• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Jadi Ririwa

Kénging Taufik Rahayu
Kintun kana Facebook

Nepi ka cetuk huis kieu, asa can pernah ningali atawa ngadéngé aya jelema nu paéh hirup deui. Asana téh ari nu geus diruang dina jero taneuh mah nya kitu waé, buruk tuluy jadi tulang. Atawa meureun mun hirup ogé nya nu kabayang téh, nunggeulis sorangan di jero kubur, da tangtu geus béda alam jeung nu di dunya mah. Nu paéh mah cicing di alam kubur nepi ka waktuna nu ditangtukeun ku Pangéran, moal bisa ilubiung jeung jalma nu hirup.

Osok kétang ari ngadéngé béja mah, aya nu balik deui lantaran mati suri, nu keur dimandian hudang deui, nu diléngkahan ucing hudang deui, nu maotna teu sampurna tuluy jadi ririwa. Malah aya cenah nu rék diasupkeun kana liang kubur ujug-ujug ngoréjat. Tapi da éta mah ukur béja.

Ari di lembur mah sok gujrud ku ririwa, jalma nu paéh teu sampurna tuluy ngaririwaan ka unggal jalma nu teu nyampurnakeun manéhna atawa nu aya kabeungbeurat di dunyana. Cenah éta ogé, da nya éta kuring mah can pernah nyaksian. Nu ningali kunti, pocong, kélong, buta, jeung sajabana. Éta kabéh ukur béja nu pabéja-béja.

Tapi da enya ari kituna mah, basa Juragan Haji Karta maot, lantaran nya keuna ku kakolotan. Éta mah peuting kahiji lembur nu sakituna gedéna téh ngadadak réhé combrék. Barudak pamuda nu biasa gigitaran di pos ronda atawa di buruan ogé ngadadak ngarampih di imahna séwang-séwangan.

Ari kuring mah najan imah almarhum Haji Karta anggang ogé, teu burung dijugjug. Bubuhan Haji Karta téh babaturan sapangulinan kuring baheula. Ngan ari kadieunakeun béda milikna. Karta mah usahana hasil, atuh ayeuna ogé hartana lubak-libuk bro di juru bro di panto téh lain bohong. Ari kuring mah nya siger tengah, najan henteu kakurangan ogé tapi alhamdulillah nyukupan.

Ari di lembur, sok aya waé pisirikeunana téh, lain waé di lembur kétang, di mana-mana ogé jalma sirik mah sok aya. Haji Karta nu hartana lubak-libuk digarosipkeun munjung, muja ka dedemit, jeung sajabana. Ari kana béja teu bener, bangun babari narekabna téh. Ti keur jumeneng kénéh geus digosipkeunana téh. Tapi Haji Karta mah teu pati marile. Ngan kulawargana waé nu rada saréwot teh.

Haji Karta tina béréhan jadi medit, kitu cenah nu basana téh. Da enya cenah nu munjung mah sok korét kana barangbéré. Dina sakalieun barang-béréna ogé ulah ditampa, da saha-saha nu ngadahar rijki jalma munjung bari teu kaluar késang, engkéna bakal jadi wadal. Padahal kuring mah nyaho, ti saprak digosipkeun munjung Haji Karta téh tara aya nu narima mun sedekahna. Kulantaran kitu, tungtungna sedekahna susulumputan bro-broan ka masjid atawa osok ogé ka lembur séjén.

Basa dikaruat mah, waktu ngali kuburan. Geus cus-ces béja di ditu-di dieu yén percuma cenah ngali kuburan ogé, da ari nu munjung layonna ogé moal ditarima ku bumi, moal ditarima ku langit. Bakal jadi ririwa. Mayitna kudu dipalidkeun ka wahangan jeung harta-hartana.

Haji Karta di karuatna biasa-biasa, euweuh kajadian nanaon. Kumaha waé ilaharna nu maot. Waktu keur nguburna euweuh hal-hal nu ganjil, éstu lungsur-langsar. Bérés ngaruat, tuluy waé Ustad Basir ngawawarkeun yén engké peuting baris aya tahlilan di imah nu kapapaitan. Geus ilahar peuting, da lamun tahlilan beurang mah urang lembur jarang di imah, keur barang gawé, boh di sawah boh di kebon.

Bada magrib, samémeh indit tahlilan téh geus ngajakan heula Si Adung jeung Si Tatang, tapi cenah moal bisa ngilu tahlilan, keur teu ngareunah awak. Padahal tadi soré basa panggih jagjag waringkas nu duaan téh. Teu mikir dua kali, indit waé sorangan. Mopoék, da sénter poho teu dibatuan. Eukeur mah caraang da di tengah lembur.

Palebah pipir imah Satibi, anak goak téh Nyi Satibi nu pas kuring ngaliwat, pas manéhna mukakeun panto dapur.

“Alah tobattt... Juriggg... Haji Karta... Tulung Apana! Tulung ...” cenah bari balik deui lumpat muru tengah imah.

Sakedapan mah kuring ukur ngembang kadu ngadéngé Nyi Satibi ngocéak kitu téh. Luak-lieuk, sidik ngan kuring sorangan. Tungtungna kaharti yen kuring disangka ririwa Haji Karta. Daripada barabé, geus waé kuring nuluykeun leumpang bari rada dirurusuh.

Teu ku henteu deuih, di jalan pasanggrok deui jeung jelema, teu pati awas saha-sahana da poék. Ngan geus rada deukeut jol-jol kocéak deui manéhna ngocéak sarua jeung Nyi Satibi. Balik deui ka tukang bari lumpat tipaparétot tulung-tulungan.

Kuring ngan seuri sorangan. Abong jalma borangan, sidik jelema disebut jurig. Kitu balukar na jalma ngompod téh. Lain taliti jeung sidik-sidik heula saha-sahana. Can nanaon geus miheulaan sieun. Nya meureun polah nu kitu nu sok mawa cilaka téh. Cilaka ku pamolah sorangan éta mah.

Nepi di imah Haji Karta geus nyampak nu rék tahlilan. Teu pati rempeg, sigana téh nu dareuheus pisan ka almarhum waé nu daratang ogé. Ajengan Basir nu sok mimpin doa gé geus nyampak. Heuleut sabaraha menit, tuluy ger waé tahlilan.

Balik tahlilan téh rada maneurikeun manéh. Ngadon uplek ngobrol jeung kulawarga nu kapapaitan. Utamana mah ngobrolkeun papanggihan tadi di jalan. Ustad Basir nu aya kénéh ogé milu ngabandungan carita kuring ogé seuri ngadéngé lalakon Nyi Satibi mah. Da moal teu ngayekyek ngiihan manéh. Kitu oge nu di jalan, moal teu sukuna garetihan balas titatarajong.

“Atuh da Bah Dirma mah persis pisan jeung jenatna, eukeur mah saumur deuih,” ceuk Nyi Karta ka kuring.

“Komo éta maké papakéanana kamprét bodas, di peci haji bodas, jaba jenggot jeung kumis nu panjang. Persis pisan jenatna.” Ajengan Basir milu mairan.

Kuring seuri sorangan, da rumasa dangdanan teh siga Haji Karta. Tapi da ilaharna aki-aki mah make nu kieu, piraku kudu dikakaos, asa teu parantes.

Geus beres mah tuluy kuring mulang. Nyorangan mulang téh siga waktu indit. Da nu lain mah lolobana imahna dareukeut. Ari nu jauh nya éta sigana téh ngompod mun kudu ka luar imah pas aya nu maotna mah. Nepi ka 7 peuting mah sok tara warani ngurampreng ka luar sorangan éta téh.

Sajajalan aya kereteg goréng. Hayang nyingsieunan nu barorangan. Utamana rék nyingsieunan Lurah Atno. Bongan pamingpin téh euweuh guam pisan. Sakitu ku nu kapapaitan diondang tahlilan téh, euweuh basa euweuh carita. Peupeuriheun beurangna basa mulasara layon euweuh, cing atuh ari tahlilan mah maksakeun, da moal méakeun waktu mangjam-jam pira tahlilan. Teu pantés kasebutna ari pingpinan désa kitu péta mah. Ceuk paribasana saelol atuh keur sarat waé mah.

Nguliwed ka pipir imahna, ngahaja muru ka lebah kamar nu disaréan ku Lurah Atmo. Geus kitu kuring tuluy ngautan bilikna. Bari tuluy pok ngomong dingirungkeun.

“Siaaa... nega ka ngaing! Meni taya ngelolna ka tahlilan ngaing. Dikerekeb siah ku ngaing... heaahhh ... heahhh ...”

Beres ngomong kitu téh bari tuluy kakaut kana balikna, méh disangka ririwa. Bari teu kuat mangkek hayang seuri. Komo barang ngadéngé nu ngagurubug tuluy tibabaraduk mah, sada nu luncat tina lisbang. Teu lila kadengen Lurah Atmo jeung pamajikanana babacaan.

Geus bérés nyingsieunan mah tuluy waé gura-giru balik. Kop siah, moal bisa saré sapeuting ieu mah. Bongan teu siga pamingpin kalakuan téh. Kuring tuluy balik rurusuhan da geus peuting teuing. Melang ka pamajikan jeung incu.

Isukna bener waé jeung nu disangka. Gujrud salelembur lurah Haji Karta ngaririwaan. Rariweuh sok komo nu manggihanana lain hiji lain dua, tapi loba. Katambah-tambah aya béja ti Lurah Atmo, pajar ririwana ngontrog ka manéhna, nitah ngilu tahlilan. Kuring mah nu boga dosana nyenghél waé, teu loba carita. Keun weh, ngarah teu loba jalma nu liar ti peuting, barina peuting mah lain waktuna aya di luar imah, tapi waktuna cicing di jero imah jeung anak pamajikan.

Bener waé peuting kadua mah, lurah Atmo geus aya sila gigireun ajengan Basir. Tatangga deukeutna Lurah Atmo ogé témbong sababaraha urang. Tahlilan jadi rempeg. Kitu ogé si Adung jeung si Tatang, tatangga kuring geus aya keur ngagemos boléd jeung kicimpring.

Sanggeus beres, lurah jeung nu lain mah tuluy tuturubun balik. Kitu oge si Adung jeung si Tatang. Heuelut sabara menit, Ajengan Basir ogé pamit.

Saméméh balik, Ajengan Basir ngaharéwos, “Kacida éta Si Abah ka Lurah, meuni kuat ka disingsieunan kitu. Éta tadi mah nyaritakeun kajadianana meuni nepi ka pias. Bari tuluy keukeuh ménta doa panyinglar ririwa, bisi engké peuting datang deui cenah.”

Kuring ukur ngahéhéh.

Balikna teu nyingsieunan deui ayeuna mah, da tangtu lampah kitu téh teu hadé. Kamari mah ukur ngawarah waé. Palebah imah lurah Atmo nu tadi balik tuturubun pangheulana, kuring ukur ngarawu taneuh garing, geus kitu disewurkeun kana suhunanan. Kadéngé hawar-hawar ti jero imah, Lurah Atmo nu gegelendangan babacaan. “Bongan balik ti heula, lain bareng jeung ajengan!” Cekéng téh bari seuri leutik.*** Bandung, 28 Februari 2014

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

cemplon

Waduh inget jaman keur budak di lembur,rumasa sok jail ka batur hahaha

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: