• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Kabayan Naheun Bubu

Kénging Ii Heri Hermawan
Kintun kana Facebook

 “Kang Kabayan... Kang Kabayan, hudang atuh tuh batur mah geus ramé ngadon ngala lauk di balong Wa Haji.” Iteung ngagorowok di goah, tuluy asup ka kamar ngaguyah-guyah salakina nu masih kénéh ngaréngkol ngeukeupan guguling nu bau hapeuk. Ari Si Kabayan ngadéngé pamajikanana kitu téh lain buru-buru hudang, kalah narik sarung diharudum.

Geus kawentar di lembur Sukahurip mah Wa Haji téh jalma nu soméah sarta béréhan, matak kabéh jalma pada nga-uwakeun boh nu kolot boh nu ngora, sok padahal mun ditingali umur mah ngora kénéh, disebut Wa Haji téh duméh manéhna téh hiji-hijina haji nu aya di éta lembur. Geus jadi kabiasaan unggal munggah, Wa Haji sok ngabedahkeun balong, sakabéh urang lembur Sukahurip meunang ngala lauk sabeunangna-sabeunangna atuh puguh waé salelembur tumplek ka balongna.

Kacaritakeun di balong Wa Haji, jalma-jalma geus ngajajar sisi balong nungguan cai saat, kabéhanana geus saged, aya nu mawa ayakan, sésér, malah nu mawa heurap ogé aya. Kira wanci haneut moyan balong téh rada saat, jalma-jalma jungjleng tarurun kana balong, saréré ayeuh-ayeuhan barungah sabab laukna loba naker. Tapi lantaran jalmana loba, atuh sésér jeung heurap téh teu kapaké da kahalangan.

Barang saréréa jongjon ngala lauk, jol Si Kabayan mawa bubu gedé nakeran. Kadéngé aya nu nyelengkeung, “Ah dasar jalma nu ngalindur éta mah euy..., ma enya ngabedahkeun mawa bubu”. Saréréa saleuseurian tuluy aranteng deui ngarala lauk teu nolih deui ka Si Kabayan.

 Sabot nu séjén aranteng ngala lauk, Si Kabayan mah kukurilingan waé bari mamawa bubu téa, barang tepi kana kokocoran pangbedahan, manéhna ngarasa bungah, tuluy bae naheunkeun bubuna, satutas bérés tuluy hanjat.

 “Kabayan..., ari manéh moal ngala lauk?” Wa Haji ngagorowok di saung basa nempo Si Kabayan ngadon murak timbel luhurun kuluwung pangbedahan.

 “Eudeuk Wa, ké heula hayang mumuluk heula, kabeneran Nyi Iteung mekelan tutug oncom.” Si Kabayan némbal bari deluk kana timbel tutug oncom.

  “Kamanakeun bubuna euy?” Wa Haji nanya

 “Ditaheunkeun?” ceuk Si Kabayan

 “Na dimana ditaheunkeunna, Kabayan?” tanya Wa Haji deui

“Ieu dina caket kuluwung.” Cenah bari semu éra

 Wa haji olohok, bari dina haténa mah muji kana kapinteran Si Kabayan, “Heueuh rupana bodo téh geuning pipikiranana mah pinter,  batur mah paciweuh bari bobolokot ku leutak hayang meunang lauk téh, ari ieu ukur naheun bubu jeung bener deuih di tempat lauk ngumpul.”

Beres dahar tuluy Si Kabayan nyalse turun bari ngarampaan bubuna, barang kapanggih liang bubuna tuluy dicocokan maké jukut. Barang geus anggeus tuluy meresihan leutak jeung jarami nu nutupan bubuna, tapi manéhna kacida reuwaseunana sabab bubuna kacida beuratna. Keur kitu katempoeun ku Si Dulah, “Ku naon Kabayan, beurat? Kade euy didinya mah loba oray kadut.” Atuh nu séjén téh nyaleungseurikeun.

Si Kabayan teu nolih, tuluy bubuna diséréd kana galeng. Barang nepi kana galeng bubuna pinuh ku lauk, aya tawés, gabus, lélé, nila malah lauk emas beureum mah sagedé pingping budak. Teu talangké deui ku manéhna dipanggul éta bubu téh tuluy noyod balik. Nu séjén bati olohok ka asup Wa Haji, sabab Si Kabayan balikna téh teu nganuhunkeun-nuhunkeun acan.

 Satepina di imah kasampak pamajikanna euweuh, “Na ka mana Nyi Iteung, ari tadi ninitah ngala lauk ari geus meunang euweuh di imah, heu....aaahhh, tunduh geuning jaba awak meuni asa pasiksak urut manggul lauk sakitu jauhna, aaah... meuning gé saré heula.” Si Kabayan  gegerendeng bari ngasupkeun lauk kana jolang ditindihan nyiru, tuluy ngagéléhé dina ambén di tepas imahna.

Karék gé reup, ari gantawang téh pamajikanana nyarékan, “Na Akang dititah ngala lauk kalahka saré, batur mah ieuh mareunang sakorang séwang, malah Si Badud mah lian ti dikorangan téh jeung ditiir sagala.”

Si Kabayan ngadéngé pamajikan nyarékan téh lain hudang, kalah ningkrebkeun sarung kana awakna kawas nu ngahajakeun. Nempo salakina kitu peta, Nyi Iteung ambek, tuluy séréh, konéng jeung salam keur bungbu nu meunang meuli di warung téh dibalangkeun kana awak Si Kabayan bari ngomong, “Tah rék dahar mah montong hayang jeung lauk sagala, kuring mah rék ngadon dahar di Si Ambu.” Cenah bari tuluy ka dapur.    Barang tepi ka dapur Nyi Iteung reuwaseun sabab aya sora ngagocopok dina jolang. “Euleuh geuning ieu lauk meuni baradag kieu, enya kitu meunang Kang Kabayan, asa piraku apan batur mah karék baralik.” Nyi Iteung bangun teu percaya, tuluy ka tukang nempo bubu, da geus biasa Si Kabayan mah mun geus ngala lauk téh pakakasna sok dipoé boh bubu boh heurap majar téh ngarah teu ku beurit cenah.

 “Kang... Kang... Kang Kabayan badé cikopi?” Nyi Iteung ngagorowok ti tukang basa nempo bubu nu dipoé loba sisit laukan.

“Kabayan téa...” ceuk Si Kabayan bari muka sarungna bangun agul.*** (SMP Negeri 1 Subang, Kabupatén Subang)

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (3)

Ahmad Fahrurroji

mantaplah kabayan nu ieu mah

iwan

kabayan-kabayan.....mani kitu eta si iteng ....

Saukani

sae...sae ieu carita...nembongkeun yen Kabayan teh saenyana pinter...

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: