• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ceurik Onah

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook

Keur nganteur Wandi, kandidat doktor anthropologi di hiji universitas, ngaprak ka pilemburan. Néangan carita rayat nu unik-unik. Folkloré. Boh winangun dongéng lisan, adat kabiasaan, boh warisan budaya non-benda, saperti kadaharan, dangdanan, jeung rupa-rupa deui nu lahir tina kahirupan sapopoé masarakat nu tacan kagiridig teuing ku pangaruh luar.

Eureun di lembur panungtung nu bisa kasaba ku mobil. Ka dituna kudu leumpang. Meuntas wahangan rada badag. Terus nanjak. Nyorang pasir, saméméh nepi ka lembur pangmencilna. Keur nikreuh ka tongggohkeun, hareupeun aya nu leumpang. Nénjo warugana, pantesna geus kolot pisan.

Tonggongna geus bongkok. Leungeun diakodkeun ka tukang. Sirahna diiket batik leuseuh. Bet inget ka tokoh Aki Jamungkuk dina "Burak Siluman" karya Moh.Ambri. Gancang disusul. Dipiheulaan. Ngahaja rék megat. Rék diajak ngawangkong. Malum kolot di pilemburan mah sok réa dongeng nu araranéh. Geus deukeut, gancang ditanya:

"Sampurasun, Aki ... badé ka mana atawa tos ti mana? Kersaan nyorang tanjakan sakieu panjang netekna?"

"Rampés, Adén,” manéhna ngalieuk. Sorana cempréng. "ah biasa wé aki mah kieu. Ngukur pudunan, mapay tanjakan. Komo tanjakan ieu mah, nu katelah "Ceurik Onah", kameumeut aki."

"Ceurik Onah?” Wandi milu nembrong. "Sugan téh ‘Ceurik Oma’. Aya sarsilahna panginten, Ki?"

"Nya aya wé ... mun teu salah mah ..." jawab aki-aki. Panonna nu semu pétét, hérang, gular-giler. Tatanggahan nenjoan tatangkalan nu rajeg sapanjang jalan. Kai leuweung karahot. Bangsa rasamala, jamuju, huru. Campur jeung bungur, asem, tanjung, jeung sajabana kai tareuas.

Pantes kituna téh, da tanjakan nu ceuk Si Aki katelah "Ceurik Onah" aya di sisi leuweung tutupan. Sakalian reureuh, bar Wandi ngamparkeun terpal nu nyelap dina ranselna. Ngaluarkeun tilu botol cai mineral, roti, katut kadaharan séjén, Ditundaan luhureunana.

"Aki sok nyesep?" Wandi nanya.

Si Aki gideug. Gap kana botol cai. Dibuka tutupna. Diasongkeun ka Si Aki. "Ieu atuh ngaleueut....." Botol cai ditampanan. Tapi henteu langsung nginum. Anggur sok ditunda deui. "Engké we Aki mah nginum téh ari geus salsé," cenah semu papaharé.

“Wios atuh, mangga,” Wandi rada héraneun. "Cing manawi aki uninga kumaha lalakon ieu tanjakan dugi ka dingaranan ‘Ceurik Onah’?"

Méméh némbalan, Si Aki ngarénghap jero pisan. Kawas nyidem bangbaluh beurat kacida, "Panjang pisan, Adén. Lalakon nu meubeut meulit ka ditu ka dieu ..."

"Cobi atuh pami Aki teu kaabotan, didongéngkeun ayeuna," Wandi giak. Gancang nyiapkeun HP keur ngarekam caritaan Si Aki. Sabada dua tilu kali ngarénghap, paralak Si Aki nyarita. Lancar tur mérélé. "Mun aya kajadian dursila, saperti perkosaan, pacogrégan rumah tangga, nu nimbulkeun korban, boh jiwa, boh perasaan, di tanjakan ieu sok ngadadak aya sora tanpa jirim. Sora ceurik ngabangingik ... kanyenyerian ... Tanjakan ngadadak sahéng. Angin ngahiuk, hujan ngagebrét. Semu hayang mindingan sora jerit kanyenyerian, inghak kanalangsa, nu kedal tanpa jirim. Ti hiji mahluk nu kungsi ngalaman kabetah hirup di alam dunya. Ngan ujug-ujug kaganggu ku paripolah jalma telenges ka bina-bina ..." Bulu punduk ngadadak ruyrey.   Nyaliara ka saawak-awak. Mawa kalewang jeung kakeueung nu teuing ti mana jolna. Ngan kapegat ku sora Si Aki nu cempréng, neruskeun caritana, "Ieu jalan nepungkeun lembur Ciceuri jeung Babakan Séba. Tangtu moal aya nu apal ka éta dua tempat. Lantaran ukur lembur leutik. Di hji désa mencil.”       

Eureun heula cacaritana Si Aki téh. Ngarenghap panjang. Jegoh batuk. Tapi teu pangangguran nginum. Anggur nuluykeun cacarita deui, "Tah di Babakan Séba teh aya budak geulis. Parawan jekékan. Umur tujuh belasan. Fatonah. Nénéhna Onah. Geus sakola ka SMA di kota bari masantrén di uana, Neng Onah beuki mohér baé. Keureutan beungeut ngumbang jeung dedegan awak. Mimiti kagawar-gawar ku urang luar, basa aya pangwangunan sakola di Ciceuri. Mandor nu keur gawé di dinya, ujug-ujug kapincut. Sanajan geus boga anak dua, bari jeung pangkat ukur mandor proyék heuheuleutan, ngawanikeun manéh nanyaan. Atuh ditolak sapajodogan. Cék Néng Onah harita: "Sanajan urang kampung bau lisung ogé, da ngambeu sakola, kungsi ngaji. Moal bisa dipaksa ku sasaha pikeun mikacinta jeung dipikacinta," jawabna tandes basa ditanya ku indung bapana naha nampik mandor.

"Tapi basa aya lalaki kasép, beunghar jeung boga kalungguhan, ngadeukeutan, Néng Onah léah. Komo barang itu ngajak kawin, mani giak. Kajeun kawin siri. Ukur ijab kobul disaksian ku kulawarga ogé. Komo dijangjian rék diajak umroh, disakolakeun jeung engké dijadikeun pamajikan nu poko. Kajeun nyérahkeun pamajikan nu kolot. Pruk baé ... " Si Aki ngarénghap panjang. Ngeluk. Hég dangah ka langit. Ngalieuk ka Wandi. Nanya ku sora haroshos, "Adén percanten ka lalaki boga panyakit mahiwal? Napsu ka pamajikan tapi teu bisa kukumaha lantaran geus kabiasaan lacur? Ari ka ublag mah segut?"

"Kantos nguping. Nu kitu teh kelainan jiwa, cenah," témbal Wandi.

"Kelainan jiwa, nyah?” Si Aki ngarenyu. “Tah lalaki kasép, beunghar, jeneng, nu ngawin rerencepan Néng Onah, kitu pisan. Salia opat poé, pamajikan digaley diguley, tapi teu bisa sapatémon da parabotna miley waé. Tapi ari ka ublag mah, ka PSK, biasa hirup. Malah nagen, heuras pisan. Nu matak poé kalima, Néng Onah disérahkeun. Nitahan pagawéna ka Babakan Séba, mawa carita ngaragragkeun talak. Atuh matak reuwas saréréa. Neng Onah mah nepi ka ngajehjer. Geus éling terus malaweung. Ngabigeu teu daék nyarita...."

"Innalillahi." spontan maca istirja. "Iraha kajadianana, Ki?"

"Kurang leuwih sapuluh tauna ka tukang ..." jawab Si Aki. Panonna beueus. "Néng Onah katutuluyan gering, teu cageur deui. Malah luas nemahan pati. Mayitna kapanggih ku nu ngala suluh, ngagulantung dina tangkal tanjung ... tuh béh ditu!" Si Aki nuduhkeun ka béh lebak.

Rey deui bulu punduk. Wandi élékésékéng. "Nya ti harita, di ieu tanjakan sok kadéngé sora inghak awéwé. Ceurik pinuh kanyeri kapeurih. Nelah we tanjakan ‘Ceurik Onah’ jegoh deui Si Aki batuk. Pék nyokot daun tina éndongna. Digayem. Daun ubar batuk meureun.

"Ari lalakina kumaha?" panasaran nanya. Ambéh Si Aki gancang mungkas caritana. "Pikarunanyaeun, Adén! Saminggu ti tas Néng Onah maéhan manéh, lalaki urut salakina kapanggih geus ngababatang di hiji kamar hotél. Keur nindihan awéwé geulis. Ungkluk nu bisa nyugemakeun napsuna.."

"Na'udzubillah..." mani bareng maca ta'udz jeung Wandi.

Si Aki katingal élékésékéng... "Tragis ... tragis ..." Nu leuwih tragis, "Si Aki rikat nyambung. "Mayit éta lalaki nu keur hirupna cenah kasép, beunghar, luhur pangkat, jeung sajabana, teu ditarima ku alam kubur. Teu dipikayang ku dunya manusa, da geus paéh téa. Gawéna ngulayaban. Mindeng ngadédéngékeun inghak popotonganana ti alam gaib. Nepi ka danget ieu pisan ..."

Angin ngahiuk. Panonpoé ceudeum. Tanjakan asa ngadadak canéom. Si Aki cengkat. Ngilicid indit. Léngkahna semu ngangkang. Gancang diburu. Ditanya: "Ké Aki, ari aki saha jenengan? Teras lalaki popotongan Néng Onah saha deuih jenenganana?"

Mureleng seukeut, Si Aki nembalan ku sora jero semu ngagerem: "Teu perlu ngaran jelema nu geus paéh kasarad dosa jeung doraka mah ... Pan éta lalaki téh, aki pisan! Na saha kitu?"

Teuing katurelengan, teuing enya ngajehjer teu éling. Pokona tetenjoan ujug-ujug poek. Bumi alam asa muter. Reuwas jeung sieun. Mun teu kaburu diséréd ku Wandi , boa ngajurahroh kana jungkrang sisi tanjakan. Durugdug mudun. Sakalumpat lampét. Teu inget tincakeun. Gejebur ka wahangan. Ngalieuk ka tukang, jirim aki-aki geus teu katénjo. Ngiles tukangeun rungkun gerembel atawa teuing ka mana boa. Marakayangan meureun.***

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: