• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ngalawan “Jurig” Inggris

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook

Désémbér 1996, ngabimbing ibadah umroh diteruskeun  ka Ĕropa. Ka London, Paris, Brussel, Amsterdam. Ambéh pantés, dingaranan wé “umroh plus muhibah Muslim Ĕropa”. Nu rẻk didongdon di Ĕropa, sajaba ti obyék-obyék wisata kamashur, nyaéta masjid katut komunitas Muslim nu aya di dinya. Jadi salila perjalanan, lamun geus nepi kana waktu salat, kudu asup ka masjid. Salat jama ta’dim atawa ta’hir, kumaha kaburuna. 

  Bérés umroh, biur ka London. Dalapan jam perjalanan. Datang ka puseur dayeuh Karajaan Inggris téh, pkl.06.00 isuk-isuk. Ku nu ngatur perjalanan (guide), henteu langsung dibawa ka hotél. Tapi kukurilingan heula ka réstoran (mumuluk), karaton Ratu Inggris (Buckingham Palace), Tower of  London, lalayaran di Walungan Thames, mall, pasar, jsb. Salat asar jeung lohor (jama ta’hir wal qosor) di Masjid Raya London.

  Ti dinya, asup ka museum patung lilin Madame Tussaud. Ningalian patung-patung para kekentong kamashur  saalam dunya. Kaasup patung  Ir. Sukarno,  presidén RI munggaran (1945-1967).

  Kuring dipoto ngaréndéng jeung patung-patung nu “dipikaresep”. Kaasup jeung dua jago maén bal nu teu bireuk deui jaman harita, Ĕric Cantona (Prancis) jeung Karl Héinz Rummeniége (Jerman), sakumaha nu katingali di dieu.

  Sajaba ti koléksi patung lilin, Museum  Tussauds  dilengkepan ku diorama sajarah Ĕropa Abad Pertengahan. Ngagambarkeun rupa-rupa hukuman nu ditibankeun  ka jalma-jalma nu dianggap jahat. Aya nu digantung, dirangkét, dibelok, dikulub ku minyak panas, diteukteuk beuheung ku “guilotine”jsb. nu matak muringkak bulu punduk  . Aya dua tilu jamaah teu kuateun ningali. Kapaksa dijajapkeun ka luar.

  Ti dinya, ampir tengah peuting, karék dibawa ka hotél “The Great Ĕastérn” di tengah kota London.Wangunanana badag, jangkung, tur kuno. Diburuanana , aya prasasti dieusi tulisan. Nerangkeun yén éta hotél, urut wangunan rumah sakit nu nampung korban “Perang Salib”. Diwangun abad 13 ku Raja Richard  The Lion Héart.

  Sanggeus babagi konci, jamaah dibawa ka tingkat tujuh. Ari  kuring meunang kamar di tingkat dalapan.

  Kangaranan hotél kuno, sagalana gẻ kuno. Lampu reyem-reyem. Ramat lancah patinggulantung.

  “Wah, matak jadi uru-ara kaya kieu mah,” cék haté.

   Enya wé. Barang jamaah diperenahkeun sakamar  duaan atawa opatan, langsung tinggaroak. Nyebut embung. Komo awéwé. Bari tingbirigidig sagala. Tingalajrét. Kapaksa disagebrugkeun. Rombongan 80 (dalapan puluh urang), sina ngeusian opat kamar. Da kitu kahayangna.

  Enya kamar baradag. Sakamar disayagian tempat tidur dua belas. Atuh puguh nu kabagéan sakamar duaan atawa opatan, protés. Jaba kamar jiga kotor, lalangitna barolong. Panto kamar mandi ngaléklék. Ukur dihalangan ku rérégan plastik bodas. Bak mandi émail, malang. Sarérétan mah jiga mayit ngagolér. Saha nu luas saré di kamar “horor” kitu.

  Geus nempatkeun jamaah, kuring naék ka tingkat dalapan. Muru kamar jatah. Tina lift nu sorana kokorokotan, ka kamar tẻh aya kana lima puluh  méter. Lampu medem. Tapi unggal ngaléngkah, bray caang. Pareum deui, caang deui. Sapanjang lulurung nuju ka kamar, réa kamar muka. Pantona raruksak. Di jerona réa bragbrag-brugbrug warna bodas. Aya nu warna oranye, kawas paranti ngawadahan mayit. Kurang-kurangna ludeung mah, matak soak.

  Sup ka kamar, muka panto ngagerét tarik. Jandéla ngaleklek. Mangkaning usum tiris. Kipas angin, hideung lestreng pinuh ramat lancah, oyag-oyagan ngendagkeun lalangit butut. Bak mandi ngajelepeng jiga mayit.

  Geus ucul-ucul, bari ngagoledag saré, kuring susumbar lalaunan :

  “Sok siah jurig Perang Salib, geura daratang ka dieu. Yeuh aing, anak buah Salahuddin al Ayyubi nu ngéléhkeun Raja Richard The Lion Héart, ngahaja ngajorag sia.”

  Alhamdulillah, saré tibra nepi ka subuh. Tas salat disambung deui ngalenyap nepi ka pk.07.00 waktu panto digedoran ku pelayan hotél, nganteurkeun mumuluk.

  Tepung jeung sakabéh jamaah di lobby, keur nunggu nu mapag rék nuluykeun perjalanan ka Paris, récok nyaritakeun pangalaman saré di kamar “jurig”. Aya nu teu daék reup, tapi teu kungsi kawénéhan melong jurig sakolébat-sakolébat acan.

  Ceuk Si Jon, guidé nu rék marengan ka Paris, éta hotél kajojo pisan ku turis luar nagri. Sabab mangrupa salah sahiji hotél kuno nu réa jurigan.  Manéhna ngarasa anéh, turis Indonésia maké nyebut sieun jeung teu bisa saré di éta hotél istimewa. Kawasna Si Jon teu apaleun yén urang Indonésia mah sarieun ku jurig téh.***

Katerangan foto: Nu nulis, jeung patung lilin Ẻric Cantona jeung Karl Hẻinz Rummeniẻge 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: