• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Dr. Ir. H. Ramdhon Bermanakusumah;

Ngalarapkeun Élmu Karuhun
Mulangkeun Kajayaan Patani

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Prof. Ramdhon; Loba kawijakan pamaréntah nu salah kaprah [Potrét/Ilustasi: rudi]

Kajayaan patani, sirna duka ka mana. Nu puguh mah, nu tani kari daki! Tapi, harepan mah teu weléh aya, asal sadar kana kasalahan. Daék ngarobah kawijakan nu salah kaprah. Tah, kumaha carana sangkan bangsa digjaya ngaliwatan tatanén? Prof. Dr. Ir. H. Ramdhon Barmanakusumah, pakar tatanén wedalan Jerman, bruk-brak ka Manglé. 

Jadi ahli tatanén, Prof. Ramdhon, biasa mapay-mapay galengan sawah. Najan inyana téh doktor lulusan Jerman, teu sing jejereged bebelekukan dina leutak. Biasa ngaprak pasawahan, niténan nu tandur, nu ngarambét, nu dibuat. Dina kaayaan kitu, ieu profesor téh, remen ngarahuh ngusap dadana. “Nu buburuh ukur ripuh, patani kari daki!” pokna basa ditepungan di bumi pamatuhanana Cibaduyut Kota Bandung, Jawa Barat.

Nyaritakeun patani jeung tatanén, nu nyangkaruk dina pipikiran Prof. Ramdhon mah, ukur kaprihatinan. Remen katodél mamaras rasana, upama nyaksian patani nu teu walakaya dina hirupna. “Kitu téh, balukar kawijakan pamaréntah nu salah kaprah,” pokna.

 

Ngeureunan Kasalahan

Upama kiwari loba nu teu kataji ku tatanén, mémang kaharti. Lantaran, usaha naon waé ogé kudu untung. Mun kasab gé lain ukur ripuh, da kudu tinemu hasil, bisa hirup jeung huripna. Ngan, ngandelkeun jugala tina tatanén mah, nepi ka danget ieu, lir ngarep-ngarep kalangkang heulang. Nu kasaksén dina kanyataan mah, ukur nu sabalikna. “Patani teu bisa nyumponan pangabutuh sopopoéna upama ngandelkeun hasil tatanén,” ceuk Prof. Ramdhon.

Pasualan séjén, tumali jeung lahanna deuih. Mingkin dieu, sawah nu hadé keur melak paré, mingkin ngaheureutan. Robah wanda, disaeur dipaké wawangunan. Kituna téh prah di mana-mana. Atuh, balukarna, di Jawa Barat wungkul, saban taun téh kaleungitan sawah lima welas rébu héktar.

Aturan, mémang geus aya. Saperti, lahan tatanén irigasi téhnis, teu bisa dirobah keur naon waé, kaasup keur industri. Tapi, aturan kitu téh, teu peurahan. Balukarna, jlug-jlegna wawangunan, pabrik, padumukan gé, sakarep-karep nu boga duit jeung nu boga wewenang. Kitu ceuk ieu profesor ahli tatanén nu biasa disebut Kang Ramdon téh.

Tatanén butuh lahan. Mingkin heureut tanahna, mingkin sautik panghasilanana. Lian ti kitu, katambah deuih ku cara tatanén nu ngarugikeun dina dangka panjang. Cara ngagemuk nu ngandelkeun ‘pupuk kimia’, ngabasmi hama ku péstisida, antukna mah ngurangan kasuburan tanah. Malah, balukar séjénna deuih, lila-lila mah tanah téh ‘ngabeling’ nu tangtu wé teu hadé keur tatanén.

Lahan tatanén nu geus kacampuran bahan kimia, pangaruh goréngna gé bakal manjang. Apan, hasilna, nepi kana hiji waktu mah, angger moal bisa ditingkatkeun najan gemukna haben ditambahan gé. “Nu matak hariwangna, lahanna bakal leuwih ruksak nu balukarna henteu subur deui,” pokna.

Cara ngolah lahan, balik deui kana ‘élmu karuhun’, kudu jadi andelan. Da, cara kitu téh, keur dihangkeetkeun di nagara-nagara maju ogé. Kasadaran pentingna tatanén luyu jeung ‘kahayang’ alam jadi andelan di mana-mana. “Ngan,  di urang mah, cara ngolah lahan luyu jeung kahayang alam téh teu gampang dilarapkeunana,” pokna.

Naon sababna? Loba rambat-kamalena. Patani nu biasana ngagemuk ku cara gampang, maké uréa jeung sajabana, apan teu babari sina ngagemuk ku gemuk kandang atawa nu asalna tutuwuhan téh. Da, butuh waktu jeung tanagana nyieun ‘gemuk alam’ mah. Padahal, haregana murah, bahanna nyampak di saban tempat. Atuh, mangpaat séjénna, bakal nguntungkeun sababaraha pihak. Nu boga ingon-ingon, moal susah miceunan kokotoran, ari nu butuh gemuk, bakal babari meunang bahan keur gemuk téa.

Para ahli tatanén kiwari sadar pisan pereluna ngolah lahan jeung miara pepelakan nu luyu jeung kahayang alam. Matak, di mana-mana gé keur digedurkeun System of Rice Intensification (SRI). Nu dipalar, hasilna mucekil, kalayan kajamin kasuburan tanahna mayeng. Tapi, larapna di urang mah, éta cara téh teu babari. Loba kénéh pihak-pihak nu leuwih mentingkeun kauntungan pribadi batan mikirkeun kapentingan nu leuwih lega.  “Apan, nu ngahasilkeun gemuk kimia, tetep gemukna hayang payu, nu nyarieun obat hama tetep obatna hayang payu bari jeung teu mikirkeun balukarna kana lahan,” pokna.

Tatanén maké padika SRI bisa irit kalayan untungna leuwih mucekil.  Contona, tatanén nu konvensional butuh binih keur 20 – 25 kg/héktar; mun tebar binih, lilana nepi ka 21 poé; kalayan hasil panénna rata-rata 4,1 ton tina sahéktar. Mun maké padika SRI mah, ceuk Prof. Ramdhon, hasilna bisa undak. Contona, ukur butuh binih 4 – 5 kg/héktar; ngabinihkeunanna ukur dalapan poé; kalayan hasilna bisa 6,3 ton/héktar (dina usum halodo), jeung 9,3 ton/héktar (dina usum ngijih).

Ngalarapkeun SRI, ceuk Prof. Ramdhon, masih kénéh loba halangan harunganana. Najan, kaijir mangpaat keur balaréa, dina émprona mah, can bisa dilaksanakeun kalayan daria. “Loba kénéh pihak nu mamrih kauntungan pribadi batan mikirkeun karaharjaan masarakat sakumna,” pokna.

Dina ngungkulan kakurangan pangan, misalna, loba kénéh pihak nu leuwih milih ngadatangkeun pangan ti luar nagri. Mémang, keur pangusaha jugala mah, kacida nguntungkeunana. “Atuh, pihak-pihak séjén nu tumali jeung kawijakan pangan keur rahayat ogé loba nu milu untung,” ceuk ieu konsultan pangan téh.

Mun Prof. Ramdhon boga pamanggih kitu, mémang lain ukur ceuk béja. Da, inyana gé remen ngalaman diajak ‘sailon’ ku nu boga karep nyiar kauntungan bari teu nolih kana karugian batur. Contona, ieu ahli tatanén wedalan Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung téh, kungsi kapapancénan ngayakeun panalungtikan ngeunaan gemuk keur perkebunan. Horéng, diimplik-implikan, hasilna kudu luyu jeung kabutuh si nu mesen gemuk téa. Nya tangtu wé, ieu profesor mah, nolak, kajeun teu pipilueun kana éta kagiatan.

Kaayaan kawas kitu, sawadina diungkulan. Ngan, cenah, huluwotanana mah, angger wé ti pamaréntah. “Hartina, butuh pamingpin nu bener-bener boga karep jeung kamampuhan ngarobah kaayaan, kaasup nu tumali jeung tatanén,” pokna tandes naker.

 

Ngalap Élmu Karuhun

Prof. Ramdhon Bermanakusumah, pituin urang Bandung. Ti leuleutik geus meunang atikan kolot sangkan daék ‘peurih’ sangkan meunang ‘peurah’. Ramana, nu ceuk urang Holis mah, jugala, da boga roda séwakeuneun gé aya kana dua puluhna, tetep ngatik barudak mah kudu daék rik-rik gemi.

Malah, Abah (kitu sesebutan Prof. Ramdhon ka ramana), remen ngalalakonkeun kahirupanana jaman keur ngora. Cenah, keur ngora mah, da puguh jelema ‘leutik’ cicing gé di paman, teu bisa sakola-sakola acan, da puguh pakasaban pamannna gé ukur kula-kuli tukang buburuh ka batur. Abah gé keur ngora téh ukur kula-kuli. Ngan, cenah, kapaksa kudu meres tanaga, kudu leuleus awak, daék baranggawé naon waé, asal aya buruhna kalayan halal. Selang-selang tina kuli, sok ngusiran roda bogana batur. Kitu téh, angger ukur ngarah buruhan.

Remen Abah téh ngadongéngkeun kasangsaraanana. Da, cenah, mun tuang gé tara jeung dungeunna nu alus. Mun batur tuang di warung téh jeung gepuk, Abah mah, ukur jeung témpé atawa tahu. Kitu téh, ngarah aya keur teundeuneun ngudag karep, da aya kahayang, hayang boga roda sorangan.

Ku leukeun, ahirna mah kasorang. Atuh, tina hésé béléké dibarengen ku temen-wekel, ahirnna mah, nu asalna boga roda hiji téh, saban taun nambahan. Pamustunganana, jadi ‘dunungan’, da boga roda gé nepi ka dua puluhna.

Jadi ‘bos’ roda, Abah teu ukur senang-senang. Uteukna terus motékar, mekarkeun lahan usaha. Atuh, lian ti nyéwakeun roda, nyadiakeun pakan kuda deuih. Kituna téh, jadi cukang lantaran hirup Abah beuki nanjung.

Pasipatan Abah, larap ka Ramdhon. Ngan, bédana téh dina lebah nyorang lalakon. Kahayang bapa nyakolakeun anak nepi ka jucungna, ku Ramdhon mah dimangpaatkeun pisan. Ngan, upama ahirna milih tolab élmu di Fakultas Pertanian Unpad ogé, lantaran ningali patani leutik di lemburna, wewengkon Holis, Cigondéwah, Bandung, nu lolobana mah masarakat miskin. Timbul wéh karepna, hayang bisa milu ngaronjatkeun kahirupan patani. “Upama patani ripuh waé, tangtuna aya nu salah, lantaran sabenerna mah tina tani gé bisa raharja,” ceuk ieu profesor nu tos nincak umur 71 taun téh.

Waktu lulus ti Unpad Ramdhon meunang béasiswa neruskeun sakola. Aya dua pilihan, ka Amerika jeung ka Jerman. Pilihanana, kuliah di Jerman, lantaran hayang aya pangaweruh tambahan, bisa basa Jerman. Ceuk pikirna, basa Inggris mah, kursus gé loba, tapi basa Jerman mah, apan langka.

Tarékahna nyuprih élmu di Jerman, tanjrih nepi meunang gelar doktor S-3. Lantaran, mémang ditataharkeun heula ti Indonesia kénéh. Apan, méméh indit gé geus nyieun proposal panalungtikan pigeusaneun ngahontal gelar doktor. Da, ceuk pikirna, sakola téh kudu nepi ka jucungna jadi doktor lulusan Jerman.

Sakolana, teu ukur aktip di kampus. Da, icikibung deuih di organisasi Islam. Malah, kungsi kapeto jadi ketuana. Ku cara kitu, kawawuhanana gé beuki nambahan.

Hasilna tina tolab élmu tatanén, lain lulumayanan. Da, apan nepi ka mampuh nyiptakeun rumus anyar nu tumali jeung tanah. Panalungtikan ngeunaan tanah, bisa ‘nyampurnakeun’ rumus guruna. Rumus Kuron-Jung, saterusna disampurnakeun jadi rumus Jung-Barmanakusumah. Éta rumus keur nangtukeun niléy erodibilitas tanah, ahirna jadi ‘cecekelan’ di saamparan jagat.

Najan nanjung di nagri deungeun, jadi konsultan di mancanagara, kana budaya luluhur Sunda mah teu poho. Atuh, ngatik barudak di lingkungan kulawarga ogé, teu weléh maké basa jeung tatakrama Sunda. Atuh, salah saurang putrana, keur SD, biasa jadi ‘pananyaan’ pangajaran basa Sunda. Malah, sok méré les basa Sunda ka batur-baturna. “Lumayan, sok kénging artos buruh ngelés basa Sunda,” saur Ibu Hj. Taty Ratnamulia, garwa Prof. Ramdhon, mairan.

Prof. Dr. Ir. H. Ramdhon yakin, urang Indonésia, kitu deui urang Sunda, bisa satata jeung urang mana waé. Loba buktina, urang luar nagri singhoréng ngahargaan pisan ka para ahli ti Indonésia. “Margi kitu, adat-istiadat, tatakrama, jeung élmu-élmu karuhun, tetep kudu jadi dadasar paripolah urang,” pokna semu ngingetan. *** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: