• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Galonggéng

Kénging Maman Rachman
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1393896309.jpg [Potrét/Ilustasi: Agus mulyana]

Anjing babaung sababaraha kali, meupeuskeun peuting nu jempling. Langit hideung leungiteun bulan jeung béntang. Keueung geueuman. Lembur dikerekeb ku poék mongkléng meredong. Jegogjegog Si Kupluk ngagogog. Ngaherengan nu ngaliwat terus dituturkeun jegog-jegog deui ngagogog.

Kolotrak, panto hareup dibuka lalaunan. Si Kupluk angger ngagogog, bari teu weléh ngahereng. Teu aya sasaha, iwal ti poékna peuting nu meredong.

Palebah rungkun tangkal cau, aya nu ngaringkiwik ngabelegbeg, samar-samar nyerangkeun. Panonna hurung melong kana panto imah. Jumena diuk cungakgok, leungeunna ditumpangkeun kana dua tuurna.Teu bisa diuk bener, sumawonna saré. Saawak-awak pinuh ku cenang nu ngagarenang. Sakalieun hayang nangkarak, awak kudu diamparan daun cau ngora, ngarah cenang teu nararapel kana tilam.

Panas jeung tiris, katambah ateul, teu puguh rasakeuneunana. Jumena ngan bati ngahinghing ceurik, rék digaro lain garoeun, seug komo lamun digacak.

Unggal isuk dipariksa ka mantri, teu aya hasil nanaon. Cenang malah jadi nambahan. Ngagarencoy siga anggur héjo nu geus arasak. Kaditu-kadieu néang ubar. Geus puguh dijiad mah dijiad, teu cageur-cageur.

Geus ampir saminggu Jumena, angger cungakgok. Dititah dahar embung, nginum ogé nyakitu, basana téh peurih. Da mémang enyana, biwima gé carénang, ngan ukur panon bobodasna jeung hihideungna nu nyésa kénéh téh, culak-cileuk pikasieuneun.

Peuting kamari, pas malem Juma’ah. Anjing tatangga lembur hawar-hawar babaung. Si Kupluk teterelengan, lulumpatan muter ngurilingan imah. Jegog, jegog ngagogog. Reg eureun, buntutna kupat-képot kawas nu nyanghareupan dunungan. Brek depa, buntutna angger kupat-kepot, ceulina dirancungkeun bari di teu daék cicing.

Batré disorotkeun ka palebah Si Kupluk. Teu aya nanaon. Ngan Si Kupluk wé angger depa. Bus ka tengah imah, reuwas lain dikieuna. Tetempoan téh Jumena keur ditatanggeuy. Awak nu nanggeuy sarua pinuh ku cenang, malah leuwih-leuwih ti Jumena, buukna ngaringkiwik, palebah tarang rada hérang bolénang.

Babacaan sabisa-bisa sababaraha kali. Les nu nanggeuy Jumena leungit. Tinggal Jumena nu adug songkol. Peuting asa ku lila cicing. Nunggu-nunggu waktu nepi ka meletek panonpoé, karasa hésé. Asa lila teuing ku lila.

Waktu ngagayuh ka beurang, kakeueung mimiti ngurangan. Teu pati keueung ari ti beurang mah. Loba jelema nu ngalaliwat rék arindit ka sawah ka kebon, atawa nu daragang ka lembur.

Keur jongjon di hareupeun imah, beberesih miceunan runtah. Torojol tukang bedog urang Tanjungsiang nyampeurkeun.

“Sampurasun!” ceuk tukang bedog ka kuring,

“Rampés,” walon kuring.

Teu kungsi dititah, gék tukang bedog diuk dina palupuh di tepas hareup. Atuh nyakitu deui, song manéhna diasongan cai nu biasa nyampak di tepas.

“Kamarana tiiseun?” ceuk manéhna nanya ka kuring.

“Aya di jero, nu matak kuring téh keur dibéré cocoba.”

“Nya kunaon?” ceuk tukang bedog siga nu hareugeueun.

“Tingali wé ka jero ari luas mah.”

Tukang bedog teu diengkékeun deui. Bus ka tengah imah, nempo Jumena nu keur nagog sila tutug, awakna pinuh ku cénang.

“Euleuh-euleuh, kunaon ieu diantep kieu?” ceuk manéhna ka kuring.

“Keuna ku panaheunan batur ieu téh.”

“Panaheunan kumaha Mang?”ceuk kuring rada héran

“Éta dulur urang pernah sugan barang ala, atawa ngadahar hancengan batur? Ieu téh galonggéng,” ceuk tukang bedog.

Palebah dinya teu apal. Leng pikiran nguriling, rarampa sugan jeung sugan, aya lalampahan dulur nu teu karasa dilakukeun ku manéhna. Ras inget, dulur kuring Jumena pernah ngingilu nguseup ka lembur di pakaléran.

“Sugan naon Jum, bisi poho naon waé nu dilakukeun ku manéh waktu nguseup?” ceuk kuring ka Jumena dulur kuring.

“Rarasaan mah teu aya Kang.” Leng Jumena ngahuleng mikir-mikir sugan enya aya nu poho waktu keur ngingilu nguseup.

Jumena kakara inget. Manéhna kungsi barang ala, ngala bonteng di kebon sisi walungan. Rumasa teu bébéja kanu boga kebon, da mémang teu aya sasaha. Ari beuteung teuing ku peurih, bari kabita ku bonténg nu keur meujeuhna cetrokkeun. Pok ku manéhna dibéjakeun satarabasna ka tukang bedog.

“Ieu ubarna teu aya deui iwal ti kudu ménta dihampura ka nu boga kebon, mun teu kitu wayahna, moal cageur-cageur,” ceuk tukang bedog.

Pipikiran jadi mentog, diubaran kumaha teu diubaran kumaha. Kumaha téh palebah jauhna jeung acan boga keur inditna. Kudu jujualan meureun, mangkaning geus sagala béak, ari lain suuk meunang mopolé mah, kitu gé teu loba.

Ku bakat nyaah kanu jadi dulur. Paribasa kajeun teuing jujualan atawa unjam-injeum. Hayang boga dulur jagjag sabihara-sabihari deui. Bisa gawé, sanajan ngan ukur gawé sacabak-cabakna. Ma’lum cicing di lembur teu ngoprék mah moal nyapék.

Poé Salasa isuk-isuk. Kuring ka tilu tukang bedog geus saged. Teu boga duit gé maksakeun. Indit ka lembur di pakaleran, tempat dulur kuring Jumena ngala bonténg teu bébéja.

Tumpak mobil elef ka kalérkeun, karasa nyareri awak. Komo meureun dulur kuring Jumena, nu keur boga kasakit dina awakna. Jalan téh teu sirikna pinuh ku lombang, batu laleutik ngampar di sisi jalan urut ngurug jalan nu ruksak.

Palebah péngkolan hiji lembur, duka teuing lembur naon ngaranna. Jrut kuring saréréa turun. Jumena dibeyeng lalaunan. Tukang ojég rabul, nawaran ojég. Clak kana ojeg, tilu ojeg. Teu kungsi lila geus anjog ka sisi kebon bonténg nu ngaplak kacida legana.

Di saung kebon ngelun haseup, dua jelema nini-nini jeung aki-aki keur bébérés di jero saung sagawé-gawé. Kuring uluk salam, dijawab ku nini-nini jeung aki-aki méh bareng. Kuring nyarita ngahaja datang ka dinya, alatan rék ménta dihampura. Nini-nini jeung aki-aki papelong-pelong. Pok aki-aki ngomong.

“Euleuh-euleuh sakitu jauhna, hidep datang ka dieu?” ceuk aki-aki.

“Muhun, Ki,” ceuk kuring, bari panon mah rarat-rérét nalingakeun pangeusi saung. Katempo sarupaning rurujakan sapuratina di juru saung, geus puguh surutu jeung menyan, menyan ngaguruntul dina batok kalapa, deukeut parupuyan.

“Heueuh da kami mah ngan sakadar dititahan ngajaga kebon. Awak geus sakieu rempona, nya kapaksa gawé nitahan deui,” ceuk aki-aki.

“Ayeuna hayang kumaha?”

“Nya hoyong cageur deui wé,” ceuk tukang bedog mairan.

“Nya heug, matak mun barang ala, mipit kudu amit ngala kudu bébéja téh palebah dieu. Ulah sangeunahna, barang ala nu batur taya tata krama.”

Kuring dibahanan cai, nu kudu dipaké mandi engké sadatangna ka imah. Menyan mah teu tinggaleun, dibéré sagedé tungtung curuk. Jumena sina ngadahar bonténg meunang marancahan, malahan mah kuring jeung tukang bedog ogé sina ngadahar. Mimitina mah rengkag-rengkog, tapi aki-aki jeung nini ngahatéan sangkan kuring ngadahar.

“Moal-moal ku nanaon!” ceuk aki-aki bari ngarérét ka nini-nini.

Datang ka imah méh geus magrib. Tukang bedog balik ka lembuma, da bisi deudeupeun nu di imah cenah. Kuring ngan tinggal duaan deui, kuring kadua Jumena.

Cai geus disayagikeun keur mandi Jumena. Parupuyan di tengah imah geus meunang ngarengan. Ditiup sakali gé ruhay. Menyan dipurulukkeun lalaunan. Haseupna ngelun, bruy mancawura minuhan tengah imah.

Jumena dimandian, maké cai pamahanan, dicampur ku cai tina bak di imah tujuh gayung. Sanggeus dimandian Jumena sina diuk deui di tengah imah. Gék Jumena diuk, tiris-tiris gé maksakeun da ku hayang-hayangna cageur.

Jegogjegog Si Kupluk ngagogog deui, ngagogogan nu keur ngajega di panto hareup. Buukna angger ngaringkiwik, tarangna nu bolenang rada enyay-enyayan katojo lampu hareup nu kukulicesan. Rarasaan imah ngarieg, asa-asa aya lini. Boa-boa imah rug-rug, tangkal buah jeung tangkal kalapa pating dorokdok rarungkad. Si Kupluk angger ngagogog. Mingkin lila mingkin jauh, sorana kadéngé ukur hawar-hawar, nuturkeun nu indit ka tempat asalna.Kuring gigisik sababaraha kali, tetela imah teu kunanaon, henteu rugrug teu naon. Peuting harita Jumena saré tibra ngageubra. Teu lila ti harita Jumena, geus katémbong cageur. Awakna beresih deui, lingsig deui cara sasari.

“Ménta jambu,” ceuk nu diluar imah. Inget jambu keur meuhpeuy.

“Kop!” ceuk manéhna kénéh.

Manéhna nu ménta manhna nu ngahengkopkeun. Salamet teu keuna ku galonggéng.***

Anggrék Opat Welas, Juni 2013

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (3)

adhitya

euleuh... rupina masih aya wae nu miara nukararitu geuningan....

Abby Allhabassy

Sumuhun sakedah namah parantos getul ibadah pibekeleun

komara

Deudeuh teuing eta aki jeung nini. hirup geus ampir sareupna tapi lalampahan jauh tina tetekon agama. Sadar teu sadar ngurihit ka jin muntang ka setan. Dosa nu taya hampura, musyrik kasebutna.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: