• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Haté nu Wening

Kénging M.T. Risono
Kintun kana Facebook

Unggal neuteup Mina, haté sok teu weléh ngarakacak. Ras kana sikep sorangan basa éta budak dilahirkeun. Mun téa mah bisa malikkeun waktu, hayang mupus éta kajadian. Hayang ngaganti ku rasa tumarima ka Nu Maha Kawasa, kana lahirna Mina, anak kuring nu kadua.

“Sapatu Mina di mana, Mah?” ceuk Mina ka indungna. Kuring nu keur maca koran, ngarérét ka manéhna.

“Tos disimpen di teras tadi téh,” témbal Tita, pamajikan kuring, bari cakah-cikih mérésan urut sarapan bieu.

Mina ngagedig néang sapatu ka tepas. Tétéla sapatu téh aya, kumplit jeung kaos kakina. Rap dipaké ku sorangan. Ngan saguliwek sapatu geus nerap pageuh tur rapih. Teu lila manéhna amitan ka kuring jeung indungna. Kuring nyérangkeun manéhna nu leumpang nepi ka panto pager.

Haté bet ngarasa reueus ayeuna mah, boga Mina téh. Budak nu tara loba paménta. Sakapeung sok nyérédét, asa dosa ka nu jadi anak. Tujuh taun ka tukang, basa Mina gubrag ka alam dunya, kuring teu bisa narima. Poho, yén manéhna téh anak awéwé meunang hayang.

Tita rada hésé waktu ngalahirkeun Mina di rumah sakit. Air ketuban geus kaluar ti heula, tapi taya mules sabiasa nu rek ngajuru. Ku tarékah para dokter di rumah sakit, indung katut orokna salamet. Sawatara poé mah kuring can bisa ningali orok, da pamajikan katingali pikawatireun. Kitu deui basa balik ka imah, kuring ngagondéng Tita. Orok mah diais ku mitoha awéwé.

Isukna kuring hayang ningali orok nu keur dimandian ku Ma Enok, paraji maneuh kulawarga, purah ngarorok nu entas ngalahirkeun. Kuring  ngagebeg sataker kebek. Geuningan orok téh, tanpadaksa. Leungeun kéncana ngan semet pigeulang. Gusti, naha naon dosa abdi? Haté norowéco ku sagala kahandeueul. Kuring ngagejlig ti imah, teu nolih ka saha waé nu nanya.
“Rek ka mana, Gun? Lain hayang ningali orok téa?” cék mitoha.

Kuring tonggoy ngagedig. Tita teu lémék teu nyarék. Manéhna kawas geus ngarti. Tita asup ka kamar dituturkeun ku indungna. Kuring diuk di sisi balong tukangeun imah adi. Haté teu puguh rarasaan. Asa hésé  narima kanyataan, boga anak tanpadaksa.

Basa umur budak meujeuhna cooeun, kuring can bisa maliré kénéh. Haté can léah, can bisa narima kana takdir. Sanajan kitu, henteu ari diomongkeun mah rasa kahandeueul téh. Tita terus rasa. Haté pamajikan, teu bisa disumputkeun.

“Sing sabar, Kang. Budak mah teu bogaeun dosa. Budak tanpa daksa lain kahayang urang. Éta tos papastén ti Nu Kagungan. Urang mah pilakadar nampi jeung sumerah diri,” sora Tita leuleuy.

Kuring teu némbalan. Omongan Tita karasa bener. Tapi haté angger asa ngaganjel kénéh. Kuring can bisa narima. Euweuh turunan nu kitu di garis kulawarga kuring. Duka teuing di garis pamajikan mah. Tapi teu hadé diomongkeun ka Tita mah. Kacipta nyerieun haténa lamun kakeuheul téh diteumbleuhkeun ka manéhna.

Sanggeus bisa ulin jeung babaturanana, budak téh sonagar. Manéhna bisa campur gaul jeung sasamana. Taya rasa éra atawa minder. Sagala hayang bisa sorangan, tara loba menta tulung, satungtung bisa ku sorangan mah. Basa aya batur sakantor nganjang ka imah, manéhna katingali rada murengked. Aya rasa éra ka nu anyar panggih. Ongkoh ku babaturan kuring nu éta mah, teu pati daék ngaraéh budak.

Mina siga nu ngarti kana kaéra kuring. Manéhna tara daék nyampeurkeun ka babaturan kuring nu nganjang ka imah. Sumawonna sasalaman cara Aldy, lanceukna nu normal. Mina mah anteng wé ulin di buruan jeung pada baturna. Dicalukan ge ku indungna, teu daékeun nyampeurkeun. Kuring gé tara ieuh milu riweuh ngageroan.

“Wios atuh teu kersaeun mah. Biasalah, murangkalih mah ari nuju anteng amengan sok alimeun diganggu,” ceuk Darman, sobat kuring keur jaman  sakola, nu harita nganjang ka imah. Ngomongna kitu téh bari ret ka kuring.

“Muhun, da Mina mah kitu ari aya tamu téh, isinan,” ceuk kuring.

Nepi ka sémah balik, Mina teu nepungan deui. Katempona téh enyaan Mina keur resep ulin jeung pada baturna, lain minder atawa éra ku semah, pédah tanpadaksa. Atuh lanceukna ogé nya kitu, narima kana kaayaan nu jadi adi. Malah katénjo leuwih getén batan kuring. Kawasna manéhna gé geus ngarasa kuring nu rada béda ka Mina. Nu atak manéhna jadi leuwih merhatikeun. Lamun indungna pareng keur euweuh, Aldy sok ngasuh atawa ngajak ulin. Malah mun Mina keur ogo mah sok diakod sagala.

Sakali mangsa mah Tita keur teu genah awak. Manéhna ngagolér teu bisa baranggawé cara sasari. Sagala kabutuh Mina sakola, teu bisa dicumponan ku manéhna. Rék ménta tulung ka kuring, bangun teu wanieun. Inggis ku bisi rémpan ku sugan. Kuring ngarti. Nu matak méméh indit ka kantor, kuring nu nyiapkeun sagala rupana.

“Punten nya, Kang, abdi teu tiasa ngawulaan,” ceuk Tita basa kuring pamitan rék indit digawé.
“Nya, wios. Istirahatkeun wé méh énggal pulih deui. Kadé tong barangdamel. Keun wé engké miwarang Ceu Epon bébérés mah.

Ari Mina geus angkat kitu?” cék kuring.

“Parantos tadi, sareng Aldy,” walon Tita. Paromanna semu robah.

“Sarapan heula?”

“Atos,  sareng Aldy. Tadi dihuapan ku si Aa da sieun kasiangan. Ayeuna piket, cenah,” Tita ngajawab ngajelaskeun.

Kuring teu tatanya deui. Haté wé galécok sorangan. Geuning sakitu nyaahna nu jadi lanceuk ka adina. Indungna gering teu diririweuh. Estu béla Si Cikal téh. Hampura Bapa, Mina, ceuk haté. Aldy, syukur Ujang nyaah ka adi.

“Ku naon, Kang, kalah ngahuleng. Tos sarapan teu  acan?” Tita nanya, asa ngagebah kuring tina panglamunan.

“Atos, sangu goreng,” témbal kuring .

“Tadi Mina hoyong sangu goréng buatan si Aa. Keur ogo ayeuna mah, sagala ku Aa wé,” Tita nyarita semu daria.

Kuring répéh we. Sangu goréng téh, geuning  jieunan Aldy keur Mina. Manéhna nyieun sangu goréng dilobaan, keur kuring ongkoh.

“Kumaha, raos teu? Abdi mah can nyobian,” tanya Tita.

“Raos pisan,” témbal kuring alon. Beungeut teu wani neuteup Tita, sieun katohyan piceurikeun nyelek dina tikoro.

Haté  reueus ku Aldy. Éra ku sikep sorangan. Naha ari budak pantar Aldy, bisa narima kana takdir. Manéhna teu keuheul sumawonna ngéwa ka adina. Kanyaahna sidik pisan lain pupulasan, ti hiji lanceuk ka adina. Naha ari kuring bet éléh ku budak? Naha maké beurat narima kanyataan? Apan Gusti Alloh tos ngabulkeun sagala paneja, hayang boga anak awéwé. Naha ayeuna sulaya, henteu syukuran kana nikmat? Haté noroweco, pirang-pirang patakonan. Batur mah hayang boga budak téh aya nu ngabélaan ngadopsi, ngukut anak dulur, atawa uubar ka ditu ka dieu. Malah maké téknologi canggih, bayi tabung sagala.

Kuring hésé pisan rék narima Mina sagemblengna. Aya rasa kuciwa, aya rasa handeueul nu ngancik dina jero haté. Naha Mina teu siga Aldy atawa baturna nu normal? Sakapeung kuring sok ngarasula.

Kungsi hiji waktu Tita hayang dianteur balanja bulanan. Barudak sina milu, itung-itung bari ulin wé, cenah. 

“Tapi Mina kudu diais,” ceuk kuring ka Tita. “Maké jékét.”

“Ih, apan Mina mah tos tiasa mapah atuh, Kang, maenya diaais,” témbal Tita. 

“Nya mun hoyong dianteur mah kitu wé saratna,” sora kuring rada teugeug.

Tita surti. Manehna nurut sakumaha paménta kuring. Aldy ngan ukur neuteup. Sanajan teu ngomong sakecap ogé, dina hatena mah siga aya nu disidem. Manéhna nuturkeun indungna  ngadangdanan Mina.

Balik balanja, Aldy teu loba omong. Kuring ngaluarkeun balanjaan dina bagasi mobil. Aldy mawaan kérésék balanjaan ka tengah imah. Paromanna teu bérag kawas sasari mun geus iinditan, sagala dicaritakeun ka adina.

Bari murak opieun nu tadi dibeuli di supermarket, Aldy diuk gigireun kuring lalajo acara tv karesep kuring, keur meujeuhna ramé.

“Pa, Aldy aya picarioseun.”

“Nya pok wé,” tembal kuring bari panon mah teu lesot tina acara televisi.

“Ari Bapa nyaah teu ka Aldy?” Tanya Aldy alon.

“Puguh wé nyaah mah. Saha nu teu nyaah kanu jadi anak.”

“Ari ka Mina, sami teu nyaahna?” Aldy semu nu asa-asa pok.

Kuring ngagebeg sajongjongan mah. Acara televisi nu keur dilalajoan ngadak-ngadak asa euweuh soraan. Nu kadéngé jentre téh pananya Aldy bieu. Tuluy kuring ngarérét ka Aldy nu keur melong di gigireun.

“Naha bet naros kitu?”

“Muhun dibandungan ku Aldy, sikep Bapa ka Mina asa benten we. Aldy sanés budak olol lého deui, tos 15 taun. Aldy tiasa ngbéntenkeun,” sora Aldy béntés kana ceuli.

Kuring asa ditonjok hulu angen. Teu sangka Aldy wani ngomong kitu ka kuring. Budak nu ku kuring dianggap cicing tur nurut téh, ayeuna geus kumawani. Sakedapan mah kuring teu bisa ngomong. Ngabetem. Acara karesep nu keur dilalajoan, harita mah teu mincut ati. Gap kana rémot. Cetrék tv dipareuman.

“Naha kumaha kitu?” kuring nanya deui. Diuk nyanghareup ka Aldy ayeuna mah.

“Bapa isin nya gaduh putra Mina? Pedah Mina cacad?”

Kuring jempé teu némbalan.

“Mina téh sami  keneh siga Aldy,putra Bapa. Tapi naha siga alim ngangken, maké isin sagala,” Aldy mimiti tatag nyaritana. “Apan Bapa téh hoyong putra istri. Méh sajodo, saur Mamah gé. Ari tos gaduh diapilainkeun da pédah cacad. Mina gé alimeun lahir cacad téh. Barina gé saha jalmina nu hoyong lahir tur cacad. Ieu mah tos papasten Gusti Nu Maha Suci.”

Kuring élékésékéng dipokpokkeun kitu téh. Geuningan manéhna geus bisa neguh kana eusi haté kuring.

“Aldy mah teu isin gaduh adi cacad. Karunya wé nu aya. Kumaha mun aya nu moyokan? Saha nu rék buméla  mun seug aya babaturanana nu rek nganyerikeun? Kedahna Bapa nu masihan sumanget téh. Hiji bapa wajib ngajaga anakna dina kondisi kumaha waé. Bisi Bapa isin waé, nya Aldy gé sanggem jadi pelindung Mina. Aldy sanggem ngagedéan haté Mina sangkan teu minder.”

Aldy terus menta hampura ka kuring bari nyium leungeun. Teu lila manehna  ngaléos. Badé istirahat, cenah.

Kuring teu bisa némbalan. Ukur unggeuk. Regot cikopi dina meja nu titadi diantep téh, diuyup. Ragamang nyokot roko. Pelenyun udud bari nyangsaya.

“Aeh, aéh, naha moal ka kantor kitu?” Tita ngagareuwahkeun kuring tina panglamunan, bari ngajentul di lawang panto.

Kuring nyéréngéh. Aya rasa bungah jeung kagagas séséléké sumeleket jero haté. Haté indung jeung anak nu beresih wening, geus mukakeun lawang kasadaran, yen Mina téh mutiara haté paparin Nu Maha Asih.

Basa mobil lalaunana ngageuleuyeung, Tita ngagupayan ti lawang, cara sasari, unggal kuring rék ka kantor. Dina taktakna, nyangsang kénéh anduk jeung piyama barudak, urut maké tadi peuting. Langit lenglang, nganteur hate nu caang narawangan. ***  

Jagabaya, 5 Désémber 2013

Panglawungan 13

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

sukanda

kuring kungsi micinta wanoja anu tanpa daksa. hanjakal manehna unggah adat pedah boga rupa geulis, ngijing sila bengko sembah ka kuring, kapaksa diputuskeun we loga ieu wanoja anu leuwih alus ti manehna

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: