• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Kaduhung Duméh Kapahung

Kénging Féndy Sy. Citrawarga
Kintun kana Facebook

Pasosoré barudak geus ngariung di bumina Abah Odi. Cara sasari rék ngabandungan dongéng. Saméméhna lalajo heula TV nu ngawartakeun aya oknum pajabat nu dicangkalak KPK duméh kalibet korupsi.
"Ulah ditarurutan barudak!" saur Abah Odi ngawawadian.
"Kitu peta téh  matak cilaka, siga nu kaalaman ku sakadang munding," saur Abah Odi deui.
"Sapertos munding, Abah?" tanya  Didi.
"Enya, geura yeuh regepkeun dongéngna."
Barudak mani depong-depong baé rék ngabandungan dongéng Abah Odi ngeunaan sakadang munding.
Jaman baheula di karajaan sato nu perenahna di jero leuweung geledegan kaayaan nagara téh répéh rapih. Sakadang singa nu jadi rajana kacida bagja jeung sugema ningali kaayaan kitu téh. Nya kitu deui rahayatna sabangsa sato boh nu gedé boh nu leutik hirup tingtrim.
Ngan kaayaan kitu téh dumadak robah nalika aya kajadian nu matak ngageumpeurkeun balaréa. Ari ulon-ulonna taya kajaba nyatana mindeng kajadian rahayat silikakalakeun. Rahayat nu lemah teu daya teu upaya dina nyanghareupan kateuadilan anu dipilampah ku sabagéan pagawé karajaan.
"Jaman ayeuna mah disebutna oknum, barudak!" saur Abah Odi.
"Sapertos nu diberitakeun dina TV nya Bah?" Asép mairan.
"Enya, Sép," saur Abah Odi. Teras ngalajengkeun deui dongéngna.
Caturkeun sakadang munding anu kapeto jadi hakim keur mutuskeun hiji perkara geus ngalakukeun kateuadilan dina ngahukum sakitan. Manéhna sok cueut ka nu hideung  ponténg ka nu konéng. Anu sidik salah teu dihukum, demi anu bener disalahkeun jeung ditibanan hukuman. Rahayat nu ukur maok barang teu pira bari kapaksa duméh lapar dihukum beurat, ari pajabat beunghar nu curaling dihukum hampang.
Pangna bisa kitu sabab sakadang munding hirupna awuntah, adigung rasa manéh jadi pangagung. Teu wareg ku gajih gedé nu geus disayagikeun nagara. Manéhna teu euleum-euleum narima panyogok ti nu keur patelak dina widang hukum.
Teu anéh mun kaayaan ngara leuweung riceuw. Nénjo kaayaan kitu, puguh baé sakadang singa bendu liwat saking. Teu rék kitu kumaha atuh da kaayaan nagara beuki kacow. Para pagawé beuki wani ngagerejud harta nagara nya kitu deui sato-sato nu milampah jahat wuwuh mahabu.
Gancangna carita sakadang singa nitah munding sangkan ngahadep.
"Hé, munding! Manéh ku kami diangkat jadi hakim téh sangkan negakkeun kaadilan. Hukum nu salah, béla nu bener!"
"Abdi gé kitu, nun!" ceuk munding motong omongan sang raja leuweung.
"Jempé heula siah!" Raja Leuweung ngagaur bawaning keuheul nénjo paripolah sakadang munding.
"Tong ngangles manéh! Kanyataan nagara leuweung geus riceuw, anu migawé kajahatan lain waé rahayat tapi ogé pagawé nagara. Hal ieu nuduhkeun yén gawé manéh teu balég!"
Sakadang munding teu ngajawab. Haténa mimiti ngaleketey, sadar kana kasalahan.
"Rumaos nun kula lepat, neda sih hapunten," munding nu jaman harita mah kaasup sato galak melas-melis.
"Teu bisa. Kasalahan manéh kacida gedéna, kuduna manéh ditibanan hukum pati, tapi kami moal kitu. Ku kami manéh dihukum teu meunang aya di nagara leuweung geledegan. Awas, lamun andika wani-wani datang deui ka dieu, hukum pati moal asa-asa rék ditibankeun!"
Nya antukna mah sakadang munding narima putusan sang raja leuweung. Harta bandana dijabel ku nagara. Manéhna indit mawa awak sabeuleugeunjeuran, kaluar ti leuweung, nepi ka ahirna cunduk ka sisi leuweung nu ngampar ku pasawahan.
Di sawah manéhna sumegruk ceurik, ngarasa kaduhung duméh geus kapahung. Keur kitu cebul patani rék macul sawah nu dipaké guyang ku munding bari ceurik. Nénjo aya sato leuweung nu kawentar galak, patani reuwas kacida manéhna rék balik deui, ngan dicalukan ku sakadang munding.
"Hé manusa tong lumpat, anggur tulungan kuring," ceuk sakadang munding. Kituna téh bari derekdek nyaritakeun nu geus kaalamanana.
"Ku kituna kula seja kumawula ka andika manusa. Moal rék baha, kula rék tobat!"
"Nya heug, tapi omat ulah nyieun gara-gara! Lamun nyieun gara-gara, ku kami manéh diusir deui ka leuweung geledegan!"
"Moal, sumpah!"
Nya ti harita sakadang munding jadi lindeuk, terus ulun kumawula ka manusa, pangpangna ka patani. Tanagana nu bedas dibaktikeun keur ngagaru atawa ngawuluku di sawah.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: