• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Abu Nawas ngabagi bakakak

Kénging Agus B. Irawan
Kintun kana Facebook

Abu Nawas tas kurad-koréd di kebon korma tukangeun imahna. Jung cengkat, tuluy babatek, kukuliatan.

“alhamdulillah...!” pokna ngagerendeng. Beuteungna karasa peurih jeung kukurubukan, nandakeun geus karasa lapar. Gura-giru inyana balik ka imah.  Sup ka dapur, muru kana méja makan. Tuluy mukakeun tudung saji. Nu aya dina méja makan téh ukur sangu wungkul dina sangku, taya deungeunna.

“jeung naon Mi deungeunna, dahar téh ?” Abu Nawas nanya ka bojo na nu keur jongjong ngagusrek nyeuseuh.

“puguhan teu boga nanaon, Abu. Da sidik duit jang balanja ogé geus béak!” walon bojona.

Abu Nawas ngahuleng. Inyana mikir, kumaha carana sangkan boga deungeun sangu ?

Ari Abu Nawas téh bogaeun dulur, kapi lanceukna, Abu Fatah ngarana téh. Imahna teu pati jauh ti imahna Abu Nawas, ukur kahalangan ku sababaraha imah jeung kebon korma. Mun keur pareng  aya pangabutuh atawa karerepet, Abu Nawas geus tara asa-asa deui osok menta bantuan atawa menta tulung ka kapilan ceukna.

“Ah, mending  arék nguyang deungeun sangu ka imah Abu Fatah. Susuganan bogaeun.” Gerentes Abu Nawas na jero haténa. Geus kitu kencling manéhna indit ka imah Abu Fatah.

“Assalaamu’alaikuuum.....!” sanggeusna anjog Abu Nawas uluk salam.

“Wa’alaikum salaaam.....!” jawab nu boga imah ti palebah dapur. Abu Nawas tuluy asup ka imah langsung muru ka dapur. Kasampak téh Abu Fatah saanak-bojo keur ngariung dina méja makan bari patingharuleng. Dina luhur meja makan ngajagrag bakakak hayam badag anu  masih kénéh weuteuh , tacan aya nu ngahanca. Abu Nawas mani kumétap nempona. Ari Abu Fatah téh bogaeun budak dua, lalaki hiji awéwé hiji.

“Taaah .... ku kabeneran geuning aya Abu Nawas ka dieu! Yap ka dieu Abu !” ceuk Abu Fatah bangun atoh naker.            

“Puguhan kami téh ker menang kabingung, susugannan atuh Énté bisa mecahkeunana ?” pokna deui.

“Ari kitu, aya naon ?” Abu Nawas tumanya bari ngarérétan ka saréra.

“Nu matak kami téh keur pareng menang milik ! Meunang  berekat bakakak hayam paméré ti tatangga. Tapi ku kami téh tacan didahar, tacan ditoél-toél acan, ku sabab hésé ngabagi-bagina, da saréréa pada-pada hayang ! Cing atuh sugan ku ­Énté pang bagi-bagikeun, kumaha carana sangkan adil?” Abu Fatah ngajéntrékeun.

Sakedapan Abu Nawas ngahuleng, mikir. Teu kungsi lila pok nyarita, “ kieu wé atuh ayeuna mah, cing ménta péso eujeung piring lima!” pokna ka bojona Abu Fatah. Guru-giru bojon Abu Fatah nyokot péso jeung piring sakumaha nu dipénta ku Abu Nawas.

Abu Nawas natakeun piring dina méja. Nu opat diteundeun hareupeun Abu Fatah, bojona jeung anak-anak na. Ari nu hiji deui diteundeun hareupeun manéhna sorangan. Geus kitu gap kana péso, tuluy nyokot piring nu dieusi bakakak hayam. Abu Nawas ngamimitian ngarecah bakakak bari cacarita.

“Tah ieu huluna bagéan Abu Fatah, bagéan Bapa, kusabab ari Bapamah apanan Kapala Kaluarga!” omong Abu Nawas bari motongkeun hulu hayam, sok diteundeun dina piring hareupeun Abu Fatah.

“Nu ieu tulang beuheung ma bagéan Umi, bagéan indung, kusabab ari indung mah minangka “nyawana” dina rumah tangga!” Abu Nawas motongkeun tulang beuheung, tuluy di teundeun dina piring hareupeun bojona Abu Fatah.

“Ieu cékérna bagéan si Aa, bagéan budak lalaki, kusabab ari budak lalaki mah engké-engkéna bakal lunta, bakal ngumbara jauh ti kolotna !” ceuk Abu Nawas bari neukteuk cékér hayam duanana dina palebah tuurna, tuluy diteundeun dina piring hareupeun budak lalakina Abu Fatah.

“Tah nu ieu mah jangjangna bagéan Si Nyai, budak awéwé. Ari sabab Si Nyai mah bakal boga salaki, bakal ngurus Rumah tangga, sarta bakal dibawa ngumbara ku salakina!” ceuk Abu Nawas deui, kitu na téh bari motongkeun jangjang hayam duanana, sok diteundeun dina piring hareupeun budak awéwé Abu Fatah. Ayeuna mah si bakakak hayam téh ukur kari awakna wungkul ngajagjrag dina piring.

“Ari éta, awakna bagéan saha ?” Abu Fatah tumanya.

“Nu ieu mah nya bagéan kuring, salaku “hakim” nu geus ngabagikeun kalayan adil !” walon Abu Nawas, kitu téh bari ngawadahan awak hayam, dipindahkeun kana piring hareupeunana. Tuluy wé dibawa balik ka imahna. Abu Fatah saanak-bojo bati olohok !

“Berekah geuning, timana wé ari milik mah !” gerentes Abu Nawas.***

Cisompét – Garut Kidul

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

tatang kusmayana

Dasar Abu Nawas, aya wae akalna ..

tatang kusmayana

Dasar Abu Nawas, aya wae akalna ..

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: