• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Karim Suryadi

Kakarén Sora Silung
Lima Taun ka Tukang

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1395384807.jpg [Potrét/Ilustasi: rudi]

Jangji kiwari lain nu bihari.  Da, nu bakal kasorang mah, tacan bisa dipastikeun ti ayeuna. Ngan, upama rahayat inget deui kana jangji nu teu ngabukti, kumaha  balukarna? ***

Wanci haneut moyan, nyuruput cai kopi nu disuguhkeun ku wawakil rahayat. Kituna téh, mayeng saban bulan. Nu hadir hempak ngadédéngékeun laporan garapan gawé wawakilna nu  dilaksanakeun sabulan saméméhna. Saterusna, nu ngariung gé nepikeun kereteg haténa ka éta wakil téh. Akrab, sugema, silihpercaya, jeung silihajénan. Tah, kitu ketak wawakil rahayat mah, nyaho jeung bisa ngararasakeun keteg haté masarakat nu milihna.  Jangji kompanyena ngabukti. Mupus sora silung rahayat nu dialamatkeun ka wawakilna.  Di mana éta téh, naha dina résés anggota dewan di Tatar Jabar? Hanjakal, nu dicontokeun ku Prof. Dr. Karim Suryadi, M.Si., di luhur téh, lain di urang, tapi  di  nagri deungeun, saperti nu biasa dilaksanakeun ku Barrack Obama, waktu inyana  anggota senat nagara Bagian Illinois, Amerika Serikat. Cara kitu, mémang kabiasaan senator Illionis nu ogé biasa kasaksén di sabara tempat di éta nagri.

Ngadatangan rahayat, ngajugjugan kahayang jeung pakarepnana, ceuk Prof. Karim mah, wujud tina tanggung jawab wawakil rahayat ka nu milih atawa konstituénna. Matak, ngaran éta riungan gé, Constituent Coffe. Enya, teu jauh ti ngaranna, da nu ngariungan téh  ukur  disuguhan sacangkir kopi kalayan lalawuhna donat hiji séwang. Tapi, cara kitu téh, loba mangpaatna, lantaran garapan gawé senator téh kudu keuna mamaras rasa masarakat. Carana,  lian ti nepikeun garapan gawé nu enggeus  jeung eukeur  dilaksanakeun dina saban bulan, ogé garapan gawé sabulan ka hareupna deui. Da,  mémang riungan téh maneuh sakali dina sabulan.

Di urang , mémang aya ‘résés’, waktuna anggota déwan ngadatangan masarakat di dapilna.  “Ngan, nu dicaritakeun dina éta kagiatan téh tara  jinek, da puguh éta anggota déwan téh teu boga konsep anu jinek ,” ceuk ieu Dekan Fakultas Ilmu Pengetahuan Sosial (IPS) UPI Bandung téh.

Upama  wawakil rahayat  loba nu nguciwakeun,  ceuk Prof. Karim, lantaran mémang lolobana mah, para wakil rahayat téh teu jinek ajén-inajénna. Saperti pasaratan jadi caleg  ogé teu jinek ukuranana. “Padahal, kudu écés standarna, naon sababna éta jalma bisa jadi calég?” pokna semu nanya. Patalékan kawas kitu ogé kudu dilarapkeun ka sakumna calég boh ka nu masih kénéh jeneng boh ka nu anyar.

Nu katitén kiwari, lolobana, ceuk ieu panitén pulitik urang Bandung téh, paracaleg leuwih gedé kahayangna batan kamampuhanana. “Ilikan wé tina paripolahna boh nu kagambar dina poto-potona ogé balihona, apan lolobana mah ukur némbongkeun ‘napsu’ hayang kapilih batan némbongkeun kamampuhan,” pokna.

Da mistina mah, cenah, lain ukur ‘gumeulis’ jeung ‘gumasép’ dina poto, lain ukur mulas rurupaan kawas ‘selebritis’, tapi nu leuwih penting mah, nétélakeun kamampuhanana nu geus dilaksanakeun ku dirina nu mangpaat keur balaréa, copélna di lemburna. “Nu penting mah sangkan aya conto nyata tumali jeung kamampuh si éta caleg,” pokna.

Mémang, sasaha gé boga hak milih jeung dipilih. Tapi, ceuk ieu akademisi urang UPI  mah, tetep wé lian ti kudu ngukur kakujur téh, ogé kudu apal kana kahayang jeung angen-angen masarakat nu baris diwakilanana.  “Saban calon kudu wanoh ka masarakat di masing-masing dapilna,” pokna.

Tangtuna gé, wanoh téh, cenah, dina harti anu jembar, kaasup wanoh kana budaya masarakatna. “Ulah nepi ka ngungkulan pasualan di hiji daérah ku maké cara-cara di daérah séjénna atawa daérah si éta pamingpin,” ceuk ieu teureuh Subang Jawa Barat téh.

Ceuk ieu guru besar UPI Bandung, nu milih gé kudu asak jeujeuhan. Tangtu, cenah, matak milih gé sangkan nyugemakeun. Hartina, nu kapilih nu panghadéna ti antara piliheun anu nyampak. “Milih téh kudu nu alus jeung nu dipikawanoh,” pokna.

Dina mangsa butuh sora saloba-lobana, masing-masing caleg téh butuh balad. Tangtu, butuh pihak-pihak nu jadi panumbu catur antara pihak nu ‘gaduh’ maksad jeung pihak nu rék milih atawa konstituen. Tah,  di antara dua pihak bieu, bisa waé aya ‘nu nyiliwuri. “Malah, teu jarang ukur nipu demi kauntungan pribadi si éta tim suksés,” pokna.

Tim sukses kawas kitu, atawa ‘bobotoh’ nu kitu, bisa akon-akon boga sora loba. Ngaku bisa ngumpulkeun sora keur kapentingan si caleg nu dibobotohanana. “Padahal, ukur nipu ka ditu ka dieu,” ceuk ieu guru besar nu remen ditanggap pamanggihna dina televisi di Batawi téh.

Mahing nu nyiliwuri, hartina, masing-masing pihak, nu rék milih jeung nu rék dipilih, kudu silihpikawanoh. Nu milih wanoh ka calon nu rék dipilihna, nu rék dipilih wanoh kana kabutuh jeung harepan masarakatna. Kitu ceuk ieu Prof. Karim Suryadi mah.

 

Ngantengkeun Tatali Batin

Sora-sora kuciwa, remen kapireng ku balaréa. Tapi, da teu bisa disingkahan, malah kitu kuduna, saban lima taunan, misti medalkeun harepan anyar. “Kari kumaha nu rék milihna,” ceuk Prof. Karim Suryadi. Ngan, tangtu, cenah, misti aya parobahan ti nu enggeus-enggeus. “Ulah ukur rahayat téh diarah sorana lima taun sakali, geus kitu mah cul wé teu dipaliré,” pokna.

Da, mémang, cenah, remen kasaksén. Saperti di mana-mana aya ‘rumah aspirasi’. Éta téh, maksudna mah, ngajaring angen-angen jeung kereteg haté masarakat nu aya di masing-masing daérah pilihan. “Hanjakalna, éta rumah aspirasi téh ukur dug-deg dina mangsana kompanye, lain salila lima taun waktu inyana jeneng jadi wawakil rahayat,” ceuk Prof. Karim.

Tempat nu sakuduna jadi pangjugjugan rahayat saupama boga pasualan, lapur lantaran nu ngadegkeun éta tempat gé teu embol-embol. Atuh, jangji-jangjina gé laas ku mangsa. “Janten,  masarakat gé beuki kuciwa nu balukarna, teu anéh upama loba sora silung nu dialamatkeun ka wawakil rahayat,” pokna.

Geusan ngantengkeun tatali batin antara wawakil rahayat  jeung nu milihna,  perelu pisan aya acara maneuh kawas  ‘constitueunt coffee’ cara  di batur  téa. Teu sing hésé, lantaran carana gé apan basajan naker, ukur ngadatangan rahayat heug ngariung ngadédéngékeun angen-angen jeung bangbaluh hirupna.  Teu kudu ngarasa karoroncodan, da mun téa mah, kudu nyuguhan, moal ieuh kudu ngodok  saku sorangan, da aya waragadna saban résés ogé. Tah, éta waragad, cenah, bisa dipaké susuguh mah, rék ukur nyayagikeun cai entéh rek ukur cai kopi ditambah lalawuhna nu pangajina teu sabaraha. “Ku cara ayana ‘forum’ kawas kitu, bakal tumuwuh rasa percaya masarakat ka wawakilna,” pokna.

Prof. Karim percaya, pasiptan urang Sunda mah, tara ngorobokan. Pasiptan kitu, butuh kasurti ti para pamingpinna. Nya ku lantaran kitu deuih, pereluna pamingpin wanoh kana pasipatan masarakatna téh. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: