• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Suhendra, Pupuhu Mitra Sunda Western Australia;

Sunda Jaya
Kudu Daék Ngalumbara

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook
Mangle
Anggota Mitra Sunda Western Australia,
maheutkeun duduluran salembur Sunda
[Potrét/Ilustasi: ]

Budaya Sunda téh kudu jaya. Carana? Henteu waé ngaliwatan kasenian tapi ogé ngawanohkeun kaaripan lokal Sunda nu luhung. Kitu di antara obrolan Manglé jeung Drs. Suhendra, M.Ed. nu kiwari keur ngaréngsékeun gelar doktor P.hD, di Curtin University, Perth, Australia.

Umumna, upama promosi budaya ka tiap mancanagara, sok idéntik jeung ngarasa cukup saukur ngawanohkeun kasenian. Cara saperti kitu, kaasup mromosikeun budaya Sunda, mémang henteu salah. Ngan, lian ti ngawanohkeun kasenian, sabenerna aya nu leuwih penting deui, nyaéta bisa ngawanohkeun konsep kaaripan lokal. “Saleresna, ngawanohkeun budaya Sunda, tiasa langkung komprehensif upami disarengan ku ngabahas aspek budaya nu sanésna, sapertos masalah “kearifan lokal” Sunda nu sakitu luhungna,” cek Drs. Suhendra, M.Ed.

Kaaripan Sunda téh luhung. Lantaran kitu, urang deungeun gé arapaleun kana pasipatan urang Sunda nu soméah, nu luhung budina jeung jembar budayana. Ku kituna, ku urang Sunda nu aya di Perth Australia ogé, éta padika hirup téh henteu saukur dina lalambé, tapi tetep dilarapkeun dina kahirupan sapopoé,. Margi kitu, cek ieu master teureuh Sunda lulusan University of Houston, Texas, USA téh, ngarasa lebar upama kaaripan lokal Sunda henteu diwanohkeun ka mancanagara. “Payus pisan, upama pamaréntah Jawa Barat gé, mromosikeun Sunda “sapaket” antawis kasenian sareng kaluhungan budaya Sunda. Katinggalna bakal langkung apdol tur epektip ngajantenkeun budaya minangka media panyangreud sakumna warga dunya,” pokna jinek.

Ngamekarkeun budaya Sunda tugas saréréa. Henteu waé nu aya di lembur Sunda, tapi ogé urang Sunda nu aya di mancanaraga. Lantaran kitu, cek ieu ahli matematika nu pernah meunang atikan di Gunma University, Gunma jeung Okinawa International Center, Okinawa Japan téh, upama mung pamaréntah wungkul nu inisiatip, tangtos hasilna moal maksimal. Kumaha sangkan maksimal? palebah dieu, cek Suhendra nu ogé mancén konsultan Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat, hadéna pamarentah bisa ngawalayakeun masarakat minangka “agén parobahan”, boh sacara individu atanapi komunitas. “Husus kanggo di luar nagri, tiasa ngaberdayakeun para ‘diaspora’ nu aya di sakuliah dunya,” pokna.

Nurutkeun catetan, sabenerna aya rébuan urang Sunda nu dumuk di luar nagri, boh nu masih WNI atawa nu geus robah kawarganaran-na.  Tah, rébuan urang Sunda saterusna mah bisa jadi ‘pangajak’ keur ngawanohkeun budaya Sunda. “Para diaspora urang Sunda di luar nagri poténsial pisan upami diberdayakeun janten agén promosi dina raraga ngamekarkeun Ki Sunda,” pokna deui.

 

Ngaliwatan Atikan

Lunta jauh, najan ahirna kudu bubuara mancén gawé atawa sakola di nagri deungeun, teu jadi sual. Lantaran, saha waé gé bisa milih tempat geusan nyorang  hirup jeung huripna. Matak bungah deuih, lantaran, urang Sunda gé teu sing kurung batok, da loba nu milih bubuara nu saterusna mancén gawé di tempat séjén téh, tetep katineung ka sarakan sorangan mah moal leungit. Saperti di Ustrali, urang Sunda loba nu tolab élmu.  Upama nilik ka dinya, tangtu payus pisan upama nu keur nyiar élmu gé bisa ‘dimangpaatkeun’ keur ngawanohkeun kultur Sunda nu leuwih jembar. Nurutkeun ieu pangarang buku-buku ajar matematika keur TK, SD, SMP, SMK, jeung paguron luhur téh, sektor pendidikan memang bisa dijadikeun cara séjén dina raraga ngamekarkeun Kasundaan ka mancanagara. Ngan deui-deui, cek Suhendra, budaya Sunda kudu diwanohkeun nu leuwih jembar, saperti nyawalakeun kaaripan lokal Sunda, keur kapentingan hirup di unggal nagara.

Kacindekan kitu, nurutkeun dosen UPI, penting ditepikeun. Lantaran budaya silih ajénan, boh ka sasama manusa boh nu patali jeung hubungan antar nagara, sok dimomorékeun. Disebut ajén-inajén budaya penting ditepikeun, lantaran, waktu hubungan politik Indonesia jeung Australia kurang hadé, tapi widang kasenian jeung budaya mah angger jalan terus. “Hartosna, widang seni budaya tiasa janten alat keur ngakurkeun papada bangsa,” pokna.

 

Maheutkeun Duduluran

Kiwari mah geus ilahar upama loba nu patukeur padumukan. Nu asalna ti nagri deungeun teu jarang nu milih tatar Indonesia kaasup Jabar jadi tempat pamatuhanana. Kitu deui urang Sunda, loba nu milih bubuara nu saterusna mancén gawé di nagri deungeun. Kaayaan kitu, saperti kaalaman ku Drs. Suhendra, M.Ed., nu ti taun 2011 kudu tolab élmu ngaréngsékeun gelar doktor di Curtin University, Perth, Australia.  “Nu penting, katineung ka sarakan sorangan mah henteu hilap,” pokna.

Malahan cek Suhendra deui, dumuk di nagri deungeun, haté mah teu weléh tibelat ka bali geusan ngajadi. Banjar karang pamidangan, angger dipicangcam. “Émutan mah teu weléh ngalanglang lembur sorangan,” cek ieu teureuh Sunda nu pernah nyiar élmu ogé di Massey University, Palmerston, New Zealand.

Waktu dumuk di pangumbaraan, mémang remen ngararasakeun butuhna dulur nu salembur téh. Nu karasa ku Suhendra gé kitu. Tah, keur pangabutuh éta, ieu paniten atikan téh, sok nepungan wargi-wargi ti sababaraha komunitas urang Sunda nu aya di Australia. Saperti aya beungkeutan urang Sunda Melbourne jeung di Perth. Aya ogé kumpulan urang Sunda di sababaraha wewengkon Australia séjénna. “Husus di wilayah Australia Barat, alhamdulillah awal taun 2013 ngadegkeun MSP (Mitra Sunda Perth). Margi ieu wadah beuki mekar tur sababaraha anggotana aya nu ti di luar Perth, nya MSP ogé digentos namina janten MSWA (Mitra Sunda Western Australia),” cek Suhendra gedé harepan.

Tina tepung di paguyuban, saterusna mah silaturahmi jadi manjang. Dulur-dulur sabaraya rasa ti tatar Sunda beuki ngalobaan. Keur nepikeun kasono, bisa ngaliwatan milis MSWA, nu kiwari anggota kurang leuwih aya 160an.

Keur Suhendra, bubuara di Australia éstuning loba hikmahna. Lian ti nambah élmu pangaweruh ogé bisa nambahan duduluran di paguyuban Sunda. Kituna téh, lantaran beungkeutan MSWA, dina tilu bulan sakali mah, sok maneuh ngayakeun silaturrahmi. Tah, dina silaturrahim éta, biasana, anggota sok bari marawa katuangan has Sunda.  “Aya sangu liwet, tutug oncom, pisang goreng, bajigur, candil, kolek cau, jeung sajabana,” cek ieu Program Coordinator of Rural Business Service, World Bank Project. Lian ti ngayakeun pertemuan maneuh tilu bulan sakali, ogé sok ngayakeun kagiatan buka puasa, halal bihalal ‘Iedul Fitri, ogé kagiatan olahraga jeung ti paguyuban séjénna.

Sanajan Suhendra dumuk di nagri deungeun, tetep kana miara jeung ngamumulé basa jeung budaya Sunda henteu leungit. Buktina, dina saban gempungan atawa papanggih jeung urang Sunda angger nyarita mah ku basa Sunda. Kitu deui di imah jeung kulawarga, geus biasa nyarita ku basa Sunda. Malah, ka putra-putrana nu kiwari aya di lingkungan deungeun ogé, teu weléh nitipkeun basa Sunda.  “Sanajan dumuk di mana waé ogé, tetep basa Sunda mah kudu dimumulé”, ceuk Suhendra témbrés.  *** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

dawasta

sakedahna kitu ulah basana ungkul nu kudu di mumule tatakrama jeung sopan santunna urang sunda kedah di tingalikeun

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: