• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dongéng-dongéng ti Pakidulan Garut

Oray, Lubang jeung Belut

Kénging Taufik Rahayu
Kintun kana Facebook

Jaman baheula, baheulana ogé béh ditueun baheula. Aya tilu jalma nu beunghar kacida tur hayang hirup salalawasna (abadi). Nu kahiji mah tukang moro di leuweung, nu kadua tukang ngala lauk di walungan, jeung nu katilu tukang macul ngabaladah nyieunan sawah.

            Tukang moro boga leuweung lega akuanana. Tukang ngala lauk kacida ahlina kana ngala lauk, beubeunanganana teu weléh mucekil. Kitu ogé tukang macul, getol pisan kana maculna, pangpangna maculan lahan anyaran nu dijieun pisawaheun ku manéhna, nu tungtungna boga sawah satungtung deuleu tur ngahasilkeun paré nu kacida lobana.

            Tilu jalma éta ngarasa hariwang jeung salempang kana hartabandana nu geus meunang hésé capé. Sabab geuning kabeungaharan téh kudu ditinggalkeun ku kakolotan, jeung tangtu waé isuk jaganing geto ogé maranéhna téh bakal kakeunaan ku paéh. Sok komo geus karasa awakna geus teu jagjag siga baheula.

            Ku lantaran kahayang éta, tilu jalma téh babarengan guguru ka mamana jeung ka sasaha. Ngan jawaban ti para guruna téh kabéh ampir sarua yén hal sarupa kitu téh pamohalan jeung moal bisa. Da tiap-tiap mahluk nu nyawaan pasti bakal pinanggih jeung paéh.

            Ngan kulantaran tilu jalma éta keukeuh jeung keyeng hayang hirup salalawasna. Antukna tuluy babarengan ngasruk leuweung nu pangjauhna jeung panggerotna pikeun tatapa hayang ménta pituduh jeung jawaban tina naon nu ku manéhna ditéangan.

            Geus teu inget deui ka anak jeung pamajikan katut hartabandana. Tiluanana manteng kana kahayangna. Da ceuk angkeuhanana keur naon jadi beunghar lubak-libuk bro di juru bro di panto ogé ari kasampeur ku pati mah. Kitu ogé ceuk tukang ngala lauk jeung tukang macul.

            Sanggeus tapa dina waktu nu sakitu lilana, kakarék ka maranéhna tiluan meunang pituduh tinu gaib. Keur tatapa aya nu ngadatangan ka jalma nu sing sarwa bodas, bari tuluy pok ngomong.

            “Naon waé kahayang andika baris kacumponan, ngan tiap-tiap kahayang tangtu aya pameulina! Kulantaran anjeun hayang hirup salalawasna, bakal aya tina babagian awak anjeun nu leungit!”

            Gancangna carita nu tiluan teu mikir panjang deui, langsung disanggupan. Bubuhan meunang hayang hirup salalawasna. Sanggeus kitu mah tuluy mulang deui ka lemburna.

            Can ogé nepi di imah masing-masing, jalma nu tiluan téh geus salin rupa. Awakna ti bujal ka luhur angger jelema, ari ka handapna geus taya sukuan diganti ku buntut nu pinuh ku sisit, leumpangna ogé léléoran usik ku awak.

            Nu tiluan tuluy balik ka imahna masing-masing. Nepi di imahna bet tuluy teu dipikawanoh ku kulawargana, malah nepi ka dibuburak da disangka ririwa. Dibuburakna ogé lain waé ku kulawargana, tapi ogé ku urang lembur nu manggihan.

            Tukang macul jeung tukang lauk ngarasa kaduhung geus boga kahayang teu uni, hayang hirup salalawasna siga nu nangtang kana kadar ti pangeran. Lantaran kaduhung jeung taya tempat pikeun mulang. Tukang lauk balik ka wahangan, tuluy tetep tumetep di wahangan. Kitu ogé tukang macul tuluy cicing di sawah.

            Tukang macul jeung tukang lauk teu weléh ngadoa hayang balik deui jadi manusa, atawa lamun henteu diparengkeun jadi manusa ogé minimal bisa méré mangpaat pikeun manusa. Tukang lauk nu cicing di wahangan tuluy salin rupa deui jadi lubang, ari tukang macul nu cicing di sawah mah tuluy jadi belut. Duanana tuluy ngarekahan tur kaarah mangpaatna ku bangsa manusa. Kabehdieunakeun Sok dipaké deungeun sangu.

            Ngan séjén deui jeung tukang moro nu ngarasa geus cumpon kahayangna. Manéhna mah tuluy salin rupa jadi oray, tur cumpon hayang hirup salalawasna. Sanggeus manéhna kolot, tuluy ganti kulit megar jadi ngora deui. Kitu jeung kitu salalawasna.

           Ku lantaran baheulana beunghar, tukang moro nu jadi oray mah sok neuteuli ka bangsa manusa. Mun sakali bongoh sok asup ka imah bangsa manusa. Da angeuhnana téh rék nyokot harta banda meunang kukumpul manéhna. Di pilemburan mah sok diparengkeun aya oray asup ka imah. Ceuk urang Cisompét jeung Pakidulan Garut mah, tah éta téh oray nu rék néang hartana. Lamun pareng pasanggrok sok sarieuneun.  Oray sieun dipaéhan ku bangsa manusa, kitu ogé bangsa manusa sok sieun ditagih harta banda ku oray, tungtungna duanana lalumpatan.*** (taufik rahayu)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: