindiran ngajak poho ka Pangéran.

            Kuring terang, rupa jeung sora kuring keur meujeuhna dipiagul jeung dipikaresep ku saréréa. Hal éta ku kuring dipaké kasempetan. Dipaké pakarang pikeun noélan haté anu keur paroho.

            Mun kuring keur ngigel, nu naringal nareuteup mata simeuteun. Da cenah, tincak jeung gerak kuring naringgang taya nu ningnang. Tara aya kendang labas, tara aya goong kosong. Igel kuring lain igel nangtang "perang", tapi igel ... ngigelan hirup. Hirup lain boga urang.

            Mun geus anggeus sababak, nu tas ngarigelan téh tara sok marasak di pakalangan ari lain ka tukang kendang mah. Tapi di luar, ngarah dituturkeun ka nu... pék.

            Mun kuring ka luar, anu tas ngarigelanana mah, tampolanna tara kabagéan nyabak-nyabak acan, béakeun ku nu marilu umum. Awak asa remek dipagorényangkeun.

            Kuring jadi terang, di luar teu aya "caang", kabéh poék. Poék buta wereng!

            Mun pakalangan geus karut—mun oncor geus pareum— mani ngabring da nu barelang irung naluturkeun ka imah. Padahal ku kuring téh ukur diajak ngarobrol, tapi bangun baretaheun pisan, da éta nepi ka isuk. Mun aya nu hayang otél paduduaan, ku kuring tara sok dibéré kasempetan. Teu aya nu bisa temenan. Teu acan aya saurang ogé nu kungsi ku kuring diajak "mondok", kawas lumrahna ku ronggéng. Cindekna kuring ngawatesan diri. Jamak ari ukur lebur pupur jeung busik pipi mah. Da moal matak bohak. Lain ronggéng atuh, teu kitu-kitu acan mah!

            Mun aya lalaki nu meunang kasempetan hadé—boh beurang boh peuting—kuring tara béakeun akal pikeun meruhkeunana. Meruhkeun napsuna anu ngagudag-gudag. Nepi ka leumpeuh lemper cara daun cau lempes didéang. Upadi anu geus rarimbitan mah, teu kurang-kurang anu mulangna bari wirang, da ku kuring diweweléh jeung diésék-ésékkeun.

            Najan kitu, anu kabungbulengan jeung kaédanan ku kuring tambah réa baé. Réa anu wakcabalaka, rék tega pegat jeung nu kolot, asal kuring daék lésot jeung sodér. Réa nu ngolo-ngolo bari ngasong-ngasong gepokan uang kertas réwuan, sok mun kuring daék serah bongkokan. Sawaréh ngiwing-ngiwing bisluit pagawé tinggi, ngajak kuring tumpak mobil hérang.

            Kurang-kurang teuing pangger mah, matak batal lalampahan.

            Geus jadi sabiwir hiji, kuring ronggéng méncéngés. Cenah, Nyi Impen mah lir inten dina carangka runtah.

            Anéh, tapi alus. Papadaning kitu ku babaturan pada ronggéng henteu diparaké sirik pidik pédah kuring geulis pédah kuring laku téh, malah dipikolot diarajénan. Boh nu kolot boh nu ngora, kabéh gé nyarebut Tétéh. Tétéh Impen. Mun aya nu manggil ngaronggéng kana tayuban, tara aya nu daék mun henteu jeung kuring. Jeung da tara aya, nu manggil daékeun tanpa kuring, kajeun teu jadi tayuban. Da éta cenah, mun hajat nanggap tayuban ronggéngna aya kuringan, anu henteu diarondang ogé sok daratang. Sabalikna, mun teu maké kuring kajeun nu séjén galituk, nu diarondang ogé tampolanna mah tara daratang.

            Dina tayuban kitu, sok aya nu ceurik haté. Nyeungceurikan laku jelema. Laku jelema, lain lampah manusa. Da manusa mah jelema iman.

            Geura éta mun geus kapeutingnakeun, mun arak geus ngagakgak, mun sloki geus ngagikgik, ih da teu aya camat teu aya wadana, nu ngarigel téh kabéh gé geus lat baé parohoeun kana wiwitan. Atawa, lantaran aringeteun kana wiwitan, mana kitu gé. Da wiwitanana ogé barang kotor!

            Nu geus puguh, maranéhna parohoeun, yén jelema mah lain kulitna lain dagingna, anu ragaan téh!

            Anu pangteulucuna, éta nu tas nyomot gado atawa nu tas ngagaléntoran kuring di tengah pasamoan; anu dipéntaan masak, nuduhkeun ka pamajikanana anu harita milu nongton. Demi pamajikanana, dipéntaan masak salakina téh lain mangjengkatkeun atawa nyiduhan beungeut kuring, tapi malah léah. Notoroganana, éta aya nu luas morosotkeun kongkorong emasna. Éta téh nu ka. Kasebut kokolot-kokolot rahayat!

            Ceuk kiai, nyaéta bapa kuring:

            "Lamun Nyai panteng enggoning nguji diri, insya Alloh dina nincak taun kadua, baris seukeut aambeuan; nincak taun katilu baris awas permana tingal."

            Enya teu mencog!

            Ayeuna kuring tara sok lésot carécét seungit. Da éta, boh panjak, boh sasama ronggéng, boh nu ngarigelan, boh nu magorenyangkeun di nu poék, boh nu sok ngabring-ngabring ari balik, kabéh teu aya nu teu bau. Mun ngobrol jeung maranéhna, da teu kuat ari teu bari néngkép irung mah. Komo éta nu sok ngarotélan, munggah ngahiek... bau hapeuk!

            Ti harita kuring sok atar baé. Cium jeung otél ogé ditahan harga. Nepi ka kuring katelah ronggéng lindeuk japati. Tapi kuring leuwih daria, sangkan jelema-jelema leuwih sugema ku sora jeung igel kuring. Kuring usaha satekah polah ngarobah anggapan nu réa, yén ronggéng éta, lain nomer hiji nomer dua ti ungkluk, nomer tilu gé lain; tapi malah teu sagolongan-sagolongan acan. Ajén ronggéng aya dina igel jeung sora. Lain dina geulis anu rucah!

            Naha lucu, mun urang ningal Si Darsih, ronggéng pamajikan tukang kendang, digugutet digalentor ku nu diteregos, bari ngurilingan oncor dikendangan ku salakina?

            Tapi, pantes ceuk haté mana kitu gé, da geuning ...

            Barang dina peutingan kahiji, nincak kana taun katilu kuring ngaronggéng, na ana bréh téh titingalan kuring jadi robah. Masya Alloh horéng... boh panjak, boh sasama ronggéng, boh nu keur ngarigelan, boh nu lalajo; geuning kabéh gé lain... jelema. Tapi... babi, bagong, monyét, méong, lutung jeung buhaya.

            Nu keur ngempyak ngigelan kuring ogé, iiiy... maung belang!

Jerit kuring ngajerit, da éta tah Si Belang téh ngaragamang rék nyewol... susu.

            "Ceuk Embu gé, ari rék saré téh kudu babacaan heula!" omong Ema nu keur nyaliksikan.

Kuring rungah-ringeuh. Jeung lieur. Haté adad asa-asa, pinuh ku pertanyaan-pertanyaan:

            "Saenyana, aing anak kiai nu keur disaliksikan, atawa anak kiai nu jadi ronggéng?

            "Naha aing téh anak kiai nu keur disaliksikan ngimpi jadi ronggéng, atawa ronggéng anak kiai keur ngimpi disaliksikan?"

            "Naha Si Darsih téh ronggéng jelema nu kaimpikeun jadi babi, atawa ronggéng babi keur kaimpikeun jadi ronggéng jelema?".***

 

Dimuat deui tina Mangle heubeul

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (3)

Saukani

carita pieunteungeun..

Saukani

carita nu bisa dijadikeun pangajaran hirup, sok sanajan ngan ukur carita..

komara

carpon heubeul tapi munel. MImiti kapincut ku carpon Ki Umbara teh dina Sawidak Carita Pondok dina carita "Kasilib".

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: