• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Carita Aki Dipa

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1394116000.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

Moal aya nu bireuk ka Aki Dipa. Tong boro salembur jeung sadésa, dalah sakacamatan ogé pada nyaho. Boa sakabupatén sapropinsi. Sabab profilna kungsi dimuat ku wartawan dina sababaraha koran jeung majalah. Disebut “aki-aki nyentrik”.

Mémang enya aki-aki. Umur mangkat tujuh puluhan. Pangawakan harelung jangkung . Ari nyarita teugeug. Semu-semu kasar. Ka sasaha tara panta-panta. Réa kabisa. Kana uprak-oprék paparabotan, unyum-anyam, nepi ka menerkeun nu misalah. Malah sok aya nu ménta jampé pamaké sagala. Bangsaning pélét, kasemaran, kadugalan. Ngan tara diladangan. Sok ditampik bari heureuy :

“Leuh mun bisa nu kararitu mah, meureun aki payu deui ka ABG. Atawa basa raheut meureun moal getihan jeung nyeri. Mun pesen boboko, nyiru, centong, dulang, dalah lisung jeung kuluwung bedug, hiap téh teuing,” cenah.   

 Ceuk sababaraha pamuda  LSM, lamun Aki Dipa nyalon, boh di législatif, boh di éksékutif, moal kudu hésé capé kampanye. Moal kudu boros pasang pamflét, baligo, spanduk, pikeun pinton tagog, natawarkeun kahayang cara nu séjén-séjén.

Kungsi aya sababaraha kekentong parpol, ngahaja datang nganjang. Nawaran bisi Aki Dipa sayaga nyalon bupati, rék didukung.

Langsung ngajawab tandes, “Wuah, aki mah geus kolot. Geus séngsérang padung. Jaba tukang ulin. Moal betah diuk dina korsi, sanajan korsi bupati ogé. Néangan deui wé anu harayangeun.”

Tamba panasaran tapina, Aki Dipa nanya ka éta kekentong partéy :

“Aya béja mun daptar bupati atawa gupernur, kudu setor duit mahar ka partéy, enya?”

“Nya kitu wé,” jawab salahsaurang pangurus partéy, rada ngélémés.

“Tuh komo mun kitu mah. Ti mana aki boga duit mahar? Keur mayar mahar ka pipamajikaneun gé teu boga. Nu matak nepi ka ayeuna gé can payu-payu deui ti saprak bojo maot. Terus, engké mun geus jeneng, ti mana tah ngagantian duit mahar? Da moal mungkin tina gajih mah.”

Pertanyaan éta mah teu ditarémbalan. Pangurus partéy geuwat-geuwat paramitan. Di jalan, salah saurang ngaharéwos, naha maké ngadatangan jalma kitu?

Matak disebut aki-aki nyentrik ku wartawan ogé, meureun kitu. Mahiwal.

Da enya mahiwal. Imah nenggang, anggang di sisi lembur. Dina wates sampalan tanah carik désa, nu ka dituna pasir gerembel. Pasir milik pribadi Aki Dipa. Ku manéhna ngahaja dileuweungkeun. Dipelakan kakaian nu geus kawilang langka. Bangsaning saninten, jamuju, kihiur, samida, rasamala, nu kekep rapet di lebah puncerna. Dijadikeun leuweung tutupan. Béh handapna, dipelakan kai keur kaperluan sapopoé bahan piimaheun jeung suluh. Bangsaning juar, albasiah, jeungjing, jabon, jati bodas, jeung kai-kai séjénna. Ari béh handapna, sapanjang suku pasir, dipelakan tangkal bungbuahan. Kadu, rambutan, dukuh, ménténg, alpuket. Di dinya, Aki Dipa miara nyiruan.

Lantaran pasir geus mindarupa jadi leuweung ganggong simagonggong, di sakur léngkobna curcor cinyusu. Aya genep kocoran. Nu lima dihibahkeun ka urang lembur. Sina ditalang, dikamalirkeun kana bak nu dareukeut. Ambéh teu jauh ngala. Nu dua deui, dipaké keur kaperluan pribadi Aki Dipa. Keur cubar-cebor pepelakan jeung kaperluan sapopoé di imah.

Malah kungsi Aki Dipa ngocal-ngocal ka Kepala Désa, sangkan tanah carik sampalan, ditukeuran ku sawah léndo bogana di sisi irigasi Kepuh. Nu bisa dipanén dua atawa tilu kali sataun. Naha rék pagulingan atawa tukeur tambah, teu nanaon. Tapi Kadés nolak sapajodogan.

“Hésé, Ki, tanah nagara mah. Kudu ka kabupaten jeung provinsi nguruskeun susuratanana gé. Béda jeung milik pribadi. Ari aki keur naon butuh sampalan?”

“Ah, teu keur nanaon. Resep ku ngemplongna wé. Itung-itung buruan tukang. Betah ari soré ngadaweung dina balé-balé. Ngawaskeun pasir, itung-itung ngariksa pepelakan,” témbal Aki Dipa.

Najan imah nenggang, teu burung réa nu sok ngaranjang ka dinya. Nu butuh aseupan, boboko, kecrik, atawa naon baé nu jadi pakasaban matuh Aki Dipa. Barudak gé sok abrul-abrulan. Mawa tugas ti guru-guruna, nanyakeun ngaran barang atawa istilah basa Sunda nu geus hésé kapanggih buktina. Mangkukna saabrulan barudak nanyakeun nu kumaha ari kini-kini, kuang-kuang, gétok jeung peupeundeuyan. Pédah aya dina sisindiran cenah.

“Wuah, barudak, geus ledis atuh nu karitu mah. Ku éndrin ku uréa. Manasina jaman sawah digemuk ku tai domba, tai embé, daun kirinyuh, daun jeungjing. Harita mah sagala aya. Sagala hirup di sawah téh. Enya, kini-kini saparakanca tadi. Kuya gé sok aya dina saban korolokan. Ayeuna mah, aahhh... kari sangsarana...” Aki Dipa mureleng. Tanggah kana lalangit nu pinuh ku kekebul. Ma’lum imah duda kolot. Taya nu ngurus beberesih, supa-sapu saban waktu. “Béjakeun ka bapa jeung ibu guru, ganti kituh sisindiran kini-kini kuang kuang gétok-gétok peupeundeuyan téh ku kecap atawa istilah séjén nu aya kénéh keur contona ....”

“Kumaha Aki, apan ka dituna nini-nini palay tuang dibekok peupeureudeuyan...” hiji budak poréngés nanyakeun, disenggakan ku ager-ageran babaturanana.

“Heueuh keun baé ka dituna mah,” Aki Dipa ngarenyu. Imut kagugu, “Da nini-nini atawa aki-aki mah, réa keneh keur conto. Hidep ogé bakal jadi aki-aki jeung nini-nini lain?”

Barudak tingcirihil.

“Atuh kecap ‘bekok’  lumrah kénéh… Pan hidep gé osok sili bekok, lin?”

Barudak ager-ageran deui. Sawaréh raéng nyebut tara. Sawaréh sili tunjuk jeung pada baturna.

Harita téh méh tengah poé. Ti lebah leuweung, kadéngé jéntré sora manuk bultok. Kawas patémbalan jeung sora caladi kundang noktrokan kai. Ditéma ku sora tikukur. Di langit, heulang ruyuk gulak-gelik. Ka sampalan ujug tinggarajleng monyét sabubuhan. Ngudag lasun nu keur kukulunuan di dinya. Puguh wé jadi lalajaoneun barudak.

“Mani asa di kebon binatang, Aki, resep!” cék saurang.

Aki Dipa ukur kéom. Pikiranana kumalayang kana kajadian saminggu ka tukang. Aya tukang bebedil, asup ka sampalan. Rék hanjat ka pasir, digeroan ku Aki Dipa nu keur nganyam dingkul di babaléan tukang. Nu bebedil téh duaan. Budak ngora. Tingraregog. Tapi teu burung nyampeurkeun.

“Mangga linggih,” Aki Dipa ngamparkeun samak pandan leuseuh keur nutupan palupuh nu sarua belewuk, “Ti marana encép-encép téh? Badé ka mana?”

Bari ngageberan awak ku topi, nu saurang ngajawab, “Ti Bandung, Ki. Ningal aya leuweung, méngkol ka dieu. Sugan aya manuk atawa sato naon wé bedileun.”

“Teu aya sato bedileun di dieu mah, Cép!” sora Aki Dipa semu heuras, ”Aya gé sato ditangtayungan. Ulah diganggu. Ditéwak atawa dibedil.”

“Naha?” barudak ngora nu duaan semu héran.

“Aki meunang béja ti urang Bandung, yén ayeuna mah geus lain usum maéhan sato. Tapi usum ngahirupan, miara, ngajaga. Da sato nu bisa dipaéhan mah, geus réa. Bangsa hayam, sapi, munding, domba, embé. Nu ayadi leuweung mah, keun antep sina merdéka lugina. Ulah digunasika. Kitu saur urang Bandung. Moal enya Encép ti Bandung, teu aruninga?” panon Aki Dipa seukeut neuteup ka budak ngora duaan nu ngadadak samar rampa.

Ayeuna, barudak ngarariung. Resepeun nénjo sasatoan tingalabrét di sampalan. Baretaheun ngadéngé sora-sora sasatoan ti lebah leuweung jeung kebon. Atuh teu karasa Aki Dipa ngadon cacarita panjang lébar ngeunaan pentingna leuweung, kakayon, jeung sasatoan. Malah kapapanjangan nyaritakeun sampalan, tetelar, bubulak.

“Bubulak téh tegal jukut di lamping pasir. Ari sampalan, tah ieu, tegal jukut di suku pasir. Ari tetelar,tanah menclut di sisi atawa tengahsawah. Sok diadegan saung,” Aki Dipa ngabuih. Barudak pahibut nyatet. “Untung kénéh hidep mah, masih kaburu nénjo sampalan. Di lembur séjén mah geus réa nu teu aya. Diadegan wangunan atawa dipaké naon boa.”

Kungsi aya barudak mahasiswa keur KKN. Ngahaja nganjang. Hayang nyarahoeun kana rupa-rupa hasil gawé katut kasab urang pilemburan. Ku Kepala Désa dititah nepungan Aki Dipa.

“Wuah, hasil gawé naon, karah?” témbal Aki Dipa barang pingpinan rombongan ngedalkeun pamaksudanana, “Ukur nu kararieu, geuning. Tuh bangsa aanyaman tina awi, beunang kudak-kadék tina kai, naon deui... kangaranan beubeunangan aki-aki.”

Barudak mahasiswa nanyakeun ngaran-ngaran awi nu sok dipaké nyieunan parabot dapur.

“Ambéh jelas mah, yu urang ka pasir. Urang ningalian tangkal awi di ditu,” cék Aki Dipa.

Bring arindit. Mapay-mapay sisi sampalan. Nguriling ka suku pasir. Ngajugjug dapuran awi nu meunang ngahaja melak Aki Dipa. Dituduhkeun hiji-hiji.Ditataan ngaran-ngaranna.

“Tah ieu awi temen, itu tuh awi tali. Beulah dituna, awi gombong. Ngaréndéng jeung dapuran awi gedé, awi bitung, awi hideung. Haur gé aya. Beh lebak éta mah.Ngahaja pikeun mageuhan séngkédan ambéh teu urug.”

“Seueur pisan kagunaan awi téh, nya Ki?” cék hiji mahasiwa.

 “Puguh baé atuh, komo jaman aki ngora mah taun lima puluhan, apan jago-jago maén bal téh jolna ti kebon awi. Ti bubudak séséepakan di dinya. Terus mekar jadi pamaén haradé sanggeus sarakola di kota,” Aki Dipa rada ngahelas.

Ras ka sobatna keur budak. Dén Rukma. Batur sedekan di kebon awi. Bal tina jeruk bali. Kungsi Dén Rukma dibéré bal buliter urut ku dulurna. Atuh beuki sumanget maén bal téh. Sanggeus lulus sakola rayat, Dén Rukma pindah ka Bandung. Neruskeun ka SMP, laju ka SGPD. Bet  meunang béja, jadi pamaén hébat. Pamaén Persib jeung PSSI. Basa Persib jadi juara PSSI di Semarang, Dén Rukma salah saurang pamaénna. Malah jadi kapténna pisan. Ngaranna mindeng ngajeblag dina suratkabar, boh dina berita Persib, boh beritaPSSI.

“Tah, mun Indonesia hayang jadi jago maén bal, piara kebon awi. Ulah kawas ayeuna, ari jadi jago hayang, ari tempat miara bakat alam, di antarana kebon awi, dibabad bébéakan.”

Sawatara minggu ti harita, kabéjakeun Aki Dipa gering. Urang lembur pada terang, ti Mang Ukri nu butuheun tolombong. Aki Dipa teu kasampak di babaléan, cara sasari. Sihoréng ngaringkuk di kamarna.

“Ku naon, Ki?” Mang Ukri nanya bari nyolongkrong ngajak sasalaman.

“Rada gering, Kri,” jawab Aki Dipa. Terus hudang. Diuk nyanghareupan sémah.

“Naon nu karasa?”

“Sagala karasa. Pangpangna haté. Peurih ngajeletit. Nyeri kabina-bina.....”

“Panyakit teu puguh,” Mang Ukri gegelendeng sanggeus turun mawa tolombong anyar. “Nyeri haté? Boa-boa ditampik awéwé. Hayang kénéh kawin kitu pantar Aki Dipa?”

Rabul nu ngalongok. Sawaréh  rébo barangkirim. Urang lembur ngarasa kahutangan budi pisan ku Aki Dipa. Pangpangna ku cinyusu nu mangpaat pisan keur balaréa.

Tapi angger ka nu ngaralongok, Aki Dipa teu nerangkeun panyakitna. Iwal ti nyeri haté.

Karék pagétona aya béja, Aki Dipa cageur sanggeus ngontrog Kepala Désa ka kantorna. Nyarékan bébéakan. Soal sampalan nu ku Kadés dijual ka pengembang perumahan.

“Ku aing dék ditukeuran ku sawah léndo, kajeun tumpang, silaing teu mikeun. Na ari ka nu malangmang-mulungmung, mani gasik. Geuning teu kadéngé kudu diuruskeun ka kabupatén, ka provinsi?” Aki Dipa nunjuk-rorék. Kadés ngeluk.Teu wani ngalawan. Apaleun pisan Aki Dipa jago silat. Lain bantrak-bantrakeun. Apaleun tina carita turun-tumurun, akina baréto nu kaceluk jawara, ukur sageprak dilédot ku Aki Dipa, basa marebutkeun mojang nu pada mikahayangan nu terus kajodokeun ka Aki Dipa nepi ka maotna dua taun ka tukang.

“Punten aki, ulah sentak sengor teuing,” salah saurang aparat désa mépélingan,  “Apan éta téh kepala désa nu dipilih ku urang saréréa.”

“Justru lantaran dipilih ku aing, aing boga hak ngambek ka manéhna!” panon Aki Dipa buncelik ka nu cikénéh ngomong, “Baréto ku aing dipercaya mingpin désa. Ayeuna hianat ka aing. Sampalan dijual jaar ka batur. Ku aing mah, yeuh, ditukeuran ku sawah téh, rék dipiara. Rék diantep sina jadi sampalan paranti sasatoan arulin di dinya!”

Geus mudalkeun amarah mah teu sakara-kara cageur. Tapi méh baé ngondéal deui, barang aya nu ngaharéwos. Cenah, ari tukeur guling atawa tukeur tambah jeung sawah mah, moal aya paleuleuwih. Ari dijual ka developer mah, jaba meunang bati, meunang komisi deuih. Acan dijangjian rek dibéré imah hiji. Tipe minimalis, lamun proyék geus anggeus.

“Aya béja, geus réa nu rék meuli imah di dinya téh. Waas panoramana cenah. Di tonggoh pasir, téténjoan ka lebak plungplong. Hawa tiis. Cai bersih mayeng,” cék nu méré béja.

Puguh baé Aki Dipa ngagidir. Ngan percumah rék ambek deui ka Kadés oge. Ukur ngunek-ngunek. Sajajalan mulang, Aki Dipa mikir. Mageuhkeun niat rék ngagunakeun wewesén pikeun ngagagalkeun rencana pangwangunan perumahan di sampalannu ngan kari hiji-hijina boa di saalam dunya.

Gancang Aki Dipa muru huluwotan cinyusu. Wudu tartib pisan. Réngsé éta terus malik ka kiblat. Leungeunna ranggah ngadu’a. Neneda ka Alloh Nu Maha Agung, nu leuwih kuat tur kawasa ti batan Kades jeung developer, ti batan bupati jeung gubernur nu sok jadi pananggeuhan Kadés dina urusan sampalan. 

“Ya Alloh, mung ka Anjeun abdi muntang. Paparin abdi kakiatan lahir batin kanggé mayunan cocobi nu baris tumiba. Mugi Anjeun maparin jalan sangkan sampalan salamet ulah kirang itu ieu. Allohummaj’al haqqu wa zahaqol batilu, innal batila kana zahuqo. Ya Alloh, anu haq parantos sumping, nu batil ilang sirna. Saéstuna nu batil baris tumpur ludes teu nyésa.” ****
 

Kateramgan :

SGPD = Sakola Guru Pendidikan Djasmani. Dirobah jadi SMOA (Sekolah Menengah Olahraga Atas),nepi ka bubar th.1990an.

Du’a tina Q.s.Isro ayat 81

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (3)

ARNA TS

LEMBUR KA LINDIH KU BATUR... BATUR MAKMUR URANG TISUNGKUR..............!

Medin

Alhamdulillah .. mugia2 ieu carita pondok nambih-nambih elmu kanu maosna oge nabihan kasadaran kangge balarea yen urang teh penting ngajagi alam ulah seep wae ku pembangunan, sing saladar ah para pajabat tong haripeut ningali teureuyeun .. Rahayat anu kudu dibela mah nu ngajadikeun anjeun boga kedudukan. Hatur nutun.

komara

Sae pisan Kang Haji, aya ku munel pisan eusi carpon teh. Seueur "kosa kata" Basa Sunda nu arang kapendak deui dina paguneman ayeuna. Kumaha bungkeuleukan sareng ngalarapkeunana can tangtos sadaya uninga. Nuhun ah Kang Haji.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: