• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Jurig Teluh

Kénging Andang S. Argayuda
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1396438106.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

Poé Kemis di bulan Juli katompérnakeun, panon poé mangsa reup-reupan, langit lenglang taya aling-aling, harita téh mémang keur usum mamareng. Bari nyeueung éndahna layung anu keur ngempur hurung luhureun gunung, pirajeunan ngadaweung dina bangbarung, bari ngopi maké gula kawung, lalawuhna sampeu rumaja meunang ngagoréng.

Di buruan cai balong boborélakan kasorot cahaya layung, kancra bareureum tinggareboy ngojay ka kulon-ka wetan, waas, mawa tingtrim kana ati sanubari. Sagala karungsing, sagala ka pusing, sirna tina pamikiran, kaganti ku rasa haté anu bangblas. Turun ka buruan mawa awur sacanggeum, wur parab lauk di awurkeun ka tengah balong, cai balong ngadak-ngadak motah ku lauk anu parebut parab, aya ku éndah.

Keur kitu aya anu uluk salam, sanggeus dijawab, anu uluk salam téh di ajak ka jero imah, duaan tamu téh, lalaki wungkul, sanggeus basa-basi tandana ngaku ka tatamu, terus ditalék pamaksudannana pangna datang sore-sore jiga aya penting.

“Punten tumaros, aya kaperyogian naon atuh salira téh, sumping ka rompok Akang sonten-sonten kieu”. Bari neuteup seukeut, tatamu téh langsung ditanya pamaksudannana.

“Hatur nuhun ditaros Kang, puguh Abdi téh gaduh anu udur,” rengkuh sopan cumarita, jiga-jiga anu dareuda.

“Ka dokter atuh Ayi, ulah ka Akang.”

“Parantos éta ogé, nanging teu acan aya perobihan, manawi waé ngalangkungan diri Akang, Alloh marengkeun kana tujuan Abdi,” tatamu téh keukeuh rék ménta tulung.

“Anu tiasa ngadamangkeun deui anu udur, sanés dokter, ogé sanés obat anu dipasihkeun ku dokter, sanés dukun, sanés jalmi sapertos Akang, tapi cageurna manusa tina udur, éta mangrupi kuasana Alloh SWT.”

“Leres kahartos pisan, Kang, tapi pan cenah kedah nganggo cukang lantaran, numawi abdi ka dieu nepangan Akang, manawi baé pendak cukang lantaran ngalangkungan katiasa salira Akang.”

“Saha anu teu damangna, sareng panyawat naon?” ditalék ku pananya kitu, tamu téh bet ngeluk alum, dumareuda, cumalimba, matak watir.

“Pun bojo Kang, tos lami keuna ku panyawat bareuh beuteung, punten waé Kang abdi tulungan.”  Emh, istrina geuning anu udurna téh, paingan titadi tatamu téh alum waé, panyakit busung geuning, hésé gering kitu mah diubarannana.

“Dupi bumi di palih mana Yi?”

“Abdi ti Cibeureum, palih tonggoheun Rancah, Kang.” Nu ditanya ngajawab nuduhkeun tempat pangancikannana, ngabéjakeun sacéréwéléna.

“Ayeuna mah Ayi jung geura mulang, engké saatos magrib Akang ka ditu.” Karunya, rék ditingali waé anu udurna, niat karena Alloh taalla.

Nyubadanan jangji, bérés solat maghrib miang ngajugjug Rancah, nembus leuweung geledegan anu harieum canéom, nepi ka Kojéngkang, tuluy nurugtug mudun mapay lembur, geus jiga di kota, lampu listrik baranang di tiap buruan.

Datang kanu dituju, kasampak loba jalma anu keur narungguan nu gering, sanggeus uluk salam sup ka jero, nu gering pada ngariung, nangkarak bengkang beuteung kembung, beungeut celong, awak rangkébong. Deudeuh teuing, ieu mah panyakit geus parna, duka bisa diubaran duka moal, ceg bitis anu gering téh dicekel, diteuteup bari diobrolan sangkan mawa katenangan kanu gering.

“Ibu sing sabar sing tawakal, kadang hirup manusa kedah ngalaman cobaan sapertos kieu, mung ka ikhlasan haté anu tiasa ningtrimkeun diri, mung Gusti Alloh anu tiasa nulungan urang, mung Gusti Aloha nu tiasa ngadamangkeun deui urang,” diobrolan, anu gering téh  unggeuk tanda ngarti, cipanonna ngalémbéréh mapay pipina.

Sanggeus mariksa anu geringna, nguniang hudang muru ka tengah imah, ménta cai hérang rék di du’aan jang anu gering, sanggeus aya, prak dzikir di kamar ngamalkeun élmu pikeun ngubaran, khusu ngadu’a téh, tapi aya ku anéh gelas anu digolérkeun ber ngagerebeg caina nepi kamuncrat, kila-kila jigana mah, tapi bet asa aya anu nepak punduk, piraku aya jurig onaman.

Teu loba carita, cai titah dibikeun sina dileueut kunu gering, bari diubaran beuteungna, susuganan, teu dibéjakeun kajadian keur ngadu’a mah bisi rareuwaseun, teu terus kapanjangan, sanggeus tugas bérés terus amitan mulang, diandeg ogé ku nu boga imah, alesan rék neruskeun dzikir di imah.

Rék jung pisan miang, anu boga imah muntangan leungeun, terus tumanya ngaharéwos, bari panonna carinakdak.

“Kang kumaha pun bojo téh kinten-kintena, naha tiasa damang deui?” Nu muntangan téh keukeuh hayang apal kana kaayaan bojona.

“Wallohu allam  bi syawab, Akang teu gaduh katiasa nyageurkeun, ukur boga élmu saeutik pikeun ngubaran anu udur, nanging cageurna mah mangrupi kuasa Gusti Alloh SWT”. Dijawab kitu téh, manéhna unggeuk, pamuluna alum ngungun, beurat ka bojo anu keur nandang lara.

Mulang geus rada peuting, maké motor nyemprung ka tonggohkeun, liwat Kojéngkang jalan poék meredong, leuweung mahoni sapanjang jalan matak geueuman, matak keueung, teu ieu jadi piker ras inget kana kajadian tadi, bisi aya anu rék dengki, buru-buru mulang dirusuhkeun.

Sanggeus beres solat jeung wiridan, kuring ngagéléhé kana korsi panjang di tengah imah, indung budak geus saré tibra, kitu deui barudak duanana geus kérék ti soré kénéh, teu enak rarasaan, jadi teu bisa saré, nyileuk sorangan nepi ka wanci tengah peuting. Kira-kira jam dua welas, imah ujug-ujug ngariyeg, korsi anu dipaké gégéléhéan ngagerebeg, sugan mah aya lini, terus luncat rék ngahudangkeun barudak, imah ngariyeg deui, keur  kitu geblus aya anu asup ka tengah imah.

Hiji mahluk pikagilaeun ngabedega dina juru rohangan tamu, tangtungan badag rubak, kulit beuteung babarendilan, dada babalingbingan, beungeut bosongot, irung pengék, mata bolotot, sungut calawak, huntuna ranggéténg sareukeut, awak buligir ukur dicawet, huluna gundul, tina hulu nepi kana tonggong pinuh ku tanduk, ramo-ramona sareukeut paranjang.

“Mahluk nanahaon, bet pikagilaeun, boa anu rék ngarogahala yeuh!” gegerenyeman dina haté, bakat ku kagét jeung gila nempo mahluk anu sakitu seremna, kuring mundur sababaraha léngkah, ngajauhan tina korsi, ceg kana gobang anu ngagantung dina tembok, jaga-jaga bisi ieu mahluk téh rek niat jahat.

“Hey mahluk kajajadén, andika saha jeun anu timana? aya naon kuwawani asup ka imah kula tanpa bema krama?” Ngawanikeun diri, tumanya ka éta mahluk, anu ceuk tetempoan mah jiga siluman buhaya.

“Ha ... ha ... ha ... héy manusa, kula samber nyawa, datang kadieu rék nyabut nyawa manusa.” Éta jurig ngomong bosongong, seuri babarakatakan, mata burial buncelik, suku téténjrag, imah ngadak-ngadak inggeung, jantung ratug asa rék murag.

“Oh, jadi anjeung téh jurig teluh?”

“Enya, kula datang kadieu meunang pancén titah nyabut nyawa manusa.”

“Kelanan, sakanyaho kula mah anu sok nyabut nyawa téh, nyaeta malaikat Izrroil, lain bangsa anjeun”.

“Lain malaikat Izrroill waé, kula ogé bisa nyabut nyawa, geus loba manusa anu dicabut nyawana ku kaula, sakeudeung deui anjeun ogé bakal dicabut nyawa ku kaula, ha... ha ... ha ...” Éta siluman édan, nyarita jiga anu enya, dasar jurig teluh.

“Tong nyingsieunan, da kula mah teu sieun ku paéh, tapi kula mah yakin moal paéh ku bangsa anjeun.” Teuneung ludeung, yakin kana kuasana Alloh SWT, teu ieuh sieun ku ancaman jurig nyiliwuri.

“Ha ... ha ... ha ..., kula mémang datang ka dieu rék ngala jiwana manusa, éta geus mangrupa tugas kula anu moal gagal.” Éta jurig tetep ngomong kitu dibarung ku seuri babarakatakan, matak sawan anu borangan.

“Rék ngala jiwa saha atuh anjeun téh?” Kuring tumanya panasaran, najan surti kana tujuannana, tapi hayang apal tina caritana.

“Ha ... ha ... ha..., kula rék nyabut nyawana anu ngaran si Andang, geura tuduhkeun, mana anu ngaran si Andang?” Beu bener waé geuning ieu samber nyawa téh rék ngarogahala, rék ngala nyawa ka diri.

“Inni tawakallttu alallohi, robbi wa robbikum, héy jurig teluh, di dieu mah euweuh anu ngaran si Andang ieuh, tuh di ditu, di Rancah meureun”. Kuring tegas ngomong ngabohong ka éta jurig, nuduhkeun kanu jauh.

Na da éta mah, sanggeus dibéjaan kitu, éta jurig siluman téh ngagibegkeun awakna, terus ngabelesat hiber ka kidulkeun, muru panuduhan.

“Huh, dasar jurig belegug, jurig euweuh kanyaho, lolong bonconong, puguh uing anu ngaran si Andang téh”. Bari ngucap sukur kuring ngarenghap narik napas panjang, allhamdulillah bisa leupas tina pangrogahala jurig teluh.

Geus aman mah terus ngagéléhé deui kana korsi panjang urut tadi, peuting beuki simpé, pipikiran jadi ngacacang kaman-mendi, nepi ka datang waktu subuh, bangblas teu bisa saré. ***

Patakaharja, Rancah – CIAMIS.

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Kadir Fallaq

nembe uninga yen jurig anu di pikakeueung teh geuning belegug..... haduuuh.....

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: