• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Haté Caang Narawangan

Kénging Tuti
Kintun kana Facebook

Sanggeus meresihan kéréték, reureuh heula sakeudeung ngararasakeun kareuwas jeung katugenah nu cikénéh karandapan. Bari nungguan barudak budalan sakola, kuring neuteup si Géboy, kuda nu unggal poé maturan narik kéréték. Maké nyérédét hate téh, teungteuingeun nu nyangka goréng ka kuring.

Harita basa jalan keur macét. Motor, mobil pajejel, hésé rék ngejetkeun tali kuda. Ari terus waé dipecutan karunya kudana. Ras inget aya jalan malibir ka komplék rada sepi, teu pabaliut teuing.

Si Géboy dititah méngkol ka kénca nu brasna ka Komplék Sukasenang. Enya wé kuda bisa leumpang gancang kalan-kalan lumpat, “kotoplak ningnéng,” léngkah si Géboy mani ramé ditéma ku surak barudak jeung baracéo. Aratoheun dibawa jalan-jalan tumpak délman.

Aya kana sajamna kukurilingan di Komplék Sukasenang téh, panumpang narungtutan turun. Kari saurang deui, budak awéwé umurna kakara dua taun. Diukna gigireun kuring ngahaja tadi dipihapékeun ku indungna, cenah pangmawakeun budak nepi ka boseneun, indungna rék bébérés heula di imah.

Geus lila kukurilingan, bari anteng nabeuh budak. Sakalian rék  dianteurkeun ka imahna ceuk haté, da geus boseneun meureun, ujug-ujug aya mobil nu nyegat, Reg! kuda eureun disakalikeun, nepi ka  ngajengkang.

“Eureun siah rék dibawa ka mana anak aing?” ceuk lalaki nu tumpak mobil téh.

“Moal dicandak ka mamana badé dijajapkeun ka bumina!” témbal kuring.

“Alesan siah rék diculik meureun. Maenya los-los ka dieu, da imah aing mah jauh ti ieu tempat. Mana panumpang séjén, maenya ukur anak kuring wungkul nu tumpakna,” kituna téh bari jeung popolotot.

“Sumpah sanés culik abdi mah,” témbal kuring.

“Laah tong loba omong. Hayu ayeuna milu urang ka kantor RW!” pokna bari nitah kuring nuturkeun manéhna.

Nepi ka kantor RW kuring diriungkeun. Aya kana tujuh urangna. Tapi da saréréa gé arapaleun ka kuring. Sanajan kitu teu burung ditanya naha narik di lingkungan ieu, da biasana ogé tara ka dinya. Cek kuring ngarah teu macét jalan ka dieu soteh.

“Abdi langganan ibuna ieu murangkalih nu sok nitipkeun ka abdi, miwarang ngajak jalan-jalan," ceuk kuring.

Pa RW malik nanya ka bapana budak nu mencrong ka kuring kuraweud haseum.

“Cobi ayeuna telepon istri bapa, naha leres ieu kusir délman langganan?” bapana budak ngaluarkeun hp tina kantong leutik nu disorén. Terus nelepon ka pamajikanana.

“Muhun cenah Pa," pokna. Terus ngajak sasalaman ménta hampura. Kuring ukur ngahéhéh.

“Hampura, geus nyangka culik,” pokna. Budak dipangku tapi kalahka teterejelan hayang milu jeung kuring meureun betaheun kénéh naék délman. Tapi dipaksa ku bapana ditaékeun kana mobil.

Waktu nyérélék bakat ku anteng ngalamun. Teu karasa geus pukul dua welas beurang. Sakeudeung deui barudak baralik sakola. Tamba kesel kusiwel kuring ngaluarkeun eunteung leutik tina jero pésak calana, bari dungdak déngdék. Naha aya cupat culik kitu? Rarasaan kuring mah asa teu kabeungeutan. Haté galécok sorangan.

Saméméh jadi tukang délman, digawé téh di pabrik. Tapi nya kitu téa waktu monétér taun salapan puluh dalapan, kuring di PHK. Atuh gular golér teu boga gawé. Kungsi milu kuli bangunan tapi teu kuat lila, alatan teu saimbang bayaran jeung tanaga nu kaluar. Pangpangna résiko dapur teu kaladangan jeung bayaran nu katarima teu urup. Can pabaliut jeung béaya budak sakola.  Harita mah can aya béaya bantuan ti pamaréntah.

Kuring mikir kumaha carana sangkan boga gawé matuh, da kaluman ari cicing waé mah. Unggal poé, di  tempat matuh, kuring sok nénjo délman. Aya kereteg hayang boga délman. Nya badami jeung pamajikan, sésa duit pesangon ti pabrik rék dibeulikeun kana kuda jeung kérétékna hayang narik délman, tapi di nu anggang, ngarah sainganana teu pati loba.Nepi ka ayeuna kuring jeung kulawarga pindah pakasaban jadi tukang délman. Keur anteng ngalamun ngumbar panineungan kagareuwahkeun ku sora awéwé nu nanya. Ari dilieuk indungna budak nu tadi.

 “Héy Emang ngalamun waé, ka mana jalan-jalan téh kalah kesel nu nungguan. Naha Caca teu dijajapkeun ka bumi, di mana ayeuna?” cék manéhna. Kuring reuwas. Ari nu tadi ngaku bapana? Gustiii boa-boa.

“Emang ieu abdi naros naha teu diwaler?” Awéwé hareupeun kuring indungna budak nu tadi dibawa ku bapana ngagugujek awak kuring.

“Euh punten Ibu, Néng Caca mah parantos mulih tadi dicandak ku ramana,” témbal kuring.

“Naha da bapana Caca mah nuju Dines di Cirebon,” ceuk indungna budak nongtrowélang bari ruwah-riwih ceurik.

Kuring bingung teu puguh cabak. Keur kitu kurunyung mobil nu tadi nyampeurkeun. Bray pantona muka

“Mah, ieu Caca uih,” ceuk lalaki nu tadi nyegat téa.

"Eh geuning Bapa,” pokna.

“Muhun tadi uih ti kantor, ninggal Caca keur kana délman nyalira, sugan téh diculik.” Pokna.

Sup waé éta awéwé  kana mobil, terus diuk ngalahun budak. Ari bapana nyampeurkeun bari ngodok pésak, sok méré duit dikeupeulkeun.

“Nuhun,” pokna

Basa mobil geus ngaléos, keupeulan dibuka. Gusti sagepok, beungkeutna ogé can diudar. Bray témbong barudak keur nungguan. Bapa mun uih nyandak saté, pokna.  Si Geboy dikenyed. Kawas milu atoh kuda téh ngabrét sangkilang henteu dipecut. Langit lénglang haté caang narawangan.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

Jawara Tarabalaga

emutaneun tateh sanes .........

sukanda

aduh meni hade milik nya tukang delman.Enya oge ngahaturkeun nuhun tapi ari duit sagepok dibikeun kabehmah rada hemeng kuring mah boa ladang teu bener tah duit teh.korupsi umpamana. Naha tukang delman seregep ku pamere nya.Naha teu sakuat tanaga nampik eta pamere, dasar carita

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: