• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Rektor UIN SGD Bandung;

Pasantren,
Ulah Jadi Kaulinan Pulitisi

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Prof. Dr. H. Deddy Ismatullah, SH., M.Hum.;
pasantrén kudu ajeg
[Potrét/Ilustasi: dok.pribadi]

Pulitisi riab ka pasantren, ménta restu jeung sora umat. Ngan, upama pasantrén jadi pakalangan pulitik, nguntungkeun atawa sabalikna? ***
Pasantrén jeung urang Sunda kacida dalitna. Kitu téh, lantaran pasantrén nyampak méh di saban tempat. Tapak lacakna bisa kénéh kabandungan nepi ka ayeuna. Najan pasantrén di éta tempat geus ‘sirna’, ngaran tempatna mah sohor kénéh, saperti Kampung Pasantrén, Lembur Pasantrén, Babakan Pasantrén, jeung sajabana.
Pasantrén hadir di tengah-tengah masarakat. Kacatet dina batin urang Sunda. Remen kacatur dina rupa-rupa carita, saperti dina wawacan, novel, carpon, jeung sajabana. Éta téh, salah sahiji cicirén, Sunda jeung pasantrén dalit naker.
Peran pasantrén gé natrat ti mangsa ka mangsa. Loba andilna dina rupa-rupa widang kaasup milu bajuang ngalawan penjajah. Aya conto nu karékam ku sajarah, saperti Pasantrén Sukamanah, Tasikmalaya. Apan éta lembaga atikan nu dipingpin ku KH. Zaenal Mustafa téh, taun 1944, teuneung ngalawan tentara Jepang nu samagreng pakarangna.
Kaludeung kawas kitu, jadi kaagulan umat Islam di tatar Sunda jeung di mana waé ayana. Da, bukti apan, éta pasantrén téh jinek dina adeg-adeg, wani nanjeurkeun harga diri demi umat jeung rahayat.
Dina kahirupan sapopoé, pasantrén jadi andelan balaréa. Rahayat sabudeureunana, anut naker ka pasantrén téh. Apan, rupa-rupa urusan, pangpangna mah, nu tumali jeung kayakinan agama, ‘kiblatna’ téh pasantrén.

Pakalangan Pulitik

Pasantrén lain ukur tempat santri tolab élmu, tapi deuih pangauban masarakat sabudeureunana. Pingpinan pasantrén, ngajangelek jadi panutan masarakat nu digugu jeung ditiru. Nilik kana kalungguhan pasantrén kawas kitu, teu anéh upama éta lembaga téh pada ‘ngamangpaatkeun’ kaasup ku pihak-pihak nu hayang boga kakawasaan ku cara ngumpulkeun sora pangrojong ti masarakat.
Mémang, pasantrén téh puseurna atikan. “Hususna kanggo nyitak ulama-ulama pinunjul nu mampuh ngawangun karakter nu hadé,” ceuk Prof. Dr. H. Deddy Ismatullah, SH., M.Hum., Rektor Universitas Islam Negeri (UIN) Sunan Gunung Djati Bandung.
Pangaruh pasantrén, ceuk ieu Rektor UIN lega pisan. Ku lantaran kitu, nu hayang boga pangaruh ka masarakat gé, teu arang ngamangpaatkeun pasantrén. “Teu sakedik, pasantrén nu teu mampuh ngigelan politik. Nya, upama kitu kanyataanana, bakal kacida rugina keur éta pasantrén, sabab bakal turun darajatna,” pokna.
Ayana pasantrén saperti kitu, mémang teu bisa digitik rata atawa disakompétdaunkeun. Nu tetep ajeg kana adeg-adeg gé teu kurang-kurang. “Ngan, henteu saeutik pasantrén nu ‘kaséséréd’ ku politik,” pokna.
Nu kagugusur ku pulitik, nu ahirna jadi pakalangan pulitik mah, ceuk ieu pingpinan UIN SGD Bandung téh, moal ajeg tangtunganana. Malah, ahirna mah ukur dimangpaatkeun ku pihak-pihak nu hayang meunang untung tina deukeutna ka pasantrén. “Tah, ayeuna loba pasantrén nu jadi ‘pangulinan politik. Ngan saukur keur nyumponan kabutuhan dangka pondok atawa saukur pédah rék narima sumbangan,” ceuk ieu pingpinan Pondok Pasantrén Gunung Puyuh Sukabumi téh.
Ceuk panitén Prof. Deddy, raketna pasantrén jeung dunya pultik, bisa mahala-mahayu. Lebah dinya mah gumantung kana jenglengan pangurus pangpangna mah pingpinan éta pasantrén. “Leuheung lamun éta pasantrén bisa ngigelan politik. Kumaha lamun henteu, saha nu rugi?” pokna semu nanya.
Upama kanyataanana kitu, nu rugi mah umat Islam. Lantran bakal kaceluk, ieu umat téh ‘pragmatis’ atawa ukur kabita ku nu sipatna saharitaeun. Kitu ceuk ieu panitén Islam, nu dileuleutik digedékeun di lingkungan pasantrén Syamsul Ulum Sukabumi témbrés.

Panyabaan Pulitisi

Dina mangsa pilihan umum, sora rahayat téh jadi andelan. Ku lantaran kitu, pihak-pihak nu jadi panutan masarakat gé teu weléh dideukeutan. Pasantrén remen jadi panyabaan pajabat jeung pulitisi dina mangsana pileg jeung pilkada. Nya kitu deui, nu nataharkeun pingpinan nasional saperti keur mapag pilihan presidén, pasantrén gé jadi ‘agenda’ nu biasa didatangan!
“Nu sowan ngadadak henteu salah. Da, pasantrén nu boga jati diri mah, tangtu bakal daék narima sémah najan saha waé ogé. Ulah déngdék, ulah cueut ka nu hideung ponténg ka nu konéng. Hartina, ulah ngawilah-wilah tokoh politik,” pokna semu ngingetan.
Maksud Pa Rektor, pasantrén mah kudu ajég dina tatapakan. Ulah unggut kalinduan, ulah gedag kaanginan. “Upama pasantrén geus déngdék ka hiji pihak, bakal ngarugikeun umat Islam sakumna,“ pokna.
Dina nyaritakeun kapamingpinan Islam, Rektor UIN gé teu meungpeun carang. Mémang, cenah, loba inohong Islam nu jadi pamingpin. Tapi, kamampuhna téh ukur keur sabudeureunana. Misalna waé ukur mingpin lembaga atawa organisasina. Padahal, cenah, padika dina Islam mah, wajib hukumna, munculkeun pamingpin téh. “Ieu krisis umat Islam tina balukar umat Islam kurang bisa ngigelan kaayaan,” pokna semu hanjakal.
Ku lantaran kitu, ceuk Prof. Dr. H. Deddy Ismatullah, SH., M.Hum, pasantrén ulah jadi ‘kaulinan’ pulitisi. Carana? balik deui kana pancénna, pasantrén kudu ajeg, geusan nyitak ulama linuhung nu bisa nyaangan umat sakumna. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: