• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dirawu Kélong

Kénging Andang S. Argayuda
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1399340554.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

Bah Mansur, urang lembur Babakan Haur, ngadak-ngadak jadi bahan obrolan salelembur, anu tadina tara loba catur, kiwari kawas anu boga bisul dina tuur, garawak gorowok dinu loba batur, ngomong balakacanur.  Gedé haté rék meunang duit anu kacida lobana, beurang peuting guling gasahan teu ngeunah cicing, sagala kapikiran. Imah rék nyieun anu agréng, mobil rék meuli anu pangalusna, pamajikan rék néangan deui anu leuwih geulis, anu leuwih bahénol, da puguh hayang nyandung ti baheula.

            Unggal poé galayang-geuleuyeung maké mobil alus, sedan hideung panundaan jalma anu ngaku médiator. Éta mobil dititah dipaké heula saméméh meunang duit, atuh duit jang bénsin aya anu méré. Bah Mansur légégna geus jiga jalma beunghar. Poé kamari ngadatangan toko matrial, ménta dikirim heula bahan bangunan sacukupna, engké duitna saminggu deui, tadi isuk-isuk kénéh geus mangkat ka kota, ngadatangan déaler mobil Toyota, manéhna pesen mobil opat sakalian, ke dibayarna saminggu deui.

            Geus yakin cenah, saminggu deui bakal meunang duit lima puluh milyar, duit tina ladang mustika Mérah Dalima, cenah ceuk anu ngadatangan ti kota, éta Merah Dalima téh rék di beuli saratus milyar, duitna dibagi dua jeung médiator. Transaksina di Jakarta, saminggu deui, dasar urang lembur singkur, duit can katarima tapi gayana jiga enya geus loba duit.

            Sanggeus réngsé abral-obrol di déaler mobil, si Bah teu langsung mulang, tapi terus ngajugjug ka hiji kota anu aya di basisir laut Jawa, anu dijugjug imah babaturannana, sugan masih aya dikieuna, tapi waktu keur dahar di hiji warung makan, bet di kersakeun panggih jeung awéwé bahénol nérkom, da puguh disebut Bah sotéh umurna mah can kolot-kolot teuing, karék lima puluh taun ogé kurang sabulan. Teuing kumaha mimitina, éta awéwé anu bahénol nérkom téh ujug-ujug némpél, malah ménta dijajapkeun mulang.

            Boga kaéra jeung ngarah kapiandel, méméh nepi kanu dijugjug nyimpang heula ka super market, meuli oléh-oléh. Atuh puguh éta si awéwé anu bahenol téh mani adek-adek waé ka Bah Mansur, teu lila nepi wéh ka imah awéwé anu dijajapkeunna, kasampak aya awéwé kolot keur ocon jeung budak leutik, awéwé kira-kira umur opat taun.

            Sanggeus nepi di imah Nyi Randa, tuluy istirahat sakeudeung bari ngobrol ngaler ngidul. Babakuna mah ngarayu Nyi Randa sangkan daek dicandung jeung ngagulkeun kabeungharanana. Geus kitu mah tuluy amitan, Bah Mansur kudu mulang deui ka lemburna.

            “Nuhun atuh Nyai, ayeuna Akang wangsul heula, isukan ka dieu deui pami tos bérés”.

            “Ulah mulih ayeuna Kang, tos sonten bisi ka wengian di jalan, mending ngendong di dieu.”

            “Pami badé dibaturan mah, sabab Akang mah borangan,” ceuk Bah Mansur ogoan. Dasar ucing garong, teu kaop ngambeu nu hanyir, mimitina kutap-ketap masang pitapak gombal.

            “Teu langkung Akang, asal leres badé tanggung jawab.”

            Éta Bah Mansur, meunang jawaban kitu, haténa ngadadak mumbul ka alak paul, ambekan nyedek, jantung ratug tutunggulan, tikoro elok-elokkan, lat waé poho ka temah wadi, lali ka purwa daksi,  langsung baé kekerot, gegerem kawas ucing manggih pais kancra.

            Urang tunda heula lalakon Bah Mansur anu keur anteng ngopénan randa ngora.

            Kacatur di lembur Babakan Haur, salelembur ibur nguruskeun Bah Mansur, anu geus tilu poé tilu peuting teu puguh catur, ti saprak mangkat ka kota can datang deui ka lembur, duka cilaka duka mabur. Anu puguh mah geus tilu poé tilu peuting ninggalkeun lembur, pamajikannana kacat-kicit kaditu-kadieu ngurilingan lembur, haténa tagiwur, babakuna mah kulawarga Bah Mansur nu kaeunteupan rasa paur, sabab Si Bah Mansur indit sosoranganan mawa mobil batur. Antukna pamajikanana indit ngadatangan dukun lembur, susuganan aya pituduh gaib ngeunaan salakina anu mabur.

            “Geus sabaraha poé salaki nyai teu mulang?”

            “Tos tilu dinten, kumaha atuh Aki, cing pang nanyakeun, aya kajadian naon ka salaki kuring téh, rareuwas sieun pinanggih jeung bahla.”

            “Ngarana Mansur, wewetonna poé salasa, kamari inditna poé Senen manis, dun’ya aya di kalér, cahaya beulah wétan, kasugemaan ayana di beulah kulon, Bah Mansur ngajugjug ngidul, mapag balai.”  Aki Arsaif gegerendengan, utang-itung buntut lutung, panona keukeureuceuman, ramo leungeun utek-utekan.

            “Kumaha Aki?”

            “Salaki Nyai jigana panggih jeung balai.”

            “Balai kumaha Aki, matak rareuwas.”

            “Bah Mansur dirawu Kélong”.

            “Lah, ari si Aki, moal enya jaman kiwari dirawu kélong, jabaning pan salaki kuring téh mawa mobil, moal kadugaeun kélong na ogé”.

            “Ih, keur naon atuh tatanya, ari moal dipercaya mah, jeungna deui ari Kélong mah sakti, ku diajak seuri saeutik ogé, manusa modél Bah Mansur mah pasti langsung nuturkeun jeung mobil-mobilna”.

            “Duh, kudu kumaha atuh laku kuring, Aki?”

            “Wayahna Nyai kudu ngurilingan lembur bari nakolan nyiru ku pangarih, sasakali geroan ngaran salaki Nyai.”

            “Méh kumaha éta téh Aki ?”

            “Nya supaya téréh balik, supaya sadar deui lelembutannana, ahirna inget ka balik.”

            Sagala pituduh ti aki Arsaif dijalankeun, Nyi Munah pamajikan Bah Mansur, ngurilingan lembur dianteur ku tatanggana bari narakolan nyiru ku pangarih, sasakali tinggorowok ngageroan ngaran Bah Mansur, cenah seuk aki Arsaif, lamun geus dijalankeun éta tarékah, si Bah Mansur pasti mulang.

            Aki Arsaif, aki-aki tujuh Mulud, aya ku édas, éta élmuna wacis, saciduh metu saucap nyata, karék oge dua kali ngurilingan lembur, Nyi Munah aya anu nyusulan, cenah Bah Mansur geus mulang.

            Nyi Munah jeung baturna pating beretek muru ka imahna Bah Mansur, saréréa pada hayang ngabuktikeun naha enya Bah Mansur mulang, komo Nyi Munah mah ngadéngé salakina mulang mani kocéak dengék bakat ku atoh, bari rawah-riwih lumpat sakalumpat-lampét, sampingna morosot geus teu karasa, atuh ari nepi ka imah ari  baragadal samping leupas tina awakna. Untung maké jeroan, mun henteu, beu, wiwirang dikolong catang.

            “Kang, sukur tos datang deui kalayan salamet, bener jagoan éta aki Arsai’f, kélongna éléh geuning.” Bari renghap ranjug Nyi Munah cumarita ka salakina.

            “Ké na aya naon kitu, bet ngurus-ngurus Ki Arsya’if sagala?”

            “Pan akang téh cenah dirawu kélong, ku Ki Arsya’if di tarékahan, ahirna akang ayeuna datang kalayan salamet, geura ka cai kang, beberesih.” Nyi Munah daréhdéh naker cumarita ka salakina, mun apaleun kélongna geulis jeung bahénol mah, jigana bakal dor-dar perang campuh.

            “Dirawu kélong?” Bah Mansyur ngagerendeng, terus ngahuleng lila pisan, ras kana kajadian kamari, galung patutunggalan jeung randa geulis, anu ceuk Ki Arsya’if mah disebut kélong.

            Ngendek sababaraha poé ti harita, tingburudul balad-balad Bah Mansyur daratang rék nyampeur, isukna saréréa bring marangkat ka Jakarta, tempat anu dituju nyaéta di daérah Mampang Prapatan, téster jeung anu rék mayarna aya di Mampang.

            Sanggeus nanda tangan MOU, giliran Bah Mansyur anu kudu ngaluarkeun barang anu rék di transaksikeunnana, nyaéta mustika Merah Dalima, teu hésé béléké Bah Mansyur ngodok saku jakétna, anu émang éta mustika téh disimpen dina saku jakét beulah luhur, maké rajut hideung anu geus belél, ceg leungeuna kana cepuk anu dikaluarkeun tina rajut, waktu cepuk dibuka, huleng bah Mansyur ngahuleng ngaraga meneng, panon bolotot, beungeut pias, sepa taya getihan, rék ngomong kalah alawah-euleuweuh, mustikana leungit tina cepukna.

            Rarasaan Bah Mansyur, bumi alam asa tungkeb, jantung ngadak-ngadak eureun endagna, tetempoan ranyay, pipikiran mamprung teu puguh kamana ngumpulna, ras inget kana hutang di lembur, ras deui ka randa ngora anu bahénol nérkom, pipikiran Bah Mansyur kumalayang, tetempoannana beuki ranyay, keur kitu ujug-ujug aya anu ngalayang ka hareupeunnana, hiji mahluk hideung, kacida badagna, jangjangan kawas kalong, bruk éta mahluk téh ngarawu bah Mansyur, Bah mansyur kapoékan, leungit budi ilang rasa, Bah Mansyur dirawu Kélong.

            Bah Mansyur kapiuhan, jalma-jalma anu aya di dinya pada kagét, Bah Mansyur pada ngaguyah-guyah, tapi Si Abah téh teu daékeun éling, barang saréréa ngarérét kana cepuk, saréréa pada ngajenghok. Beu, geuning mustikana leungit. Kabéh para mediator pada ngeluk alum, hanas geus bébéakan ngamodalan éta Mustika, tapi geuning dina ahirna bet nyamos ngalamot curuk.*** Patakaharja, Rancah – Ciamis

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

firdaus

Lami di pangumbaraan, asa waas waktos kapungkur, ngupingkeun dongeng dina radio, cariosna sae.. saeee pisan

saepul munajat

heubat... asa ras emut mangsa anu parantos mulang ... sonooo

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: