• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dongéng-Dongéng Pieunteungeun

Kénging R.H. Muhamad Musa
Kintun kana Facebook

24. Peucang jeung Bangkong

Aya peucang keur ngariung, réa pisan baturna. Éta peucang téh keur ngobrolna kahariwangna, lantaran teu petot-petot manggih kasusah lantaran dibuburak ku anjing. Nu saurang pok ngomong.

“Batur-batur, kumaha atuh urang téh, teu petot-petot manggih kasusah, dibuburak ku musuh urang nu taya ras-rasan. Urang geus dianggap teuteundeunanana baé, wenang dihakan sakarep manéhna. Ceuk déwék mah urang mending paéh bareng baé, manan hirup susah saumur-umur. Hayu urang nguncunglkeun manéh ka situ babarengan, di dinya minangka kuburan urang.”

Baturna kabéh nyatujuan. Haténa geus pada ihlas, rék nueluemkeun manéh ka situ nu deukeut ti dinya. Tuluy pada lalumpatan muru ka situ, tangka ngagurung patingkorosak, matak kagét bangkong nu aya di dinya. Bari giras bangkong téh laluncatan tingaracleng kana cai.

Barang ngadéngé sora patingkecemplung dina cai, salah sahiji peucang nyarita, “Héh batur-batur, nya sora naon éta patingkecemplung, kawas aya sato nu sarieuneun ku urang?”

Baturna ngajawab, “Bangkong laluncatan, siga siieuneun ku urang. Ari urang pan teu boga maksud nyingsieunan nya. Boa-boa urang gé barorangan siga bangkong, mastikeun anu tacan tangtu, nepi ka boga niat maraéhan manéh lantaran sieun dipaéhan ku batur. Jadi alusna mah urang sabar baé bari ati-ati, sangkan ulah nepi ka kabongohan ku musuh.”

Hartina ieu dongéng: Salilana hirup téh kudu ati-ati, ulah nepi ka nyorang prihatin. Tapi lamun geus manggih nu mataak prihatin, atawa meunang kasusah sakumaha gedéna ogé, ulah pegat neneda ka Nu Kawasa. Jeung masing inget, tangtu aya nu leuwih prihatin ti batan urang.***

 

25.  Tangkal Gebang jeung Waluh

            Areuy waluh ngarambat ka tangkal gebang. Teu lila ogé geus nepi ka puncakna.

            Areuy waluh nyarita, “Nya anéh kacida  sakanyaho kami mah. Ceuk nu ngaromong ieu umur tangkal gebang téh geus saratus taun. Ari kuring tacan saratus poé geus bisa nyusul jangkungna ieu tangkal gebang.”

Tangkal gebang ngajawab, “Enya téréh. Tapi tumpurna ogé sarua deuih téréh. Saméméh usum ngijih béak, tangtu daun manéh kabéh tuhur.”

Aruey waluh nanya deui, “Ari nu matak manéh bisa naksir kitu téh, ti saha guguruna?”

Ku tangkal gébang dijawab deuim “Nyaho tina ngalaman sorangan baé. Kami geus nyorang usum ngijih sababaraha kali. Ari areuy waluh nu ngarambat ka kuring siga manéh geus loba nu aradigung sarta téréh paéhna cara manéh.”

Hartina ieu dongéng: Ulah sok suaban ari ngomong téh, jeung ulah takabur duméh bisa téréh naék. Ari sabab, nu téréh naékna téh sok téréh deui ragragna.

 

 

26. Gagak jeung Gentong

Aya dua gagak nu keur halabhab, hayangeun nginum. Duanana pada néangan cai, pada hiber. Nya manggih hiji gentong, caina loba. Tapi gentong téh téh kacida jerona sarta gagak teu bisa asup ka dinya. Ari rék digolérkeun teu kaduga. Rék dibeulah kitu deui. Antukna, gagak nu hiji mah pundung sarta tuluy hiber.

Kari hiji deui, néangan akal, bawaning ku hanaang. Tungtungna éta gagak manggih akal. Manéhna macokan batu jeung cadas, dikecemplung-kecemplungkeun kana jero gentong. Lila kalilaan cai dina gentong téh naék ka luhur, sarta teu kungsi satengah jam éta gagak bisa nginum bari seubeuh.

Hartina ieu dongéng: sagala pagawéan, mun aya héséna, ulah dipaké wegah. Keureuyeuh baé, ulah sieun ku hésé. Ulah pegat-pegat niat ngaggeuskeun pagawéan. Nu tadina ditaksir mustahil digawéan, ku dikeureuyeuh mah tangtu bérés.

 

 

27.  Beurit jeung Cubluk       

Aya hiji beurit nu ngadéngé béja ngeunaan pibahayaeun keur manéhna jeung batur-baturna kabéh. Ari sabab aya ucing jeung sabangsana, babakuna manusa nu jadi musuh panggedéna, loba akalna. Hiji peuting, éta beurit leumpang sorangan. Ari heug manéhna manggih cubluk tataheunan. Di jero éta cubluk aya dééng ssakeureut.

Beurit téh ngomong, “Moal, kami moal kagoda ngadahar éta dééng. Tapi ari diambeuan mah meureun moal matak kukumaha.

Beurit tuluy ngadeukeutan cubluk, seja rék abus kana tataheunan ukur keur ngambeuan dééng. Tapi lila kalilaan irungna antél kana sesentil tataheunan, atuh tutup cubluk téh ninggang, sarta beurit asup kana tataheunan.

Hartina ieu dongéng: Sagala rupa pagawéan goréng téh omat sama sakali kudu disingkahan. Ulah wani-wani deukeut bisi kagoda. Mun teu kitu nyaho-nyaho urang geus kajiret. (hanca)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: