• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Banjir Jaman Nabi Nuh

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook

Kungsi tumiba banjir pangbadagna jeung panghébatna saalam dunya. Nyaéta banjir dina jaman Nabi Nuh Alaihissalam, kl. 10 rébu taun ka tukang. Disebut pangbadagna tur panghébatna, lantaran kaunggel dina kitab ageman agama Yahudi, Perjanjian Lama (Kitab Kajadian, 7 : 1-24), jeung dina sawatara ayat katut surat kitab suci Alqur’an.

Nabi Nuh diutus ka kaomna, pikeun umajak sangkan nyembah Alloh, sabab taya deui sesembahan iwal ti Anjeunna. Tapi kaom Nabi Nuh ngabangkang. Boga rasa leuwih pinunjul dina sagala rupa, boh kakayaan, boh kalungguhan.

Para gegedén kaum Nabi Nuh, nyarita kalawan adigung adiguna :  

Nu hartosna : “Kaula saréréa henteu nénjo anjeun salian ti manusa biasa baé saperti kaula saréréa; kaula saréréa henteu nénjo nu anut ka anjeun, kajaba jalma-jalma nu hina ti antara kaula saréréa, sarta sok gancang percaya (tara dipikir heula)” (Q.s.Hud : 27).

Cohagna, para gegedén di lingkungan umat Nabi Nuh, nganggap Nabi Nuh taya kaleuwih nanaon ti batan maranéhna. Tur nganggap nu anut ka Nabi Nuh ukur masarakat awam nu teu nyaho nanaon, nu sok gancang kabongroy ku pangajak saliwat.

Haté maranéhna teuas nataku. Ka balaréa ngancam, ulah wani-wani ninggalkeun sesembahan-sesembahan nu geus dipercaya ti jaman para karuhun. Nyaéta sesembahan nu dingaranan Wadd, Suwa, Yagus, Ya’uq jeung Nasr (Q.s. Nuh: 23).

Nurutkeun katerangan sawatara tafsir, nu disebut Wadd téh nyaéta “déwa” lalaki, ngalambangkeun kakuatan manusa. Ceuk kapercayaan maranéhna, Wadd nu méré kakuatan ka manusa pikeun ngawasa harta, tahta jeung wanita, pikeun kasenangan hirup di alam dunya. Kakuatan nu kudu digunakeun ku cara kumaha waé, di mana baé. Kaasup perang, nyiksa tawanan, ngaranjah wewengkon séjén. Tah nya Wadd nu nyurup kana watek sarta sumanget manusa nu hayang digjaya.

Suwa, “déwa” nu ngalambangkeun kakasépan jeung kageulisan, sarta barobahna kahayang dina ulekan cinta, napsu, kahéman jeung kasarakahan . Sakur manusa hayang tur mikaresep kakasépan kageulisan. Boga watek owah gingsir sakumaha kudrat insani. Ieu gé kudu dipiara pikeun ngimbangan watek nu diturunkeun ku Wadd.

Yagus, “déwa” singa atawa banténg. Ngalambangkeun kabengisan nu kudu nyampak dina jiwa sakur manusa nu hayang kumawasa, nu hayang ngararasakeun kanimatan haliyah dunya.

Ya’uq, “déwa” kuda. Ngalambangkeun gerak tangginas jeung pancén nyerang kalawan agresif. Watek nu kudu nyampak dina sakur manusa nu jalingeur tur rancagé.

Nasr, ”déwa” rajawali, heulang ruyuk, dadali. Ngalambangkeun seukeut ténjo, seukeut déngé. Ieu gé pasipatan nu kudu nyampak dina jiwa sakur manusa nu hayang hirup nanjung taya nu ngagunasika.

Ieu sesembahan nu dipertahankeun, pikeun ngalawan da’wah Nabi Nuh ka umatna nu umajak sangkan nyembah Alloh SWT Nu Maha Ahad, Nu Maha Kuat. Dzat anu nyiptakeun jagat raya katut sagala pangeusina.

Ngarasa da’wah ratus-ratus taun (yuswa Nabi Nuh 950 taun, sakumaha kaunggel dina ayat 14, Q.s. Al Ankabut “alfa sanatin illa khomsina amman”), taya tapakna, umatna terus baredang wangkelang, Nabi Nuh As jumerit ka Alloh SWT :

“Nun Gusti Pangéran abdi, paparin abdi pitulung, margi maranéhna parantos ngabohongkeun ka abdi” (Q.s. Al Mu’minun : 26).

Nya Alloh SWT miwarang Nabi Nuh As ngadamel kapal, eusianeun jalma-jalma nu ariman katut sasatoan sajodo-sajodo (Q.s. Al Mu’minun : 27).

Geus nepi kana mangsana, ger hujan angin bula-bali. Sakur nu teu nurut kana pangajak Nabi Nuh, kaeleb ku cai. Kaasup anakna, Kan’an. Nu aya dina kapal mah saralamet. Sanggeus banjir orot, Nabi Nuh As jeung umatna nyésa berkah kaimanan ka Alloh SWT, turun ka darat. Dina sawatara tafsir ditétélakeun, Nabi Nuh katelah “Aba Basyar Tsani”, “Bapa manusa kadua”. Sabab “manusa kahiji” turunan langsung Nabi Adam As, béak kaléléd banjir balukar laku lampahna nu dolim téa.

Pasipatan umat nu wangkelang ka Nabi Nuh As, dibéjérbéaskeun dina Alqur’an surat Nuh. Di antarana, upama Nabi Nuh umajak kana takwa, nyaéta ngalaksanakeun paréntah Alloh SWT sakaligus nyingkahan nu dilarang ku Anjeunna, maranéhna anggur nyarocokan ceuli ku curuk-curukna sarta meungpeunan beungeut ku papakéan, bari némbongkeun kabedang jeung kaadigungan (Q.s. Nuh: 7).

Padahal ka maranéhna, Alloh SWT maparin kurnia anugerah tan wilangan. Ti mimiti ngayugakeun maranéhna, ngahirupkeun sarta merenahkeun maranéhna di alam dunya nu dieusi ku rupa-rupa kaéndahan jeung kani’matan. Langit, bulan, panonpoé, tutuwuhan. Nyiptakeun amparan bumi sangkan maranéhna bisa lumaku kalawan laluasa, harta banda, anak katurunan nu dipikanyaah, pepelakan, jeung réa-réa deui (Q.s. Nuh: 8-20).

Geus taya ampun deui pikeun meunang bebendon ti Nu Maha Kawasa :

“Sabenerna, ku lantaran kasalahan-kasalahan sakitu poharana, maranéhna dikéremkeun tuluy maranéhna diasupkeun ka naraka, nya moal pisan maranéhna manggih nu nulungan, salian ti Alloh SWT” (Q.s. Nuh: 25).

Banjir jaman Nabi Nuh mangrupa tanda kakawasaan Alloh SWT pikeun sakumna manusa pangeusi alam (Q.s.Al Ankabut : 15). Kajadian nu sarupa unggal mangsa, sabab-sababna sarua jeung nu kaalaman ku umat Nabi Nuh As. Kitu deui akibat nu baris karasa, moal béda ti dinya. Ku kituna, mudah-mudahan umat kiwari bisa ngalap hikmah jeung dijadikeun eunteung, sangkan ulah milampah ingkar kana papagon agama sakumaha ditémbréskeun kalawan tandes dina Alqur’an nu yakin benerna. ***      

                      

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: