• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ngalanglang Gunung Kumbang, Nyusud Tapak Sunda Bihari

Kénging Ayie Sundana
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1395159008.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

Salasa Kaliwon, 25 Fébruari 2014, ti mimiti wanci janari, masarakat anu dumuk di sabudeureun suku gunung Kumbang ngabring muru hiji patempatan, ibu-ibu ngaleut ngais boboko bari jeung ngajingjing rantang seng, leumpang mapay pasir di suku gunung Kumbang Brebes muru lembur Dukuh Jalawastu di Desa Ciseureuh, Kacamatan Ketanggungan, Kabupaten Brebes, Jawa Tengah. Maksudna,  milu  upacara adat Ngasa.

Tempat anu dipaké keur ngagelar upacara adat Ngasa téh  “Pesaréan Gedong” atawa sok disebut oge hulu dayeuh ku urang Jalawastu mah. Di éta Pasarean  nyampak sababaraha urang nu  papakéanana sarwa bodas dariuk dina  samak. Para ibu tarapti kalayan dijajarkeun nyimpen rupa-rupa kadaharan tina kaolahan sarwa jagong.

Kasepuhan anu sok disebut juru kunci Pesaréan Gedong nyaéta ki Mahmur bareng jeung para kasépuhan séjénna leumpang muru ka tempat Pasaréan. Disatukangeun rombongan aya ogé Kabag Humas dan Protokol Setda Brebes Drs. Atmo Tan Sidik, Kasi Sejarah dan Kepurbakalaan Disparbud Kabupatén Brebes, Widjanarto jeung Ir. Titi Yuliati pajabat Bappeda Kabupatén Brebes.

Nurutkeun Dastam, pamangku adat Jalawastu, aya  aturan atawa pantrangan anu kudu disingkahan ku masarakat, di antarana: pamali melak bawang beureum, suuk, kadelé, kacang hideung, jeung kacang buncis. Pamali ogé ngawangun imah maké batu bata, semén, kenténg, keramik, jeung sabangsana. Suhunan imah teu meunang leuwih ti hiji. Wangun suhunan kudu lempeng (wangun saung), pamali lamun wangun paris, inten, joglo, limasan, julang ngapak, jeung sabangsana. Ingon-ingon nu dipantang téh nyaéta: munding, domba, soang, jeung meri. Nanggap wayang golék, ngagantung goong ogé kaasup anu dipantrangkeun.

“Aya kaarifan lokal (local wisdom) di sajeroning aturan adat nu masih dimumulé ieu téh. “Lamun urang nurutan cara tuang anu “végétarian” sapertos anu dilakonan ku Guriang Panutus, insya Allah awak urang bakal séhat jauh tina kasakit gula (diabetes mellitus), kasakit nu geus sohor jadi balukar mawa mamala,” kitu ceuk Gugun Gunadi nu biasa dilandih Dastam dina biantara upacara adat Ngasa.

Upacara saperti kieu diayakeun ogé di lembur-lembur lianna di sabudeureun Gunung Kumbang saperti di Salagading, Permana, sarta di Ciputih jeung Gandoang anu kawengku ku Kacamatan Salem.

Upacara adat Ngasa téh dilaksanakeun  ku warga sabudeureun suku gunung Kumbang. Éta téh  turun-tumurun ti mimiti taun 1882 jaman pamaréntahan Adipati Arya Candra Negara, bupati Brebes nu kasalapan.

Nurutkeun salah saurang sesepuh Jalawastu Gugun Gunadi, S.Pd Kapala SDN Ciseureuh 02 nu dina Perdés No. 1 Taun 2013 meunang pancén jadi pamangku adat, kecap ‘ngasa’ téh bisa dihartikeun ngasa-ngasa, maksudna  ngasaan  sangu jagong pikeun nu tacan nyoba  dahar sangu jagong. Ngasa ogé bisa dihartikeun ngaso, reureuh, atawa istirahat sabada meunang sawatara poé ngagarap sawah ti mimiti ngawuluku, ngagaru, nepi ka tandur. Ngasa dihartikeun ogé du’a. Midu’a ka Nu Mahakawasa, nu ngawasa langit bumi saeusina tina sagala pancabaya nu salilana ngadodoho sakabéh jalma, sumawonna nu darumuk di suku gunung. Taneuh rugrug, hujan angin, sato galak, jeung réa-réa deui. Éta perdés (peraturan desa) téh diputuskeun pikeun mitembeyan dina ngalaksanakeun program rintisan kampung budaya Jalawastu.

Ngariksa Manusa

Nurutkeun kapercayaan masrakat di sabudeureun suku gunung Kumbang nu turun tumurun ti générasi ka générasi, urang Jalawastu téh turunan patapa sakti anu ngaranna Rasul Guriang Panutus. Inyana  dibéré pancen ka marcapada ku Batara Windu Buana pikeun nepikeun ajaran  keur kasalametan umat manusa enggoning hirup di alam dunya. Salila hirupna Guriang Panutus téh ngan ukur dahar sangu jagong, dangdaunan, bungbuahan, beubeutian, jeung tara dahar daging. Minangka wujud hormatna ka Guriang Panutus téa, unggal poé Salasa Kaliwon  dina pranatamangsa kasanga sataun sakali nya diayakeun upacara adat Ngasa. 

Upacara adat Ngasa ieu téh minangka simbol tanda sujud sukur ka Gusti anu Maha Kawasa kana sagala nimatna.

“Sapertos di daérah basisir aya hajat laut, di tengah-tengah lembur aya hajat bumi. Nya kitu deui sareng di dieu anu caket ka gunung aya adat atanapi kabiasaan ti luluhur ngayakeun upacara adat hajat gunung,” ceuk Dastam.

Upacara adat Ngasa ieu digelar tiap Salasa Kaliwon dina Mangsa Kasanga. Gelaran Ngasa ieu dilaksanakeun dina jero sataun sakali.

Drs.Atmo Tansidik minangka Kabag Humas dan Protokol Kab. Brebes harita nyuluran ibu bupati anu teu bisa hadir, nétélakeun yén “Sirna ilang kertaning bumi, wong wadon ilang wirangé, wong lanang ilang kaprawirané, lurah ilang wibawané, raja ilang pituturé, lan guru ilang piwulangé. Nu hartina Nalika mangsana hiji bangsa leungiteun kawibawaan pamingpinna, nalika jelema keur aya dina jaman édan, nalika bangsa Indonésia keur nandangan krisis kapamingpinan, para inohong adat masih bisa dipercaya pikeun memener masarakatna. Lebah dieu perluna pranata adat dimumulé. Di dieu perluna kaarifan lokal nu aya dina hukum adat dilarapkeun dina kahirupan sapopoé.

Pamaréntah ngarojong pisan kana usaha pamaréntah désa Ciseureuh katut para inohongna enggoning ngawujudkeun Jalawastu sangkan bisa jadi “pilot project” pikeun dijadikeun kampung budaya.

Upacara Ngasa dipungkas ku du’a dina basa Sunda buhun nu dipingpin ku Mahmur (90 taun) juru kunci Patilasan Gunung Sagara nu matuh di Jalawastu. Réngsé ngadu’a, acara diteruskeun kana acara dahar bareng mangrupa sangu jagong, deungeun sanguna rupa-rupa kayaning: angeun waluh, hui, iwung, jeung bangsaning lalab rumbah nu aya di wewengkon éta lembur.   

“Pamaréntah kabupatén mah kantun tutwuri handayani ku nyiapkeun infrastrukturna,” ceuk Ir. Titi Yuliati pajabat Bappeda Kabupatén Brebes dina obrolanana jeung Manglé.

Kitu deui Widjanarto Kasi Sejarah dan Kepurbakalaan Disparbud Kabupatén Brebes. Sapamadegan jeung ibu Titi dina ngaronjatkeun karaharjaan masrakat di sabudeureun kampung rintisan budaya Jalawastu, pamaréntah Kabupatén Brebes geus tatahar pikeun méré bantuan mangrupa bibit lauk emas, nila, sarta bibit sapi Jabrés (Jawa Brebes).

Lian ti para gegedén Brebes, upacara Ngasa ogé diluuhan ku Redjéh Djuanda Camat Ketanggungan, Sodikin, S.Pd Kepala UPTD Pendidikan Kacamatan Ketanggungan,  perangkat désa Ciseureuh sarta rombongan Kelompok Kerja Kepala Sekolah (K3S) ‘Cerdas’ UPTD Pendidikan Kacamatan Ketanggungan nu diluluguan ku Gugun Gunadi. S.Pd.***

(Itang D.S/Uu Trismawan disarungsum ku AS)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: