• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ngajaga Amanah

Kénging Rumpaka M-Online
Kintun kana Facebook

Nu ngaranna hirup di alam dunya, manusa moal leupas tina amanah. Awak séhat, banda bru di juru bro di panto ngalayah di tengah imah, élmu luhur, boga kalungguhan, ieu téh hakikatna mah amanah ti Gusti Alloh Swt. Alloh SWT. ngadawuh:

Nu hartosna : “Naha ku anjeun henteu diperhatikeun satemenna Alloh geus nundukkeun keur (kapentingan) anjeun naon anu aya di langit jeung naon anu aya di bumi sarta nyampurnakeunana keur anjeun nikmat-Na lahir jeung batin. Jeung di antara manusia aya anu ngabantah ngeunaan (kaésaan) Alloh tanpa élmu pangaweruh atawa pituduh jeung tanpa Kitab anu méré penerangan.”. (Q.S. Luqman: 20).

Kitu deui jalma nu meunang kapercayaan, kayaning jabatan, ieu sadayana amanah. Rasulullah Saw ngadawuh: Teu kasebut jalma iman jalma nu teu nyekel amanah jeung teu aya agama pikeun jalma nu hianat. (HR. Ahmad). Ku kituna, hirup di dunya téh amanah sangkan hirupna teu sagawayah. Amanah ogé lain keur nu boga jabatan wungkul. Hirup sosorangan ogé moal leupas tina amanah. Dipaparin raga kayaning mata, pangdangu, haté, éta ogé amanah. Jalma upama geus nyekel kana amanah mangka hirupna ogé bakal genah jeung tumaninah.

Amanah nu dibikeun ka manusa lain keur antepeun, lain keur bahan omongeun, tapi amanah nu dibikeun teh kudu dilaksanakeun (Q.S. 32 : 72), nu ngawengku khilafah ilahiyah (khalifat Alloh, ibad Alloh), ogé khilafah takwiniah (al-taklif al-syar'iah), nyaéta amanah dina ngalaksanakeun ibadah, boh nu sipatna hablun min alloh boh keur urusan hablun min al-nas.

Kecap amanah asal muasalna ampir sarua jeung asal muasal kecap iman atawa aman. Kecap mu'min nu hartina jalma nu iman oge nu ngajadikeun ayana katengtreman, kitu deui nu mere jeung narima amanah. Jalma nu iman disebut al-mu'min. Lantaran  jalma nu iman geus narima rasa katengtreman, dina dirina aya kaimanan jeung teu weleh amanah. Dina harti, jalma nu teu amanah teh jalma nu teu boga kaimanan, teu mere rasa tengtrem, boh keur dirina boh keur masarakat sabudureunana. Sakumaha dawuhan Rosul SAW; “Teu aya iman keur jalma-jalma nu sok hianat.

Kamari ieu, mangsana milih jalma nu cek dirina rek amanah, tangtu keur umat Islam mah kacida diarep-arepna. Lantaran, jalma nu amanah  bakal mampuh nanjeurkeun kaadilan jeung kajujuran. Alloh Swt. ngadawuh dina surat As-Sajdah ayat 22, :

Nu hartosn kirang langkung kieu: "Jeung naha lain taya anu leuwih dolim batan jalma-jalma anu diwawadian ku aya-ayat Pangéranana, tuluy maranéhna ngabalieur ti dinya? Saéstuna Kami bakal ngabales jalma-jalma anu jarahat." Kitu deui dawuhan Alloh Swt.: Yaa ayyuhal ladziina aamanuu laa tattabi'u  khutuwaatisy syaitoni, wamay yattabi khutuuwatisy syaiton, fainnahu ya'muru bil fahshaa'i wal mungkar. Walao laa fadlullohi 'alaikum warohmatuhuu maa jakaa mingkummin ahadin abadaw walaakinnalloha yuzakki mayyasyaa'u wallohu sami'un 'aliim. Nu hartosna : "Yeuh jalma-jalma anu ariman! Maranéh ulah nurut kana léngkah-léngkah sétan karana sing saha anu nurut kana léngkahna sétan, nya saenyana manéhna geus nitah batur ngalampahkeun kajahatan jeung kamungkaran, jeung lamun seug teu aya kurnia ti Alloh katut rahmat-Na ka maraneh moal aya nu beresih saurang oge. Tapi Alloh ngabersihkeun sing saha anu dikersakeun ku Anjeunna, jeung Alloh Maha Ngadangu, Maha Uninga." (QS. An-Nur ayat 21)

Hartosna penting pisan nganti jalma-jalmi nu amanah. Ngan sing inget, dina risalah Islam, amanah teh lain keur hiji golongan atawa jalma pilihan, tapi amanah memang tugasna satiap jalma. Lantaran manusa salila hirup di alam bogana Alloh Swt., moal leupas tina urusan hak jeung kawajiban, boh ka Alloh, ka diri sorangan atawa ka batur. Pidawuh Alloh Swt. niténan ka urang sangkan sawadina ngajalankeun amanah.

“Saéstuna Alloh marentahkeun sangkan anjeun nepikeun amanah pikeun jalma nu boga hak narimana, jeung (maréntah anjeun) upama netepkeun hukum ti antara manusa sangkan netepkeunana  kalawan adil. Saéstuna Alloh geus méré pangajaran ka anjeun nu panghadéna. Jeung saéstuna Alloh Maha Uninga tur Maha Ningali.

 

Tah kitu kacindekan amanah nu jadi kawajiban manusa dina ngajalankeunana. Ayeuna kantun patarosanana; dina naon waé atuh urang kudu ngajalankeun amanah téh? Jawabanana gé bakal loba. Ngan tina jawaban loba éta, urang ngajalankeun amanah téh garis badagna mah dina tilu kacindekan.

Nu Kahiji, Amanah dina tanggung jawab urang ka Alloh SWT. Saur Alloh, manusa diciptakeun téh lain keur naon-naon, lain keur saukur ulin, saukur cicing, tapi diciptakeunana manusa téh, teu aya deui keur ibadah ka Mantenna. Naon sababna kudu keur Alloh SWT.? Jawabna mah singket, nyaéta lantaran dititah ku Alloh SWT. Wama kholaktul jinna wal insan illa liya’budun. Naha atuh... Alloh téh bet nitah ibadah? Lantaran Alloh nu bogana alam jeung manusa. Salila manusa cicing di alam bogana Alloh, hartina manusa kudu patuh kana paréntah nu bogana. Sabalikna, lamun manusa embung dititah ibadah ka Alloh, mangka ulah daék cicing di alam dunya bumina Alloh SWT!. Tah, Alloh méré amanah ka manusa, ieuh téh tangung jawab manusa, amanah téa.

Malah, saméméh manusa gubrag lahir ka alam dunya, apan tétéla, manusa téh geus jangji bakal toat ka Alloh. "Alastu birrobikum...?, Naha anjeun apal yén Kami Pangeran anjeun? Qoolu bala syahidna. Kantenan Gusti abdi terang pisan. Ieu jangji manusa sareng Alloh nalika di alam ruh, nu nuduhkeun manusa kudu tanggung jawab pikeun ngajalankeun amanah di alam dunya. Anapon sanggeus manusa gubrag ka alam dunya béda-béda, éta téh lain bawa ti ajalina. Fir’aun atawa Abu Jahal minangka embah atawa dedengkot kamusrikan ogé sarua,  di alam ruh mah geus jangji tur nyaksian, yén teu aya deui nu kudu disembah angin Alloh Swt. Ieu amanah manusa ka Gusti Alloh Swt. nu di alam ahérat bakal ditagih kalawan écés.

Kadua, amanah nu patali jeung papada manusa. Dina al-Qur’an, tiap jalma téh pamingpin, jeung tiap pamingpin bakal dipénta tanggung jawabna. Hartina, sanajan urang teu boga jabatan atawa saukur purah-purah, tapi tetep urang téh pamingpin. Anapon nu geus dibéré amanah leuwih, saperti jabatan atawa wakil rayat, bakal leuwih loba nu rék dipénta tanggung jawabna. Sapertina waé dina mangsa kiwari, apan sakitu lobana, jalma lomba-lomba marebutkeun jabatan atawa nu hayang jadi wakil rayat. Padahal, jalma nu teu boga kamampuhan keur ngajalankeun éta amanah, sarua jeung bakal meunang siksa, boh keur dunyana komo deui engké di alam ahérat.

Malah nu paling deukeut, tanggung jawab dina urusan rumah tangga. Nu jadi salaki ka pamajikanana. Sang wali nalika nyerahkeun putrana, éta gé sami méré amanah sangkan dijalankeun kalawan bener mingpin kulawarga nu sakinah mawaddah warrohmah. Hanjakal, loba kénéh jalma nu teu amanah dina ngajalankeun rumah tangga, nepi ka loba nu runtag.

Katilu, amanah dina tanggung jawab ka dirina sorangan. Aya katerangan; ‘Kahadé anjeun ulah ngaragragkeun diri anjeun kana jurang kacilakaan.’ Saurang muslim dilarang  nganiaya dirina sorangan, saperti hirup poya-poya, sombong, riya, hubuddunya, takabur, jeung sajaban, kaasup ogé pasipatan-pasipatan pribadi nu ngaruksak kahusuan  nalika ngalaksanakeun ibadah ka Alloh Swt.

Margi kitu, mudah-mudahan saparantosna urang ngalaksanakeun pilihan wakil rayat, nu jadi wakil rayat sing mampuh ngajalankeun amanah nu tos dijangjikeun. Kitu deui ka papada urang, mudah-mudahan masing dilebetkeun kana golongan nu mampuh ngalaksanakeun amanah, boh ka Alloh SWT. keur ibadah, ka papada jalmi atawa ka diri pribadi masing-masing. Amin.

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: