• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Drs. Inding Gusmayadi, M.Si., Apt.;

Miara Kaséhatan
Maké Resép Karuhun

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Drs. Inding Gusmayadi, M.Si., Apt.,
teu weléh tibelat ka sarakan
[Potrét/Ilustasi: dok.pribadi]

Paniatan pamaréntah miara kaséhatan masarakat mah alus. Ngan, da teu cukup ku karep wungkul. Naon palakiahna sangkan masarakat tetep séhat? Naha enya resép kaséhatan karuhun Sunda ‘matih’ kénéh keur miara kaséhatan? Kumaha ceuk dosen Farmasi UNTAG UHAMKA teureuh Ciamis? ***

Loba nu ukur wasa ngusap dada mun ngabandungan rahayat teu bisa tatamba. Keur rayat leutik mah, hayang ‘cageur’ gé hésé-béléké naker. Padahal, rumah sakit nyampak di saban tempat, atuh komo deui Puskesmas nepi ka desa-desa. Tapi, nya kitu, rahayat leutik mah loba kénéh nu teu kapaliré. “Saleresna kawijakan pamaréntah mah, hususna widang kaséhatan mah saé pisan.  Mung,  hanjakal larapna mah teu dugi ka nu dipiharep, boh ku nu ngarencanakeunana boh ku masarakatna, pangpangna tacan nyugemakeun masarakat,” ceuk Drs. Inding Gusmayadi, M.Si., Apt, Dosen Universitas Muhammadiyah Prof. Dr. HAMKA, Jakarta.

Ti baheula mula, saperti dina jaman Orde Baru aya program Keluarga Berencana, Posyandu, Puskesmas-puskesmas di Kacamatan malah nepi ka désa-désa. Kawijakan kitu ceuk Inding mah, hadé pisan. Kitu deui satutas Orde Reformasi, najan sual KB kungsi melempem, ayeuna mah giat deui. “Ngan, nya kitu apan seuseueurna mah mung “lips service” alias omong doang (omdo), saur urang Batawi mah. Ukur saé dina rencana, larapna mah jauh tanah ka langit,” pokna. OMDO saur barudak gaul ayeuna mah, saé dina rarancangna wungkul, tapi dina émprona pelaksanaan mah jauh tanah ka langit.

Contona cenah,  masalah SJSN (Sistem Jaminan Sosial Nasional) nu mangrupa program nasional taun 2014, sakumna masarakat bisa tatamba kalayan haratis téa. Pakarepan kitu hadé kacida. Tapi, larapna mah, angger wé pabaliut kénéh. Hartina, mémang aya ari nu ngalaksanakeun éta program, tapi karasana ku rahayat mah hésé-béléké naker. “Misalna anu tos gaduh JAMSOSTEK gampil cenah robah janten jaminan Ketenagakerjaan. Tapi, ih da dina palaksanaanana teu écés,” pokna semu hanjakal.

Samistina, ceuk ieu teureuh Ciamis, Jawa Barat téh, para pagawé di lapanganana nu kudu ditataharkeun téh. Misalna waé ku cara palatihan heula nu daria. “Saterasna hasil palatihan téh dilarapkeun di lapangan nu sabenerna, ulah ukur simulasi bari kaayanana diréka-réka,” pokna.

Dina jaman sarwa maju, kaasup widang kaséhatan, panalinga kana kasakit gé kudu leuwih daria. Beuki dieu mémang kasakit téh beuki loba rupana. Lantaran, hiji kasakit téh teu saragam, bisa rupa-rupa. Mun baheula mah digubedkeun, misalna, disebutna téh kasakit konéng, tapi ayeuna mah  ditetek deui  warna-warnina. Jadi, kasakit konéng gé bisa rupa-rupa, anu intina mah panyakit aya dina ati. Ati ruksak alatan sababaraha sabab, bisa karacunan, bisa aya bakteri, aya lantaran virus, anu saterusna bisa ngabalukarkeun haté urang anu pungsina ngaluarkeun racun, jadi teu bisa ngaluarkeun racun tina badan.

 

Ubar Karuhun

Nu tumali jeung kaséhatan, ceuk ieu alumni Farmasi Universitas Gajah Madja (UGM) téh, loba rambat-kamaléna. Misalna waé, kasakit gé bisa raket tumalina jeung kadaharan. Mun, ukur nyumponan pangabutuh dahareun gé ngarasa susah, atuh nu jadi tinimbangan pangheulana mah, lain kadaharan alus, tapi nu penting aya, najan sabenerna mah jauh tangéh keur ukuran kaséhatan. Dina kaayaan masarakat kawas kitu, bisa jadi ngabalukarkeun awak teu séhat, nu antukna mah loba nu gering. Lian ti éta, aya ogé nu lantaran kabawa ku ‘sakaba-kaba’. Saperti  OKB (orang kaya baru), dina barangdahar gé bisa tuturut munding. Batur ngadalahar fastfood, miluan ngadahar da géngsi téa. “Padahal mah katuangan urang Sunda kaasup katuangan séhat, lalaban téh saleresna mah saé pisan dikonsumsi. Lian ti seueur ngandung antioksidan, ogé serat, mineral-mineral sareng vitamin-vitamin,” cek Inding nu ogé aktip di PERHIPBA (Perhimpunan Peneliti Bahan Obat Alami) témbrés. Malah karuhun Sunda ge geus  maraké obat-obatan nu payus keneh keur katuangan sehat mangsa kiwari.  Saperti antanan, lampuyang, jawér kotok, kitolod, handeuleum sareng sabangsana. Lampuyang keur ubar nu tos ngajuru, koneng temen keur ubar napsu barangtuang, daun baluntas keur bau awak, antanan kanggo ubar raheut, ogé pucuk daun jambu batu keur diare. Ngan hanjakal cek Inding, éta katuangan séhat ti karuhun téh teu dimumulé saperti nu dipolés jadi jajamu di Jawa. “Urang Sunda mah kirang merhatoskeun kana ubar karuhun. Rupina, pédah tos ngaraos biasa sok naruangan lalab-lalaban,” pokna deui.

Kasehatan mémang penting pisan. Nu gering gé misti diubaran, kajeun kumaha carana! Matak, teu anéh upama ka dieunakeun pangobatan ‘alternatif’ gé beuki mahabu. Sabenerna, ceuk ieu ahli obat-obatan téh, pangobatan alternatip téh lain ukur maké obat herbal, da bisa waé ‘pijat’ refleksi, tusuk jarum jeung  sabangsana. “Ari nu disebat obat herbal saleresna mah sami sareng jajamu. Bahan-bahan obatna asalna tina tutuwuhan, sasatoan atawa bagian-bagianana, naha daun, buah, tulang, kulit jeung sajabana. Obat herbal mangrupa obat alternatip, atanapi pilihan séjén lian ti obat kimia. Diolahna basajan, saperti  digodog, diparud, digeprék atawa digerus terus diperes, saterusna diinum, ditémpélkeun atawa dioléskeun kana bagian awak nu karasa teu sehat,” pokna imeut naker.

Kiwari mah obat herbal gé loba nu diolah sacara modern, bahanna disarikeun atawa  diekstraksi, nu diarah saripatina wungkul. Saterusna, diolah dijadikeun tablet, kapsul jeung sajabana. “Tapi saleresna obat anu sapertos kitu tos teu tiasa disebatkeun obat herbal deui, da tos bénten tina bentuk aslina,” cek pangurus IAI (Ikatan Apoteker Indonesia) Jakarta téh.

Keur kaséhatan masarakat, ceuk ieu Apoteker nu kungsi tolab élmu di Australia téh, ubar tina tutuwuhan téh alus pisan keur kaséhatan, asal teu dicampur ku obat kimia. “Mung seuseueurna obat herbal mah langkung cocog kanggo miara  kaséhatan batan kanggo nambaan. Tah anu janten masalah dina waktos ayeuna, seueur pengobatan alternatip, utamina anu ngaku nganggo herbal sering disebat herbalis, nanging dina prakna ngobatan dicampur aduk sareng perdukunan, dicampur sareng obat kimia, dicampur ‘penipuan’, nu ahirna pasén téh siga nu enya cageur padahal jero-jerona mah panyakitna leuwih parna,” pokna.

Ku lantaran kitu, cenah, nu kudu diwatesanan téh lain obat herbalna, tapi nu nambaanana. “Mun bukti méngpar tina tetekon pangobatan herbal nya kudu ditindak,” pokna tandes.

Kaséhatan gé raket tumalina jeung lingkungan. Saperti di Tatar Sunda Jawa Barat nu baheula éndah alamna, ayeuna mah geus salin rupa. Lian ti kitu, padumuk nu tuluy-tuluyan nambahan, beuki padedet padumuk, ogé sok ngabalukarkeun lingkungan beuki ruksak. “Tumali sareng demografi tiasa jadi ageung pangaruhna kana kasehatan masarakat téh. Undakna jumlah padumuk nu kacida lobana, ngabalukarkeun alam sabudeureunana ruksak. Nu tadina asri, pinuh ku tatangkalan, pasawahan umpluk-aplak,  wahangan hérang, robah jadi lingkungan anu keumeuh. Tah, nu kawas kitu gé bisa jadi turunna ajén kaséhatan masarakat,” pokna.

 

Tibelat ka Sarakan Ciamis

Upama ayeuna Drs. Inding Gusmayadi, M.Si., Apt., icikibung dina widang kaséhatan, da mémang angen-anegnna ti bubudak. Keur leutik gé kahayangna téh jadi dokter. Da sakanyaho baheula mah, nu sok nambaan nu gering téh dokter juru rawat atawa mantri. Kanyahona kitu, Inding gé boga anggapan, nu bisa nulungan batur mah, jalma nu gedé mangpaatna.

Ieu Apoteker nu ogé dosen téh, lahir di tutugan Gunung Sawal, di Kampung Bangbayang Kidul, Desa Bangbayang, nu harita mah katelahna téh Desa Cieurih (Taun 80-an dimekarkeun janten 2 desa, Desa Cieurih sareng Desa Bangbayang), Kacamatan Cipaku Kabupaten Ciamis. “Abdi mah ti lembur singkur. Malihan sesah kapendak sanaos dipilari dina Google Map ogé,” cek Inding alumni SMAN Kawali angkatan 1983 nineung ka mangsa baheula.

Tapi najan urang lembur, kana nyuprih élmu mah tetep sumanget naker. Kitu téh, lantaran teu weléh meunang papatah ti ramana. “Tong tinggaleun Solat, ulah masiat! Kudu handap asor ulah adigung-adiguna, kudu hampang birit. Mun migawé hiji pagawéan kudu anggeus!” pokna malikan kekecapan ramana, H. Enos Kusdanamiharja (alm.) atawa katelah Haji Muhammad Nuh, pangsiunan kepala sakola. Nya tangtu wé, barudak junun diajar téh, lantaran pangaping ibuna deuih, Hj. Ratna Komala (almarumah).

Tumali jeung diajar, jinek kekecapanan gé. Cenah, ramana mah, moal ngawariskeun harta, da teu boga, tapi  mun ménta élmu sok sakola sakurang-kurangna taman SLTA. “Alhamdulillah, sadudulur sarakolana lulus minimal SLTA, tina dalapan urang sadulur opatan neraskeun ka paguron luhur, opatan deui  lulus SLTA, nu saurang lulus  SMA, saurang lulus SMEA, sareng saurang deui lulus Madrasyah Aliyah,” saur ieu carogé Rita Kardia, S.Sos téh. Atuh tina peurahna doa ti sepuhna, Inding gé ahirna bisa nyuprih élmu ka UGM nu mangsa harita, mémang teu babari bisa asup ka paguron pavorit samodel UGM mah. “Ngan harita mah, milih farmasi teh teu ngahaja, lantaran sama sakali teu terang naon dunia farmasi téh,” pokna.

Sabada lulus ti Farmasi UGM, taun 1993, Inding kungsi digawé heula di pabrik obat, “Tapi, teu betah kaluar deui wé,” saur ieu rama Hadiyan Maulana Muwahid sareng  Huzaimah Maulani Mardliyah téh. Nu lalaki kelas opat SD, nu awéwé mah kakara umur tilu taun.

Basa aya lowongan jadi dosen di Universitas 17 Agustus 1945 Jakarta (UNTAG Jakarta), inyana ngalamar, tur ditarima. Mimiti jadi  dosen Luar Biasa, saterusna jadi dosen tetep. Lantaran Inding loba nu mercaya jeung jadi dosen teladan sa Universitas 17 Agustus 1945 Jakarta, ahirna aya dibéré luang keur neuleuman deui élmu pangweruh. Atuh, dina taun 1997, Inding gé bisa nyuprih élmu di Perth di Curtin University of Technology, Faculty of Education Australia. Di éta paguron diajar nyieun kurikulum, teknik ngajar, pedagogik, assessment jeung sabangsana.

Teu cukup ku élmu pangaweruh ti mancanagara, Inding nu lahir 15 Juli 1968, dina ahir taun 1997 kuliah deui S2 di Pascasarjana UGM, kuliahna widang Teknologi Farmasi. Lalakon saterusna mah, pindah deui ngajarna, jadi ka Universitas Muhammadiyah Prof. Dr. HAMKA (UHAMKA) 2003-2005 kalawan jadi dosen Luar Biasa. Kakara dina taun 2005 diangkat jadi dosen tetep Persyarikatan. Taun 2008 diangkat jadi Wakil Dekan I di Fakultas FMIPA UHAMKA, nepi ka  taun 2013. “Ayeuna mah janten dosen biasa deui wé,” pokna. Ngajarna di Farmasi UNTAG Jakarta jeung di Farmasi UHAMKA, di S1 Program Studi Farmasi jeung di  Program Profesi Apotekerna.

Cekel gawé di Batawi, ka lembur karuhun Ciamis teu weléh sono. Aya kénéh sabaaneun dulur-dulur, baraya jeung mertua. Malah keur ubar kasono, Inding gé jadi matuh, lantaran sabulan sakali mah, sok ngajar di STIKES Muhammadiyah Ciamis Jurusan D3 Farmasi.

Guluburna kahirupan Jakarta, haté Drs. Inding Gusmayadi, M.Si., Apt., teu weléh tibelat ka bali geusan ngajadi. Ciamis, banjar karang pamidangan, teu weléh nyésakeun pangalaman éndah mangsa keur budak. Baréto, keur leutik, biasa ulin ka sawah,  ngurek, nguseup di balong, ngabedahkeun, ngala lauk,  nyirib, ngaheurap jeung sajabana. Ulin jeung babaturan kumaha usum-usumanana, ngapungkeun langlayangan langlayangan gugusuran ku palapah kawung. “Pokona mah ka lembur mah matak tibelat waé,” pokna ngumbar panineungan. ***

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: