• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Reuni

Kénging Hana Rohana Suwanda
Kintun kana Facebook

Resep lamun kumpul jeung babaturan keur di SMP, prukrok. Aya anu geus pangkat propésor, doktor, jeung dokter mani pabalatak. Sumawonna sarjana hukum jeung insinyur mah. Teu aya anu robah. Angger wé ngoronyohna mah. Ngan anu jadi pangusaha jugala témbong rada béda   téh. Hawa dunya meureun. Maké aya anu nyureng sagala rupa.

Pokna téh, “Aéh, saha téa nya? Abdi mah hilap deui!”

Padahal éta si bedul baheula mah kabina-bina pikasebeleunana. Sok moyokan, atuh diudag-udag bari diamang-amang jidar. Gawé meulian jidar keur neunggeul manéhna. Ayeuna nyebut ‘saha téa nya, abdi mah hilap deui’. Ceuk saréréa mémang kitu. Déwi mulangkeun panineungan  ka jaman keur di SMP.

Ceuk Dewi kénéh, “Padahal nanaonan datang ka dieu nya? Ari geus teu wawuh ka sasaha mah! Manéhna mémang hébat jadi pangusahana. Hubunganna jeung para putra présiden nu malashur.”

“Oh, paingan atuh! Ari ngaran mah Halid. Tapi jauh tina kapribadian Halid bin Walid.”

“Tapi ari disampeurkeun mah galécok. Sok geura deukeutan, komo mun dicium mah pipi kénca katuhuna ku  Dewi. Hay hay, dadaaah,” ceuk Dadang, apotéker beunghar.

“Ah siah maké cuam-cium sagala rupa. Haram!” ceuk Mariah, urang pasantrén Loa Condong.

“Tuh pan, ceuk ahli pasantrén mah, harommm….!” Dadang ngéngklakan.

“Moal enya poho, meureun karasa kénéh nyerina digebug ku jidar baheula,” ceuk Dewi.

Mémang saréréa gé nyaho, Halid baheula naksir ka Dewi Binarum Murod, parawan centil tapi loba kabisa. Lamun geus ngiprah ngibing Gréni, peresis widadari turun ka bumi.

“Tamat SMA ku aing rék ditanyaan!” ceuk Halid ka Sobirin sobatna.

“Moal dibikeun ku Pa Kolonel,” ceuk  Sobirin. Bapana Dewi mémang kolonél ARMED.

Ari  Halid lahir di tengah-tengah kulawarga pangusaha beus anu jugala.

“Kuma ilaing wé atuh. Ngan jigana ulah ari satamatna SMA mah. Da cenah Dewi mah  arék neruskeun ka Sastra Unpad atawa Gama,” ceuk Sobirin.

“Oh kitu? Ah aing mah arék ka AKMIL wé atuh ngarah jadi jénderal!” ceuk Halid. Saréréa jumurung da atuh kabadanan ku Halid mah jadi tentara téh. Tapi tétéla nurun ka bapa geuningan, kalah ka jadi pangusaha beus. Dewi mah dipileueuheungkeun ku mayor jénderal nu   gagah nya kasép, ménak Sunda terah Cikundul deuih, masagi. Ka Dewi, sebutan deudeuhna téh Endén  Mayjen Erlanngga.

Riungan silaturahmi taun ieu gé ditanggung sagala rupana ku Nyonya Mayjen. Tempatna di hotél méwah wewengkon Cipanas Cianjur. Kayungyun juragan jénderal téh ngahaleuang mamaos Cianjuran. Laguna Mangu-mangu. Moal salah, éta lagutéh anu dihaleuangkeun ku almarhum Dadang Sulaéman, “Sareupna lebah Labuan…” Dadang téh cenah idolana. Da sora Pa Jénderal ogé sada sora Dadang. Nu matak reueus téh, éta perwira tinggi nu geus ngalalana ka Afrika, Eropa sababaraha welas taun lilana téh kana kasundaanana pageuh pisan. Pinter kénéh ngahaleuang Cianjuran, kawih Mang Koko. Luar biasa.

“Bagja Dewi boga salaki pinter ngahaleuang. Kacipta saban rék bobo, dipépéndé Endén téh,”   barudak nu gus haruisan ngagonjak.

“Nya atuh…” ceuk Dewi bari mésem leleb. Mémang Dewi mah resepna kana lalaguan klasik karya  Johan Straus, Bethoven. Ka Pranawengrum Katamsi meumeut  pisan. Mun dipénta kaul, pangpangna dina riungan Persit, milih laguna téh ‘Cintaku Jauh di Pulau’ atawa ‘Mawar’  jeung ‘Dewi Anggraeni’.

Tapi dina riungan alumni di Cianjur mah milih lagu Sunda ‘Tauco Cianjur’. Cenah geuning “Lamun urang tas ti Cianjur, mo poho oléh-oléh nu mashur, réncang sangu matak uruy, éta tauco Cianjur….’

Ka mamana ogé Kang Jénderalna tara tinggaleun. Salawasna nyandingkeun Endén.

Sok digonjak ku ingkang carogé balik tina riungan téh.

“Sakitu réréncangan di SMP garagahna, naha Endén milih soldadu?”

“Nu mana heula soldaduna atuh Kang,” témpas Dewi bari ngadilak.

Saenyana Mayjen Erlangga téh keur dines di Itali kungsi nikah ka pramugari urang Polandia. Tapi basa di nagara urang riributan G 30 S/PKI, Nyi Pramugarina mundur, ménta enggeusan rumah tangga. Erlangga teu bisa maksa ka nu geus taya duriat. Ti Itali ka Timur Tengah, malang mulintang hirup nyorangan di nagara deungeun. Keur di Abudabi tepungna jeung Dewi téh.  Harita ramana Dewi ditugaskeun di KBRI Arab Saudi jaman Dubesna Jenderal Ahmad Tirtosudiro. Sakolana kakara nincak sma. Teu milu ka Arab, Dewi di Jakarta neruskeun sakola, diaping ku bibina. Lulus SMA ditarima di UI nyokot Sastra luyu jung ngen-angenna. Harita pisan tepung asihna jeung kang Jenderal téh méméh jeneng pangkat mayjen, enya brigjen kénéh. Maké dibéré asa-asa, asa daéek asa embung rék boga buah haté soldadu turta sasatna duda.

Tapi ahirna haté teu burung maskét. Tepung di Arab meneran keur usum tiris. Panas teu karasa panasna, tiris teu karasa mucicidna da haté keur kagémbang ku duda ngora anu kasép terahing menak Cikundul, kari-kari ibu rama bangun anu kacida doana.

“Kajeun teuing duda, da teu témbong tilas, lin?” saur ramana. Dewi mésem kaisinan. Enya duda, kumaha tuh?

“Ieuh geulis, ulah loba pipilih. Lamun sakira haté geus ngarasa srek mah, tarima baé. Mana kitu éta jodo Nyai anu saéstuna!” saur ibuna.

Dewi sadar yén saenyana tibarag tepung ogé haté geus nyantél ka nu gagah téh. Ari asa-asa mah lumrah, da  di mana-mana ogé misti aya pilihan. Hayang jeung embung, bogoh jeung henteu. Tapi upama dirasa-rasa tétéla bangbung ranggaék, tadi embung ayeuna daék. Dewi nyebut ‘mangga’ ka nu narosan.

Waktu ramana ditarik deui ka Jakarta, ka Deparlu, harita Pa Muhtar Kusumaatmaja Menluna, Dewi langsung dilamar. Teu lila terus dirapalan di Masjid Istiqlal. Résépsina di Hotel Sangrila.

“Teu ngondang ka rayat leutik mah,” ceuk Sobirin.

“Heueuh da teu nyaho alamat sarilaing atuh!” Dewi némpas.

Reuni  harita loba gogonjakanana batan acara serieus. Ketua panitia, Rudini Samsu didasi nyeprit, jasna pulas abu-abu, mani kasép. Dina biantarana Ibu Jenderal wé anu diabsén téh, pédah nanggung waragad kariaan kitu? Pédah alumni panghébatna kitu? Dewi mah mésem wé leleb.

 

Keur garogonjakan jeung mulangkeun panineungan kitu, sumping tamu istri geus sepuh.  Barudak curinghak, langsung marunjungan sopan pisan.

“ibu  Yohana. Bu wilujeng sumping, kumaha damang?” Dewi pangheulana nyolongkrong munjungan.

“Alhamdulillah… Alhandulillah barudak, ieu Ibu maranéh anu galak téa. Anu céréwéd téa,” saur Ibu Yohana.

Dewi jeung barudak awéwé séjénna murubut cipanon, kagagas waas ka guruna anu baheula sok jadi kembang catur lantaran galak jeung céréwéd.

Ngajar Basa Inggris, kudu wé diawalan ku lagu, “Utamana jalma kudu loba batur…” ti Inggris ka  Cikurubuk ceuk barudak téh.

“Ieu téh Dewi nya? Mana akangna?” Bu Yohana nanya ka Dewi tuluy diwanohkeun ka Jenderal Erlangga.

Bangun anu ngaraos sugema tur bagjaeun ibu guru téh. Sugema muridna jadi Nyonya Jenderal   jeung nanjung dina hirupna. Unggal murid ditaros, mungguh rambisak Ibu Yo tiasa nyaksian murid-muridna jaman di SMP naranjung jadi jalma ceuk sepuh téa mah.

“Tah ieu mah moal salah Rusadi anu ka Ibu sok nyebut The Queen, nya?” 

“God save the president, Bu!” Ceuk Rusadi. Ibu yo gumujeng.

“Sukur anaking, maranéh geus ngahontal cita-cita,” ceuk Bu Yo.

Caroge Ibu Yo, pangusaha marmer anu saenyana maju, kagungan palsapah, “Ari nasib jeung takdir mah Alloh anu nangtukeun. Kajeun maju lamun saur anjeunna kudu nandangan cocoba heula, mo majar kumaha. Ibu Yo ogé kapan, salahsaurang putrana tas diwisuda di istana di Jakarta, mulangna manggih musibah. Kendaraan anu mawa rombongan kulawargana ti Cianjur tabrakan. Putra anu boa pijenderaleun teu katulungan nyawana, Innalillahi wainnailaihi roji’un.

“Kang, urang ka Cikundul wé mulihna nya. Ulah waka ka Jakarta,” Dewi aya pamént a ka  Jenderalna.

“Nya kumaha Enden wé Akang mah. Badé nyampeur bibit kitu ka nyi Haji Uneh,” Erlanga ngagoda pédah Haji Uneh ngajangjikeun arék méré pais bibi lamun Endén Dewi nganjang.

“Di Balong urang gé tingbelengep bibit mah.”

“Ih kapan ieu mah paisna ti  Bi Haji Uneh. Aéh bener. Sohor pais lauk Haji Uneh mah kétah,” Dewi haget ngahayukeun.

“Nu kudu émut mah Enden, nu panén sayuran rék malayar cenah, palay setor ka Enden!”

“Oh muhun, mangga atuh sakantenan ari kitu  mah.”

Kebon sayuranna mémang lega, henteu dikontrakkeun ka pangusaha kajeun nalawar mahal ogé, tapi ngahaja dibagi garap ka  tatanggana ka batur salembur. Aratoheun kabagéan jadi buruh ngebon téh, kajeun sacangkéwok séwang ogé.

Dewi jeung Erlangga ngarasa bungah bisa babagi rejeki jeung anu laleutik anu mémang tulungeun, jeung jalujur deuih ari rayat leutik mah. Tara aya anu motong tiheula sanajan geus puguh oge bagian maranehna saanu, Enden saanu. Harayangna tina panangan Endén baé jeung Adén. Lebah dieu atikan kajujuran larapna ka urang lembur téh. Ngarasa gembleng dipercaya,  maranéhna mayar ku kajujuran anu gembleng.

Kasampak mémang geus hempak patani téh aya kabéh, ku Si Bibi kapercayaan Dewi di lembur geus disuguhan sagala aya. Maranéhanana ogé marekel, atuh mani jiga kariaan baé, katedaan mani ngabarak. Teu acan oléh-oléh ti unggal patani haturan Endén, sagala dibawa sanajan éta kabéh hasil tani di lahan kebon Enden jeung Aden. Tapi cenah éta mah lain pepelakan husus anu dipelak di kebon enden, tapi hasil pepelakan dina lahan sésa, saperti dina alengan, dina sésa lahan anu henteu dikebonan. Kitu wé geuning pepelakanana téh kacang suuk, boléd, sampeu, jagong jeung sajabana.

Baralikna kasorénakeun sok diongkosan éta téh. Nu matak tara aya anu itung rugi patani téh, ku alus-alusna sikep anu boga tanah, alusna Endén éta téh.

Mulangna ka Jakarta bada asar, mobil nyemprung nyokot jalan Puncak. Teu sumpang-simpang   ieuh, terus wé nyemprung, sabab ti Cikundul mula geus dituturkeun ku méga hideung. Langit ogé mimiti ngahideungan jiga-jiga bakal turun hujan.  Jeung enya wé kaluar ti tol téh dibagéakeun ku hujan praspris anu tungtungna beuki gagedéan terus ngagedéan. Tungtungna breg hujan gedé.

Isukna telepisi geus wawar deui, banjir di Jakarta tacan ngorotan. Lain jalma-jalma anu marangkuk di bantaran Ciliwung wungkul anu imah-imahna kakeueum téh, tapi komplék   gedongan ogé. Anu sakumaha sigrongna ogé ayeuna mah kakeueum, kacaahan. Naha kitu Gusti téh nuju bendu? Allohu Akbar! Dewi gagerendeng.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: