• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Buahna Yakin

Kénging Rohaedi Somantri
Kintun kana Facebook

Baréto... baréto pisan aya dua santri nu geus lila mukim nyuprih élmu di salah sahiji pasantrén anu geus kasohor keur guntreng nyawalakeun masalah élmu tauhid.

“Cik pamanggih énté kumaha saur Mama Ajengan, singsaha anu loba dzikir ka Pangéran, maranéhna bakal dibéré rejeki ti tempat nu teu disanggka-sangka?” ceuk Lukman santri nupanggedéna ka sobatna Sabar. Umurna géséh tilu taun.

“Kantun kumaha kayakinan urang. Pan saur Pangersa Mama ogé sing saha anu saé sangka ka Gusti Alloh. Pasti sapanejana baris dikabul!” témbal Sabar.

“Tapi ceuk ana mah dzikir kudu! Tapi angger kudu dibarengan ihtiar. Da moal enya aya rezeki ragrag ti langit. ” ceuk Lukman.

“Ari pamendak ana mah yakin. Sanaos mung ukur ngadukduk wirid di Masjid pasti dipasihan rejeki. ” Sabar mani yakin.

“Ké kumaha énté mani yakin kitu! naha geus pernah nyobaan? Angger ceuk ana mah kudu dibarengan usaha. Malah loba jelema anu tara dzikir ari giat arusaha mah, baleunghar loba hartana.” Ceuk Lukman keukeuh kudu usaha jeung ngadu’a.

“Teu acan ari nyobian  mah, Tapi da piraku Gusti nyulayaan jangji-Na.” ceuk Sabar.

“Ayeuna mah kieu ! kumaha mun urang buktikeun!” Lukman siga nu nangtang.

“Dibuktoskeun kumaha?” pikirna ku aya-aya waé. Naha mani siga anu was-was.

 “Engké beurang urang peré ngaji. Ulah sarapan heula! Bari beuteung kosong tong mawa bekel. Urang indit ka Lembur Peuntas.”Lukman tatag pisan. Harita bada subuh.

“Teras?”

“Enté ! cicing di Masjid Peuntas, dzikir wéh tong kamana-mana. Naha enya aya rezeki ragrag ti luhur langit? Kula rék usaha ikhtiar néangan rezeki, ”ceuk Lukman  

“Sabara dinten?” Sabar nanya panasaran.

“Dua poé wé lah bisi langlayeuseun. Kumaha satuju ?” Ceuk Lukman, Pikirna kakuatan jelema bisa kuat nahan lapar jeung nginum salila dua poé mah.

“Insya Alloh satuju! Έnjing sateuacan magrib urang tingali hasilna.” témbal Sabar.   

Duanana mérésan baju jeung sarung keur salin. Bus disupkeun kana kantong kanéron. Sanggeus ménta idin ka kokolot santri dua poé peré moal ngaji. Basana aya  perlu heula. Teu marawa duit bekel. Wanci duha maranéhna tepi ka Masjid lembur Peuntas. Sepi kayaan masjid téh. Apanan ti beurang mah digarawé di sawah atawa di kebon. Bérés solat duha Sabar mah terus diuk bari dzikir. Ari Lukman kaluar rék balangsiar bari teu elat biwirna mah dzikir. Teu jauh di tungtung lembur aya nu keur ngariung deukeut saung. Aya nu nyuhun tolombong, ngélék dingkul  aya nu manggul karung. Lukman nyampeurkeun.

“Punten nuju naraon ieu téh ?” Lukman nanya ka kolot anu awakna bayuhyuh.

“Rek panén cabé. Ngan ieu kurang jelema. Mangkaning cabéna geus arasak.”

“Kumaha upami badé ngabantos , tiasa ?” Lukman nawarkeun jasa. Si Bapa Gendut kacida atohna aya nu mantuan. Saterusna cakah-cikih ngatur nu digarawé nu mana heula nu kudu dipanén. Kaselang ku solat lohor jeung ngawadang. Panén diteruskeun nepi ka soré. Tapi panén can anggeus. Ku si Bapa Gendut Lukman dihiras sina tunggu cabé nu numpuk di saung. Sakalian isukan mantuan deui nganggeuskeun panén.

Isukna bada asar bérés gawé Lukman ngagedig rék nepungan Sabar di Masjid Peuntas. Teu wudu mucekil meunang buruhan duit. Jaba dibahanan  timbel, sambel, lalab jeung pais lauk emas. Leumpang gura-giru bari mikir inget ka sobatna nu keur wirid di masjid. Boa can dahar ti kamari. Kumaha mun geus langlayeuseun. Padahal manéhna nu ngajak ngobong. Kolotna ngidinan pédah inditna jeung manéhna. Mun seug Sabar aya kajadian nanaon pasti kolotna bakal ngananaha ka manéhna.

Kasampak Sabar keur saré. Awakna nyarandé kana tihang masjid. Leungeunna masih nyekel tasbé. Duh boa-boa kalaparan. Buru-buru ku Lukman diguyah-guyah dihudangkeun. Sanggeus hudang Sabar dititah dahar. Timbel jeung deungeuna song diasongkeun. Teu kudu dititah dua kali Am! Sangu téh didahar teu wudu mani ngalimed bangun ni’mat. Bérés dahar eureuleu teurab.

“Kumaha migawé dzikir téh aya hasilna?” Lukman nanya bari rada ngajejeléh pamikirna mun teu dibéré dahar ku aing pasti kalaparan.

“Aya… alhamdulillah, Gusti masihan rejeki kalayan  teu disangki-sangki pisan.” Témbal Sabar, rada héran naha  Lukman maké nanya kitu. Apan kasaksian ku manéhna saha bieu nu dahar sangu timbel jeung pais lauk emas.

“Aéh heueuh nya!” Kakara Lukman nyadar. Manéhna nu gawé. Nu daharna Si Sabar. Karérét dina saku baju kampret Sabar ngalangkang amplop rada kandel. Sabar surti derekdek nyaritakeun. Sapoé kamari kasorénakeun Sabar kacida laparna. Beuteung murilit, karasa peurih nyéréset. Késang tiis ngorolok tina tonggong. Sirah karasa lungleng. Kitu téh nepi ka waktu isya. Bada isya di éta masjid aya nu Beunghar  ngayakeun acara syukuran rék naék haji. Sakalian ngaluarkeun zakat mal tina hasil panén cabé nu kacida mucekilna. Bérés ngadu’a anu haladir disuguhan dahar, meunang bésék jeung dibéré amplop. Dua santri mareunang rezeki hasil tina kayakinanana.

(Diréka tina kajian kitab kuning Pangaosan Ahad di Majlis Ta’lim Al-Musyawaroh)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: