• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ucing Hideung jeung Si Nyai

Kénging Féndy Sy. Citrawarga
Kintun kana Facebook

"Hihihi...sok siah rék lumpat ka mana Doni?" ceuk Si Nyai, budak leutik kira umur sapuluh taunan. Panonna bolotot, biwirna jeding. Tina sungutna ngabulaéh ... getih.
Doni ngayekyek di pongpok lomari, teu bisa meta. Saawak-awak asa pasiksak balas lulumpatan ka ditu ka dieu diuudag Si Nyai jeung ucing hideung.
"Hahaha..alus Nyi! Sok tong sieun aya éyang!" Tétéla ucing téh bisa ngomong. Enya ucing hideung.
Doni geus teu wasa nénjo éta ucing anu awakna bayuhyuh. Tuda kajaba buluna kelir hideung lestreng jeung jabrig téh matana bangun hurung burahay. Ceulina siga daun bako nu teu eureun-eureun ulang-ulangan. Tina sungutna nu huntuna ranggéténg, sarua jeung Si Nyai, aya budah...getih.
Doni hayang kabur ti jero imah keur ngajauhan Si Nyai jeung ucing hideung. Tapi, basa maksakeun muka panto, tétéla ngonci. Beretek ka dapur, sugan panto dapur mah bisa muka. Sarua, pageuh.
"Tuluuung...!" antukna Doni ngajorowok ménta tulung. Euweuh nu maliré saurang-urang acan. Aya kétang nu datang téh nya éta...ucing hideung jeung Si Nyai, ngajarega hareupeun Doni siga rék ngerekeb.
"Hahaha...!" Ucing hideung ngagakgak.
"Hihihi...!" Ditéma ku Si Nyai.
Doni beuki ngadégdég. Késang badag késang lembut juuh na awakna. Beretek lumpat muru pangkéng indungna.
"Mih, tulungan Doni!" Leungeunna ngagedor-gedor panto kamar indungna satakerna tangka karasa peureus.
Kulutrak panto muka. Doni bungah kacida aya geusan pamuntangan. Ana bréh...nu kaluar téh deui-deui ucing hideung jeung Si Nyai, lain indungna.
"Hohoho...!" Ucing hideung némbong-némbong létahna nu manjangan.
"Hihihi...!" Si Nyai gé kitu. Ngadon ngelélan.
"Ingkah siah sétaaan...!" Doni ngagorowok. Batan ingkah mah dua mahluk pikasieuneun téh kalah jarogéd bangun hayang mupuas Doni. Puguh baé Doni beuki tagiwur. Bingung kudu kumaha ngayonanana.
Nu banget teu ngarti naha indungna bet jongjon saré sangkilang panto digedor-gedor tarik naker. Jeung naha ucing jeung Si Nyai geus nyampak di jero kamar kolotna nu ukur indungna nu keur tibra saré, bapana teuing ka mana. Keur baranggawé di kamarna meureun. Doni gancang muru kamar gawé bapana di hareup. Rék ménta tulung.
Habek-habek Doni ngagedor-gedor kamar gawé bapana.
"Pih, tulungan Doni. Tulungan, diuudag sétan!"
Kulutrak panto muka. Hol bapana. Gebeg. Doni molotot mata simeuteun basa mireungeuh bapana. Teu rék kitu kumaha. Bapana ngéngélék...Si Nyai nu keur ceurik bangun kanyenyerian. Demi ucing hideung nyéngclé na punduk bapana.
"Aya naon Don? Geura saré ka dituh!"
"Ep, ep,ep...Pih. Tul, tul, tulungan Doni."
"Tulungan ku naon?"
"Diuudag sétan."
"Sétan. Mana sétan?"
"Ét, ét, éta nu ku Papih diais jeung dipunggu!"
"Hahaha...!" Cakakak ucing hideung seuri ngeunah.
"Hihihi....!" Si Nyai mairan.
"Lain sétan ieu mah si kasép jeung si geulis. Teu kudu sieun, tuh pan bageur ka Papih gé."
Doni banget teu ngarti nénjo kaayaan kitu. Ngan berebet baé lumpat bari ngajablogkeun panto kamar bapana. Néangan tempat anu suni.
Rada reugreug meueusan sabab si ucing hideung jeung Si Nyai aya di jero kamar bapana.
Beuteung Doni dumadak ngusial. Mules lain meumeueusan. Beretek ka jamban. Cetrék lampu jamban dihurungkeun bareng jeung mukakeun panto. Ana bréh, goak Doni ngajerit.
Di jero jamban aya téténjoan anu matak muriding muringkak. Enya, Si Nyai nu cikénéh dikékélék ku bapana geus nyampak di jero WC, ngagantung manéh. Létahna ngelél, tapi hirup kénéh, matana ulang-ileung.
"Alah ieung...nyeri," ceuk Si Nyai bari mencrong seukeut ka Doni anu ngayekyek sawan na lawang panto jamban. Sukuna ngeleper asa nanceb kana téhel.
"Sabar...Nyi, sabar...." Si ucing hideung nu keur nagog na klosét ngupahan.
"Héy sétan!" Doni werat kénéh ngagorowok.
"Na maranéh téh ngaganggu aing hah?" pokna deui.
"Da sia gé ngaganggu aing!" ceuk si ucing bari ngajurungkunung. Awakna ngagedéan jadi sagedé anjing. Blég baé macan. Atuh puguh baé Doni beuki ngayekyek, beuki katalikung liwung. Seja bubuang bari negerkeun kasieun di jero jamban, ari hég di jero jamban nyampak dedemit.
Gebrug panto WC dijablogkeun. Pes lampu dipareuman. Kadéngé nu di jero jamban tingcikikik tingcakakak. Doni ngajauhan éta tempat bari uleng mikir kudu ka mana deui néangan panyalindungan. Ka indungna anggur jongjon saré, ka bapana kalah nyobat jeung sétan.
Beretek ka loténg. Poék. Cetrék stop kontak lampu dihurungkeun. Angger poék. Pegat meureun lampuna, pikir Doni. Ngeteyep muru kamar adina. Laju ngagedor-gedor panto. Batan muka, kalah punduk Doni surser tingsariak asa aya nu noélan kana ceuli jeung pundukna tur karasa nyecep badis és.
Gilek malik. Bareng jeung éta, lampu dumadak ngempray. Jedud, jajantung Doni asa didudut gégép. Horéng di tukangeunana geus tingjarega ucing hideung jeung Si Nyai.
"Hahaha...sok siah rék lumpat ka mana deui Doni? Tong boro ukur kukulibekan di jero imah, kabur ka langit gé bakal disusul. Neur teu Nyi?"
"Yés, Oom!"
"Tah déngé Doni!"
"Heueuh naon atuh dosa kuring téh?"
"Éta sugan?"
Doni nginget-nginget lalampahan nu geus kalakonan.
Satékah polah manéhna museurkeun ingetanana. Naon rupa nu cikénéh kaalaman jeung dua mahluk gaib nguatkeun karepna hayang geura bébas. Euweuh deui jalan iwal ti kudu ngalawan.
"Na sia téh mangkeluk. Sok hayang gelut jeung aing mah rék diladénan!" Doni masang kuda-kuda.
"Hahaha...ngalawan Nyi!" Si ucing nyeungseurikeun.
"Iya Oom, kawas rék nguntup waé?"
Asa diunghak, Doni rikat ngalayangkeun sukuna ka si ucing jeung Si Nyai, nyéta-nyéta pilem Kungfu. Orokaya Si Nyai rancingeus, rikat néwak suku Doni tangka ngagégép. Geus kitu. Celetrok sirah Doni dikokos ucing hideung.
"Adoooow.....! Tuluuung...!" Doni ngagoak teu inget di bumi alam.
"Don, Don, ku naon?" Bu Hajah Ati, indung Doni norojol.
"Ngimpi naon deui?" cenah bari neuteup Doni nu rungah-ringeuh kénéh bangun keur ngumpulkeun pangacian satutas ngalalana na alam impian nu pikasieuneun.
"Pa, Mih, anteur Doni ka kantor pulisi."
"Kantor pulisi?" Bu Ati reuwas.
"Ari kitu aya naon?" Ditéma ku Pa Dirman.
"Pokona anteur ayeuna kénéh!" Doni teu ngajéntrékeun boga urusan naon jeung pulisi, tapi keukeuh ménta dianteur ka kantor pulisi.
Nya teu majar kumaha, harita kénéh indung jeung bapana nganteur Doni ka kantor pulisi nu pangdeukeutna, kantor polsék.
Sadatang-datang téh Doni anggur nyegruk ceurik, matak hémeng nu mireungeuh.
"Aya naon ieu téh Pa?" Pulisi nu narima Doni nalék. Pa Dirman teu bisa ngajawab kalah neuteup seukeut ka Doni kebek ku pananya.
"Pa Pulisi!" ceuk Doni. Nu araya kabéh neuteup seukeut Doni.
"Énggal borogol abdi. Rumaos abdi lepat, abdi nu nyababkeun siswi SD tiwas téh. Abdi pelaku tabrak lari!" ceuk Doni bari nyodorkeun koran tur nuduhkeun berita HL halaman hiji nu judulna "Siswi SD Tewas Korban Tabrak Lari". Di handapeunana aya subjudul "Kucing Hitam Ikut Jadi Korban."
Rumpuyuk Bu Hajah Ati kapiuhan. Nya kitu Pa Dirman gé banget reuwas.
Doni inget deui basa lima poé ka tukang manéhna balik ti kampus ngajalankeun mobil bari malaweung. Ti hareup katangen aya ucing meuntas. Percaya kana tahayul yén lamun nabrak ucing bakal cilaka, setir dibanting ka sisi nyingkahan ucing. Orokaya, di sisi jalan aya budak awéwé sarua rék meuntas. Témahna nya budak awéwé nya ucing duanana katabrak nepi ka hanteuna. Sieun pada ngagebugan, Doni kabur! ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: