• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

J E N D E R A L

Kénging A. Budiman
Kintun kana Facebook

Baheula keur budak, basa keur sakola di Sakola Dasar, asa mindeng pisan dicarékan ku guru téh. Meus-meus kudu ngahadep ka kantor. Guru téh haben waé nyalukan kuring, kawas euweuh deui pagawéan. Kalakuan nu teu pira gé jigana téh pusingna alahbatan nyanghareupan nanahaon. Kawasna téh sakur nu dipilampah ku kuring sabatur-batursalah kabéh, teu bener kabéh. Dianggap teu parok jeung kaumuman, dianggap ngabahayakeun, dianggap nyimpang, nu tungtungna mah dianggap berpotensi ngaganggu stabilitas kaamanan nagara.

Leuheung basa lamun nu nyarékan téh guru awéwé, ukur semet gegelendeng. Ninggang di guru lalaki, haok polotot mah dianggap céték atuh. Nyeprét maké nyéré, murilitkeun ceuli, ngagampleng nyabok, atawa najong budak bangor gé lumrah harita mah, da can usum HAM téa kapan. Boa can aya kelemeng-kelemengna acan bakal aya Komisi Perlindungan Anak cara kiwari.

Ari kuring sabatur-batur harita, tara bet ngarasa yén kalakuan téh bakal musingkeun guru. Rarasaan mah lumrah wé jeung batur heureuy téh. Pedah éta nakolan méja, wajar waé atuh, itung-itung hiburan bari nunggguan guru nu datangna leuir. Atuh dina bangor sautak-saeutik, lumrah da ngaranna gé budak. Maenya saréngkak saparipolah kudu disaruakeun jeung kolot onaman mah.

Kiwari dina posisi kuring anu sabalikna. Saban poé panggih jeung nu ngaranna murid. Teu sirikna saban usik pagilinggisik jeung murid, lain omong bohong éta téh. Ganti taun pelajaran ganti murid. Nu heubeul lulus jebul nu anyar. Tara mulus kabéh, kudu waé aya di antarana budak nu rada anéh pangadatanna atawa pamolahna. Boh kapanggih ari keur ngajar di jero kelas boh dina lolongkrang waktu istirahat. Najan teu loba ge, ukur sababaraha hulu, tétéla matak musingkeun. Ari teu dipikiran da puguh kawajiban, keukeuh kudu dipikiran. Maenya diantep disakarepnakeun. Matak disakolakeun gé meureun kolotna téh nitipkeun ka kuring, ka guruna,ménta pangwarahkeun. Tapi nyaéta téa atuh hayang nénjo murid cageur bageur téh tétéla teu gampang.

Naon anu karandapan ku guru kuring baheula bisa jadi karandapan ku kuring ayeuna. Pusingna jeung keuheulna kaalaman ku sorangan. Sakapeung mah sok nepi ka asa aral nyanghareupan murid bangor téh. Dipapatahan mah dipapatahan tapi asa euweuh tapakna. Asup tina ceuli kénca kaluar tina ceuli katuhu téh lain omong bohong. Dileuleuyan lain dikerasan lain. Kawas nu ngahaja ngeupanan pinapsueun bebenjit téh. Ari geus nemen-nemen teuing mah asa hayang sagelepok-gelepokkeun nyabok. Ngan nyakitu téa apan jaman ayeuna mah picilakaeun guru hampang leungeun téh. Lamun teu bisa meper amarah moal henteu bakal aya berita “seorang guru dibawa ke kantor polisi karena melakukan kekerasan fisik”. Inget ka palebah dinya mah ukur bisa ngurut dada bari neureuyan kasumpeg.

Ngan tina rasa jengkél téh kadang sok napakuran manéh. Sok ngagerentes dina haté, ieu meureun nu disebut kawalat téh. Da lamun seug guru-guru kuring arapaleun kumaha pusing kuring ayeuna dina nyanghareupan kalakuan murid bangor, mana teuing aranjeunna ngagumujengkeun bari mupuas pedah baheula kuring sok tara rumasa. Enya lamun diinget-inget, dirarasakeun, tuluy disawang ngagunakeun pikiran kuring mangsa kiwari tétéla kalakuan kuring baheula, basa keur sakola téa, réa nu kudu diasupkeun kana kolom bangor.

Lamun inget kana kalakuan kuring basa keur sakola, patingkolébat deui tangtungan guru-guru kuring, pangpangna mah guru-guru keur jaman di SD. Lamun wasa mah hayang ngaberengbeng harita kénéh, ngadeuheusan jalma-jalma nu geus kariripuhan ku kuring. Rék ménta dihampura. Rék ngarawu dampal pananganna tuluy nyarita ‘rumaos kapungkur abdi bangor’. Bari ngalémbéréh cimata ngumbar karumasaan gé matak naon. Rumasa baheula geus nyusahkeun aranjeunna. Mudah-mudahan guru-guru kuring sing dipanjangkeun yuswa, digampilkeun rijki, dipasihan kabagjaan salalawasna. Atuh guru-guru kuring nu anu parantos taya dikieuna singdipasihan tempat pangsaé-saéna ingdalem kubur. Muga-muga kasabaranana dina nyanghareupan kabangoran kuring singjanten amal kasaéan kanggo aranjeunna. Amin.

Baréto, dina alam pikiran budak, cek pangrasa kalakuan téh asa teu minculak-minculak teuing. Naon carékeunana geura pira nérékél kana tangkal kalapa tukangeun sakola, rék ngala duwegan pédah hanaang, kuat ka dicarékan. Nunda kapur dina érang-érangan pangluhurna, melakkeun buruy dina bak WC, mamawa anak ucing ka jero kelas, peperangan maké bedil peletok…dicarékan. Geus puguh teu nyieun pé-érmah, sok distrap dititah nangtung maké suku sabeulah. Ngajengjen waé salila-lila cara bango keur ngadodoho lauk. Bari leungeun kénca ngajiwir ceuli katuhu atawa sabalikna leungeun katuhu ngajiwir ceuli kénca. Atuh ronghok budak kelas dua, nu asupna rada beurang, ngarogrog tina jandéla, ngalalajoan. Leuh wirangna lain caritakeuneun.

Komo basa kuring jeung Si Duloh ngasupkeun bangkong kana jero pamupus bor mah, meunang saminggu boa dicarékanana gé. Harita mah pamupus bor téh dijieunna tina lalamakan, dikaput sisi-sisina, pasagi opat. Jerona didedetan kapuk atawa kaén perca nepi ka melendung siga kupat. Ari ieu ku kuring jeung ku Si Duloh kapukna dikaluarkeun, sup waé bangkong meunang néwak ti pipir sakola. Tuluy ditunda luhureun méja Si Saénah. Sugan téhrék nu boga méja nu bakal nyokot pamupus téh,  pék téh… Ibu Emah, guru agama. Gogoakanana ogé mani kadéngé ka alas peuntas boa ibu guru téh. Reuwas jeung gila meureun nyampa nu geunyal dina jero pamupus.

Ngan “hadéna” najan kuring mindeng jadi biang kérokna gé, guru téh ka kuring mah tara daékkeun nyalukan sosoranganan. Kudu waé dibaturan ku murid séjén, babaturan kuring. Bangun nu kararagok guru téh. Mikir dua kali meureun palebah kudu nyarékan kuring mah. Ngaragangan nu diuk di ruang bapa kapala sakola, bapa kuring. Bisa jadi alatan kalungguhan bapa kuring, kalakuan mahiwal téh tambah maceuh. Pa Maman waé, nu katelah guru panggalakna saalam SD Dadiharja IV, ka kuring mah tara pati wanieun nyarékan cara ka nu séjén. Iwal, lamun kuring keur lobaan.

Inget kénéh harita téh kuring keur anteng najongan bal buliter di gigireun kelas, pedah teu aya guru. Disénterkeun kana témbok bari diémprakan ku Si Waslim. Naha da éta mah Pa Maman norojol ti kelas pangujungna. Pameunteuna euceuy bari kekerot ngagedig muru. Kuring geumpeur nénjo nu ngagugudug téh. Bal buliter lalaunan ditokér, digorolongkeun ka deukeut suku Si Waslim. Enya waé ari datang ari gantawang téh nyarékan.

“Euweuh deui kaulinan séjén siaaah…!” cenah mani tipupuncereng. Maksudna mah nyarékan ka nu najongan bal tapi ari panonna mah molotot ka Si Waslim. Si Waslim kasima, beungeutna sepa euweuh getihan.

“Ténjo ku manéh témbok jadi kalalotor!”

“Eu… eu….”

“Ulah aa eueu… siah!”

“Da… da…”

“Montong dudu dada siaaah!” Pa Maman awong-awongan bari curukna ngacir nunjuk bal buliter nu ngagolér deukeut suku Si Waslim. Si Waslim sawan, béak beresih dicarékan ku Pa Maman. Awakna ngadaregdeg awahing ku sieun.

“Awas siah méméh balik beresihan!” cek Pa Maman sanggeus seubeuh nyarékan Si Waslim. Léos ka jero kelas deui. Palias ka kuring mah teu ngarérét-rérét acan.

Si Waslim ngajengjen. Rét kana témbok tuluy ceuleumeut nénjo témbok nu jareblog tapak bal buliter, baruleud totol-totol. Teu lila katémbong Si Waslim ngarénghap bangun anu longsong. Pangacianana kumpul deui. Gék diuk bangun anu ramohpoy. Disampeurkeun ku kuring téh ngabalieus dibarung ku biwirna jamotrot.

Ari poé Saptu, kagiatan pramuka, leuuuh… resepna teu kira-kira. Maké baju pramuka, maké barét diémbliman, maké kacu, maké kaos kaki hideung nu aya gambar kitrian, sapatuna titania hideung. Tali piriwit nyampay dina taktak. Tambang bodas meunang ngagulung-gulung digantungkeun dina cangkéng kénca. Cangkéng katuhu nyolégréng péso balati nu teu teurak kana tahu-tahu acan. Asa jadi Jénderal téh lain omong bohong. Panggagahna kuring mah da batur mah teu barogaeun, teu lengkep jiga kuring pakéanana.

Komo sanggeus ngadéngékeun Pa Rasji, dina Pelajaran Sejarah Perjuangan Bangsa, ngadongéngkeun lalakon perjuang Jénderal Soédirman, asa kuring nu digogotong dina tandu téh. Asa kuring nu mingpin pertempuran di Ambarawa. Asa heueuh ngalaman sorangan hirup dina alam perjoangan kamerdékaan. Ku pinter-pinterna Pa Rasji ngadongéng harita, dina jero dada kuring ngagedur rasa tanggung jawab pikeun ngusir penjajah. Hayang jelegér-jelegér waé némbakkan tentara Walanda nu cenah jarangkung gedé jeung kulitna barulé. Lah teuing atuh da ka Kang Dastam urang Babakan, nu kulitna bulé péedah kasakit albino, ngadadak ceuceub kuring téh. Hayang jelegér-jelegér waé némbak Kang Dastam!

Lamun kiwari mah meureun disebutna téh “terinspirasi” ku lalakon nu dicaritakeun ku Pa Rasji, ti saprak harita kuring ngajenengkeun manéh jadi jénderal. Barét pramuka nu diémbliman téa, dipapaké unggal poé. Babaturan kabéh kudu nyebut jénderal ka kuring. Nu teu nyebut jénderal ulah wani ngaku-ngaku babaturan kuring. Nu embung nyebut jénderal ka kuring ta lain ta bukan… Walandaaa… nu kudu ditumpes ti bumi Pertiwi!

Jeung deuina téh babaturan landes mah narurut pisan ka kuring. Di sakola, di masigit, di pangulinan nyarebut jénderal ka kuring. Minangka tumarimana kuring méré pangkat kopral ka maranéhanana: Kopral Waslim, Kopral Encon, Kopral Duloh, jeung Kopral Acim. Leuh… katémbong barungaheun dipangkatan kopral ku kuring téh. Komo basa nempo tulisan dina kertas urut jilid buku tulis, warna biru, mérk lécésmah: WASLIM sebagai KOPRAL, ENCON sebagai KOPRAL…. Tulisan kuring nu ngahaja diukir galaledé maké spidol permanén. Nurutan tulisan dina piagam nu sok dibawaku bapa ari tos balik penataran. Dibagi hiji séwang bari jeung teu poho diomat-omatan kudu tarapti nyimpenna. Leuh, lamun seug usum laminating cara jaman kiwari moal henteu bakal dilaminating tah bisluit téh.

Saprak harita nu ngaranna ulin peperangan jadi mindeng. Nepi ka kungsi Pa Narya, kuwu manten, amuk-amukan pedah tangkal cau ambonna, nu kakara rék bijil jantung, nyesa sagedé geulang leungeun. Palapahna haben waé dialaan unggal poé dipaké bebedilan.

Bosen nyieunan bedil tina palapah tanggal cau, ganti kana bedil peletok. Dijieunna tina pepeletan awi sajeungkal. Pélorna tina kertas baseuh meunang ngeueuman, dibuleud-buleud sagedé-gedé kacang héjo. Sup waé pélor téh diasupkeun kana jero pepeletan tuluy didorong ku awi nu meunang ngarautan, sagedé nyéré kawung. Didedetkeun sakaligus nepi ka pélor kertas nu diasupkeun tiheula nyerempeng bijil dibarengan ku sora ngabeletok. Najan teu ngabahayakeun gé tetep waé lamun keuna kana kulit mah bakal karasa peureus pélor kertas téh.

Sakapeung ari keur ulin peperangan kitu téh sok lieur ngatur babaturan. Saréréa hayang jadi balad kuring, hayang jadi pejuang, hayang jadi tentara Indonésia, euweuh nu daék jadi tentara Walanda.

Ka sakola gé dibabawa bedil peletok téh, da jadi usum. Nu kasebut budak lalaki mah jigana téh kabéh barogaeun. Atuh nu ngaranna perang jeung kelas sahandapeun atawa jeung kelas saluhureun jadi pagawéan matuh méméh asup sakola. Ditumbu deui waktu istirahat nepi ka kadéngé lonceng kudu asup deui ka kelas. Balik sakola, di jalan, geus silih bedil deui waé.

“Jéndral, tadi basa uing balik sakola dipegat ku Jang Ukon,” ceuk Si Acim basa ngariung memeh ngaji, “awak uing dihompét tuluy ditémbakan.”

“Sarua uing gépoé kamari basa balik sorangan dipegat. Tah, ténjo… ih, geus leungit ayeuna mah. Pokona mah kamari mah awak uing baréntol.” cek Si Duloh.

“Komo uing… komo uing….” cek nu séjén mani raong. Kuring ngahuleng nampa laporan ti anak buah kitu téh. Lain teu apal saenyana mah anak buah kuring dibeunangkeun ku Jang Ukon téh. Ngan, ari kudu ngalawan Jang Ukon mah rumasa teu untupan.Gimir ku tangtunganana. Awakna waé méh sarua jeung Pa Maman. Rék kitu pantes da Jang Ukon mah ngendogna gé aya kana tilu kalian.

Ongkoh batur sakelas Jang Ukon téh, tapi ka babaturan sakelas telengesna teu katulungan. Meureun pedah ngarasa manéhna mah panglilana sakola matak ngajago gé. Jarangaya nu daékeun maturan da telenges téa.Ari bagian pelajaran Matématika mindeng leungit. Nyaho saréréa gé Jang Ukon gadon nyumput, ningkreb manéh dina WC bangkar tukangeun sakola. Ngan euweuh nu wani ngalaporkeun.Uyuhan batur mah tara aya nu daékeun laha-loho ka WC tukangeun sakola. Tara dipaké WC tukangeun sakola mah, hara-haraeun loba jurigan. Ngan tayohna téh  pikeun Jang Ukon mah leuwih sieun kénéh ku Pa Purman, guru Matématika, tibatan ku jurig mah. Padahal apal pisan Jang Ukon téh budak pangborangan-boranganana. Pangpangna mah ku pocong.

“Isukan indit ka sakola isuk-isuk pisan,” cek kuring méré komando, “lamun bisa mah tos solat subuh langsung indit!”

“Rék naon kitu, Jénderal?” Si Waslim nanya. Nu séjén panasaran.

“Isukan waé di sakola dijelaskeun. Pokona datang ka sakola kudu isuk kénéh pisan!” cek kuring tandes. Tuluy babagi tugas naon waé nu kudu dibawa poé isukan.

Isukanana, Rebun-rebun anjog ka sakola téh geus nyampak anak buah, patingjarentul hareupeun gerbang sakola.

“Hayu!” cek kuring. Barudak teu réa tatanya, bring naluturkeun. Koréléng ka pipireun sakola, bras ka sawah nu paréna keur mimiti beukah.

“Tugas manéeh, Loh, kana kotakan. Cokot bebegig sawah!” cek kuring maréntah Si Duloh, “nu leutik wé ngarah teu gagarubang. Tuh, nu itu!”

Nu dititah teu baha, tuluy ngasruk ka tengah kotakan nyokot bebegig sapanuduhan kuring.

“Jénderal, urang téh pejuang atawa tukang maling bebegig?” cek Si Duloh bari ngasongkeun bebegig sawah.

“Hih, pejuang… ngan keur nyamar.” témbal kuring tandes, “gandéeng tong loba ngomong bisi kadéngéeun ku mata-mata!”

Di pipireun sakola, deukeut WC, kuring sabatur-batur ngaropéa bebegig. Awakna dibulen deui maké mukena urut. Blég waé pocong. Tuluy digantungkeun di jero WC. Dibebener sangkan bisa nyorosod otomatis lamun aya nu asup ka jero WC. Sanggeus bérés, patinglaleos ka kelas nyampeurkeun babaturan séjén nu mimiti jul-jol. Arulin waé sabiasana nepi ka kadéngé sora beusi pélek treuk, nu ngagantung di hareupeun kantor, ditakol ku Mang Sarim pangebon.

Bener waé basa Pa Purman rentang-rentang rék asup ka kelas, sakilat Jang Ukon ngaléos. Kuring silih rérét jeung babaturan, silihkiceupan. Kakara gé Pa Purman rék ngabsén kadéngé aya nu gogowakan ti palebah WC bangkar..

Guru jeung murid patingtorojol ti unggal kelas bari silih tanya aya naon aya naon. Bereyek muru WC bangkar. Kuring sabalad-balad teu kabawakeun ukur silihrérét.Teu lila katempo Jang Ukon padamayang ka kantor. Tukangeunana,Mang Sarim pangebon, mamawa bebegig diabring-abring ku barudak sakola. Ruksak waéh pelajaran kahiji mah teu dialajar.

Ceuk rarasaan mah asa tarapti pamolah téh. Asa moal aya nu nganyahoankeun. Ngan teuing saha nu ngalaporkeunana da basa kuring balik ti cai, babaturan kuring nu opatan teu kasampak. Meunang béja cenah dicalukan ku bapa kapala. Reuwas waé ti dinya mah. Sieun pacampur jeung panasaran. Antukna mah kuring lah-lahan ngeteyep asup ka ruangan perpustakaan. Tuluy noong tina sela-sela papan nu jadi pamenggel perpustakaan jeung ruang kapala sakola. Katempo batur kuring nu opatan malelenguk keur disidang ku bapa kapala. Raray bapa kapala ngageunteu awahing ku ambek tayohna mah. Pananganana jiga nu ngeleper titingalian téh. Hayang sagelepok-gelepokkeun waé meureun ka bebenjit tukang nyieun masalah téh.

“Kitu kalakuan téh karep sorangan atawa aya nu nitah?” cek bapa kapala bari ngarenghap jero bangun nu keur nahan amarah.

“Pok ngomong!” Sorana mimiti bedas pedah nu opatan ngadon ngabaretem.

“A… aya nu miwarang.” cek Si Acim arapap-eureupeup. Kuring ngalenyap ngadéngé jawaban Si Acim..

“Dititah ku saha? Pok nyarita, dititah ku saha?” Panonna seukeut mencrong ka nu opatan.

“Ku… ku Jénderal, Pa,” cek Si Acim rampang-reumpeung, beungeutna pias. Kuring beuki péot.

“Ku jénderal?” cek bapa kapala ditungtungan ku ngahuleng.

“Euh… éta… eu… ku Ujang Endang maksad téh.”

“Ujang Endang?Dititah ku Si Ujang?”

Nu opatan unggeuk. Bapa kapala ngahuleng deui bangun aya nu keur dipikiran. Teu lila rét deui ka nu tiluan. Pok nanya deui bari unggut-unggutan. Rada laun ayeuna mah nyaritana téh. “Si Ujang téh jénderal nya? Ari maranéh pangkatna naon?”

“Kopral, Pa.”cek nu opatan méeh bareng.

“Euh, percumah atuh ngomong jeung kopralna mah.” cek bapa kapala bari ngadayagdag kana panyarandéan korsi, biwirna semu kendu, “engké, méméh balik sakola, jénderal silaing kudu ngahadep ka bapa! Béjakeun… Jénderal Besar nyalukan kituh!”

“Siap, Pa!” cek nu opatan méh bareng.Si Duloh mah nyebut siapna téh bari jeung sikap sempurna sagala dibarung ngangkat leungeun, posisi ngahormat. Bapa kapala ngabalieus dihormat ku Si Duloh téh, biwirna kaciritipepereket nahan piseurieun.

Dina panyumputan kuring paranas tiris ngabayangkeun kajadian nu bakal tumiba. Apal pisan tabéatna, najan sapopoé tara loba nyarita gé arikeur ngambeknamah sok jiga nu kausapjurig Jénderal Besar téh….

***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (5)

Heri

Lucu jeung waas nalika maca carpon karangan A. Budiman ieu. Bet asa balik deui ka alam keur budak baheula, ceples kitu kaulinan jeung kalakuan keur budak teh. Seuri lucu jeung mata mah cirambay, waas...

Deden

hahahaha.....meni bagja ngaos ieu carpon....

ARNA TS

Mani teu ngelay-ngelay maos eta carios. Masing enya bangor na budak. Aya keneh we pikaseurieun mani teh....!

Medin

Duh waraasnya pami emut nilaka SD .... masa-masana janten budak he he ...........

komara

Sae pisan, matak waas... Nyoreang alam katukang, mulangkeun panineungan jaman keur budak sakola di pilemburan.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: