• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Rajapati Mahabu Kabina-bina

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook

Danget ieu mindeng kajadian rajapati. Nu maéhan jeung dipaéhan. Malah réa nu “anéh”. Kawas indung maéhan anakna dilelepkeun kana toren. Anak jeung minantu maéhan indung bapa katut mitoha. Budak rumaja maéhan urut kabogohna. Jeung réa-réa deui nu matak muringkak bulu punduk sing saha nu apal kana dosa. Nu boga rasa kamanusaan.

Padahal Alloh SWT nyiptakeun manusa dina wangun pisik hadé (Q.s.at Tin : 4). Nu hartosna: saéstuna Kami geus nyiptakeun manusa dina wujud nu panghadéna. Kitu deui dilengkepan pancaindra nu nyusun rapih, pancén katut kagunaanana merenah (Q.s.al Infithar : 7-8).

Diwuwuhan deui ku komponén-komponén sejen, sangkan harkat martabatna istiméwa, nu ku Kangjeng Nabi Muhammad Rosululloh Saw, disebut “jawahir” (mutiara). Nyaéta  akal, ad dien (agama), rasa éra jeung amal soléh.

Sakabéhna, ngajadikeun  manusa mahluk unggul lahir batin. Jauh ngungkulan  mahluk-mahluk séjén, nu ngan dipulas lahiriahna wungkul, teu dibéré kalengkepan  batiniah. Nepi ka manusa, nu ukur mangrupa kekebul dina amparan jagat raya alam goromyangan,  nyengceling nyengcelak. Ngaluhuran gugusan-gugusan jutaan galaksi, lantaran sakabéh runtuyan jiwa ragana, pasrah sumérah wungkul  ka Alloh SWT. “Dainunnah lillahi wahdah”. Teu weléh syukur kana sagala ni’mat anugrah Alloh SWT, lantaran kurnia Anjeunna, ngaleuwihan sagala usaha manusa. Jumlah ni’mat nu katampa ku manusa, moal kawilang (Q.s. Ibrahim : 34).

Tapi lantaran réa manusa  nampik atawa ngabohongkeun kana éta kurnia ni’mat, Alloh SWT nepi ka 30 (tiga puluh) kali, tumaros, naha manusa bet ngabohongkeun ni’mat-ni’matNa (Q.s. ar Rahman)

Nya kajadian, réa manusa miyuni sato héwan.  Modal awal rupaning awak nu  lengkep gembleng, sampurna titungtung buuk nepi dampal suku, ditambah “opat mutiara” nu ngagerakkeun jiwa, sakuduna ngajurung kana lahirna sikep sukur nikmat.

Tapi dina kanyataan, réa nu nyaliwang. Dedegan sampé rupa hadé, kadang kala digunakeun pikeun perkara ma’siat. Mutiara jiwa henteu digunakeun pikeun kahadéan. Malah dipaké ngalajur hawa napsu. Akal dileungitkeun, nepi ka ucapan, katut kalakuan, teu waras teu logis. Pituduh  agama diapilainkeun. Agama dijieun kedok, bahan kaulinan jeung kaheureuyan. Atawa dipaké taméng dina milampah pagawéan nu patukangtonggong jeung ajén inajén agama. Rasa éra dialungkeun jauh. Nepi ka teu asa-asa nyorang sagala rupa perkara nu papalingpang jeungkasucian kudratmanusa.

Lantaran padoman akal, pituduh agama, sarta kaéra geus disingkirkeun, hasilna lain amal soléh deui. Tapi sagala rupa kajahatan, kamungkaran, katut kagoréngan séjénna, nu teu pantes dipilampa ku jalma boga akal, ngigama, jeung boga kaéra.

Mun geus kitu, manusa geus teu sukur nimat deui. Manusa geus nyorang kufur nikmat. Nya daék teu daék, ancaman Alloh SWT mimiti tumiba. Salila manusa sukur kana sagala ni’mat Alloh, éta n’kmat baris diundakkeun. Sabalikna, lamun kufur ni’mat baris meunang  azab Alloh nu peurih kacida (Q.s.Ibrahim : 7).

Dawuhan Rosululloh Saw, dina hiji hadis riwayat Imam Thabrani, parobahan tina sukur n’kmat kana kufur ni’mat, mangrupa panyakit nu bakal karandapan ku sakabéh  umat (ad Daul Umam). Panyakit nu ngaruntuy. Sabab tina kufur ni’mat bakal muncul kalakuan sangeunahna (al bathor). Ningkat kana kalangenan numpuk-numpuk harta bari teu miduli ti mana jeung kumaha cara meunangkeun éta harta  (at takatsur). Disusul ku saéngan teu séhat, papada mawa karep sorangan (at tanafus). Timbul wé sili pikaceuceub, silidengkék sili pangkék, marebutkeun kauntungan pribadi séwang-séwangan (at tabaghud). Dicampur ku sili  fitnah, sili dengki, sili intip sili kakalakeun (at tahasud). Dolim, nganyerikeun jalma séjén, geus teu tumarumpang deui (al baghyu). Puncakna,kajahatan sili ala nyawa, sili paténi  (al khoroj).

Ngaleungitkeun nyawa sasama manusa, geus  dianggap pagaweanénténg. Rasa watir, sieun jeung dosa, geus teu mempan. Maéhan, sili paéhan, pikeun kasugemaan, ngalubarkeun amarah, geus teu bisa dicegah.

Sabab sakabéh komponén  akal, agama, rasa éra jeung amal soléh, geus leuwih tiheula dipaténi.

Sakabéhna dimimitian tina ilangna sukur nikmat. Ditukeuran ku kufur ni’mat. Padahal geus tétéla pépéling  Alloh SWT, yen jalma nu nukeuran ni’mat ku kakufuran, bakal tigebrus kana  jurang “Darul Bawar”. Nagri Kaancuran  (Q.s.Ibrahim : 28).

Lamun seug niténan kajadian rajapati anu mahabu saban waktu, boa urang geus aya di dinya. Tapi mugi-mugi wé henteu. Turta urang aya dina panangtayungan Alloh SWT, sangkan teu jadi tukang maéhan jeung jadi korban nu dipaéhan. Sarta boga kasadaran pikeun gancang mulang kana pituduh Alloh SWT. Tobat tina sagala dosa, sarta meunang kakuatan sangkan urang jadi manusia saéstuna nu boga akal, ngigama, gedé kaéra, katut mampuh ngaréaan amal soléh.

Muga-muga urang dijauhkeun tina lampah dosa. Kitu deui muga-muga henteu nganggap énténg kana dosa perdosa nu sihoréng badag kacida. Malah muga-muga kaasup jalma anu disebut dina Alquran surat Najm ayat 32, nu hartosna: “Nyaéta jalma nu ngajauhan dosa-dosa badag jeung pagawéan keji tina kasalahan-kasalahan leutik. Saéstuna Robb anjeun Maha Lega pangampurana.”

Ku kituna, dina raraga takwa ka Alloh, diusahakeun satékah polah, ngajauhan dosa perdosa. Urang sasarengan nambahan élmu pangaweruh ngeunaan amal-amal kahadéan, boh mangrupa ibadah mahdloh (ritual), boh ibadah ghoir mahdloh (sosial), sangkan urang apal mana pihadéeun, mana pidosaeun.

Mung ka Alloh SWT urang neda pangampura tina sagala dosa nu karasa sareng nu teu karasa. Innalloha ghofurur rohim.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: