• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Karma

Kénging Cucu Rahmat
Kintun kana Facebook

Trok… trok… trok… palu ditakolkeun kana méja. “Terpidana, Karma Sutarman, alias Dédi Rajang, terbukti bersalah. Diponis 15 tahun penjara, dipotong masa tahanan dan harus membayar uang denda sebesar….”

Ngahuleng sajongjongan. Asa kapupul bayu. Ngajengjen kawas arca basa ngadéngé ponis.

“Teu! Teu adil geuningan Alloh téh.” ngagorowok tarik pisan.

Pulisi ngaronom, lalumpatan ngarejengan leungeun kuring.

Teu karasa dina juru panon aya nu murubut, haneut maseuhan pipi.

“Sugan téh moal ngalaman deui ngaluarkeun cimata.” ngagerendeng.

Leungeun dicerek, di katukangkeun. Rurusuhan dibawa kaluar di tempat sidang.

Sarérétan katingali, beungeut-beungeut urang pangadilan anu marunapék. Sinis, bangun mupuas.

“Tétéla! Geuning Alloh téh teu adil!”

“Gandéng sia!!!” sirah ditakol ku pepentung tangka katurelengan. “Bakal cilaka sia mah!”

***

PEUTING ieu. Ngamimitian kuring narima kanyataan. Tanggung jawab kana sagala anu geus dipilampah ka tukang-tukang. Basa males kanyerian haté ka sababaraha urang jelema anu kungsi mateni Rani, adi kuring. Dikiridit saurang-saurang. Dipaéhan, dicacag ku rajang paragi neukteuk bako nepi ka sababaraha potong.

“Geus…, geura istigfar angguran mah. Lain ngalamun waé, moal aya tungtungna.” ngarénjag, karék engeuh lamun di rohangan ieu téh dibaturan ku Mang Jamili. Kolot tengah tuwuh. Pasakitan anu sarua digebloskeun ka panjara, cenah alatan dipitenah.

“Nu enggeus mah enggeus wé.” deui-deui Mang Jamili ngahuit, jiga nu surti kana jeroan haté kuring anu keur baluweng.

“Telenges! Teungteuingeung ari lalampahan jelema.” ngagerendeng deui, teu maliré kanu keur ngahuit.

Panon nu carindul balas juuh cimata, ayeuna ngeyembeng deui.

Heueuh… abong nu beunghar, pangrasana bisa méréskeun sagala masalah ku duit. Keur maranéhna, duit jadi kawasa.

“Napsu mah euweuh sudana eum, angot lamun digugu, kalah beuki ngagegedur.” Mang Jamili deui-deui ngélingan. “Napsu nu matak kaduhung, raga anu katempuhan. Matak, geus wéh… haté ilaing mah ulah milu kaduruk kahuru.”

“Teu! Teu adil geuning Alloh téh?”

“Teu adil kumaha ari nyanéh?”

“Enya, teu adil!”

“Yeuh! Sakabéh manusa anu kumelendang di alam dunya, uteuk tongo walangtaga, awal ahir tetep aya balitunganana. Ngan , anu jadi masalahna, urang salaku manusa teu ngabogaan hak pikeun milu ngahakiman.”

“Heueuh, da can bébas ieu haté!” népas, teugeug. “Si Goblog Kundi masih kénéh hirup. Sabaraha deui awéwé-awéwé jiga Rani anu bakal jadi korbanna!”

“Sing éling eum, Emang nyaho Si Kundi geus jahat ka adi ilaing. Emang nyaho maranéhna salah. Tapi, sarua wéh jahatna, sarua wéh salahna lamun ilaing ngalajur napsu hayang males.

“Sia mah teu ngarti-ngarti! Teu apal kumaha nyerina ieu haté!” nepak dada kénca bari nyuntrungkeun.

Mang Jamili tijongjolong neunggar beusi teralis sél. Tangka biwirna getihan. Tapi teu riuk-riuk, ukur gogodeg bari nyéréngéh.

“Silaing mah teu beunang diomongan. Déwék mah apal, malah apal pisan lamun adi silaing di ditu, lamun Nyi Rani di alam baka téh teu ridoeun nénjo ilaing ngalajur napsu.” teuteup Mang Jamili jadi robah. Asa seukeut. Lir nu keur nembus jajantung.

“Geus wé kuma aing!”

“Kajeung teuing! Ukur ngélingan emang mah!”

“Molor wéh ka dituh!”

“Nya!”

Teu maliré ka nu rék saré, tonggoy deui, anteng deui ngalamun.

Bet ngalangkangan deui naon-naon anu karandapan. Daratang kana kongkolak. Kabayang basa adi roroésan guyang getih bari nyekelan beuteungna anu keur bureuyeung. Bari nyebut-nyebut ngaran Kundi…, saméméh manéhna sakarat ngaleupaskeun nyawa. Alatan dirogahala ku pembunuh bayaran titahan Si Kundi.

Deudeuh teuing…, bongan Rani tuda, apan nyaho saha Si Kundi téh.

Geus…, ayeuna mah tong jadi panasaran. Da sabab nepi ka iraha gé akang pasti bakal males kanyerian Rani. Keun, kari Si Kundieun. Matak sing tenang wéh di ditu, ku akang didungakeun...

Jero dada, napsu beuki ngabebela, méh-méhan teu kawadahan.

Kalah anteng rarakitan dina sagara amarah nu umpal-umpalan. Beuki atoh, beuki motah.

“Meugeus! Sia geura saré!” Mang Jamili ngagebés. Beuki heuras, beuki teugeug.

Éléh déét, laju ngagolédag tunjangeun manéhna.

Karék gé reup, ujug-ujug beledag! Ceuli gé tangka ngajelengéng. Panto panjara ditakol satarikna. Teu lila kadéngé ngolotrak muka konci. Nyah beunta, gebeg! Katangen aya tilu urang sipir anu pangawakanana harelung jarangkung badag. Maké baju singsarwa hideung. Lebah beungeut ditutupan ku teregos anu sarua pulas hideung.

“Hudang siah goblog!” sipir anu panghareupna ngagorowok bari najong kana beuteung. “Peuting ieu waktuna, siah!”

Sirah ditongtak. Dijenggut di katukangkeun, direjengan, diborogod ku lawon anu sarua pulas hideung.

“Mang… Mang Jamili!”

Nu digero teu empés-empés, jiga nu ngahajakeun, kalah kérék.

“Tulungan uing Mang…, ieu uing dék dibawa ka mana.”

Sakolébatan, kawani anu ti tatadi ngagegedur dadak-sakala laleungitan teuing ka mana léosna. Éléh ku kasieun. Gedé karémpan. bulu punduk gé kalah ting sariak.

“Ayeuna waktuna males pati..!” tilu urang sipir ngagusur kuring anu roroésan hayang lésot. Ditajongan, dijejekan teu eureun- eureun.

“Jamili... Jamili… hudang sia! Bantuan aing!” gogorowokan. “Henteu, torék mah?!”

“Gandéng sia!” sipir nga­gorowok deui bari najong satarikna. Ngaburinyay. Tetempoan runyay, kararonéng.

“Goblog Si Jamili! Maenya sakieu ngomong tarik, teu hudang- hudang hah! Atawa...?” gegerendengan sorangan, teu maliré ka sipir anu terus- terusan ngagusur jeung najongan. “Moal kitu ambekkeun ka aing, pedah teu ngagugu kana omonganana?”

Awak nu teu walakaya digusur, dibawa ka tukang, diasupkeun ka hiji lulurung leutik sapaseun awak. Ka handap, teuing dék ka mana.

Barang anjog ka tempat éta, kuring ngagebeg. Sabab geuning bet keur aya di hiji rohangan bawah tanah anu kacida seremna. Bulu punduk kontan narangtung. Selengseng kaambeu bau hangru getih nu geus lila. Orolo utah, teu kuat nataku.

“Hammurabi... hammurabi...” sipir réang patémbalan, bari nyangheuykeun awak kuring anu geus rangsak kana dipan. “Nyawa dibayar ku nyawa. Getih dibayar ku getih...”

“Gusti... moal kitu ieu téh polisi-polisi anu disogok duit ku Si Kundi. Beu, tétéla duit anu kawasa, pangaruhna Si Kundi nepi ka dieu, ka jero tahanan?” norowéco, bari nengetan hiji-hiji ka sipir nu keur lajag-léjég. Anu sakeudeung katingali, sakeudeung hen­teu, sabab kacaangan ku lampu gantung nu ayun-ayunan.

“Sia ngadék suku katuhu, jadi sia hutang suku katuhu. Tah ayeuna kudu dibayar ku suku katuhu deui.” bari teu antaparah, keplas éta sipir ngadék suku sataker kebek ku rajang. Kuring peureum, teu kuat ningalina. Basa beunta, getih seger muncrat maseuhan awak. Ngan anéhna, naha bet teu nyeri, angot linu. Atawa, geus baal jigana mah pédah ti tatadi disiksa.

Mastikeun kapanasaran. Naha bener suku katuhu geus diteukteuk.

Katangen sipir surak éak-éakan, bari ngalungboyong suku kuring anu baloboran ku getih.

“Hampura Rani, Akang tiwas. Geuning Akang moal téh moal bisa males kanyeri anjeun. Tétéla geuning Alloh téh teu adil?” cimata beuki murubut teu kawawa.

Tetempoan run­yay, alam dunya asa muter. Lalampahan ka tukang lalumpatan deui dina kongkolak, narémbongan.

Inget basa Rani roroésan guyang getih. Inget basa mateni Si Renggo, Si Darman, jeung ngabuntungkeun suku Si Jana, ku rajang. Inget basa kuring dijagragkeun ka pangadilan. Jeung basa Si Kundi babarakatakan suka bungah.

Teu kawawa, ngagorowok…

“Teu, teu adil..!” séréngéh seuri, ketir. “Dék dibawa ka mana aing? Ja­mili... Jamili tulungan aing..., hampura Rani! Akang ti­was..., Teu, teu adil...” omongan éta diulang-ulang sababaraha kali. Ngubeng terus-terusan. Sakeu­deung poék, sakeude­ung caang. Ayun-ayunan ka ditu ka dieu kawas lampu gantung. Ngoyag-ngoyag lelembutan, jiga pangléléwa, bari mupuas.

***

“GÉLO jigana mah Si Karma téh, euy!” sipir ngagorowok ka baturna anu séjén.

Muka panto panjara. Hudang, kagareuwahkeun ku sora gandéng.

“Éta tah jigana wawales keur jelema anu biadab mah.” sipir ngarejengan.

“Ceuk saha aing gélo, ceuk saha?” ngagebes, bari ajol-ajolan hayang leupas.

Naha? Bet jadi kieu…

Pan­asaran…

Naha teu apaleun kitu bieu kuring disiksa. Tapi, na ka marana sipir anu tadi, anu maraké baju singsarwa hide­ung?

“Geus puguh sia téh gélo. Ti tatadi gé norowéco, ngomong sorangan.” sipir seuri sinis bari ngahanyatkeun kuring kana mobil ambulan.

“Dék dibawa ka mana ieu?”

“Tatanya teuing! Nya ka rumah sakit jiwa!”

Mang Jamili nyerangkeun ti kajauhan. Pasemonna alum. Cipanon murubut maseuhan pipina.

“Hapunten abdi, gara-gara abdi Akang janten kitu. Padahal tadi wengi abdi teu petot-petot ngélingan akang. Hanjakal, Akang teu ngartos-ngartos. Hanjakal… haté Akang kapoékan, ngalajur napsu.” ukur éta nu kaluar tina biwir Mang Jamili. Ngan, Anéhna sora nu kalu­ar téh bet lain sora lalaki, lain sora Mang Jamili, tapi sora awéwé...

***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: