• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Karembong Sutra Kayas

Kénging Emha Ubaidillah
Kintun kana Facebook

Angin soré suar-séor, ngotélan dapuran gombong. Langit reueuk dipasieup geleger gelap lapat-lapat. Uncuing manting ti jauhna mirig kosrékna léngkah mapay tanjakan jalan satapak. Ngahaja cunduk ka ieu wengkon ninggang dina lain mangsa ambéh nyalsé tur karasa khusuna dudunga. Rekét panto bébékan awi ngahudang kukurayeun tapi keur kuring teu béda ti wirahma kakangen nu gugupay saban waktu.

“Assalamu’alaikum, abdi nu tambélar jolédar seja deudeuheus maturkeun du’a kasantosaan,” teu kebat brek deku. Kurutug cipanon mengkek tikoro tepi ka teu wasa ngalemék.

“Bah,” ceuk haté ,” sadaya-daya nyanggakeun beuheung teukteukeun, mung sadu’a-du’ana anu yasa kasanggakeun kitu gé manawi bahan katampi.”

Bérés ngagaéng ngararab bab tasrif, Pangersa Abah paparéntah sangkan ucul-ucul salin ku kaos, handapanana komprang hideung sakumaha biasa. Di buruan geus ngajalajar babaturan aya kana likurna, gentak babatek laju ngaberetek,

“Angger énté mah ari geus kaporotan téh,” Sobar nyiku basa kuring seselendep, ukur nyengir minangka jawabanana. Pangersa Abah di hareup, metakeun jurus alip-alipan, diturutan ku kuring sabatur-batur. Nu nambah sumanget teh mojang kumeuheur pangais bungsu Pangersa Abah, Nyimas Utari sok ulal-elol tina panto balandongan kakapeungan ngageneyen ka hareupeun saréréa bari ngajingjing téko, sok dina golodog tepas. Gepluk tasbé murag kageuweungkeun, sakalian andiprek laju nyeuseup nyecepna angin gunung digulung jeroeun jajantung diburakeun ngaliwatan baham, gorolang uluk salam. Dalapan belas cakra utama ukur wasa diwangwang dibuleudkeun dina puteran pancadria. Lep narik napas mapatkeun tanaga kundalini ku cara mepet palawangan qubul-dubul (palawangan hareup-tukang badan beulah handap).

“Bah, jisim abdi neda widi badé nohonan pangangkirna nu gaduh kariaan di Pasir Tonggoh,” kuring sasadu sabubarna wiridan magrib.

“Aéh heueuh, Abah gé nampa ondangan ti ditu, pupuhu paguron Gagak Rimang ngipat-ngipatan Abah kudu datang, seug atuh sakalian wé wakilan ku hidep da Abah mah moal bisa nohonan datang,” dikitukeun asa mobok manggih gorowong, “Ajak wéh Punta, Purwa reujeung Sadibya.”

Gura-giru nyampeur babaturan nu bieu dipapadonan ka kobongna. Basa nurugtug ka landeuh gok reujeung abringan para mojang nu dipupuhuan ku Nyimas Utari cenah tas nyambungan ti nu hajat walimahan di Bantar Kasumba.

“Badé ka Paguron Gagak Rimang, ngaluuhan pangogan pupuhuna ngawakilan Tuang Rama,” témbal téh basa Nyimas Utari tetelepék. Horéng paduduaan boh pangiring Nyimas Utari boh babaturan pating belecet ka tonggoh jeung ka landeuh,

“Ditungguan di sasak saung Gunung Tilu euy!” gorowok Sadibya.

“Aka, sing atos-atos, hariwang Imas mah cacampuran kantenan urusan sareng urang Pasir tonggoh téh!” ceuk Nyimas Utari daria, cindungna gegeleberan diropéa hiliwir puhu peuting.

“Ingsya Alloh, kamelang Nyimas bakal diestokeun ku Kaka! Nam geura mulih bilih Tuang Ambu deudeupeun jabaning wanci nyedek ka wengi pan!”

“Muhun atuh Ka, omat sing waspaos wé nya!”

Saléosna Nyimas Utari, bet teu puguh rarasaan, tagiwur nyambaraan ratug jajantung. Lelembutan kabawa langhéor Nyi Mojang padépokan tapi ogé kacida inggisna sabab ku itu ku ieu pada marebutkeun. Léngkah digancangkeun taksiran babaturan geus élékésékéng di Gunung Tilu, siet sada logam ipis ngalempag ti gigir, jelas nojo pisan kana beuheung. Hiji-hijina cara iwal ti ngareundeuk dépok da lamun dilérét tangtu baris kabeunangan mantén. Samangsa logam ipis nyamos katangén dua jirim ngajuringkang nyampeuk, sacara réplék awak meta usik buaya ngangsar, tina dépok suku katuhu ngulawit saparo puteran marengan leungeun anu ngagalasar sahibas buaya depa. Tétéla duaan anu narajang téh  rancingeus, ngadon racleng ngalégot ka kéncaeun jeung ka katuhueun. Bareng jeung éta, gerewek ti tukang aya nu nongtak, dua leungeun dipiting pageuh bari sirah didangheakeun, tel tiis-tiis neueul kana beuheung, horéng balati leutik.

“Coba-coba ngadeukeutan komo jeung reureujeungan jeung Nyimas Utari, awas siah tong atoh manéh!” ceuk nu neueulkeun balati.

“Lah sakalian wé dodét ayeuna kénéh, bugangna urang balangkeun ka jurang piraku teu aman,” nu tukangeun nyelengkeung, sorana digerem-gerem puguhning beungeut-beungeut mah teu sidik, buni ku iket hideung anu diteregoskeun.

“Keun heula anan euy, ayeuna mah tong waka dipodaran ngan lamun budeg waé kakarak si Gagak Krancang sina barang hakan malaur geus heubeul teuing teu nguyup getih!” tembal nu nyekel balati deui, bisa dipastikeun Gagak Krancang téh ngaran balatina. Meureun kaceplosan tapi bisa waé miceun salasah. Teu burung jajantung motah, nyawa asa sajlok-jlokeun mecleng tina warangka. Reketek matek aji Lembu Sekilan, jekok jekok beungeut pada ngareuceuh pungkasna awak pada ngajungjungkeun, keleweng gebrus wéh kana rungkun. Sanajan awak teu cécél-bocél malah teu peureus-peureus acan, perlu sakeur kuring api-api kapiuhan ngadédéngékeun saha maranéhna téh ngan waé weléh ukur sada hiuk angin kateumbragan jorélat ringkang. Ras keur nyuluran nu jadi guru, inget deuih babaturan keur narungguan, nu pangingetna ka Nyimas Utari, nanasibanana boa leuwih pikahariwangeun batan kuring. Jung cengkat, guriwel leungeun bet ngarampa logam ipis bréh balati leutik panjangna ukur sajeungkal tina tungtung pérah, pasti nu tadi dipaké malédog aing ceuk haté bari ngajam moal rék cuih ka sasaha.

“Ka mana heula ari énté? Abong ngobrol jeung nu hérang bet poho kana pancén,” datang-datang ka saung sasak, Sadibya nyarekan pasemon mah jigah nu reuwas. Purwa jeung Punta gé teu tinggaleun kutuk-gendeng.Kuring teu lemék, némbal gé hayoh nyiar-nyiar picacapékeun. Panghadéna iwal hahampuraan, bring wéh ka tonggoh. Méméh maratkeun dudunga, awak nguniang.Kabeneran teu jauh ti dinya aya tajug reujeung tampianana. Wanci magrib dina geger gunung karasa geueumanana, gecrék tasbé dina ramo ngawirahma keteg jajantung. Sada geblig nu leumpang atra ngadeukeutan, taksiran deuk banyat ka tajug ngan baé kalah ngiles.Haté ngalenyap barang hawar-hawar kadéngé gerem si belang. Sada cakcak silih udag dina tembok asa ku riweuh, gepluk murag. Biasana parebut hakaneun atawa parebut bikang, bisa ogé parebut wilayah kakawasaan, kumaha wé jelema.

Geus leuwih ti sapuluh bubuhan, pasangan adu tanding ragot mamérkeun wewesén padépokan séwang-séwangan. Padépokan Gagak Rimang minangka pribumi nyayagakeun sagala rupana geusan kalancaran acara. Nayaga gé beunang ngondang ti Pasir Jelekong nu kawentar tukang kendangna Bah Encuy Si Tangan Guludug atuh tukang tarompétna ngadatangkeun si Déwa Tarompét ti paguron Gajah Putih. Demi dina pintonan ibing, boh tunggal boh masal tétéla paguron Paksi Gedugan Cigondéwah pingpinan Cép Mayok jadi béntang panggungna, panongton sugema tangka séah éak-éakan. Pas tengah peuting tilu jawara jlung-jleng kana panggung, usikna matak moho anu nempo matak pogot nu niténan, sareundeuk lain bobohongan. Jleng jleng tiluan murid Kidang Kancana, rék ngajajal, Der bitotama, ukur dua geprakan ngadon digarotong ka luar panggung. Jleng ti Garuda Sakti, tuk tek-tuk tek digarotong deuih, ti Simpay Wargi nyakitu ngadon ngajurahroh, ti Tapak Suci, ti Dewa Samadi ti Kujang Pajajaran, ti Sukma Sawawa ogé ti padepokan Jagat Sétra ngadon arolab dina panggung antukna Ki Wasit tandang  biantara,

“Kalayan sagala kahormatan, supados majeng baé wawakil atanapi utusan ti padépokan Gagak Lumayung,” Gebeg, saha deui nya kuring saparakanca, niat mah ukur rék jadi panongton. Mun teu ditedunan pisakumahaeun dicacampahna Pangersa Abah turta panghinaan ka nu boga hajat. Lahaola jung nangtung bari ngagupay Purwa jeung Punta, kalacat gog memener kuda-kuda. Kolébat, teu kanyahoan jug aya nu ngajleng kana panggung bari teu sidik saha-sahana najan tilu patromak mabra lantaran maké dudukuy cetok nu dibaguded ku samping poléng. Ieu si dudukuy cetok ménta dilayanan heula tarung jeung calon lawan tanding kuring, ukur sababaraha geprakan laju mundur ménta dilayanan ku Punta jeung Purwa. Sanggeus dirempug ku limaan mah kalawan teu ngaluarkeun késang si dudukuy cetok ngagorowok,

“Cukup cukup, hempék prung taruluykeun.Jalu!” kolébat wéh ka luar panggung, les di nu poék. Saréréa bati olohok ku polahna. Berekah lawan nu dianggap pineunggar-cadaseun bisa diperuhkeun bari teu baréd-baréd acan. Anggur tibalik ngadon remen kagitik ku Punta jeung Purwa, paribasa, “Hampura euy teu kahaja!”

Basa keur narukan kacang panjang di kebon, Nyimas Utari ngurunyung, “Kaka teu naon-naon basa kajantenan di Pasir Tonggo téh?” pokna semu hariwang.

Ukur gideug ongkoh ngadadak pered létah, “Teu kedah dikilungan balaka wé ka Imas, Kaka! Da sing sumpahna ge moal diucah-acéh ka sasaha.”

Barabat wéh didongéngkeun ti mimiti aya nu megat tepikeun ka kajadian di luhur panggung.Nyimas Utari neuteup seukeut, kuring keukeureuceuman sérab. Kusiwel kana pésak kabayana, song diasongkeun ka kuring, bréh tilu lambar surat nu ngébréhkeun rasa katresna ka Nyimas Utari. Helok ogé, horéng kiriman Punta, Purwa jeung Sadibya,

“Ari manah Imas ka saha atuh pancegna?” dikitukeun kalah gigideug, luk tungkul paheneng-heneng sakedapan,

“Nyimas?” cék kuring asa kaselek, nu digero cengkat, “Sapertosna Kaka téh tos kedah jengkar ti dieu , kumargi galagat ka payunna baris ngiruhan wengkon padépokan.”

“Kaka,” Nyimas Utari megat, “Tos teu nyaah ka Imas nya? Tos teu émut pan saur Kaka badé sasarengan ngaageungkeun padepokan?” kituna bari nonggongan, eundeuk pundukna matek kadeudeuh, bruy bray béntang jeroeun rasa. Enya gé asa ka adi bet ngurumuy rasa nu béda.

“Nyimas kupingkeun,” pok téh bari ngeteyep nyampeurkeun.

“Teu kedah nyaketan, badé angkat mah mangga, teu kedah wawartos sagala,” pokna nyungkun. Reg, léngkah kakonci tapi kagok asong sakalian rék ngabudalkeun galurana rasa anu wungkul keur manéhna.

“Kaka téh nyaah ka Nyimas, kanyaah anu langkung ti ka rayi. Malihan saupami teu ambon sorangan Kaka téh hoyong nyandak Nyimas ka dayeuh,” semet dinya, Nyimas Utari kaburu malik, haté beuki tagiwur sok sieun salah kekecapan.

“Leres cariosan Kaka téh? Cariosan anu kedal tina manah atanapi sakadar ngabeberah?”

Kuring unggeuk ngayakinkeun. Basa ngagabrug, méh-méhan wéh ngajéngkang kapidara, sadar-sadar leungeunna nyredkeun dada laju ngusiwel kana pésak sabeulah deui, selengseng seungit malati tina karémbong sutra kayas dina keupeulanana.

                “Saur Abah, sing saha pameget anu tiasa ngarebut ieu karémbong, nya eta pibatureun hirup Imas,” Sabot nyarita kitu, angin gunung ujug-ujug ngagelebug. Karémbong sutra ngoléang kokoléangan.

Hideng sorangan awak ngolébat nyabet karembong anu rek dibawa kabur ku angin, kep beunang. Song diasongkeun, sakerewekna  kana keupeulan Nyimas Utari, kuring ngobrot ka manéhna anu mundur ngudar samping réréngna, horéng geus saged dipangsi. Karémbong disamber tapi nu nyampak kipratan dampal suku, gilek nyerong ka katuhu. Kek ditanggeuy tapi ngulawit ngababad pigeulang malah pigeulang kénca dijieun tatapakan.

Julaprét suku kéncana rék ngababuk punduk kuring. Lep teuleum, nginjeum peta papatong mandi. Sapuan anu ngeplos robah nutug kana embun-embunan. Sabot ngagiwar, leungeun kénca ngarawél Karémbong ngan baé ukur ngaranggeum angin. Nu dirawél robah nilep ngawangun siku, nyuruntul deuk ngarakrak caréham. Kep ditampa ku dampal leungeun katuhu laju disurungkeun, nyod méréan robah ngagolék. Leungeun kacerek langsung diparieuskeun. Sabot murilit, keuneung nénjrag jagat matek tanaga angin panas.

Peleteng téh Nyimas Utari mecleng sababaraha deupa, clek nancebkeun kuda-kuda bari nyurungkeun dua peureup ngawangun tanaga jero Dewa Samadi. Sier, tuturus kacang panjang racleng aya welasna.Teu ieuh ditadah, ngondang picilakaeun barina gé, gentak ngalégot laju norolong nyampeuk nginjeum gerak puyuh mabur. Kek, pigeulang nu nyekel karembong dikonci, tép meta aji Brajamusti. Kérépéng, ber…karémbong ngoléang kahébos gelebug angin panas. Berebet duaan paboro-boro ngudag, karémbong nyampay dina dahan jeungjing, gegeleberan. Karérét Nyimas Utari kalah tungkul béakeun ceta, barang tanggah ukur gideug lungsé tandaning teu untupan naék. Reketek matek tanaga, belesat kana dahan jeungjing…

Leungeun nyasar pésak jékét, ginjel karémbong karasa. Golédag nangkarak bengkang. Sada jangkrik sada kasir nongtoréng pipireun tajug, caricangkas silih gitik reujeung cihcir disarungsum ngéngkréng bagejid katut tiriling, bangkong belentuk ngagoonganana. Ngungkueuk manuk bueuk digebésan koréak bari suar-sier ngontrol kaayaan sakalian ngadodoho beurit ceplo nu balangah. Silaru dua ésé talag-tolog sigah towaf ngurilingan bohlam lima watt. Sapuluh purnama kaliwat basa pancén bébérés rohang-rohang kobong sedeng babaturan bur ber nu ka kebon nu ka huma, goréhél nimu balati ti jeroeun lipetan kasur di kobong Punta jeung Purwa. Ti balandongan Pangersa Abah ngageroan.

“Nalika hidep dijurung nyuluran Abah ka padépokan Gagak Rimang di Pasir tonggoh, Abah téh teu genah rarasaan, pirasat teu hadé bakal tumiba ka hidep. Horéam-horéam gé nuturkeun ti kajauhan bari susulumputan. Waktu aya nu nyegat teu ieuh rék ulubiung da ku hidep gé katanagaan ngan sawaktu hidep digero ka luhur panggung kakarak Abah téh turun ancrub sab kasalametan hidep jelas-jelas kaancam turta aya dina congo-congo balati Gagak Krancang,” Pangersa Abah ngarénghap heula, kusiwel kana pésakna, guluprak nunda gulungan lawon busik, bréh téh balati sajeungkal aya welasna.

“Janten, nu didudukuy cetok téh Pangersa Abah, nya?” kuring molohok. Abah unggeuk.

“Tah ngararad ieu tina cangkéng-cangkéng maranéhna,“ bari nunjuk kana tumpukan balati. Kuring beuki molohok.

“Naon hubunganana Pun Punta, Pun Purwa, Pun Sadibya sareng Padépokan Gagak Rimang?”

“Lain ukur reujeung sapadépokan tapi sababaraha paguron anu kaseundeuh nafsu angkara ngagugu panyirikan mawa karep pribadi atawa aya ogé anu ngatasnamakeun paguron. Sirik ka hidep anu pangnyongcolangna dina sagala widang, ogé para petétan padépokan anu aya pikir kadua leutik ka Si Nyimas ngan Si Nyimasna teu puruneun. Kadua perkara, ieu padépokan deuk dipeting pamilon unggulan di hareupeun pangawulaan dayeuhan.”

Kuring unggut-unggutan, kaharti ayeuna mah. Ras ka Nyimas Utari, kebek kahariwang mucunghul tina sedong haté anu pangjerona. “Punta, Purwa katut Sadibya geus kairut ku buruh nu teu sabaraha geusan metakeun gawé julig ka hidep diségédengeun duriatna ka Si Nyimas teu laksana da si Nyimasna  kéképéhan, embungeun,” Abah humandeuar.

“Atuh nu nyaregat abdi di tutugan ka Pasir Tonggoh teh, maranéhna?”

Abah ngantelkeun curuk kana biwirna bari unggeuk lalaunan. Paingan ti harita jug ngaraleungit atuh. Awahing ku lungsé bati ngarekéh soré tadi, les wéh kapulesan di juru tajug. Lilir-lilir kagareuwahkeun ku récétna sasatoan gunung, gesat-gesut ka tampian, léos ka punclut .

“Bah, pangapunten! Abdi seja permios,” ngan sakitu anu kapokkeun mungguhing kekecapan di jeroeun haté mah pajejel nataku. Saméméhna sempet heula ngarabutan jujukutan turta mémérés batu karikil, ngelapan karamikna anu lamédong ku kebul. Jung nangtung, “Assalamu’alaikum.”

Kojéngkang kana panto bébékan awi, rekét disurungkeun. Bréh aya anu ngajanteng, budak ngora sembada, kasép ngalémpéréng konéng,

“Kang Brata?” cenah terusna ngagabrug.

“Erlangga ieu teh?” Duaan paungku-ungku ngabudalkeun kasono nu geus karahaan. Manéhna téh bungsuna Abah, adina nyimas Utari nu keur bolonna remen ménta dipupunggu, poncongos mah poncongos tapi ka kuring mah kacida lindeukna.

“Ti saha Angga terang Akang aya di dieu?”

“Terus rasa wé Kang katambih Si Tétéh ngajujurung ti kamari  kénéh longok cenah pajaratan Abah!” Erlangga saterusna nalitnut, sataun saléosna kuring ka dayeuh, Abah katarajang panyakit, ujung-ujungna kapanggih geus ngaléos dina kaayaan sujud di paimbaran.

Teu mangkuk sataun ti harita tétéhna sipatna Nyimas Utari aya nu ngawin nyatana ku Kuwu Kutawaringin nu sataun ka tukang ditinggalkeun maot ku pamajikanana. Nya Ki Kuwu pisan anu ngajeujeuhkeun padepokan malah ahirna nyérénkeun ka Erlangga geusan jadi pupuhuna. Aya bagja teu daulat ki Kuwu ujug-ujug utah getih tug tepi ka léosna dipundut ku Nu Rahayu satutas méréskeun pacéngkadan di Babakan Bulus mangka Si Nyimas Utari keur bubureuyeungan bulan alaeun, ana brol si utun geus teu nyawaan. Kuring ngarénghap jero marengan palidna lelembutan, teu karasa leungeun ngusapan tonggong Erlangga nu keur ngalimba.

“Tétéh teu gaduh putra atuh?” ceuk kuring, Erlangga unggeuk lalaunan.

“Malihan teu kersaeun deui nikah Kang, nanging ari ka Akang mah sok natanyakeun.”

“Deudeuh, hampura Nyimas!” ceuk kereteg haté. Asa teu ised nanasiban téh ningan, kuring gé ditinggalkeun ku pamajikan bari teu ninggalan turunan. Tepungna gé teu ngahaja sawaktu dioper dines ka Timur-Tengah, manéhna namatkeun sakola. Tariking karunya lantaran diponés ku dokter moal bubulanan umurna nya dikawin, berekah aya kana taunna tug tepi ka léosna sah ti dunya. Haneut moyan, anjog ka pakarangan ublug-ablag, barasat lalakon baheula, kagambar linduk pamulu Pangersa Abah.

“Itu Tétéh nuju sasapu Kang,” ceuk Erlangga bari ngaléos ka balandongan tukang. Panon pateuteup, gepluk sapuna murag. Tétéla untuyan taun teu mampuh ngarobah wandana anu masih kénéh gamuleng, enya gé karurud ku umur.

“Kaka?”

Leungeun ngusiwel kana karémbong dina saku, karémbong anu baréto katebak angin, nu baréto nyangsang dina dahan jeungjing, nu baréto méh-méhan diiwat  hiliwir ti lamping. ***

Panglawungan 13

Tegalluar Safar kukular 1435H                   

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: