• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Dede Mariana;

Ngundeur Sora ti Tatar Sunda

Kénging Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Prof. Dede Mariana [Potrét/Ilustasi: ]

Sora rayat pada marebutkeun. Kitu téh, prah di mana-mana. Nu miharep sora ti Tatar Sunda gé,  lain ukur pribumi, tapi deuih nu asalna ti luar Jawa Barat.

Gang  nu  legana ukur sadeupa téh, padedet ku nu  ngabring-ngabring calon legislatif.  Najan, can usum kompanye,  caleg téh  boga rupa-rupa cara keur nepungan  masarakat di daérah pilihanana, kaasup kukurusukan ka palemburan.

Tatar  Sunda nu kaseundeuhan ku  nu ti mana-mana,  jadi pakalangan balaréa. Nu jadi wawakilna gé bisa saha waé. Matak, teu  anéh,  nu ti mana waé calegna,  kaasup nu asalna ti luar Jawa Barat, loba nu baroga untupan mampuh ngirut haté urang Sunda.

Caleg ti jauhna, nu kapapancenan jadi wawakil ti dapil Jawa Barat, loba nu daék kukurusukan ka palemburan. Ngahaja nepungan rahayat.  

“Sindang heula atuh!” ceuk salah saurang warga.

Nu diajak nyarita, caleg DPR RI,  rungah-ringeuh,  teu ngartieun.  Da inyana mah, urang Jakarta,  nu asal-muasalna gé lain ti Jawa Barat deuih.  Sanggeus dijentrekeun  ku ‘pangiringna’, yén éta kekecapan téh nitah nyimpang, kakara éta caleg téh ngartieun.

Urang  luar Jawa Barat nu boga karep makalangan di tatar Sunda, lain kakara. Contona, anggota DPR RI mangsa bakti 2009-2014 gé dieuyeuban ku nu ti luar Jawa Barat. “Seuseueurna mah, malah langkung ti satengahna,  nu ngawakilan Jawa Barat téh ti luar Jawa Barat,” ceuk   H. Yusyus Kuswandana, SH., anggota DPR RI sal Jawa Barat,  basa ngawangkong dina acara di Sumedang sawatara waktu ka tukang.

Tatar Jawa Barat, memang pakalangan balarea. Nu tandang  jadi calon legislatif ge ngarasa gede hate baris meunang pangrojong ti masarakat Jawa Barat.  Atuh nu milih deuih boga kabebasan nangtukeun calegna luyu jeung nu diasongkeun ku masing-masing partey.  Ngan, ceuk Pangurus Puseur Paguyuban Pasundan, Drs. Soma Gantika, M.Si.,   caleg gé kudu ngakar di masarakat. Hartina, cenah, kudu apal kana budaya masarakatna.

Sabalikna, ceuk Soma Gantika, masarakat gé kudu milih kalayan tinimbangan anu asak. Kudu milih nu  apal kana kahayang jeung kabutuh masarakatna. Nya tangtu cenah, saterusna mah, para caleg nu kapilih téh kudu mampuh nyumponan angen-angen rahayat.

 

Kakawasaan Partey

Upama  dapil dieusian ku caleg nu lain ti éta daerah, taya salahna. Lantaran caleg mah kumaha partey pulitik! Kitu ceuk Porf. Dr. Dede Mariana,M.Si., Guru Besar Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung. Hartina, cenah, saha waé nu dicalonkeun, jeung di mana waé ditempatkeunanan, kumaha partey pultik nu ngarojongna. “Taya nu lepat dina sual éta mah, da kitu aturan masing-masing partey gé,” pokna sawatara waktu ka tukang.

Dina pilihan legislatif, caleg téh di tempatkeun di daerah pilihan (dapil). Kitu téh, ceuk Prof. Dede ‘ngadeukeutkeun’ nu rék milih jeung wawakilna.  Enas-enasna mah, itikad hadé pihak-pihak nu nyieun éta aturan, sangkan nu milih wanoh ka nu dipilihna sarta nu ngawakilan éta dapil wanoh kana kabutuh masarakat di daérah nu diwakilanana. “Tapi, apan ayeuna mah partey pulitik gé sentralistk,” pokna. Ku lantaran kitu, tinimbangan nempatkeun calon gé leuwih neuueul kana kapetingan parteyna.

Lian ti kitu, ceuk tilikan  ieu Guru Besar Fisip Unpad téh,  ku lantaran partey pulitik ge teu leupas tina ‘oligarki’ partey, atuh nu ditempatkeun di saban daerah ge, remen dumasar kana tinimbangan demi parteyna, kaasup demi ‘kulawarga’ pangurus parteyna.

Memang, cenah, nu ditempatkeun ku partey téh, can tangtu  goreng. Lantaran saha waé calonna, bisa waé hade ajena atawa sabalikna. “Ngan, milih calon nu wanoh kana kaayaan daerah jeung budaya masarakat ge, kudu jadi tinimbangan balarea,”pokna.

Dina sawatara riungan,  ceuk Prof. Dede, remen kabandungan ‘kaguligahan’ hate ‘inohng’ Sunda dina nyanghareupan kaayan pulitik di Jawa Barat. Loba nu hariwang upama  wawakil rahayat  teu wanoheun kana kaayaan Jawa Barat. Ngan,  nu leuwih penting, ceuk Prof. Dede,   sakuduna pituin Jawa Barat leuwih loba deui nu ancrub kana dunya pulitik sarta nyekel bagian-bagian nu penting dina partey pulitik tea. “Upama loba keneh nu jejereged ancrub ka partey, nya wayahna we mun ‘dialas’ batur ge,” pokna.

Najan kitu, ieu ahli Ilmu Pamarentahan téh,  miharep  partey pulitik  nempatkeun  kader nu panghadéna, sarta satekah polah  nu ngarti kana kaayaan daerahna. “Lantaran pancen gawe anggota dewan  di antarana nepikeun aspirasi masarakatna,” pokna.

Upama urang Sunda ngarasa kurang dibalitungkeun ku patrey pulitik,  Prof. Dede, sakuduna jadi pamecut keur sakumna urang Sunda. Hartina, urang Sunda gé kudu boga kakuatan anu jinek sangkan boga kakuatan nu dibalitungkeun ku pihak mana waé.

Saha nu misti nyadarkeun urang Sunda sangkan engeuh kana pulitik téh?  Ceuk ieu Profesor urang Bandung mah, tangtu wé  para  ‘inohong Sunda’ jeung organisasi-organsiasi kasundaan.   Mémang, cenah, ari adurenyom kasundaan mah remen, ngan ukur sabudeureun para inohong wungkul. Padahal, sawadina kaguligah inohong téh kudu parat ka masarakat sakumna.

Dina mangsa pilihan umum,  para elit kudu  leukeun datang ka masarakat. Ngajak jeung nyadarkeun masarakat pentingna milih calon pamingpin anu hade keur kamaslahatan balaréa. Hartina, ceuk Prof. Dede kudu mampuh numuwuhkeun  kasadaran masarakat kana pentingna pilihan pamingpin nu baris mangpaat keur Jawa Barat sakumna.

Sora rahayat   Jawa Barat kacida lobana.  Jumlah nu kawas kitu jadi kakuatan nu rohaka.  Ku kituna, urang Sunda gé kudu nangtukeun pilihanana kalayan imeut tur taliti sangkan nu kapilih téh nu nyaah ka  masarakat Jawa Barat, lain   ukur  urang Sunda diarah sorana wungkul lima taun sakali.

Nu penting ayeuna, ceuk Prof. Dr. Dede Mariana, M.Si., ngawangun kasadaran babarengan  urang Sunda sakumha.  Da, mun jinek kakuatanana mah, baris jadi tinimbangan nu nguntungkeun keur urang Sunda atawa Jawa Barat umumna. “Lantaran,  partey gé baris ngabalitungkeun untung-rugina,” pokna semu ngingetan. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: