• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Kuburan Pondok

Kénging Us Tiarsa R
Kintun kana Facebook

PADA ngupah-ngapéh ku sakur nu datang gé da teu kuat. Nyaho deuih, nyeungceurikan mayit téh ulah tepi ka midangdam. Kudu pasrah, sabar, tawekal, kudu narima kada papastén. Nu tilar mah da geus puguh, mulang ka kalanggengan, dipundut ku Nu Kagungan. Lain teu engeuh tapi kumaha asa nyedek waé dina angen. Teu kaampeuh. Cipanon teu bisa dibendung, kalah bedah deui-bedah deui. Mun teu pada nangkeup mah, hayang ngagugulung, ngagaléntoran Kang Uloh nu geus kari banusan. Pada ngariung, beuki beurang beuki ngaliud nu ngaralayad téh.

Nyaan asa diheulang. Peuting téh teu nanaon, jagjag belejag. Ari janari bet ngadadak rénghap ranjug. Diurutan tonggong jeung dadana, kalah beuki kacida. Kakara gé ngageunggeuing si Cikal, sina nganteur bapana ka rumah sakit, Kang Uloh geus ngulahék. Mangkaning nu aya di imah téh ngan duaan jeung si Cikal, adina keur ngéndong di bibina di lembur, da peré. Si Cikal wé nu cukah-cikih ngabéjan tatangga, RT jeung RW. Ngageroan dokter nu imahna teu pati jauh. Sina dipariksa, panasaran, enya gé geus yakin, salaki téh geus ngaleupaskeun nyawa.

Cenah ceuk adi beuteung, sababaraha kali kuring teu inget. Aya kana tilu kalina diparayang ka kamar ogé. Tepi ka teu nyaho, basa adi beuteung, mitoha, jeung dulur-dulur ti pihak salaki, baradami ogé. Ceuk mitoha awéwé, dan mitoha téh kari sabeulah,  geus barempug, cenah, layon Kang Uloh téh rék dibawa ka lembur, dikaluat di makam kulawarga. Ngadéngé kitu téh, awak ngadadak lungsé, kawasna téh teu inget deui. Eling-éling téh pada nyeuceuhan bari sina nyeuseup kolonyo nu dikocrotkeun kana tisu.

Sanggeus diuk nyarandé di patengahan, deukeut layon, maksakeun nyarita. Kang Uloh kungsi ngobrol, mun pareng dipundut ti heula, dikubur téh teu kudu di lembur. Di dieu waé di makam kompléks da boga hancengan, milu udunan ka DKM keur meuli tanah kuburan. Teu pati jauh ti imah, aya wé ari dua kilo mah. Saréréa gé urang kompléks mah dikuburna téh di dinya. Teu metu. Mitoha jeung adi beuteung keukeuh, layon Kang Uloh rék dibawa ka lembur. Rarasaan, sorangan téh pamajikan Kang Uloh, boga hak nangtukeun tempat dikurebkeunana salaki. Kuring jeung si Cikal keukeuh, mitoha jeung anak-anakna keukeuh.

Sababaraha kali dicaritakeun, éta téh amanat jenatna Kang Uloh, ongkoh ari kuburanana teu pati jauh mah, tangtu gampil ari nyekar. Tapi teu bisa dionggét-onggét. Indung Kang Uloh teu sirikna ngagorowok, bari nunjuk rorék kana panon kuring. Pajah téh, ari nu maot mah kumaha nu hirup rék dikubur di mana-mana ogé. Kang Uloh téh ari geus jadi layon mah kuma indung jeung dulur-dulurna. Ustad Sadli, Ketua DKM di komplek milu nyarita, yén teu hadé marebutkeun layon. Ditétélakeun ku ustad téh, anak pamajikan almarhum boga hak nangtukeun di mana layon dikurebkeunana. Mitoha ngageroan anakna, adi Kang Uloh nomer dua, sina buru-buru ka lembur. Ngali kuburan. Teuing naon nu dicaritakeunana mah da bangun nu haharéwosan. Ngan cenah, rék ngagugu kana kahayang kuring, Layon Kang Uloh téh teu kudu dikubur di makam kulawarga, rék di makam umum tapi keukeuh kudu di lembur.

Rada ngemplong, keun wé di lembur ogé ari di makam umum mah, henteu di makam kulawarga. Ngan bet asa ngajeletit kana haté basa mitoha nyebutkeun, cenah,, mun teu kawin ka kuring mah, Kang Uloh téh baris panjang umur. Geus bras ka lebah dinya mah, awak asa dipupul bayu, ngalempréh teu inget di bumi alam. Barang nyah beunta, layon Kang Uloh geus rék digotong kana ambulan. Méméh asar cenah kudu geus dikaluat, bisi kaburu hujan. Ongkoh pamali mayit teu buru-buru dikaluat mah.

 Mun teu ras kana temah wadi mah, kuring hayang muntangan pasaran bari nambalang ka mitoha. Dihenteu-henteu gé kuring téh pamajikanana malah geus boga anak dua geus galedé. Baréto indung bapana teu doaeun Kang Uloh ngawin kuring téh. Ari ayeuna mah da geus puguh, hirup rumah tangga sakitu lilana. Baréto sotéh kuring rumasa, sasat ngarebut Kang Uloh ti Ceu Jua, ti pamajikanana nu matuh di lembur, beunang ngarérémokeun kolot pada kolot. Ayeuna mah apan kuring pamajikan Kang Uloh téh, bari geus boga anak sadua-dua. Lalaki hiji awéwé hiji. Geus 14 taun hirup rumah tangga bari bagja wé sakitu mah. Hirup ogé teu gumantung teuing ka salaki, da puguh kuring gé pagawé nagri. Kang Uloh pangsiun téh kuring mah kalah nérékél, golongan gé geus ngadeukeutan golongan Kang Uloh. Ongkoh ayeuna mah apan Ceu Juana ogé geus taya di kieuna. Dua taun sanggeus Kang Uloh ngarangkep jeung kuring, Ceu Jua maot.

Sakantor jeung Kang Uloh téh. Kuring masih kénéh honorér basa Kang Uloh diangkat jadi kasie téh. Saban poé panggih, sasat sakulah-sakolih, anak buah Kang Uloh pangbudakna nu mindeng diutuh-étah. Tara nitah nu séjén jadi notulén rapat, malah kuring sok dipercaya ngonsép jeung ngetik surat dines. Sok diajak mun rapat ka propinsi ogé. Tapi tara panggih ari jeung Ceu Jua mah. Da tara pipilueun kana PKK atawa riungan kulawarga di kantor ogé. Embungeun ninggalkeun lembur, ceuk Kang Uloh mah.

Karasa pisan nyaahna Kang Uloh ka kuring téh. Teu sirikna totomplokan, matak sirik nu séjén.Waléh wé, mimitina mah ka Kang Uloh téh ilahar ka dunungan wé, cara babaturan sakantor, papada anak buahna. Nyebut gé sarua jeung nu séjén, Bapa atanapi Pa Kabid. Lila-lila bet robah asa ka bapa. Mikolot téh teu asa-asa, da puguh ti leuleutik geus teu boga bapa. Ari hég di kantor aya nu nyaaheun, nyaah bapa ka anak. Atuda umurna gé, kolot Kang Uloh 12 taun

Cék pikir kuring kitu sotéh. Béda meureun ari cék jinisna mah. Buktina, disaksian ku wakil kapala, Kang Uloh bet nembrakkeun eusi haténa, boga karep hayang mihukum kuring. Rék buru-buru datang ka kolot kuring dibaturan ku Pa Wakil, rék ménta kuring pikeun jadi pamajikanana. Alesanana mah, cenah, Ceu Jua embungeun dibawa pindah jeung ongkoh teu boga anak waé padahal kawinna geus maju ka salapan taun.

Sapuluh poé campleng ngahulengna ogé. Bingung, daék kumaha teu daék kumaha. Kuring téh awéwé, asa piraku kongang ngajejewét haté awéwé deui. Pasti Ceu Jua bakal nyerieun haténa. Salakina, panutanana, direbut. Dipikir deui, malah jeung indung ogé sapamanggih, kuring lain ngarebut Kang Uloh ti Ceu Jua, da nu hayangna ogé lain kuring tapi Kang Uloh. Ongkoh asa geus meujeuhna kuring meunang jodo. Umur geus méh nincak 30 taun, can kungsi boga kabogoh-kabogoh acan. Di kantor téh loba nu lalagasan kénéh  téa mah tapi bangun ngajarauhan. Pédah di kantor téh ngan kuring kitu nu sakolana jucung tepi ka S2 atawa bisa jadi kulantaran kuring deukeut jeung kapala?

Satengah tilu layon téh kakara diiangkeun ka lembur. Kuring dicararék ku batur sakomplék, teu kudu teuing milu ka makam awéwé mah. Tapi da hayang ngayakinkeun di mana Kang Uloh dikaluatna. Kuring milu dina ambulan, diuk di hareup jeung anak nu awéwé. Tepi ka imah mitoha téh tabuh satengah lima. Gura-giru layon dibawa ka nasigit tukangeun imah mitoha. Urang lembur nyarolatkeun da urang komplék mah geus nyolatkeun di imah. Ti masigit ka makam téh kari meuntas jalan gedé, kahalangan ku kebon kosong nu Mang Suwita, adi mitoha. Layon téh digarotong dina pasaran, ambulan mah parkir di hareupeun masjid. Ngan kuring, kapiadi, jeung anak kuring, awéwé nu milu ka makam mah. Mitoha jeung dulur Kang Uloh mah euweuh nu milu.

Lain kuring waé nu ngajenghok téh. Pa RW, ustad, jeung tatangga sakomplék nu nganteur, arolohok. Liang kaluat téh geuning pondok. Ngan saméter satengah panjangna téh. Kang Uloh mah apan jangkung, saméter tujuh puluh dua jangkungna téh. Da katelahna ogé di lembur mah, walanda hideung. Jangkung badag, irung bangir. Kuburan téh geus teu bisa diakalan deui, ka luhur jeung ka handap ngageduk kana kuburan séjén. Ditugar ka siraheun jeung ka tunjangeunana ogé pamohalan, da pasti ngagebros kana kuburan séjén téa.

Teu kaampeuh kuring ngawiwiw, da cék  ingetan, ieu téh pagawéan mitoha jeung adi beuteung. Adi beuteung téh nyampeurkeun. Nyaritana leuleuy, ngupahan. Ménta sangkan kuring léah, layon Kang Uloh dikaluat di makam kulawarga. Geus nyedek piambekeun tapi ras deui kana layon, watir teuing kudu ngadagoan ngali kuburan anyar mah, moal teu kamagriban. Kuring melong ka Pa RW jeung ka ustad. Duanana bangun nu surti, arunggeuk nyaluyuan kahayang adi beuteung. Kapaksa kuring gé unggeuk

Regeyeng wéh layon téh digotong. Henteu jauh-jauh teuing makam kulawarga ti makam umum téh. Aya ari 300 méter mah kari ka beulah kidul, mapay jalan rondaan. Enya wé geus sadia  kaluat téh. Jero jeung panjang da puguh meunang ngukur. Atuh kari blus. Teu lila ngaluat téh méméh magrib geus lekasan.

Bérés telekin, kuring ngarérét ka gigireun kuburan Kang Uloh, Beulah kénca. Nyaan, éta pisan nu teu dipikahayang ku kuring téh, Kang Uloh téh dikuburna gigireun pisan kuburan Ceu Jua. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Yono

sepuh naon atuh nukitu namina....

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: