• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Peucang Jeung Monyét

Kénging Lina Herlina
Kintun kana Facebook

Halodo meujeuhna entak-entakan. Jujukutan gararing, tatangkalan kari kalakay. Solokan jeung balong anu laleutik mah réa anu saat. Halodo ampir sataun atuh. Sakur sasatoan anu bumetah di Gunung Ganggong raripuh. Oray, bangkong, bajing, anu salila halodo nyirekem di liang anu baseuh tur jero, mimiti keselen jeung lapareun. Loba sasatoan ti bulan-bulan kamari kénéh geus ngungsi ka gunung-gunung anu cenah geus mimiti usum ngijih. Tapi réa ogé sato anu bertahan di Gunung Ganggong. Maranéhna yakin, hujan sakeudeung deui bakal turun.

Sakadang peucang kaasup anu henteu galideur. Basa kuda, embé jeung kelenci ngajakan ngungsi, manéhna gigideug. “Halodo téh geus lila teuing. Maenya Pangéran ogé ngantep kasusah keur mahlukna. Kuring mah yakin, hujan téh moal lila deui,” cenah kitu alesanna téh. Atuh sobat-sobatna teu bisa kukumah deui, maranéhna indit ngabring subuh-subuh.

Tangtu waé boga pamadegan kitu téh kudu diperjuangkeun ku sakadang peucang. Ampir unggal poé manéhna asruk-asrukan ka jero leuweung néangan bungbuahan atawa jujukutan anu masih bisa didahar. Hiji poé sakadang peucang ampir sapoé jeput asruk-asrukan néangan kadaharan, tapi henteu saeutik ogé aya jukut anu masih héjo, komo deui bungbuahan. Beuteungna geus murilit ti tadi kénéh. Teu kahaja balikna mapay-mapay solokan garing. Naha atuh handapeun solokan garing téh aya situ anu caina masih pinuh. Di sisi situ aya tangkal jambu anu sigana mah keur meujeuhna leubeut.

Sakadang peucang gancang tuturubun turun. Enya waé jambu anu ti tonggoh mah katempona laleutik téh geuning mani keur meujeuhna arasak. Tapi disidik-sidik téh geuning aya anu keur ngalaan, nyaéta sakadang monyét. Kabeneran yeuh, aya anu mangalakeun, gerentes peucang.

“Sampurasun, dulur. Geuning nuju ngersakeun ngadamelan jambu,” ceuk sakadang peucang adab naker.

“Sampurasun sampurasun… rék ménta jambu kituh!” témbal monyét bari runyah rényoh.

“Sumuhun kitu, ki sobat. Sugan gaduh katresna sakedik mah, sim kuring téh hayang dialungan jambu dua siki mah.”

“Dular dulur sibut sobat… maké ngaku baraya sagala! Déwék mah teu boga dulur siga silaing. Hayang jambu mah naék atuh!”

Sakadang peucang nyenghél seuri konéng. Beu cilaka kaya kieu mah, hararésé geuning nyarita jeung mangkluk teu gableg pucus mah, gerentesna.

“Upami naék mah apan ki sobat ogé uninga sim kuring mah pauran. Cing atuh geura lung hiji mah, anu bareubeu gé teu sawios.”

“Lamun teu bisa naék, tuh loba anu marurag, anu geus baruruk.”

Sakadang peucang ngahuleng. Gerentesna, dasar monyét mangkluk teu gableg pucus, teu bisa dipidulur, teu bisa dilemesan. Sugan kudu ku cara garihal mangkluk teu boga cedo siga kieu mah.

“Hey, kunyuk! Dasar mangkluk teu boga pucus! Teu bisa diajak nyarita lemes, teu bisa dipidulur. Nyacapluk téh précis urang gunung teu boga kanyaho. Moal méré ogé atuh ngomong-ngomong anu lemes. Dasar kalakuan henteu berbudi, mahluk teu boga cedo, henteu gaul! Dasar mahluk kelas handap!”

Sakadang monyét reuwaseun diésék-ésék jeung dihina siga kitu. Tara aya anu wani nyebut kunyuk ka manéhna. Komo deui ditambahan ku nyebut mahluk kelas handap. Teu antaparah deui, belewer belewer wé sakadang peucang téh dibalédogan ku jambu. Sakadang peucang ajleng-ajlengan bari ngahina, pokna teh: “Geuning ngan sakieu pamalédog si panjang leungeun téh! Hanas wé ramo rangoas ari malédog siga anu ngusapan!”

Puguh wé sakadang monyét beuki napsu. Jambu mani murubut malédogan sakadang peucang. Aya éta oge hiji dua anu keuna, tapi ku sakadang peucang henteu dirasa. Sanggeus pangrasana jambu téh loba anu murag, sakadang peucang gogorowokan: “Meugeus! Meugeus monyét budug! Sakieu ogé meujeuhna keur kuring mah. Sésana mah keur isuk wé,” cenah bari cacamuilan dahar jambu. Sésana dibungkus ku daun tisuk dibawa balik.

Sakadang monyét molohok mata simeuteun. Sanggeus peucang henteu katempo deui kakara manéhna sadar. Jadol téh, katipu tah ku si peucang, gerentesna. Tadina mah moal méré hiji-hiji acan, jadi mekelan bawaeun sagala.***

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (3)

tabroni

Inget basa sd, keren

chandra duta

hatur nuhun pisan ka majalah mangle anu masih satya ngamasyaraatkeun warta tur carita basa sunda ... kiwari tos langki anu ngalestarikeun budaya urang teh.. sukses wae kanggo Mangle. hatur nuhun

ummi lailatus sadiah

carpon mangle ,sareng nu sanes na nungtun sareng picontoeun dina kahirupan nyata

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: