• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dongéng-Dongéng Pieunteungeun

Kénging R.H. Muhamad Musa
Kintun kana Facebook

35.  Reungit jeung Lancah

            Pasosoré, reungit cicing di luar, tiriseun. Tuluy asup ka jero imah, ngarah haneut sakeudeung-sakeudeung baé mah. Mimitina asup ka imah leutik, bogana urang lembur. Di dinya nempo lancah. Lancah téh apan musuhna. Kabéh reungit kacida sieuneunana. Éta reungit hiber pindah tempat, asup ka imah gedong. Ari geus datang ka dinya, bungaheun kacida lantaran di dinya mah euweuh nu sok nyieun ramat. Pokna, “Kacida ngeunahna cicing di ieu kamar. Kami moal  rék kaluar deui, rék cicing di dieu nepi ka datang usum katiga.”

            Barang geus peuting, bet loba damar, caang matak ngabungahkeun. Tuluy éta reungit gegeleberan hiber, ngurilingan damar téa. Tapi teu lila jangjangna karérab. Éta reungit ragrag kana damar tuluy paéh. Bororaah bisa nyaho ka usum katiga, hayang ka poé isuk ogé teu nepi.

            Hartina ieu dongéng: Lamun urang geus bisa nyingkahan hiji balai atawa picilakaeun, ulah pisan-pisan ngabayangkeun geus salamet tina rupa-rupa balai, lantaran ari nu hirup mah sasat dikepung ku balai. Saha nu talédor, pasti cilaka.

 

36. Dua Kapiting

            Aya kapiting dua. Nu hiji geus kolot ari nu hiji deui mah ngora kénéh. Pok nu kolot ngomong, “Manéh ari leumpang ulah sok miring, kudu jejeg.”

Ari jawab nu ngora, “Kahayang mah kuring ogé leumpang téh hayang jejeg ka hareup. Tapi ari prak dicobaan teu bisa. Cing atuh kuring pagahan ku anjeun.”

            Ana heug nyontoan, miring deui baé.

            Hartina ieu dongéng: Ulah sok ngageuhgeuykeun kacacadan anu lian, ari sarua cacad mah.

 

37. Dua Ciung

            Dini hiji taun pareng katiga anu pohara. Réa tatangkalan nu teu buahan. Kacatur aya dua ciung, kacida langlayeuseunana, nahnay teunangan. Ceuk nu saurang ka baturna nu jagjag kénéh, “Cing sobat, cobaan hiber ngubeng saideran deui mah. Sugan aya bubuahan, sangkan urang ulah lungsé teuing. Sugan meunang deui tanaga. Mun manéh meunang bubuahan, kiriman kuring saeutik baé mah. Gancang, bisi kuring kaburu paéh langlayeuseun.”

            Nu rada jagjag téh sanggup rék ngirim lamun manggih rejeki sarta manggih bagja.

            Tuluy hiber néangan tatangkalan nu buahan. Kabeneran manggih jambu bool keur buahan sarta geus asak kabéh. Pokna, “Lakadalah, kuring jeung ki sobat meunang pitulung”.

            Sanggeus ngomong kitu, éta ciung eunteup dina tangkal jambu, bari tonggoy nyatuan buahna nepi ka seubeuhna. Lilana dina tangkal jambu aya sajamna. Panonpoé geus rék surup, ciung geus rék niat balik jeung rék ngirim ka baturna. Tapi manéhna asa teunangan kénéh, sarta inget baé ka buah jambu nu arasak, nu matak pikabitaeun. Lila-lila manéhna kasaréan. Inget-inget deui téh geus isuk-isuk. Tuluy baé hiber ngajugjug ka enggon sobatna nu langlayeuseun téa. Barang kapanggih, geus paéh.

            Hartina ieu dongéng: adat jelema mun geus manggih bagja, sok tara inget kana picilakaeun jeung kasusah anu séjén.

 

38. Loba Nyiruan dina Goci

            Aya nyiruan loba pisan, ngagembrong goci nu dieusi madu. Angkeuhanana rék diseuseupan, nepi ka réa anu kalebuh, tigebrus kana madu. Barang rék hiber teu barisaeun da cipruk ku madu. Nyiruan pada sasambat, careurik, ngarasa yén geus deukeut kana ajalna. Ari nyiruan-nyiruan nu salamet, lantaran ati-ati, areunteup dina biwir goci. Enya teu pati seubeuh nyeuseup mah, tapi salamet teu tikunclung.

            Barang rék indit haliber deui, pok nyarita ka baturna nu carilaka téa, “Karunya mah karunya euy, tapi bongan maranéh. Naha atuh tadi saméméh nyeuseup teu dipikiran hésé jeung gampangna kaluar tina goci.”

            Hartina ieu dongéng: Anu siga gampang disorang téh ana geus disorang mah sok hésé balikna. Kadé ulah poho, pikiran heula, lantaran hanjakalna sok pandeuri. Tapi ari geus kaduhung mah dalah dikumaha. Kudu ditiung méméh hujan.

 

39. Singa jeung Beurit

            Aya beurit nu wani-wani naék ka gigir singa nu keur saré. Singa kagét, tuluy nyaring sarta beurit téh dicapluk.

            Beurit sasambat, “Duh juragan, mugi juragan ngahapunten abdi. Abdi terang juragan téh gagah sarta gedé wawanén. Upami badé maéhan abdi, nu apes siga ayeuna, geus tangtu kirang saé kanggo kakongasan juragan. Bakal nurunkeun darajat juragan.”

            Beurit téh dihampura sarta tuluy dilésotkeun. Pok singa nyarita, “Ku aing dikencarkeun sotéh bakat ku karunya baé. Aing henteu ngarep-ngarep kana pamales manéh.”

            Teu kungsi lila, Singa keuna ku jiret. Ambek bari adug-adugan hayang leupas tina jiret, nepi ka béak tanagana. Batan lésot mah, éta jiret kalah ka beuki meulit. Gagauran matak sieun, nepi ka sato-sato séjén kalabur kataweuran. Ngan beurit téa anu teu sieuneun téh, malah nulungan. Gancang nyampeurkeun. Jiret téh diségétan, nepi ka singa téh bisa  kaluar jeung ngencar deui. Singa ngarumasakeun, lamun teu ditulungan ku beurit tangtu manéhna bakal paéh, sarta rumasa omonganana ka beurit téh salah.

            Hartina ieu dongéng: Nyieun kahadéan jeung nyaah ka sasama téh tangtu aya ganjaranana, sanajan ka nu leutik. Ari sababna henteu mustahil jalma leutik nulung pisan ka nu gedé. (hanca)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: