• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dr. Deden Ramdan, M.Si;

Sunda Lain Bangsa Kelas Dua

Kénging Ensa/Unay
Kintun kana Facebook
Mangle
Dr. Deden Ramdan, M.Si., Wakil Rektor III Unpas Bandung [Potrét/Ilustasi: dok.pribadi]

Satata! Taya nu istiméwa! Kitu kalungguhan masing-masing sélér bangsa di ieu nagri ge. Kumaha ari urang Sunda? Dr. Deden Ramdan, Doktor  Minijmen Politik Universitas Pasundan (Unpas) Bandung, medar pamanggihna.

Di tempat kompanye, rahayat  merbayaksa, sabudeureun panggung. Ngadédéngékeun  nu nebar harepan sorangeun mangsa ka hareup. Pamandangan kawas kitu téh ilahar naker dina  mangsa ganti kapamingpinan lima taunan mah.

Ngeprak balad, ngumpulkeun sora rahayat, dina usum kompanye mah  prah di mana-mana, kaasup di Tatar Sunda.  Nu ‘tarung’ di Jawa Barat,  ti mana waé asalna, butuh ‘sora’  pribumi. Saperti  nu enggeus-enggeus,  wawakil rahayat  ti Jawa Barat nu jadi anggota DPR RI mangsa bakti 2009-2014,  lolobana mah lain pituin Sunda. Hartina,  sélér séjén nu jadi wawakil ti Jawa Barat, tetep miangna ka Senayan mah lantaran sora ti Tatar Sunda.  “Jadi pamingpin téh hak sakumna warga nagara. Atuh, urang Sunda gé kudu ngarasa satata jeung pihak séjén, ulah ngarasa jadi warga kelas dua,” ceuk Dr. Deden Ramdan, M.Si., Wakil Rektor III Widang Kemahasiswaan & Alumni Universitas Pasundan, muka wangkongan.

Ngobrol téh di kantorna di Kampus Unpas, Jalan Tamansari, Bandung. Ngawangkong, pasosoré  bada lohor dina kaayaan di luar hujan miripis matak tiris. Tapi, pangaruh obrolan  nu jejerna  kapamingpinan Sunda di tingkat nasional mah, hawa nu tiris téh robah jadi ‘panas’. “Dina mayunan pihak séjén, urang  Sunda kedah gaduh daya tawar anu jinek, nu dibalitungkeun deungeun, ” pokna tandes naker.

Kang Deden (kitu katelahna), nganggap urang Sunda boga kamampuhan nu satata jeung sélér séjénna di Nusanatara. Malah, nilik kana poténsi nu nyampak, cenah, tatar Sunda téh tetep dibalitungkeun ku pihak séjén. Buktina, rupa-rupa kapentingan partey pulitik nu sipatna nasional, loba nu milih Bandung ( Jawa Barat) tempat ngélébétkeun bandérana. “Hartina, Tatar Sunda gaduh pangaruh kanggo pihak-pihak  nu hoyong ngalalakon di tingkat nasional,” ceuk ieu pituin Bandung téh.

Kalunguhan  Jawa Barat,  ceuk Kang Deden mah, kudu jadi kakuatan écés keur urang Sunda. “Urang Sunda gé kedah yakin, kakuatan nasional téh ayana di saban sélér banga nu aya di Nusantarana,” pokna.

Ngahijikeun  Kakuatan

Dr. Deden Ramdan, M.Si., percaya, kakawasaan teu ngan ukur tumali jeung kamampuhan. Da, lian ti butuh pangabisa téh deuih butuh pangrojong masarakatna.  “Peryogi pangrojong pihak sanés, pangpangna ti urang Sunda nyalira, ” pokna. Balitunganana, leuwih loba ‘balad’ bakal leuwih boga kakuatan. Ku lantaran kitu, ceuk Kang Deden mah, jumlah sélér Sunda nu kadua panglobana di Nusantara téh kudu jadi kakuatan keur urang Sunda dina makalangan ti tingkat nasional.

Dina pilihan umum,  sora  rahayat  téh boga kakuatan anu rohaka.  Masing-masing sora bakal jadi tanaga  dina nangtukeun pamingpinna. Hartina, leuwih loba jumlah padumukna, kakuatanana ogé bakal leuwih tohaga.  Nilik ka dinya. Ceuk Kang Deden, pantes pisan upama urang Sunda milu ancrub dina  kapamingpinan nasional. Padumuk Sunda nu jumlahna kadua panglobana di Nusantara, samistina  jadi gambaran  kakuatan  urang Sunda di Nusantara  anu dibalitungkeun ku pihak mana waé. “Asal urang Sunda ulah sungkan nawarkeun jeung némbongkeun kamampuhanana geusan  jadi pamingpin nasional,” pokna.

Akar  kakawasaan, mémang tina kakuatan rahayat.  Atuh, saterusna,   calon pamingpin nu diasongkeun  ku pihak mana waé boh dina pilihan legislatif boh pilihan presiden,  enas-enasna mah miang  tina kakuatan rahayat.  Atuh,  lobana padumuk Tatar Sunda gé,  bakal jadi tinimbangan pihak-pihak nu nyalonkeun ‘jagona’ jadi pamingpin nasional. Mun nilik ka dinya, urang  Sunda,  payus  boga tempat dina  kapamingpinan nasional.

Dr. Deden Ramdan  yakin, urang  Jawa Barat,  payus milu ngurus-ngatur ieu  nagara.  Lain ukur tukang keprok atawa ngabring-ngabring batur,  lain ukur  jadi bobotoh  deungeun deuih.  “Merenah upama urang Sunda seueur nu ngagaduhan peran dina kapamingpinan  nasional,” ceuk ieu Anggota Kelompok Kerja Bidang Sosial Politik di Dewan Ketahanan Nasional téh.

Upama Kang Deden yakin urang  Sunda boga kamampuhan keur jadi pamingpin, mémang kabandungan, cenah. Ceuk inyana mah, loba kacida urang Sunda nu palinter dina rupa-rupa widang. Hartina, dina sual kamampuhan jeung paélmuan mah, moal nguyang ka batur. “Kantun ngahijikeun kakuatan urang Sunda sakumna, ulah silih réngkas jeung papada dulur,” pokna semu ngingetan.

Dina milih pamingpin, Kang Deden mah miharep, urang Sunda silihrojong.  Ngahiji  nepikeun kahayangna. Cindekna, ulah silihgoréngkeun,  ulah paraséa waé! Kitu ceuk ieu  panulis buku Komunikasi Pulitik mah.

Ceuk pikir Kang Deden,  saha waé nu pangpayusna jadi pamingpin ti Sunda, sawadina pada ngarojong ku sakumna urang   Sunda. Da, tangtu, cenah, ari kapentingan mah rupa-rupa naker. Ngan, upama éta kapentingan téh keur kamaslahatan urang Sunda,  payus tur merenah pisan  upama meunang  pangdeudeul  ti urang Sunda sakumna.

Dina mangsana nangtukeun pamingpin lima taunan,  kacida gumantungna  kana kahayang masarakat. Ngan, cenah, di antara rahayat jeung calon pamingpin téh bisa waé aya ‘jungkrang’ nu perelu dicukangan. Bisa jadi salila ieu masarakat teu pati engeuh kana pentingna milih pamingpin nu mihak kana kasundaan. Ku lantaran kitu, ceuk Kang Deden misti aya nu jadi  ‘panumbu catur’ sangkan  pakarepan urang Sunda boga pamingpin di tingkat nasional tinekanan. Saha nu ‘nyaangan’ masarakat sangkan boga kasadaran daék ngarojong kana ‘gerakan’ milih pamingpin Sunda?  Tangtu wé,  ceuk Deden Ramdan mah loba, saperti organisasi-organisasi kasundaan, kaasup Paguyuban Pasundan.

Dr. Deden Ramdan, M.Si., yakin, urang Sunda loba kénéh nu nyaah ka sarakanana.  Loba kénéh nu nyaah ka dulur jeung ka lemburna sorangan. Atuh, saterusna, masih kénéh loba nu percaya upama loba pamingpin teureuh Sunda, bakal mawa kamaslahatan keur Tatar Sunda. Ngan, tangtu, cenah, harepan-harepan  saperti kitu téh kudu dipatéahkeun ku pihak-pihak nu gedé tanggung jawabna ka Tatar Sunda.

Nyaah ka  Sarakan

Deden Ramdan pituin Sunda.  Bibit-buitna ti wewengkon Sukajadi Bandung. Ti leuleutik gé di Bandung. Atuh, keur Deden mah, ieu kota téh lain ukur pangancikan raga, tapi deuih panineungan rasa. “Kapungkur mah Bandung téh pikabétaheun naker,” pokna ngumbar panineungan.

Inget kénéh, cenah, mun isuk-isuk indit ka sakola,  hawa téh seger naker. Mun leumpang mapay-mapay jalan, bisa ngararasakeun nyecepna ibun nu nyalangkrung dina pucuk-pucuk dangdaunan. Bandung nu kawas kitu, keur dirina mah matak tibelat. “Ngan, mun angger salah urus, bisa jadi Bandung mémang juara, tapi lain juara nu matak reueus, da bisa waé juara caah, juara nyayeudna runtah,” ceuk ieu urang Bandung nu lahir taun 1963 téh.

Hirup dina budaya Sunda, keur Deden mah gedé pangaruhna. Apan, organisasi kapamudaan nu diiluanana  gé di antarana téh Angkatan Muda Siliwangi (AMS). Harita, keur ngora, mémang geus ngarasa reueus ku  kasundaan téh. Atuh, tina AMS gé boga ‘kenang-kenangan’ nu masih kénéh jadi cecekelan laku-lampahna. Apan keur urang AMS mah, di antarana hirup téh ulah hianat ka batur, jeung kudu panceg dina galur!

Keur  mahasiswa,  Deden kungsi jadi pangurus Himpunan Mahasiswa Islam (HMI) Cabang Bandung. Tina éta organisasi inyana loba diajar nyanghareupan rupa-rupa pasualan. Atuh, harita mah,  biasa naker demo-demo nepikeun aspirasi ka pamaréntah gé. “Benten sareng ayeuna, demo harita mah peurahan keneh,” pokna.

Ayeuna, cenah, saban jalma bisa démo. Nu ditepikeunana,  demo kiwari, sagala rupa. Pasulan ‘teu pira’ gé bisa waé demo atawa unjuk rasa. “Ari kapungkur mah, mun démo téh tangtos kanggo kapentingan masarakat,” pokna nyoréang mangsa ka tukang.

Tolab élmu di Unpas, babakti gé di éta kampus.   Jadi dosén Kopertis Wilayah IV nu DPK-na di Universitas Pasundan. Kituna téh, tetep renggenek nepi ka kiwari.

Cekel gawéna, lian ti jadi dosén, kapapancénan jadi Wakil Rektor Bidang Kemahasiswaan & Alumni. Pancen gawéna kitu, raket tumalina jeung kamampuhanana. Resep icikibung dina organisasi, jeung aktif di luar kampus, jadi bekel dina ‘ngigelan’ jeung ngigelkeun ‘aspirsi’ mahasiwa. “Tanggel waler paguron luhur kanggo nyiptakeun lulusan anu mangpaat kanggo masarakat,” ceuk ieu Dosen Teladan Kopertis Wil. IV Jabar-Banten (1998) téh.

Kampus, ceuk Deden Ramdan, sawadina jadi ‘munara cai’, lain ‘munara gading’, nu ukur éndah jeung pikareueuseun ti kajauhan. Ceuk dirina mah, kampus téh kudu lir kérélékna cai, jadi ubar  nu hanaang. ***  

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: