• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Hawé Setiawan

Karéta Mesin, Surat, jeung Potrét

Kintun kana Facebook

Mémang Éha nu boga lalakon dina carita yasana Mohamad Ambri (1832-1936) téh. Endén Saléha cenah saenyana mah, putra juragan Kalipah Kota di Cianjur, nu tunggara manah alatan teu laksana ngarangkep ka Mas Mahmud, beubeureuhna. Orokaya geus aya nu mesék perkara nu éta mah boh ku nu ngulik sastra boh ku nu ngotéktak filsafat.

Ku kituna nu deuk dipikiran ku sorangan mah lain Éha. Ongkoh da ari nanasiban jalma mah, kayaning rudetna hubungan ti antara awéwé jeung lalaki atawa pajurawetna hubungan antara kolot jeung anak, kapan kitu kénéh kitu kénéh. Nu ngabédakeunna mah, cék pangrasa, antarana kaayaan masarakatna, nu jadi kasang carita, pakalangan sing sakur nu boga lalakon.

Demi nyawang kahirupan masarakat antarana bisa ku cara niténan légégna jalma-jalma nu aya di dinya. Mun kecap légég kurang keuna, nya sebut baé cara hirupna. Tina jagat kahirupan Éha, upama dikoréhan simbolna nu poko, katémbong tilu rupa barang: karéta mesin, surat, jeung potrét. Éta barang anu tilu téh némbongkeun kamonésan modérenitas dina widang transportasi, komunikasi, jeung dokuméntasi. Kabéh museur di kota. 

Ana dipikiran bet tétéla yén éta kamonésan modérenitas téh milu nangtukeun pangalaman jalma-jalma nu didongéngkeun dina roman Lain Éta. Paling copélna, mun éta barang anu tilu téa dileungitkeun tina éta roman, jalanna carita tinangtu kaganggu. Minangka babandinganna mah, lalakon Roméo jeung Juliét, cara nu kungsi disabit-sabit ku Isabel Allende, pasti robah kabina-bina mun seug kana éta carita diasupkeun barang mangrupa télépon sélulér nu tanwandé bisa dipaké ngirim talatah (text message) ti Dén Roméo ka Endén Juliét.

 

Karéta Mesin

Karéta mesin téh karéta angin téa. Istilah béh ditu éta téh. Ayeuna mah prahna sepéda baé. Duka kumaha sarsilahna. Ari Walandana mah mun teu rijwiel nya tangtu fiets. Ari kangaranan karéta, cék dina kamusna, taya lian ti tutumpakan nu maké padati alias roda. Sorana méh-méhan sarimbag jeung nu nyampak dina basa Inggris, nya éta cart nu dibacana “ka:rt”.

Nu sidik, istilah “karéta mesin” mémang luyu jeung pasipatanana, nya éta karéta nu dijalankeunana maké mesin, lain maké kuda, munding, atawa sapi. Unak-anik mesinna tina beusi atawa sabangsana. Aya ranté, pedal, setang, jeung sajabana nu silih sambung ngahiji dina jirim tutumpakan téa.

Hanjakal, karéta mesin Ambri teu pati écés. Teu sidik naha Fongers atawa Gazelle nu ditumpakan ku Mas Mahmud jeung Dén Bahrum basa pelesiran ider kota Cianjur téh. Teu cara dina bab ududeun, kapan écés pisan nu ngarang nataan “sigarét Mac Gillavry” jeung “sigarét cap Onta” (roko Camel, tayohna). Duka mun harita balaréa teu ngarasa perlu niténan mérek sepéda onaman. Da geuning ari lebah ngagambarkeun paripolah nu maké sepéda mah telik ogé. Contona: “Séla karéta mesin ditilaman ku saputangan bodas, bisi kotor kana lancingan...”   

Kilang kitu, peran karéta mesin pohara pentingna dina nangtukeun plot carita. Kapan mimiti tepungna Néng Éha jeung Mas Mahmud téh basa nu disebutkeun pandeuri keur sesepédahan. Mana komo basa Mahmud ngiriningkeun bél sepédana bari naros ka Éha di jalan mah, beuki pohara pentingna éta sakadang sepéda téh. Nya adegan éta pisan nu muka pasualan ti landeuhna tepi ka tonggohna terus turun deui tepi ka tamatna.

“... Sidik nu sok dilamun téa, seblak manahna, béh jinisna katingali deui keur asup ka toko, katingali keur tunggang karéta mesin...,” kitu antarana nu aya dina panyileukan Néng Éha.

Karéta mesin deui baé nu pohara pentingna téh nalika carita geus tepi ka méh-méhan ngalandeuh deui. Mun seug ban karéta mesinna henteu kempés mah pamohalan Dén Kosim peuting-peuting tepung jeung Éha di jalan tepi ka Éha nu keur kaleleban ku Mas Mahmud tur minggat ti salakina téh sasat meunang panyumputan sok sanajan bari jeung kudu ngalaman hirup sagebrug jeung Dén Kosim.

“Alus indit-inditan ieu. Teu nyana rék boga papanggihan. Boro ambek tadi, karéta mesin kempés banna. Sihoréng rék papanggih jeung nu lenjang,” kitu nu aya dina jero pikir Dén Kosim basa mimiti tepung jeung Néng Éha peuting-peuting téa.

Cindekna, karéta mesin milu nandaan bagian-bagian penting tina plot carita, utamana bagian patepungna Néng Éha jeung Mas Mahmud di awal carita jeung patepungna Néng Éha jeung Dén Kosim dina tengah-tengah carita.

 

 

Surat

 

Cara sepéda, surat gé pohara pentingna. Malah mah salah sahiji tokoh penting dina ieu roman, nya éta Dén Bahrum téa, kapan digawé di kantor pos pisan, nya éta lembaga nu ngurus unak-anikna surat persuratan.

Nya surat nu jadi rawayan pikeun nepikeun gerentes haténa Mahmud ka Éha najan eusina beunang ngéngkénkeun gé. Surat téh digurit, diasupkeun kana amplok, dirapet, diadrésan, diparangkoan, sup kana koropak pos, dipihapékeun ka panglayar. Saterusna mah Mahmud jeung Éha remen silih suratan langsung baé, teu maké perantara.

Ari paripolahna lalaki nu narima surat ti bébéné digambarkeunna kieu: “Dibacana teu cukup ku dua tilu kali, saban tamat ngahatamkeunana dicium. Diampihanana dina tas paragi ka sakola. Dina senang-senang, bongoh ti batur, kusiwel dibuka, dibaca deui, ngok dicium sup deui kana tas, ni’mat ku kitu gé.” Paripolah nu kawasna langka kajadian dina jaman surat éléktronik (e-mail) cara ayeuna mah.

Upama dijojoan nu pokona, tétéla surat téh milu nangtukeun sababaraha bagian pangalaman nu penting. Surat milu jadi tanda mimiti pakaitna haté Mahmud jeung Éha dina katresnan. Surat milu jadi tanda rudetna hubungan antara Mahmud jeung Éha alatan Juragan Kalipah, ramana Éha téa, haripeut ku karadénan. Nya ku surat deuih Éha dina pamustunganana ménta diserahkeun ku salakina, Juragan Mantri téa. 

 

Potrét

Dina lalakon Éha jeung Mahmud, potrét téh pohara raketna jeung surat. Ari potrét, mun cék suwargina Nano S. téa mah, kapan “wawakil jirim jinisna”. Kitu nu kajadian ti antara Mahmud jeung Éha gé: pada-pada ngandelkeun potrét minangka wawakil jirim maranéhna basa hubungan katresna mimiti tumuwuh.

Méméh meunang kasempetan nu laluasa pikeun paamprok jonghok jeung Éha, kapan Mahmud téh ngirim potrét dirina heula kalayan mihapékeun éta potrét ka Bahrum. Rada panjang cenah lalakon potrét téh méméh tepi ka nu dijugjug. Ti Dén Bahrum dipasrahkeun ka Bi Uti, réncangna. Ti Bi Uti dipasrahkeun deuih ka Nyi Ikem, lanjangna Néng Éha. Ti Nyi Ikem kakara tepi ka Néng Éha bari jeung kudu dikeben-keben heula méméh manggih témpo nu salsé tur masrahkeunana kudu api-api ragrag téa. 

“Néng Éha jeung Mahmud ayeuna geus sarua hurungna, ngangkat begér ujug-ujug manggih jalan, sarua cocogna, najan paanggang teu asa pajauh, da beurang-peuting pajeueung reujeung potrétna. Ucap-ucapan apan kagantian ku silih suratan, saban minggu teu aya kendatna. Malah-malah namplokkeun pangeusi kalbu mah mending kana kertas ti batan kudu pok ka jinisna,” kitu nu digambarkeun ku Ambri. 

Nu teu kurang narikna, potrét gé horéng milu ngisarahkeun ayana sabangsaning konflik antara kaom nonoman jeung kolotna, antara Éha jeung Juragan Kalipah. Kapan cenah gé: “Lamun kapanggih ku ramana Néng Éha dipotrét, euleuh, kumaha meuereun dibenduanana. Haram dipotrét téh, matak dipéntaan nyawa cenah, engké dina poé kiamah. Komo deui potrétna aya nu ku lalaki, euleuh benduna lain caritakeuneun.”

 

Roman Modéren

Kasebut roman modéren Lain Éta téh, dina harti wangun carita anu wandana luyu jeung padika sastra nu di lembur urang tumuwuh ti awal abad ka-20.  Mimiti medalna awal taun 1930-an kénging nyerat redaktur Balé Pustaka. Ari Balé Pustaka nya éta lembaga kolonial nu mangaruhan masarakat jajahan ku kagiatan nulis jeung maca.

Dasawarsa 1920-an jeung 1930-an téh saenyana jaman nguniangna kasadaran politik nonoman Indonésia nu nyipta-nyipta kamerdékaan bangsana. Cara nu kagambar dina pidato Mohamad Hatta ti Perhimpunan Indonésia basa nyanghareupan mahkamah kolonial di Walanda, nu dijudulan Indonesië Vrij (Indonesia Merdéka), mangsa harita nguniang nonoman Indonésia nu teu ukur mikiran dirina sorangan, tapi deuih mikiran kapentingan bangsana.

Munasabah, tayohna, mun nonoman saperti kitu kagambarkeun deuih dina novél nu medal mangsa harita. Éha cenah kungsi sakola di H.I.S., ari Mahmud calon arsitek —cindekna, nonoman nu narima atikan modéren cara Soekarno atawa Hatta.

Nu sidik, kahirupan nonoman nu kagambarkeun dina roman Ambri mah béda deui. Nu katémbong di dinya nonoman nu pelesiran dina mangsa peré sakola, ider kota sono ka bébéné, bari ngalamun hayang geura lulus sakola, nampa diploma, terus digawé. Ari ku kitu téa mah kaharti da kapan roman wedalan lembaga kolonial.

Ku kitu ku kieu, ieu roman teu wudu matak narikna pikeun dibaraca deui minangka salah sahiji bahan pikeun nyoréang deui kumaha robahna gékgékan kahirupan di Tatar Sunda tumali jeung tumuwuhna modérnitas sakumaha nu kagambarkeun tina budaya matéri (material culture)-na.***

Nu nulis, Ketua Lembaga Budaya Sunda (LBS) Universitas Pasundan

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

komara

ending roman nu matak ngenes.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: