• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Jukut Riut

Kénging Us Tiarsa
Kintun kana Facebook

ARI rék togmol ka manéhna, tong datang-datang deui ka imah, teu werat. Asa moal kaur pok, kaburu ku cipanon. Nulis dina facebook waé kitu? Kasawang geunjleungna. Jadi wéh nyarahoeun, antara kuring jeung manéhna aya nanaon.

Embung aya nu nyaho. Éta mah sina nyangkaruk dina haté wé. Haté kuring jeung haté manéhna nu saban usik sok guntreng waé. Antara jojontor haté kuring jeung jojontor haté manéhna aya benang nu nganteng, teu pegat-pegat, teu kalis kahalangan ku rumah tangga. Teu kahalangan ku salaki teu kahalangan ku anak. Sarua, kitu pisan, cenah, manéhna gé. Pamajikan- pamajikan, anak-anak, haté leutikna mah –cenah—meulit dina haté kuring

Ti papada ngora tepi ka ayeuna geus reuay incu, angger wé nganteng benang téh. Sababaraha kali rék digolongan atawa sina pegat pisan. Nganteng deui-nganteng deui. Ngahaja teu ditelepon-telepon acan, ambéh teu kahudang deui. Pleng aya bulanna, malah kungsi aya taunna, teu tepung-tepung. Teu kuat. Sok aya wé alesan kudu tepung téh. Salaki gering téa. Barudak sok natanyakeun waé. Aya hajat téa. Ditelepon wéh. Gurudag datang ka imah. Saréréa kawas nu saronoeun naker. Salaki gé teu sirikna ngeukeuweuk leungeun manéhna, teu lésot tas sasalaman téh. Der saréréa ngobrol ngalér ngidul, gogonjakan. Aya aturan sapat sapoé jeput ngawangkong téh.

Pédah papada bisa nyumputkeun semu, meureun, boh salaki boh barudak, teu riuk-riuk, teu témbong siak-siak timburu. Ngaku lanceuk téh éstu kawas ka dulur pet ku hinis. Tara asa-asa salaki téh mun nyaritakeun kateungeunah di pagawéan atawa di kulawargana. Barudak gé miuwa téh nyaan. Kabéh arogo, komo si Bungsu mah sok hayang dilalahun ari manéhna ka imah téh.

Teu nyahoeun kitu? Eta lalaki téh apan deungeun-deungeun haseum. Lalaki nu teu weléh aya dina haté kuring. Ngan kuring sorangan di imah mah, nu teu ngaku manéhna lanceuk téh. Kabéh adi jeung lanceuk kuring, kitu deui salaki jeung dulur-dulurna, teu asa-asa milanceukna téh. Keur kuring mah manéhna téh leuwih ti sakadar lanceuk, nu ngawasa rasa nu teu kungsi pancakaki téa. Tapi lain salaki deuih, da manéhna gé teu ngaku kuring pamajikanana. Manéhna lain salaki kuring. Kuring lain pamajikanana. Kabogoh? Ah, déét teuing. Kabogoh mah telenovela, mun lagu mah lagu pop nu ukur ngolébat sabéngbatan, ukur ngaliwat saliwatan.

Kuring—sarua manéhna gé—teu kungsi manggih kudu kumaha nyebutna. Semet paadu teuteup. Kitu gé tara ngahanakeun. Sarérét, malah sagurilap. Genclangna panon manéhna bet siga talaga nu lébér maseuhan rasa. Sok asa ngapung ngawang-ngawang, paduduaan. Ngan sakotéap geus anjog deui ka pangapungan nu tadi, ka alam nu saenyana. Kuring ka kuring nu lain nanaon manéhna.

Dosa? Enya! Rumasa midua haté antara salaki jeung manéhna. Tapi da teu kungsi ngijing sila. Salaki téh keur kuring mah sagala-galana. Teu béngkok teu céda, miasih salaki téh asa totomplokan. Sugan aya jorojoy ngéwa ka salaki alatan aya manéhna. Teu! Teu saeutik-eutik acan. Komo tepi ka boga niat ngejat ti imah, ngahiji jeung manéhna onaman. Teu! Lain bohong, can kungsi ngalakukeun nu teu uni jeung manéhna di tukangeun salaki. Dibaidkeun pisan! Embung. Kuring embung ngotoran kaasih salaki ka kuring ku kalakuan nu nirca.  Kitu manéhna ogé ka pamajikanana—cenah. Enya ceuk manéhna. Sarua deuih, kuring jeung manéhna embung ngiruhan talaga asih nu canémbrang hérang salalawasna, nu sok dipaké lalayaran ku duaan.

Jauh pisan umur kuring jeung manéhna téh. Basa kuring asup ka SMA téh manéhna mah geus réngsé kuliah. Mimitina gé harita. Teu resep kana pangajaran basa Kawi téh. Sarua jeung babaturan sa-géng. Nyebut ka guruna gé tara ngaranna, Si Kawi, mun teu Pa Kumis gé. Kétang lain ka guruna, teu resep téh kana pangajaranana, hésé. Teu apal-apal. Ongkoh cék pikir, keur nanahaon maké diajar basa Kawi sagala. Moal dipaké sapopoé. Keun wé sina dalang atawa calon ahli filologi nu diajar basa Kawi mah.

Ari ka guruna mah, ah, maskét wé meureun pibasaeunana téh. Disebut mibapa, asa teu pantes. Milanceuk? Asa aya nu leuwih ti adi ka lanceuk. Bogoh téa kitu? Piraku, da jauh tanah ka langit apan umur gé. Teuing, da beuki lila asa beuki deukeut. Remen paduduaan, ari aya acara di luar téh. Sakaresep atuda, sok lalajo téater, pintonan musik klasik, atawa paméran lukisan. Deukeut wéh, malah maké ‘pisan’ deuih deukeutna ogé.

Babaturan pangpangna sobat sa-géng, teu asa-asa ngajejeléh téh. Nyarahoeun meureun, atawa karasaeun boa, kuring jeung Pa Adi téh aya nanaon. Si Eli mah nyebutna gé, “Si teu boga rarasaan. Si teu ngukur ka kujur, Si teu ngarampa angen sorangan. Sidik bogaeun anak pamajikan, hayoh diléndotan. Kawas nu euweuh deui lalaki. Daék dicandung kitu Iyét téh?”

Teu diwaro. Nyaho, malah boa leuwih nyaho kénéh sorangan batan maranéhna. Nyaho, Pa Adi téh geus bogaeun anak pamajikan, malah tilu anakna gé. Nu cikal geus parawan, sahandapeun kuring tilu taun. Wawuh deuih ka Téh Nana gé, enya pamajikanana. Sok ngobrol da sok tepung ari aya acara, mun diajak ku salakina. Henteu ari mindeng pisan mah babarengan jeung pamajikanana téh. Kuringna deuih, sok rada teu méréan. Cenah, cék salakina, Teh Nana téh kungsi timburuan ka kuring, pédah deukeut jeung salakina. Boa kétang, kuring nu sok rada ngahéab, ari manéhna paduduaan jeung pamajikanana téh. Teu kaharti puguh gé, naha maké kudu panas sagala, pantes rék kumaha-kumaha ogé da puguh salaki jeung pamajikan. Balik-balikanan kuring, der nempatkeun haté di antara dua haté nu dibeungkeut ku tali asih, ditandaan ku walimah.

 

 

Manéhna deuih, abong lalaki. Geus kurenan sakitu lilana, hayoh ngadeukeutan kuring. Kituna téh bari angger hirup runtut raut jeung kulawargana bari katémbong sakitu bagjana. Teu puguh deuih, saukur ngulur jeung narik mun maén langlayangan téa mah. Sugan pok, manéhna bogoh ka kuiring lantaran teu manggih kabagjaan jeung pamajikanana. Teusing.. Jempling wé, ayem tengtrem wé. Boa, enya sakumaha caritaan babaturan sakelas téa, lalaki mah kituna téh ukur saulineun. Jajauheun maké gedé wawanén, nyerahkeun pamajikanana terus ngarangkep jeung kuring. Hayam lamba, ngéplék jawér ngandar jangjang, kuméok méméh dipacok. Padahal mah kari datang ka kolot, pok ménta kuring.

 Tapi kétang, da kuringna gé teu boga niat ngarebut manéhna ti pamajikanana. Dicandung embung deuih. Sanajan cenah, awéwé mah embung sotéh dipangnyandungkeun, ari dicandung mah daék sanajan dijieun nomer tilu nomer opat ogé. Kuring mah teu kitu, teu hayang boh dipangnyandungkeun boh dicandung. Teu purun boga maru. Geuning daék ari dipaké saulineun mah? Enya meureun keur saulineun. Tapi sakitu mangtaun-taun babarengan, boh kuring boh manéhna, teu boga niat ngotoran asih duaan ku laku lampah nu nirca, nu diharamkeun ku agama. Bararaid. Teu manéhna mah, lain lalaki nu resep ngulinkeun awéwé. Mun téa mah enya manéhna asih ka kuring, asihna téh éstu canémbrang hérang, teu dibarengan ku niat ngiruhan

Basa kuring ditanyaan ku Kang Ajat, bapa muntang ka manéhna nu narima téh. Kitu deui basa kawin. Manéhna nu narima seserahan ogé. Salaki, sugan témbong sakotrét wéh timburuan ka manéhna. Malah milanceukna téh nyaan. Lain ngan sakadar mamanis lambé. Mupujuhkeun pisan, asa leuwih ti kuring, kanyaah ka lalanceukanana téh.

“Kang, tong mulih saban dinten atuh ti kantor téh,” cék salaki ka manéhna basa ngariung di tengah imah pasosoré. “Capé ngadugdag sakitu tebihna. Di dieu wé kulem. Aya paviliun kosong. Badé di luhur, mangga, mung sareng barudak di luhur mah. Saminggu sakali wé mulih mah.”

Didugdag ari ngajar téh. Imahna di kota séjén, kana mobil, nyupiran sorangan. Sakapeung sok kana karéta api. Ari kana karéta api mah, isuk-isuk téh sok nyimpang ka imah, ngadon mandi, da tepina sok rebun-rebun kénéh. Lar-bek kawas ka imah kulawargana wé. Barudak sok kacida aratoheunana mun manéhjna datang téh. Teu daékeun ari diandeg sina mondok mah ku salaki ogé. Kaharti atuda boga kulawarga. Piraku meureun ditinggalkeun mondok moék di batur bari sasatna di imah urut kabogoh. Inget ka dinya sok nyel ambek, panas atuda. Saban poé teu weléh babarengan jeung pamajikanana, ari kuring diantep! Har, cék haté kénéh, apan di dinya gé kagungan carogé. Bongan saha ngahéroan salaki batur. Urut! Urut kabogoh.

Urut sotéh cék batur, da ari cék haté sorangan mah, manéhna téh lain urut kabogoh. Ti harita tepi ka boga anak geus sakitu galedéna, da asa angger. Talagana éta kénéh, cai nu canémbrang hérangna éta kénéh, ngagenyas kénéh. Nu lalayaranna ogé angger, kuring jeung manéhna. Teu kahalangan ku asih salaki nu sakitu ngagulidagna. Teu kapegat ku umur nu beuki nambahan, ku kulit nu mimiti karenyod, ku huntu nu geus sababaraha hiji ninggalkeun gugusi.

Méh saban rérés solat sok ngadoa sangkan nu nyangkaruk dina jajantung téh leungit. Hapunten Kang Ajat, salaki jungjunan ati, rumaos midua haté. Rumaos deuih, teu tiasa mupus asih nu napak dina ati. Duh, Gusti mung Anjeun anu uninga. Nyanggakeun sadaya-daya. Can dipareng meureun mumuntang téh, da ari keur nyorangan mah, boh di imah boh di jalan, manéhna deui wé nu minuhan lamunan téh.

Kungsi pajauh, basa salaki dioper ka kota séjén nu kawilang anggang. Ngahaja teu ditelepon-telepon. Aya telepon atawa sms ti manéhna tara diwaro. Ngahaja ngarah poho, ngarah haté kuring tumplek keur salaki. Manéhna gé kawas nu surti, teu ditémbalan mah, tara nelepon-nelepon deui. Pleng wé. Rada kabangbalérkeun, da saban poé riweuh kudu nguruskeun PKK téa, Dharma Wanita téa, ongkoh ku tara tepung téa meureun. Teu lila, ukur dua taun. Salaki kudu balik deui ka kota asal. Atuh amprok deui jeung manéhna. Tapi bakat ku terus dibangbalérkeun mah, sanajan kungsi tepung ogé, teu cara béh ditu-béh ditu teuing. Malah nyaan nékad, rék bakti ka nu jadi salaki kalawan haté nu gembleng, teu kabauran ku nu lain-lain. Da masing kalah kumaha lantipna ogé, mo burung kapanggih, kuring midua haté sakitu lilana.

Bisa lah. Piraku maké teu kuat. Apan boga salaki nu sakitu nyaahna. Sagala rupana leuwih onjoy ti manéhna. Boh rupana boh pakayana. Naon kurangna salaki téh? Naon leuwihna ari manéhna? Kang Ajat nu unggul, dina marebutkeun tempat jero haté kuring téh. Ngan moal ari bébéja mah ka Kang Ajat inggis kalah wowotan. Sieun salah tarima. Mending sidem terus tumpur-ludeskeun rasa nu aya puluhna taun nyangkaruk dina jajantung téh. Ari manéhna mah pasti surtieun. Ku kuring teu disanghareupan ogé pasti bakal karasaeun, kuring megatkeun tali asih nu nganteng téa

Ayeuna, geus hirup lalagasan, geus jadi randa, kuduna mah kari pruk. Piraku manéhna gé nolak ari kuringna geus rarandaan mah. Kari nalék wé, naha rék nyerahkeun pamajikanana terus kawin jeung kuring atawa, atawa, atawa rék ngadua. Tapi, teu kitu. Kuring hayang némbongkeun ka saréréa, pangpangna ka anak jeung ka urut babaturan sakelas, kuring jeung Pa Adi, euweuh nanaon. Moal rék ngaruksak rumahtangga batur. Dipaheutkeun dina haté, kuring rék ngaku lanceuk ka manéhna, cara salaki jeung dulur kuring. Ongkoh  kuring teu boga lanceuk lalaki

Jukut riut di gigireun pajaratan Kang Ajat, daunna ngariut kaoyagkeun ku nu datang ti tukangeun. Kuring mah kaasup nu miahéng kana jukut riut téh. Kawas nu nyaan nyawaan, kagimbreung-gimbreung téh, bangun nu sieun atawa éra, daunna sok ngariut.

”Ti bumi tadi téh, saur Bi Jua, Iyét ka makam. Ulah lami-lami teuing di pajaratan. Tos, geura mulih. Di bumi seueur tamu, nu badé silaturahmi.”

Jung kuring nangtung. Teu katahan, gabrug ngarangkul Téh Nana. “Wilujeng Boboran Siam, Téh. Hapunten Iyét. Rumaos seueur kalepatan. Hapunten pun lanceuk nu tos teu aya di kieuna. Iyét nembé kabujeng ayeuna nyekar téh. Dintenan boboran mah apan di lembur. Hapunten Téh  ”

”Tos, Geulis. Teu geuneuk teu maleukmeuk tétéh mah. Komo ayeuna, urang tos papada kolot. Iyét téh adi Kang Adi. Adi tétéh.”  Téh Nana nangkeup bari ngusapan tonggong. Asa kacida bagjana haté téh.

Pa Adi, aéh Kang Adi calik dina jojodog témbok nu ngahaja dijieun paragi nyekar. ”Allohuma fir lahu warhamhu…”  Doana lir jamparing melesat ka jabaning langit, ngaliwatan alam kubur, ngaliwatan haté kuring nu bangblas caang bulan opat belas. “Kang Ajat, mung Akang panutan haté abdi mah. Abdi moal midua haté. Mun Alloh marengkeun, haté abdi baris nutup salalawasna pikeun saha waé nu boga karep ngeusian. Nun, Gusti, mugi sim abdi tiasa sasarengan deui sareng pun lanceuk, di sawarga Anjeun, ya Rob.”

Jukut riut, daunna maruka deui, basa kuring tiluan ninggalkeun pajaratan.***  

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: