• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Dr. H. Oyo S. Mukhlas, M.Si.;

Larapna Politik
Kudu Maslahat

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook
Mangle
Dina kagiatan kampus, ningkatkeun kamandirian kampus [Potrét/Ilustasi: rudi]

Pésta démokrasi milih wakil rayat kari prakna. Nu dipiharep lain saukur mampuh milih jalma wungkul, tapi ogé kudu mampuh numuwuhkeun étika satukangeun gederna démokrasi. Tapi kumaha buktina?  Prof. Dr. H. Oyo S Mukhlas, M.Si., Dekan Syari’ah & Hukum UIN SGD Bandung medar pamanggihna ka Manglé.

***

Gederna politik dina pésta démokrasi mangaruhan pisan kana ajén-inajén kahirupan, kaasup keur umat Islam. Agama Islam ogé ngatur pisan urusan politik. Malahan, prinsip politik dina Islam mah, lain keur naon-naon, tapi minangka étika, keur ngatur hirup manusa nu leuwih maslahat. “Islam kacida ngaturna politik, nyaéta minangka étika,” cek Prof. Dr. H. Oyo S Mukhlas, M.Si., waktu tepung di rohangan Dekan Fakultas Syari’ah UIN SGD Bandung.

Ngalarapkeun politik tangtuna ogé kudu luyu jeung tujuannana. Ku kituna, politik kudu jadi modal keur kapentingan umat. Ngan kumaha ngalarapkeunana? Cek ieu Guru Besar Syari’ah UIN SGD Bandung, partéy jeung pribadina kudu tumuwuh kasadaran, yén politik téh mung saukur cara keur ngatur kapentingan balaréa, lain keur kapentingan pribadi-pribadina. “Politik lain keur ngatur kapentingan pribadi tapi keur kapentingan umat. Ngan hanjakalna, partéy jeung para politikus masih jauh tina pamadeganana,” cek ieu panitén hukum jeung politik Islam témbrés.

Nempatkeun politik minangka ‘cara’ ngatur hirup pribadi-pribadi jeung partéy politik, kacida pentingna. Lantaran upama politik henteu ditempatkeun minangka étika, balukarna, nu éléh jeung nu meunang, ka dituna bakal timbul sikep ngunek-ngunek. Padahal dina Islam mah, cek Prof. Oyo, apan jinek, ngunek-ngunek atawa males kanyeri téh dipahing Islam. Malah pernah dicontokeun dina jaman sohabat.  Waktu salahsahiji sohabat boga kasempetan pikeun males kanyeri musuhna, anjeunna inget, yén males kanyeri téh lain jalan nu hadé. Lantaran tina males kanyeri bakal timbul sikep ngunek-ngunek atawa dina hiji waktu bakal males kanyeri.

Ibroh tina carita Islam éta, nuduhkeun politik téh kudu ditempatkeun minangka étika. Sanajan ka dituna néangan kakawasaan, tapi cek ieu Doktor wedalan Universitas Padjadjaran, boh pribadi boh partéyna kudu matéahkeun politik keur kapentingan umat.

 

 Kamaslahatan Umat

Léngkah ngahontal politik nu pimaslahateun, moal lésot tina pasualan nempatkeun hak jeung kawajiban pribadi-pribadina. Salila masing-masing pribadi ‘resep’ kénéh loba nungtut hak tinimbang ngalaksanakeun kawajiban atawa ngalanggar hak pihak séjén, pasualan gé pamohalan kahontal. “Kawajiban sok leuwih handap tinimbang hak,” cek ieu pupuhu umum Asosiasi Sarjana Syari’ah Indonesia (ASSI) téh. Lantaran kitu, teu anéh upama pasipatan kitu ahirna loba rambat kamaléna, kasup kana dunya politik jeung kana cara ngurus nagara. Sapertina waé, cek ieu Prof. Oyo, di urang sok dipupujuhkeun pisan kana urusan HAM (Hak Asasi Manusa) tinimbang kana urusan KAM (Kawajiban Asasi Manusa). Lain salah urang sok mupujuhkeun HAM, tapi urusan kawajiban asasi manusa (KAM) ogé jadi prinsip nu leuwih penting.

Nanjeurkeun urusan politik minangka ‘étika’, nu dipalar téh tumuwuhna pribadi umat nu soléh. Ku kituna, cek Prof. Oyo deui, masing-masing pihak, kudu mampuh nanjeurkeun rasa ukhuwah jeung tumuwuhkeun karakter pribadi nu kuat. Carana? Pribadi nu kuat, tangtu kudu ngancik kasaimbangan antara kapentingan dunya jeung ahérat. “Habluminannas sareng habluminalloh kedah saimbang. Lantaran, tugas manusa téh keur ngama’murkeun alam dunya, lain keur ngaruksak alam dunya,” pokna. Ku kituna, cek ieu panalungtik ‘Perbandingan Orientasi Politik Kiai dan Relasinya dengan Partisipasi Politik Santri Serta Kontribusinya Terhadap Da’wah dan Pembangunan’,  paripolah manusa kudu terus dibekelan ku élmu jeung takwa. Saperti kekecapan nu pernah ditétélakeun ku Imam Syafi’i, ‘hayatul fata wallohi bil ilmi wattuqo. Idzalam takun la'tibaro lidzatih’. Keur kahirupan generasi ka hareup kudu boga modal élmu jeung takwa. Upama duanana teu aya, mangka hirupna gé bakal taya hartina. “Insya Alloh nu alancrub dina politik ogé, upama ku élmu jeung ku takwa mah bakal salamet,” pokna jinek. Atuh ka dituna mah, cek Prof. Oyo deui,  upama loba pihak nu teu ‘kataji’ ku pulitik ogé sawadina jadi bahan tinimbangan para pulitisi nu ancrub dina partéy. Lantaran, samistina mah, partéy pulitik téh ngatik masarakat sangkan ngarti jeung engeuh kana pulitik nu hadé.

 

Mentingkeun Atikan

Oyo Sunaryo Mukhlas lahir di Majalengka, 12 Desember 1958. Ieu putra H. Muklas sareng Ny. Hj. Elah Binti H. Syamsuddin, ti leuleutik diasuh dilingkungan agama. Indung tunggul rahayu bapa catang darajat, keur Oyo mémang karasa pisan. Teu weléh sepuhna mapatahan sangkan Oyo sangkan pengkuh agamana ogé luhung pangabisana, nu ahirna kudu junun. “Kadé kudu solat jeung ngaji”, cek Prof. Oyo nirukeun kekecapan sepuhna waktu leutik. Ku kituna, waktu Oyo sakola taun 1971 di SDN jeung Madrasah Diniyah PUI di Cicanir ogé, sepuhna mah teu weléh nalingakeun, pangpangna dina sual ngaji agama.

Pangaping kitu, ngabuahkeun hasil. Oyo gé, sakola satuluyna ditarima Mu’allimien Darul Ulum PUI di Talaga. “Pun Bapa kalintang disiplin sareng teu weléh masihan papatah nu saé,” cek ieu bapa Lena Ishelmiany Ziaharah, SH, MH, Sidki Zauhar Padila, Dita Padiani Rahma nineung ka mangsa keur budak.

Oyo beuki déwasa beuki buleud cita-cita. Lantaran meunang élmu adumanis sakola jeung pasantrén, atuh nuluykeun gé ka IAIN Sunan Gunung Djati Bandung di Fakultas Syari’ah, boh keur ngaréngsékeun sarjana muda atawa keur sarjana penuh S1. Di IAIN SGD Bandung (ayeuna mah UIN), singhoréng jadi tempat keur neruskeun karirna. Kaayaan kitu, Prof. H. Oyo ogé sadar tur teu weléh muji sukur ka Gusti Alloh Swt. Lantaran, satutas di Bandung beuki nambah élmu pangaweruh, beuki loba kawawuh, beuki loba lolongkrang keur ngamalkeun élmu pangaweruhna. Ngan nya kitu, sual élmu pangaweruh mah, keur Oyo, beuki nambah téh, singhoréng asa beuki ngurangan. Ku kituna, saterusna mah nyiar élmu deui, kuliah deui ka Program Magister (S2) Pascasarjana Universitas Padjadjaran taun 2000, ogé Program Doktor (S3) masih di Pascasarjana Universitas Padjadjaran  taun 2007.

Makalangan di dunya kampus, Oyo gé teu ujug-ujug. Ti mimiti nyaking staf pangajar ogé pernah nyangking Sekretaris Program Pendidikan Calon Panitera Pengganti (PPCPP) Pengadilan Agama Fakultas Syari'ah (1992-1993), nyangking Ketua Jurusan Ahwal al-Syakhsiyah (AS) Fakultas Syari’ah (1995-2003), Pembantu Dekan II Bidang Administrasi Umum dan Kepegawaian Fakultas Syari’ah & Hukum (2003-2007), Pembantu Dekan I Bidang Akademik Fakultas Syari’ah & Hukum (2007-2011). Pangalaman kitu, ahirna Prof. Dr. H. Oyo S. Muklas, M.Si. dipercaya mancén Dekan Fakultas Syari’ah & Hukum UIN Sunan Gunung Djati nepi ka kiwari.

Nyangking di kampus, dina sual élmu mah, kudu karasa mangpaatna keur balaréa. Ku kituna, Prof. Dr. H. Oyo, nu kiwari nganjrek di Komplek Bumi Panyileukan B 9/6 RT 05 RW 02 Cipadung Kidul, Panyileukan, Bandung téh, ogé loba aktif di sababaraha organisasi kagamaan, saperti di Himpunan Ilmuan Sarjana Syari’ah Indonesia (HISSI) Wilayah Jawa Barat, pupuhu umum Asosiasi Sarjana Syari’ah Indonesia, Anggota Dewan Pakar Masyarakat Ekonomi Syari’ah Jabar, Dewan Syari’ah Pimpinan Wilayah PUI Jawa Barat, Anggota Dewan Pengawas Syari’ah Bank Pembiayaan Rakyat Syari’ah HIK Parahyangan oge di Dewan Pakar ICMI Orwil Jawa Barat.

Pancén tugas di sabaraha widang, keur Prof. Oyo mah éstuning amanah. Lantaran kitu, dina ngokolakeun éta amanah, nu dipupujuhkeun téh gawé babarengan jeung ngaheulakeun kapentingan balaréa. ”Mémang pami hoyong majeng, nya sadayana kedah tiasa damel sasarengan sareng kedah silih ajénan,” cek ieu garwa Hj. Iis Eni Sukaeni, S.Pd.I. nu katompérnakeun Prof. Dr. H. Oyo suksés ngajurung ludeung mahasiswa Syari’ah jadi jawara dina ”Lomba Pencarian dan Analisis Putusan Pengadilan bagi Mahasiswa Hukum dan Syariah se-Indonesia”.

Adumanisna pangalaman mancén di kampus, jadi nara sumber di seminar-seminar jeung tina neuleuman élmuna, Prof. Dr. H. Oyo teu weléh nyatetkeun catetanana jadi cutatan, boh dina wangun buku atawa dina karya ilmiah. Sapertina waé buku-buku diantarana; Sosiologi Politik, Orientasi Politik Kiai dan Pertukaran Sosial. (Bandung: tsabitA 2007), Perkembangan Peradilan Islam: dari Kahin di Jazirah Arab Ke Peradilan Agama di Indonesia (Jakarta: Ghalia, 2011), Peradilan Agama dari Masa Ke Masa, Pranata Sosial Hukum Islam (Bandung: Lembaga Penelitian UIN Sunan Gunung Djati, 2013), Pernak-Pernik Pernikahan Kontemporer jeung sabangsana.

Sanajan sibuk ku kagiatan, boh di kampus boh di sababaraha organisasi, tapi ieu pituin Sunda téh, teu weléh tibelat ka lembur di Cicanir-Talaga. “Kantenan, émut baé ka lembur mah. Ku kituna, kedah waé nyempetkeun waktos, supados tiasa amengan ka lembur. Margi sok nineung sareng hoyong pisan nepangan wargi-wargi di lembur,” pokna nutup obrolan. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: